Anda di halaman 1dari 2

Seuntaian kata puja puji hayu urang sanggakeun ka Alloh robbul ijati,sholawat sinareng

salam salamina di limpah curahkeun ka panutan urang sadayana nyatana habibulloh


warosululloh wanabiyulloh.Baginda tercinta Muhammad SAW.

Hadirin…hadirin

Hanjuang kolot di suat-suat


Mager kebon di lamping araringgis
Hayu urang lantunkeun sholawat
Mugi kenging lapis ti mamah abi nu manis

Bulan rojab nyaeta sasih anu mana di lebetna kacaturkeun rosululloh di isrokeun sareung di
mi’rojkeun dugi ka ayena anu sok di peringati ku umat terbesar di dunia.
Sasih-sasih anu kacaturkeun saena dina taunan islam nyaeta aya seer anu ku salah sawiosna
Rojab,Robiul awal,Romadon jeung sajabana…sakumaha anu di nadomkeun.
Muharam,Sofar,Robiul awal,Robiul akhir
Jumadil awal,Jumadil akhir,Rojab dan Sya’ban
Romadon,Syawal,Bulan julhijah dan Julqodah
Itulah nama-nama bulan tahun hijriah

Hadirin Rohimakumulloh…

Sasih romadon nyaeta sasih anu di anti-anti,anu di wanti-wanti saatos dongkapna sasih
rojab.Sasih romadon nyaeta sasih anu suci,sasih anu pinuh kanyaah ti gusti.Dikarenakeun
dina sasihan romadon seer kajadian-kajadian besar terjadi sapertos di turunkeunna Al Qur’an
dina wengian kaping 17 Romadon.Oge aya anu disebat wengian lailatul qodr,nyaeta wengian
anu sae tibatan 1000 bulan jeung sing saha jalma anu midamel ibadah dina eta wengian
lailatul qodar yen bakal gaduh ganjaran lir ibarat 1000x urang ngalakonan ibadah,dicaturkeun
dina riwayat aya nu nyarioskeun yen wengian lailatul qodar eta teu dongkap dina sasihan
romadon hungkul,tapi dina sasih-sasih anu sanes oge.Saur deui di carioskeun hawana
dongkap wengian lailatul qodar karaos adem,angina ngahiliwir,cai sing dalikir,jangkrik-
jangkrik pada ka didik maranehna dalikir kanu maha kawasa.
Hadirin Rohimakumulloh…
Sasih romadon nyaeta sasih pembakar dosa-dosa urang dina salami sataun,maka sasih ieu di
akhiran ku dinteunan idul fitri anu hartosna dinteunan suci lir ibarat budak anu karek
lahir,gubrag ka alam dunia bari teu acan gaduh dosa..
Tah sakitu anu kapihatur hapunteun anu saageung-ageungna pamudah-mudahan aya
manfaatna.

Kembang mawar kagungan Bu Asih


Kembang kamboja kagungan Bapa Ipan
Hapunteun abi dina sadaya kalepatan
Di cekapkan sekian sareng terima kasih

Anda mungkin juga menyukai