Anda di halaman 1dari 6

Naskah Drama Bawang Merah BawangPutih Versi Sunda

Narator : Jaman baheula hirup hiji kulawarga nyaeta Bawang Bodas,BawangBeureum,Ambu sareung
Bapa. Ka hirupan Bawang Bodas the pinuh ku siksaansareung hinaan.

Ambu
:“Mani tiiseun kieu atuh.Si
Bodas kamana deui? Bodas..bodas!!

Bapa
:“Aya naon atuh ambu mani gandeng kitu?”

Ambu
:”Bapa?Tos dongkap pa? Atuh teu ka kuping dongkapna?”

Bapa
:”Ngahaja,pedah wae ti luar the kakuping sora ambu mani gogoakan kitu.Sugan ayanaon bu?”

Ambu
:”Teu aya nanaon pa.Eta nuju milarian si Bodas.Eh horengan ge nuju di kamer na.Kunaon atuh pa uih
na teu sapertos biasana?”

Bapa
:”Kieu bu, bapa the aya tugas ka luar kota,kira
-kira saminggueun,ayeuna bapa uih
bade permios”

Ambu
:”Atuh
mani lami-
lami teuing pa?”

Bapa
:”Duka tah.Nami na oge tugas bu. Ambu cik saurang Bawang Bodas sareng BawangBeureum!”

Ambu
:”Bodas...Beureum ..ka dieu aya bapa!”

B.Beureum
:”Aya naon ieu teh?”

B.Bodas
:”Bapa?”

Bapa
:”Haduh ieu putri bapa anu gareulis”

B.Beureum
:”Aya naon pa,atuh tos uih?”

Bapa
:”Bapa aya tugas kaluar kota,saminggueun.Sing barageur,tong ngarepotkeunambu!Nya ntos bapa
bade angkatnya. Jaga anak urang ambu.Assalamualaikum”

Ambu,B.Beureum, & B.Bodas


:”Waalaikumsalam”

Narator : Santos bapa na angkat. Bawang Bodas asup ka kamer na.Tuluy dieureunkeunku Bawang
Beureum.

B.Beureum
:”Heh!Bodas erek ka mana maneh?”

B.Bodas
:”Bade ka kamer.Aya naon the nyauran abdi?”

Ambu
:”Aya naon aya naon, eta baju seuseuhan!!”

B.Bodas
:”Ambu hapunteun,engke baenya nyeuseuhna,sirah abdi nuju lalieur”

B.Beureum
:”Euweuh engke
-
engkean!Ayeuna nya kudu ayeuna !”

B.Bodas
:”Tapi teh?”

Ambu
:”Heunjung mangkat!!”

B.Bodas
:”Muhun ambu”

Narator : Di jalan,bawang bodas ceurik hatina hanjeulu pilu.Dina jero hatena sedihpisan.Sadugina di
Cijolang maneh na langsung nyeuseuh.

B.Bodas
:”Duh Gusti,hirup abdi teh kieu kieu teuing.Boga Ambu jeung lanceuk teh tega tega
teuing.Gusti sabarkeun hate abdi...

Advertisement

Kusabab ngalamun salendang ambu na palid di bawa ku cai.

B.Bodas
:”Haruh,kumaha ieu salendangna palid.”

Narator
:”Bawang Bodas uih ka imah na.Teras ngabejakeun kajadian tadi ka Ambu na.

B.Bodas
:”Ambu...hampura abdi,salendang ambu palid”

Ambu
:”Naon?”

B.Bodas
:”Salendang warna beureum nu Ambu palid’

Ambu
:”Maneh mah,dig awe sakitu wae teu becus!Teangan salendang na nepikeun ka panggih!”

B.Beureum :”Padahal eta teh salendang kasayangan ambu,bodas.Teangan !”

Narator :Bawang Bodas balik deui ka Cijolang neangan salendang Ambu na. Dugi kasonten eta
salendang teh teu ka pendak.Bawang Bodas ninggali hiji imh di hilirCijolang,teras maneh na
nyamperkeun.

B.Bodas :(toktoktok)
“Assalamualikum..”

Aki
:”Waalaikumsalam.Aya naon neng?”

B.Bodas
:”Aki,bade naros.Ninggali salendang warna beureum anu palid teu?”

Aki
:”Hm..engke heula nya neng antosan!Mangga calik!”

B.Bodas
:”Muhun aki”

Aki
:”Nu ieu sanes neng?”

B.Bodas
“Muhun aki nu ieu.Aduh hatur nuhunnya aki.Abdi the ti tadi milarian ieu salendang”

Aki
:”Sugan eta salalendang teh nu saha neng?”

B.Bodas
:”Anu Ambu ki. Aki abdi bade permios heulanya ki,tos seonteun yeuh”

Aki
:”Neng..ieu aya oleh
-
oleh ti aki.Sok bade milih nu mana?”
B.Bodas
:”Teu kengin aki”

Aki
:”Mangga neg ieuh candak!”

B.Bodas
:”Nya ntos atuh.Abdi nyandak nu ieu wae ki.Hatur nuhun ki”

Aki
:”Nya sami sami neng”

Narotor :Dugi di imah na bawang Bodah masihkeun salendang ka Ambu na.Teras meseketa
wakuh,sing horeng the eusina emas.

B.Bodas
:”Assalamualiku..”

Ambu,B.Beureum
:”Waalaikumsalam”

B.Beureum :”Kapanggih teu salendang Ambu na Bodas?”

B.Bodas
:”Ka pendak the.Ambu ieu salaendang na”

Ambu
:”Nah kitu atuh jadi budak the!”

B.Beureum
:”Bodas, mawa naon eta?”
B.Bodas
:”Ieu the? Walu ieu mah”

Ambu
:”Pesek waluh na terud di damel kolek”

B.Bodas
:”Subhanullah”
B.Beuruem
:”Aya naon Bodas?”(lumpat ka dapur)

Ambu
:”Emas...emas neng ieu the?”

B.Beureum
:”Meunang ti mana ieu emas the. Maling nya?”
B.Bodas
:”Heuteun teteh,abdi teu maling”
Ambu
:”Terus menang ti mana?”
B.Bodas
:”Ti Aki nu tadi mendakan
salendang ambu”

B.Beureum
:”Imah na di mana?”

B.Bodas
:”Di hilir Cijolang teh?”

Narator:Isukna Ambu sareung Bawang Beureum ka imah na si Aki.Erek mentawaluh.tanpa disadari,


aranjeunna datang ka imah akina kalayan niat jahat

B.Beureum,Ambu
:”Assalamualium”

Aki jahat
:”Waalaikumsalam.Aya peryogi naon ka

dieu teh neng?”


B.Beureum
:”Aki abdi ka deui sareung Ambu the bade nuhunkeun waluh”

Aki jahat
:”Oh waluh.Antosan sakedap! Mangga bade milih nu mana?”

Ambu
:”Anu ieu wae ki ,anu ageing”

Aki jahat
:”Mangga”

B.Beureum,Ambu
:”Hatur nuhun ki”

Aki jahat
:”Sami
-
sami”

Narator : Dugi di imah.Bwang Beureum jeung Ambuna langsung mesek eta waluh.Singhoreng teh
eusina lain emas ngalainkeun kalajengking,oray jeung sajabanna.

Ambu
:”Bodas..bodas..ka dieu!”

B.Bodas
:”Muhun Ambu. Aya naon ?”

B.Beureum
:”Yeuh urang ge boga waluh anu leuwih gede tinu maneh.Pasti na ge emas na geleuwih loba”

Ambu
:”Beureum pesek waluh na!”

B,Beureum
:”Ambu..Ambu.. ieu atuh sanes emas”

Ambu
:”Ih atuh enya... oray neng....”

Ambu,B,Beureum
:”Aaaaaa.....”

B.Bodas
:”Ambu...teteh...”

Narator :Ahirna Ambu jeung Bawang Beureum paeh di pacokan ku oray.

Eta teh balasana kanggo jalma anu sarakah.

TAMAT

Anda mungkin juga menyukai