Anda di halaman 1dari 2

BAHAN ULANGAN KETERAMPILAN BIANTARA

Wasta: Tarisa Rahmawati

A. Struktur Biantara

1. Bubuka: Ngucapkeun salam


-Muji syukur ka Allah SWT.
-Sholawat ka kanjeng Nabi Muhammad Saw.
-Nepikeun jejer/ tema

2. Eusi jejer: Pentingna Miara Kabersihan Sakola


-Mangpaat miara kabersihan sakola
-Ngajak supaya miara kabershin sakola

3. Panutup:- kekecapan panutup


-Sanduk sanduk menta panghampuraan
-Do’a
-Salam panutup

B. Naskah Biantara
Miara kabersihan sakola

Assalamua’laikum Wr.Wb.
Bapa guru nu kusimkuring di pihormat, rerencangan sadaya nu ku simkuring di pikadeudeuh
mangga langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka illahiirabbi nu mana kalayan
hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalawan dina kaayaan
sehat walafiat. Sholawat sinareng salam mugia dilimpahkeun ka junjungan alam nabi
Muhammad Saw, mudah mudahan dugi ka para sohabatna,para tabiin tug dugi kaurang
sadayana nu nganut ka mantenna.

Dina ieu waktos simkuring bade ngadugikeun pentingna miara kabersihan sakola, kusabab
kabersihan lingkungan sakola tanggung jawab sadayana,sangkan ditebihkeun tina sagala rupi
panyakit. Conto miara kabersihan sakola teh di antarana miceun runtah teu sambarangan, batuk
atanapi bersin ditutupan ku panangan atanapi ku salampe. Upami urang sadidinten tos tiasa
ngajagi kabersihan, insyallah awak bakal sehat ,moal aya sagala rupi panyakit,moal aya banjir
tinu runtah-runtah nu numpuk sangkan hirup urang sadaya adem jeung tentram.
Saperti halna tinu salah sahiji hadis diterangkeun:” Anna dhofatu minal iman” nu hartosna
“Kabersihan sabagian tina iman” .
Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo ka payuna dikawitan ti ayeuna.

Cekap sakitu abi nyanggakeun pihatur.


Saninteun buah saninteun
Saninteun diparapatan
Hapunteun abdi hapunteun
Bilih aya kaleupatan.

Wabillahi taufik wal hidayah


Wassalamua’laikum Wr.Wb

Tanggal Bentuk Peunteun Tanda tangan guru

21-8-2019 Naskah

21-8-2019 Praktek

Anda mungkin juga menyukai