Anda di halaman 1dari 2

Priscilla Keka Y.

S
17/414999/SA/19049
Terjemahan - Bahasa Sunda
Sapatu Hibar Syahrul Gafur
Sepatu Hibar Syahrul Gafur

Kungsi aya berita, boh dina koran boh dina acara salah sahiji televisi swasta. Eusi
warta téh nyaéta dipanggihkeunana hiji model sapatu anu fungsina kacida pisan
pentingna pikeun kasalametan.
 Pernah ada berita, baik di koran ataupun di salah satu acara televisi swasta. Isi berita
itu adalah ditemukannya 1 model sepatu yang fungsinya sangat penting sekali untuk
keselamatan.
Dimasarakat beuki dieu téh beuki mahabu kajahatan. Kajahatanana kayaning
‘penjambretan, penodongan, hipnotis, ngabius penumpang’. Kitu deui, nu jail
ngaganggu ka kaom wanita, boh dina angkot, boh dina beus kota, atawa di jalan
pasampangan. Mindeng kajadian kaom wanita anu ditodong direbut perhiasanana,
direbut HP-na, dijéwang tasna. Malah aya nu dirogahala sagala.
 Di masyarakat semakin ke sini semakin merajalela kejahatan. Jenis kejahatannya
seperti penjambretan, pendongan, hipnotis, membius penumpang. Terlebih yang jahil
mengganggu kaum wanita, entah di angkot, di bus kota atau di jalan persimpangan.
Sering terdapat kejadian kaum wanita ditodong, direbut perhiasannya, direbut hpnya,
dirampas tasnya. malah ada yang sampai diperkosa.
Tah, jigana ku mindeng manggihan kajadian kawas kitu, boa deuih, karandapan ku
babaturanana, siswa SMP Negeri I Bogor anu umurna kakara 14 taun téh, ngarasa
melang. Kumaha mun éta kajadian tumiba ka kulawargana. Éta budak, boga gagasan
hayang nyalametkeun papada jalma, hususna kaom wanita. Nya, manéhna mikir,
janggélék baé pilihan téh kana sapatu. Sapatu mah bisa langsung ditajongkeun kana
suku nu jahat. Tangtu baé kudu maké sapatu anu husus. Kacipta kawasna, siswa anu
ngaran Hibar téh terus konsultasi jeung guru pembimbingna. Éta gagasan
diwujudkeun dina sapatu anu dimodifikasi, maké tegangan listrik 450W. Éta sapatu téh
meunang sababaraha kali percobaan.
 Sepertinya karena sering menemukan kejadian seperti itu, apalagi mungkin, dialami
oleh teman-temannya, siswa SMP Negeri I Bogor yang usianya baru menginjak 14
tahun itu merasa khawatir. Bagaimana kalau kejadian itu menimpa ke keluarganya.
Siswa itu berpikir ingin menyelamatkan sesama manusia, khususnya kaum wanita.
kemudian ia berpikir untuk memilih sepatu. Sepatu bisa langsung ditendangkan ke
arah kaki yang mau berbuat jahat. Tentu harus menggunakan sepatu khusus. Untuk
menciptakan sepatu itu, siswa yang bernama Hibar berkonsultasi dengan guru
pembimbingnya. Gagasan itu diwujudkan dengan sepatu yang dimodifikasi dengan
menggunakan tegangan listrik 450 watt. Sepatu itu melewati beberapa kali percobaan.
Sapatu anti kekerasan hasil karya Hibar Syahrul Gafur (14 taun), nyaéta siswa kelas
Vlll SMPN I Bogor téh diilukeun dina ajang kompetisi ‘Sain Internasional Exhibition of
Young Inventors (IEYI) 2013 di Kuala Lumpur, Malaysia’. Malah hasilna ogé meunang
medali emas pikeun kategori Safeti and Health.
 Sepatu anti kekerasan hasil karya HIbar Syahrul Gafur (14 tahun), adalah siswa kelas
VIII SMPN I Bogor juga diikutkan dalam ajang kompetisi ‘Sain Internasional
Exhibition of Young Inventors (IEYI) 2013 di Kuala Lumpur, Malaysia. Malah
hasilnya juga memperoleh medali emas untuk kategori Safeti and Health
Babaturan sasakolana, umumna warga SMPN I Bogor kacida bungaheunana. Saréréa
milu reueus ku préstasina meunang medali emas.
 Teman-teman sekolahnya, umumnya warga SMPN I Bogor sangat bahagia. semua
orang ikut bangga dengan prestasinya memperoleh medali emas.
Kitu deui, Wakil Kepala SMPN I Bogor, Bapa Budiman BW nyebutkeun, pangalaman
Hibar ngajadikeun tumuwuhna sumanget keur murid-murid séjénna geusan
némbongkeun préstasina supaya teu éléh ku bangsa séjén.
 Begitu juga Wakil Kepala SMPN I Bogor, Bapak Budiman BW menyebutkan
pengalaman Hibar menjadikan tumbuhnya semangat murid-muridnya yang sudah
memperlihatkan prestasinya supaya tidak kalah dengan bangsa lain.

Anda mungkin juga menyukai