Anda di halaman 1dari 2

Muhamed Faiz

SDN Mekarjaya 10
NASKAH BIANTARA
Kec. Sukmajaya
Assalamu alaikum warohmatullohi wabarokaatuh.

Sampurasun,

Wasta sim kuring

Girang pangajen nu ku sim kuring dipihormat, ibu miwah bapa guru hormateun sim kuring,
para Pamilon Pasanggiri Basa Sunda hormateun sim kuring.

Puji sinareng syukur ka Allah nu Maha Agung, ka gusti nu Maha Suci, reh na dina dinten ieu
urang tiasa patepang raray, patepung lawung di ieu tempat kalayan dina ka ayaan sehat wal
afiat.

Sholawat sinareng salam mugia ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadaya Nabi
Muhammad Solallohu Alaihi Wassalam, dugi ka kulawargana, para sahabatna tug dugi ka
urang sadaya salaku umat na nu miharep syafaatna di Yaumil Akhir sampeureun urang jaga.

Girang pangajen nu ku sim kuring dipihormat,

Sim kuring seja maparkeun pentingna ngajaga kabersihan diri sareng lingkungan.

Kalintang pentingna ngajaga lingkungan sareng awak urang sorangan, sangkan tebih tina
sagala rupi panyakit. Ku kituna urang kedah ngalaksanakeun hirup sehat dina sadidinten.

Contona, ngajaga kaberesihan awak ku cara ibak sadinten 2 kali, meresihan kuku, nyikat
waos, meresihan cepil, ngosok awak meh teu aya dakian, sareng sajabina.

Ari conto ngajaga kaberesihan lingkungan nyaeta; miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah
sok dimana wae, batuk atanapi bersin tutupan bahamna, runtah nu mendet dina solokan
enggal diberesihan supados caina teu ngeyembeng, margi cai anu ngeyembeng bakal jenten
saying reungit nu ngabalukarkeun panyakit DBD.

Hadirin harmateun sim kuring,

Salah sahiji hadis nyebatkeun yen “kabersihan sabagian tina iman” anu hartosna urang salaku
umat islam nu ngagaduhan iman, kedah beresih atanapi suci tina sanes kanten kokotor boh
mangrupi hadast alit oge hadast ageung. Sadaya kabersihan teh dumasar tina beresih sareng
sucina urang katut lingkungan sabudeureun urang.

Girang pangajen nu ku sim kuring dipihormat,

Agama Islam agama nu beresih, ku kituna urang salaku umat Islam kedah micinta kabersihan
diri sareng lingkungan, salah sahiji anu ngajelaskeun ngeunaan kebersihan nyaeta Qur’an
surat Al Baqarah ayat 222, nu ungelna:
Bismillahirrohmanirrohim

Innalloha yuhibbuttawwabiina wa yuhibbul mutatohhiriina

Nu hartosna: saenyana Gusti Allah mikacinta ka jalma-jalma nu tobat sareng mikacinta ka


jalma-jalma anu beresih.

Ku kituna kabersihan teh mangrupi salah sahiji ajaran Islam nu kedah diperhatoskeun, sareng
diamalkeun dina kahirupan sadidinten.

Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,

Kabersihan teh seueur rupina, diantawisna beresih hate, beresih hate, beresih jiwa, beresih
jasmani sareng beresih rohani. Anu saterasna urang kedah janten jalmi anu mibanda beresih
sagala rupi. Hayu urang ngaronjatkeun pola hirup anu sehat, kanggo kasaean urang sadaya,
supados langkung getol kana ibadah ka gusti allah nu maha welas tur asih.

Hadirin, rupina cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti simkuring, bilih aya basa nu teu
merenah, kirang entep seureuhna, mugi keresa ngahapunten, nu saena ti gusti allah nu
awonna mah tangtos ti sim kuring.

Hatur nuhun kana sagala perhatosanana,

Billahittaufik wal hidayah. Wassalamu alaikum warohmatullohi wabarokaatuh.

Anda mungkin juga menyukai