Anda di halaman 1dari 3

BAHAN ULANGAN KETERAMPILAN BIANTARA

Wasta: Tarisa Rahmawati

A. Struktur Biantara
1. Bubuka: -Ngucapkeun salam
-Muji syukur ka Allah SWT
-Sholawat ka kanjeng Nabi Muhammad SAW
-Nepikeun jejer/ tema

2. Eusi Jejer: -Pentingna miara kabersihan sakola


-Mangpaat miara kabersihan sakola
-Ajakan miara kabersihan sakola

3. Panutup: -Kekecap panutup


-Sanduk-sanduk menta panghampuraan
-Do’a
-Salam panutup

B. Naskah Biantara

Miara Kabersihan Sakola

Assalamua’laikum Wr.WB.
Alhamdulillah, Alhamdulillahirabbil alamiin, assholatu
wassalamu a’la asyrofil anbiyaimam wal mursalin, sayyidina
wamaulana muhammadin wa a’la alihin wasohbihi aj’main.
Amma ba’du.
Langkung tipayun, urang sanggakeun puji sareng sukur kahadirat Allah
SWT, anu parantos marengkeun sadayana dugi ka tiasa patepang,
ngariung dina ieu acara kalayan sehat wal’afiat. Rohmat sinareng salam
mugia didugikeun ka junjunan urang sadaya, kangjeng Nabi
Muhammad Saw, ka para sohabatna,kulawargina,sareng ka jalmi jalmi
anu tumut ka mantenna.

Para wargi sadaya anu ku simkuring dipikahormat.

Dina ieu waktos, simkuring bade ngadugikeun pentingna hirup sehat di


sakola sareng dibumi, kusabab kabersihan lingkungan mah tanggung
jawab sadayana, sangkan ditebihkeun dina sagala rupi panyakit. Ku
margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo
kapayunna dikawitan ti ayeuna.

Dina salah sahiji hadis diterangkeun …


“ Anna dhofatu minal iman.”
Nu hartosana:” kabersihan sabagian iman”
Tina eta hadis, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuanana.
Nyaeta urang salaku umat islam kedah ngagaduhan iman dina jero hate
urang. Upami urang sadaya iman ka Allah,kedah bersih atanapi suci tinu
kokotor boh hadas.
Bersih nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng
lingkungan sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu di jaga. Urang
kudu mikancita kabersihan lingkungan sangkan hate urang milu bersih.
Kabersihan teh aya rupi-rupina nyaeta: bersih hate, bersih raga, sareng
bersih rohani . Tah urang sadaya kedah kaasup kana jalma anu bersih
sadayana. Amiin.
Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean
urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka gusti anu maha
welas tur maha asih.

Para wargi sadaya, rupina cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur,


pamungkas pisanggem , bilih aya basa anu kirang entep seureuhna
atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Anda mungkin juga menyukai