Anda di halaman 1dari 4

Naskah Drama Bawang Merah Bawang Putih Versi Sunda

Narator : Jaman baheula hirup hiji kulawarga nyaeta Bawang Bodas,Bawang


Beureum,Ambu sareung Bapa. Ka hirupan Bawang Bodas the pinuh ku
siksaan sareung hinaan.

Ambu : “Mani tiiseun kieu atuh.Si Bodas kamana deui? Bodas..bodas!!


Bapa : “Aya naon atuh ambu mani gandeng kitu?”
Ambu : ”Bapa?Tos dongkap pa? Atuh teu ka kuping dongkapna?”
Bapa : ”Ngahaja,pedah wae ti luar the kakuping sora ambu mani gogoakan
kitu.Sugan aya naon bu?”
Ambu : ”Teu aya nanaon pa.Eta nuju milarian si Bodas.Eh horengan ge nuju di
kamer na.Ku naon atuh pa uih na teu sapertos biasana?”
Bapa : ”Kieu bu, bapa the aya tugas ka luar kota,kira-kira saminggueun,ayeuna
bapa uih bade permios”
Ambu : ”Atuh mani lami-lami teuing pa?”
Bapa : ”Duka tah.Nami na oge tugas bu. Ambu cik saurang Bawang Bodas
sareng Bawang Beureum!”
Ambu : ”Bodas...Beureum ..ka dieu aya bapa!”
B.Beureum : ”Aya naon ieu teh?”
B.Bodas : ”Bapa?”
Bapa : ”Haduh ieu putri bapa anu gareulis”
B.Beureum : ”Aya naon pa,atuh tos uih?”
Bapa : ”Bapa aya tugas kaluar kota,saminggueun.Sing barageur,tong
ngarepotkeun ambu!Nya ntos bapa bade angkatnya. Jaga anak urang
ambu.Assalamualaikum”
Ambu,
B.Beureum,
& B.Bodas : ”Waalaikumsalam”

Narator : Santos bapa na angkat. Bawang Bodas asup ka kamer na.Tuluy


dieureunkeun ku Bawang Beureum.

B.Beureum : ”Heh!Bodas erek ka mana maneh?”


B.Bodas : ”Bade ka kamer.Aya naon the nyauran abdi?”
Ambu : ”Aya naon aya naon, eta baju seuseuhan!!”
B.Bodas : ”Ambu hapunteun,engke baenya nyeuseuhna,sirah abdi nuju lalieur”
B.Beureum : ”Euweuh engke-engkean!Ayeuna nya kudu ayeuna !”
B.Bodas : ”Tapi teh?”
Ambu : ”Heunjung mangkat!!”
B.Bodas : ”Muhun ambu”
Narator : Di jalan,bawang bodas ceurik hatina hanjeulu pilu.Dina jero hatena sedih
pisan.Sadugina di Cijolang maneh na langsung nyeuseuh.

B.Bodas : ”Duh Gusti,hirup abdi teh kieu kieu teuing.Boga Ambu jeung lanceuk teh
tega tega teuing.Gusti sabarkeun hate abdi...
Kusabab ngalamun salendang ambu na palid di bawa ku cai.
B.Bodas : ”Haruh,kumaha ieu salendangna palid.”

Narator : ”Bawang Bodas uih ka imah na.Teras ngabejakeun kajadian tadi ka Ambu
na.

B.Bodas : ”Ambu...hampura abdi,salendang ambu palid”


Ambu : ”Naon?”
B.Bodas : ”Salendang warna beureum nu Ambu palid’
Ambu : ”Maneh mah,dig awe sakitu wae teu becus!Teangan salendang na
nepikeun ka panggih!”
B.Beureum : ”Padahal eta teh salendang kasayangan ambu,bodas.Teangan !”

Narator : Bawang Bodas balik deui ka Cijolang neangan salendang Ambu na. Dugi
ka sonten eta salendang teh teu ka pendak.Bawang Bodas ninggali hiji imh
di hilir Cijolang,teras maneh na nyamperkeun.

B.Bodas : (toktoktok) “Assalamualikum..”


Aki : ”Waalaikumsalam.Aya naon neng?”
B.Bodas : ”Aki,bade naros.Ninggali salendang warna beureum anu palid teu?”
Aki : ”Hm..engke heula nya neng antosan!Mangga calik!”
B.Bodas : ”Muhun aki”
Aki : ”Nu ieu sanes neng?”
B.Bodas : “Muhun aki nu ieu.Aduh hatur nuhunnya aki.Abdi the ti tadi milarian ieu
salendang”
Aki : ”Sugan eta salalendang teh nu saha neng?”
B.Bodas : ”Anu Ambu ki. Aki abdi bade permios heulanya ki,tos seonteun yeuh”
Aki : ”Neng..ieu aya oleh-oleh ti aki.Sok bade milih nu mana?”
B.Bodas : ”Teu kengin aki”
Aki : ”Mangga neg ieuh candak!”
B.Bodas : ”Nya ntos atuh.Abdi nyandak nu ieu wae ki.Hatur nuhun ki”
Aki : ”Nya sami-sami neng”
Narotor : Dugi di imah na bawang Bodah masihkeun salendang ka Ambu na.Teras
mesek eta wakuh,sing horeng the eusina emas.

B.Bodas : ”Assalamualikum..”
Ambu,
B.Beureum : ”Waalaikumsalam”
B.Beureum : ”Kapanggih teu salendang Ambu na Bodas?”
B.Bodas : ”Ka pendak the.Ambu ieu salaendang na”
Ambu : ”Nah kitu atuh jadi budak the!”
B.Beureum : ”Bodas, mawa naon eta?”
B.Bodas : ”Ieu the? Walu ieu mah”
Ambu : ”Pesek waluh na terud di damel kolek”
B.Bodas : ”Subhanullah”
B.Beuruem : ”Aya naon Bodas?”(lumpat ka dapur)
Ambu : ”Emas...emas neng ieu the?”
B.Beureum : ”Meunang ti mana ieu emas the. Maling nya?”
B.Bodas : ”Heuteun teteh,abdi teu maling”
Ambu : ”Terus menang ti mana?”
B.Bodas : ”Ti Aki nu tadi mendakan salendang ambu”
B.Beureum : ”Imah na di mana?”
B.Bodas : ”Di hilir Cijolang teh?”

Narator : Isukna Ambu sareung Bawang Beureum ka imah na si Aki.Erek menta


waluh.

B.Beureum,
Ambu : ”Assalamualium”
Aki : ”Waalaikumsalam.Aya peryogi naon ka dieu teh neng?”
B.Beureum : ”Aki abdi ka deui sareung Ambu the bade nuhunkeun waluh”
Aki : ”Oh waluh.Antosan sakedap! Mangga bade milih nu mana?”
Ambu : ”Anu ieu wae ki ,anu ageing”
Aki : ”Mangga”
B.Beureum,
Ambu : ”Hatur nuhun ki”
Aki : ”Sami-sami”
Narator : Dugi di imah.Bwang Beureum jeung Ambuna langsung mesek eta
waluh.Sing horeng teh eusina lain emas ngalainkeun kalajengking,oray
jeung sajabanna.

Ambu : ”Bodas..bodas..ka dieu!”


B.Bodas : ”Muhun Ambu. Aya naon ?”
B.Beureum : ”Yeuh urang ge boga waluh anu leuwih gede tinu maneh.Pasti na ge emas
na ge leuwih loba”
Ambu : ”Beureum pesek waluh na!”
B,Beureum : ”Ambu..Ambu.. ieu atuh sanes emas”
Ambu : ”Ih atuh enya... oray neng....”
Ambu,
B,Beureum : ”Aaaaaa.....”
B.Bodas : ”Ambu...teteh...”

Narator : Akhirna Ambu jeung Bawang Beureum paeh di pacokan ku oray.


Eta teh balasana kanggo jalma anu sarakah.

TAMAT

Anda mungkin juga menyukai