Anda di halaman 1dari 3

DEWI SRI “ASAL MUASALNA PARE”

Dina hiji zaman, kasebut aya hiji taman endah sinareg damai nyaeta “Ytaman
Sorga Loka”. Dina tempat eta cicing hiji jalma nu ngarana “Sunan Ibu” nu keur
nungguan kadatangan “Dewi Sri Pohaci Long Kancana”. Dewi Sri ngalaporkeun
yen dihiji tempat dibumi nu ngarana “Buana Panca Tengah” teu acan aya “Cihaya”
mangrupikeun hiji kabutuhan hirup kabehMireng hal eta , Sunan Ibu miwarang
sangkan Dewi Sri angkat ka Buana Panca Tengah.

Dewi Sri hente nolak mangkat ka Buana Panca Tengah nupenting mangkatna
dibaturan ku ‘’Eyang Prabu Guruminda ‘’. Permohonan Dewi Sri oge dikabulkeun
ku Sunan IbuSaencan mangkat ninggalkeun Sorga Loka, Eyang Prabu Guruminda
calik bersemdi nuhunkeun petunjuk Hiang Dewanata. Saentos angges semedi
sinareng kenging petunjuk, sareng kasaktianna anu ngan dina waktos sakejap,
rupa Dewi Sri ngabentuk jadi saiji endog.

Saengges kabeh persiapanna angges, terus mangkat Eyang Guruminda ngagiring


Dewi Sri sareng tujuan Negara Buana Panca Tengah. Dewi Sri anu wujudna jadi
endog, disimpen dina kotak nu ngarana “Cupu Gilang Kencana”. Prabu Guruminda
sangges sababaraha lamina ngapung ka satiap panjuru kaler –kidul-ngulon-
ngetan’anu akhirna dina hiji mangsa CUPU GILANG KENCANA kabuki jeng
endoganu aya di jerona murag.

Ges jadi kahayangna anu maha kawasa ,endog nu eta teh murag di hiji tempat
anu mana eta tempat dicicingan ku ‘’DEWA ANTA’’.Dewa Anta anu terangen di
tempat cicingna aya endog ,mangkana eta endog teh di ingusangges sabaraha
waktos lamina ,eta si endog teh netes nya terus lahir hiji wanoja anu gelis anu te
aya babandingannana anu teu aya lain nyaeta DEWI SRI. Dina sajeroning
kadewasaannana anu gelis pisan ,mangkana kasebar barita ka sakabeh nagara
pedah kageulisannana ejeng sang putri, terus pada daratang para raja rajaanu
maksudna rrek ngalamar sang putrid anu rek di jadikeun pameswari.
Dewi Sri ngengingken pinangan ti para raja, tapi DEWI Sri hente ngarasa bungah
pedah lamun manehna narima pinangan berarti manehna geus ngingkar tugas
dimandetkeun kamanehna. Kaunggal raja oge entos dijelasken yen maksad
kalahirana eta sanes padu jeung neangan calon salaki, tapi jeung ngalaksanakeun
tugas ti Sunan Ibu di Taman Sorga Loka nyaeta kanggo nganugrahkeun “CIHAYA”
ka nagara gelar Buana Panca Tengah.

Tapi, sanajan katerangan parantos disampekeun, lamaran terus wae daratangan


jeung ku sabab kitu akhirna Dewi Sri nagaraos tekanan batin jeung udur. Beuki
lila, panyakit nu karaos Dewi Sri beuki parah dugi ka dongkap waktos Sang Putri
nyampekeun mandate terakhir “lamun dongkap waktos abdi maot jeung lamun
abdi parantos dikurebkeun, erek aya kaanehan-kaanehan dina pusara abdi”.
Jeung akhirna ku kahoyong nu Maha Kuasa, Dewi Sri oge maot.

Bener wae naon anu diamanatkeun ku Sang Putri akhirna jadi kanyataan.
Dicaritakeun dina hiji poe, aya aki-nini nu keur milarian suluh jeung milarian
dahareun kanggo bekel hirup duaan. Waktos aki jeung nini kenging hiji pusara nu
parantos jadi pepelakan ku pepelakan anu can pernah dipanggihan jeung ditempo
Saumur hirupna. Dina bagian hulu jadi tangkal kalapa, dina bagean leungen jdi
tangkal bubuahan, dna bagian suku jadi tangkal boled, sedengkeun dina awakna
jadi tangkal aren (enau=gula) sareng hiji pepelakan anu mani aneh jeung can
pernah aki jeung nini nimukeun eta tangkal, jeung kakara ningalna oge. Nyaeta
srangkai tatamgkalan nu dauna sae buahan keur hejo keneh buluan sae oge.

Akhiirna aya niatan ti aki jeung nini kanggo miara eta tangkal aneh teh jeung
dibersihkeunna pusara jeung sakuliring tangkal eta. Sakitu tina poe ka poe minggu
ka minggu ku kasabaran jeung katekunan pepelakan eta dipiara teh. Teu karaos
waktos parantos bulanka 5, buah nu tadi hejo the ngeusi pinuh, jadi buah nu
sadahan eta tungkul saking ku beuratna. Ku kasbaran jeung kayakinan salain itu
haying nyaho sampe kumaha jeung naon sabenerna eta tangkal aneh. Saentos
sababaraha lami bede ka bulan ka 6 ditingali deui tangkal eta the jeung siki siki
buah tadi teh jadi koneng jeung resep katempona.
Saentos kaduana ngahuleng akhirna aya niat rek metik eta buah. Saencan diala
eta buah the diasaan hela pak the eusina bodas jeung amis rasana. Aki jeung nini
nyiapkeun dupa jeung seuneuna kanggo meuleum menyan kanggo menta idin ka
“Hiang Widi”. Saentos meuleun menyan, dipotong eta tangkal nu dimaksad jeung
mani ngejat akijeung nini eta pedah dina dahan anu dipotong tadi ngaluarkeun cai
bening sinareng seungit, tapi kanggo aki jeung nini henteu hanjakal kusabab apal
yen kajadian ieu parantos jdi kahoong nu kawasa.

Tapi aya niatna kanggo melak eta tangkal deui, jeug siki siki buah tadi dipelak deui
disakuliring pusara Dewi Sri. Kaajaibanna oge kajadian deui kusabab ku sakerejep
ge siki siki tadi hirup jeung entos buahan koneng oge. Aki jeung nini langsung nuar
jeung sakerejep oge dipelak deui siki siki koneng eta sampe ka terus kaulang ulang
sampe kakumpulkeun beungkeutan siki siki buah koneng loba pisan. Ku kajadian
eta aki jeung nini jadi lieur. Meunang hasil loba pisan dina waktos tereh. Tina
buah saadahan. Salain eta naon anu maranehna boga teu acan nyaho naon jeung
naon ngarana eta buah teh.

Akhirna, kusabab aki jeung nini lalaieureun malah teu acan teu acan kenging
kaputusan kanggo masihan ngaranna. Sahingga ujug ujug nini ngusulkeun yen
kusabab aki jeung nini bingung teu tiasa aya kaputusan jeung hese kanggo
milihna, anu dina basa sunda mah disebutna “paparelean”, akhirna buah eta the
disebut make ngaran “Pare”(padi).

Akhirna anggeus carita teh. Jadina ayeuna ditatar sunda nu dimaksud sbg Nagara
Buana Panca Tengah, jadina ayeuna tangkal jeung buahna anu dimasad disebut
“PARE”, nu mangrupikeun cita-cita Dewi Sri Pohaci Long Kancana kanggo
ngalengkepan hirup nu disebut “CIHAYA”. Kusabab kitu jalmi jalmi sok nyebutna
Dewi Padi nyaeta Dewi Sri.

Anda mungkin juga menyukai