Anda di halaman 1dari 6

Contoh Pupuh Sinom :

Di wetan fajar balebat ( 8 – a )


Panon poe arek bijil ( 8 – i )
Sinarna ruhay burahay ( 8 – a )
Kingkilaban beureum kuning ( 8 – i )
Campur wungu saeutik ( 7 – i )
Kaselapan semu biru ( 8 – u )
Tanda Batara Surya ( 7 – a )
Bade lumungsur ka bumi ( 8 – i )
Murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 – a )

Mapag balebat ti wetan ( 8 – a )


Ngabring leumpang ngagaridig ( 8 – i )
Barudak rek sarakola ( 8 – a )
Kapireng pating hariring ( 8 – i )
Paheula heula nepi ( 7 – i )
Unggal isuk geus ngabaku ( 8 – u )
Bari garogonjakan ( 7 – a )
Estuning saruka ati ( 8 – i )
Sarerea hayang geura dialajar ( 12 – a )

2. PUPUH DANGDANGGULA (SEKAR AGEUNG)

Contoh Pupuh Dangdanggula :


Laut Kidul kabeh katingali ( 10-i )
Ngembat paul kawas dina gambar ( 10-a )
Ari ret ka tebeh kaler ( 8-e )
Batawi ngarunggunuk ( 7 – u )
Lautna mah teu katingali ( 9 – i )
Ukur lebah lebahna ( 7 – a )
Semu semu biru ( 6 – u )
Ari ret ka tebeh wetan ( 8 – a )
Gunung gede jiga nu ngajakan balik ( 12 – i )
Meh bae kapiuhan ( 7 – a )

Pasosore nyawang bandung asri ( 10-i )


Basa kuring ulin ka isola ( 10-a )
Ti dieu ti belah kaler ( 8-e )
Tembong di lingkung gunung ( 7 – u )
Kota kembang bangun nu sepi ( 9 – i )
Beut teu kapireung sora ( 7 – a )
Da geus puguh jauh ( 6 – u )
Langitna kacida lenglang ( 8 – a )
Estu taya mega bodas aling aling( 12 – i )
Sore ieu bengras pisan ( 7 – a )

3. PUPUH KINANTI (SEKAR AGEUNG)

Contoh Pupuh Kinanti :


Kembang ros ku matak lucu ( 8 – u )
Nya alus rupa nya seungit ( 8 – i )
Henteu aya papadana ( 8 – a )
Ratuning kembang sajati ( 8 – i )
Papaes di patamanan ( 8 – a )
Seungit manis ngadalingding ( 8 – i )

Budak leutik bisa ngapung ( 8 – u )


Babaku ngapungna peuting ( 8 – i )
Nguriling kakalayangan ( 8 – a )
Neangan nu amis amis ( 8 – i )
Sarupaning bungbuahan ( 8 – a )
Naon bae nu kapanggih ( 8 – i )

4. PUPUH ASMARANDANA (SEKAR AGEUNG)


Contoh Pupuh Asmarandana :
Eling eling mangka eling ( 8 – i )
Rumingkang di bumi alam ( 8 – a )
Darma wawayangan bae ( 8 – e )
Raga taya pangawasa ( 8 – a )
Lamun kasasar lampah ( 7 – a )
Nafsu nu matak kaduhung ( 8 – u )
Badan anu katempuhan ( 8 – a )

Mun ujang nyiar pangarti ( 8 – i )


Terus sakola ka kota ( 8 – a )
Sing jadi murid rancage ( 8 – e )
Bener pinter bari sehat ( 8 – a )
Mikaheman sasama ( 7 – a )
Asih kanu jadi guru ( 8 – u )
Gaganti ema jeung bapa ( 8 – a )

5. PUPUH LAMBANG (SEKAR ALIT)


Contoh Pupuh Lambang :
Nawu kubang sisi tegal ( 8 – a )
Nyiar bogo meunang kadal ( 8 – a )
Nawu kubang sisi tegal ( 8 – a )
Nyiar bogo meunang kadal ( 8 – a )
Atuh teu payu dijual ( 8 – a )
Rek didahar da teu halal ( 8 – a )

Nawu kubang sisi tegal


Nyiar bogo meunang kadal
Meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Da teu halal

6. PUPUH MASKUMAMBANG (SEKAR ALIT)

Contoh Pupuh Maskumambang :


Hey manusa mana kaniyaya teuing ( 12 – i )
Teu aya rasrasan ( 6 – a )
Kawula make disumpit ( 8 – i )
Naha naon dosa kula ( 8 – a )
Naha abong-abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun beurang peuting
Dirangket taya rasrasan

7. PUPUH PUCUNG (SEKAR ALIT)

Contoh Pupuh Pucung :


Lutung buntung luncat kana tunggul gintung ( 12 – u )
Monyet loréng leupas ( 6 – a )
Luncat kana pager déngdék ( 8 – e )
Bajing kuning jaralang belang buntutna ( 12 – a )

Hayu batur urang diajar sing suhud


Ulah lalawora
Bisi engké henteu naék
Batur seuri urang sumegruk nalangsa

8. PUPUH LADRANG (SEKAR ALIT)


Contoh Pupuh Ladrang :
Aya hiji rupa sato leutik ( 10 – i )
Engkang-engkang, engkang-engkang ( 4 – a ) 2x
Sok luluncatan di cai ( 8 – i )
Ari bangun arek sarupa jeung lancah ( 12 – i )

Coba teguh masing telik


Eta gambar sidik-sidik
Sato naon kitu wanda
Reujeung dimana ayana

9. PUPUH BALAKBAK (SEKAR ALIT)


Contoh Pupuh Balakbak :
Aya warung sisi jalan ramé pisan; citaméng ( 15 – e )
Awéwéna luas luis geulis pisan; ngagoréng (15 – e )
Lalakina-lalakina los ka pipir nyoo monyét; nyanggéréng ( 15 – e )

Aya warung sisi jalan


Ramé pisan ku nu jajan
Tihothat nu ngaladangan
Nu jarajan sukan-sukan

10. PUPUH PANGKUR (SEKAR ALIT)

Contoh Pupuh Pangkur :


Seja nyaba ngalalana ( 8 – a )
Ngitung lembur ngajajah milangan kori ( 11 – i )
Heunteu puguh nu dijugjug ( 8 – u )
Balik paman sadaya ( 7 – a )
Nu timana tiluan semu rarusuh ( 12 – u )
Lurah begal ngawalonan ( 8 – a )
Aing ngaran Jayapati ( 8 – i )
Euleuh itu budak gembul
Awak gembru bayuhyuh gawena kedul
Ukur heuay jeung nundutan
Ka sakola unggal poe kabeurangan
He barudak tong nurutan
Ka nu gembul kokomoan
Bisi kedul jeung ogoan
Awal akhir katempuhan

11. PUPUH MAGATRU (SEKAR ALIT)


Contoh Pupuh Magatru :
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung ( 12 – u )
Kopo reujeung Cisondari ( 8 – i )
Cicalengka, Ujung Berung ( 8 – u )
Rajamandala, Cimahi ( 8 – i )
Leles, Limbangan, Tarogong ( 8 – o )

Nun sumuhun nu iéu namina curuk ( 12 – u )


Nu sisi namina cingir ( 8 – i )
Nu tengah nami jajangkung ( 8 – u )
Nu deukeut cingir jariji ( 8 – i )
Anu pangageungna jempol ( 8 – o )

12. PUPUH JURU DEMUNG (SEKAR ALIT)

Mungguh nu hirup di dunya ( 8 – a )


Ku kersaning anu agung ( 8 – u )
Ku kersaning anu agung ( 8 – u )
Geus pinasti panggih ( 6 – i )
Geus pinasti ( 4 – i )
Geus pinasti panggih ( 6 – i )
Jeung dua rupa perkara ( 8 – a )
Senang paselang jeung bingung ( 8 – u )

Mungguh hirup di alam dunya


Ku kersaning anu agung
Geus pinasti bakal panggih
Suka bungah jeung kasedih
Dua rupa nu tumiba
Sakabeh jalma di dunya
Senang patumbu jeung bingung
Eta geus tangtu kasorang

13. PUPUH MIJIL (SEKAR ALIT)


Contoh Pupuh Mijil :
Mesat ngapung putra Sang Arimbi ( 10 – i )
Jeung mega geus awor ( 6 – o )
Beuki lila beuki luhur bae ( 10 – e )
Larak-lirik ninggali ka bumi ( 10 – i )
Milari sang rai ( 6 – i )
Pangeran Bimanyu ( 6 – u )
Aduh Gusti nu Kawasa
Jisim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Reh ka sepuh wantun nundung

14. PUPUH WIRANGRONG (SEKAR ALIT)

Contoh Pupuh Wirangrong :


Barudak mangka ngalarti ( 8 – i )
Ulah rek kadalon-dalon ( 8 – o )
Enggon-enggon nungtut elmu ( 8 – u )
Mangka getol mangka tigin ( 8 – i )
Pibekeleun sarerea ( 8 – a )
Modal bakti ka nagara ( 8 – a )

He barudak mangka ngarti


Ulah rek kadalon-dalon
Nungtut elmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Pibekeleun hirup tandang
Modal bakti ka nagara
Lemah cai anu urang
Perlu dijaga diriksa

15. PUPUH GURISA (SEKAR ALIT)

Contoh Pupuh Gurisa :


Hayang teuing geura beurang ( 8 – a )
Geus beurang rek ka Sumedang ( 8 – a )
Nagih ka nu boga hutang ( 8 – a )
Mun meunang rek meuli soang ( 8 – a )
Tapi najan henteu meunang ( 8 – a )
Mo rek buru-buru mulang ( 8 – a )
Rek terus guguru nembang ( 8 – a )
Jeung diajar nabeuh gambang ( 8 – a )

Hayang teuing geura beurang


Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang

16. PUPUH GAMBUH (SEKAR ALIT)


Contoh Pupuh Gambuh :
Ngahuleng banget bingung ( 7 – u )
Heunteu terang kamana nya indit ( 10 – u )
Turug-turug harita teh, enggeus burit ( 12 – i )
Panonpoe geus rek surup ( 8 – u )
Keueung sieun, aya meong ( 8 – o )

Hulang-huleng, hulang-huleng
Ngahuleng ngaraga meneng
Hate ratug, tutunggulan
Heunteu terang, kaler-kidul
Turug-turug, turug-turug
Harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun aya meong

17. PUPUH DURMA (SEKAR ALIT)

Contoh Pupuh Durma :


Moal ngejat sanajan ukur satapak ( 12 – a )
Geus dipasti ku jangji ( 7 – i )
Mun tacan laksana ( 6 – a )
Numpes musuh sarakah (7 – a )
Heunteu niat seja balik ( 8 – i )
Najan palastra ( 5 – a )
Mati di medan jurit ( 7 – i )

Di mamana si penjajah
Pada amarah marudah
Manan kapok anggur gawok
Najan dituyuk diragut
Nagri sadayana
Umumna ngabela
Nyempad rosa, pulitik penjajah
Tapi nu ngajajah
Teu pasrah, teu sadrah
Terus meres, ngahina ngarinah

Anda mungkin juga menyukai