Anda di halaman 1dari 5

Stop Bullying

Artis atau Aktor

 Ira Ramadani S : Ara, korban bully


 M Ramdhan : Cumi, ketua geng bully
 Lida Astria : Tria, anggota geng bully
 Mellinda Dwi J H : Eca, anggota geng bully
 M Alfi Abdilah : Abdul, nu sok mantuan ara
 Mawar Nuraeni : Reni, rerencangan ara
 Marcherlina Desvianti : Bu Lina, guru BK

Tim Produksi

 Sutradara : Ramdhan
 Editing : Lida
 Kameramen : Semua Anggota
 Tata Artistik : Alfi, Mawar
 Tata Rias & Busana : Marcherlina, Ira
 Pembuat Naskah : Mellinda, Lida

Sinopsis

Drama ieu nyaritakeun ngeunaan salah sahiji murid SMA nu namina Ara manehna sok dibully ku
babaturan sakelasna leuwih tepatna ku geng bully. Babaturan na nu namina Abdul sareng Reni sok
mantuan ara nalika ara dibully ku geng bully. Sanajan Ara kaganggu ku kaayaan geng bully tapi Ara teu
aya niatan ngabales ku kajahatan, tapi Ara malah ngabales ku kahadean.

#Babak 1
“ Anandira Ayumi Azari eta nami abi, rerencangan biasana manggil abi Ara, cek batur sakola teh cara
bumi kadua, tapi kango Ara mah henteu, mudah mudahan dinteun ayeuna Bahagia “

Ara : assalamualaikum Ren

Reni : waalaikumsalam Ra

“ Namina teh Reni anjeuna rerencangan abi di kelas”

Abdul : assalamualaikum ra

Ara : waalaikumsalam dul

“ Namina Abdul anjeuna rerencangan abi nu sok mantuan abi nalika abi dibully “

“ Sadayana kabahagiaan ieu robah nalika geng bully datang “

Tria : hallo boss (sabari tos tosan lengeun jeng cumi, tria)

“ Namina Cumi manehna ketua geng bully di kelas ieu, sareng anu duaan eta anggota geng na, namina
Tria sareng Eca “

Tria : heh nges ngerjakeun tugas can?

Eca : iih heeh acan

Tria : maneh ges can cum?

Cumi : acan

Tria : heh ara urang nempo tugas

ara gideug, ulaheun


Cumi : huuh dasar koret (sabari ngalungkeun kertas ka ara)

geng bully arindit kaluar kelas

Reni : sabar nya ra (sabari ngelus ngelus ara)

#Babak 2
(Balik sakola)

Tria jeung Eca nabrak ara nepi ka labuh jeung bukuna marurag

Tria : hampura teu kahaja (sabari indit ningalkeun ara)

Abdul datang mantuan Ara

Abdul : raa teu kunanaon? (sabari ngarapihkeun buku ara)

Ara : henteu, teu kunanaon dull

Abdul : sing sabar nya ra, barudak mah karitu, tenang aya abi da

#Babak 3
(Isukna di sakola)

Cumi datang ka jero kelas

Cumi : heh ara pinah katukang urang hayang diuk diharep

Ara : alim hoyong didieu

Reni : ieu mah bangku urang, urang nu tiheula diuk didieu, maraneh mah ditukang

Cumi : reni repeh! Urang teu ngomong jeung maneh

Cumi : halaah (sabari nyokot kacamata ara)

Ara : cumi balikeun kacamatana

Cumi : cokot we mun bisa mah dasar penek, matakan boga awak kudu jangkung

Abdul datang mantuan Ara, nyokot kacamata Ara di Cumi

Cumi : tong so jago lah

Abdul : tong ngaganggu ara, piraku wanina ka awewe

cumi ngadorong abdul tapi abdul te ngabales

#Babak 4
“ saperti biasa abi indit kasakola leumpang, nepi di kelas abi disambut ku buku anu seer tulisan kotor
kanggo abi “

Ara ningalian bukuna, jeung ngalungkeun bukuna, sabari indit kaluar

Reni : kunaon raa

Reni panasaran, Reni mangihan hiji buku anu seeur tulisan kotor

(Di tangga)

Reni : raa kunaon gara gara buku ieu lain?

Ara : kunaon nya barudak mah karitu ka abi teh?

Reni : mending urang laporkeun ka guru Bk


Ara : tong lah pipanyangeun

Reni : yu lah urang init jeng abi

Ara : kamana?

Reni : hayuu

reni jeung ara indit

Ara : kehela abi ka cai hela nya

pas nunguan ara, reni pangih jeung abdul

Reni : abdul abdul, anter yu urang laporkeun barudak kaguru Bk

Abdul : kunaon

Reni : tah gera tingali (sabari mikeun buku ka abdul)

Abdul : aduh parah ieumah hayu lah dianteur

Reni : kehela

Ara, Reni, sareng Abdul indit ka ruang BK ngalaporkeun geng bully

#Babak 5
(Diruang BK)

Abdul : assalamualaikum bu

Bu Lina : waalaikumsalam

Bu Lina : aya naon barudak?

Abdul : tah kieu bu (sabari ngasongkeun buku ka Reni)

Reni : tuh bu tingali ieu teh bu si ara teh hayoh dibully ku barudak hampir ungal poe dibully

Bu Lina : kusaha?

Abdul : tah eta teh ku si cumi, ku si eca jeung ku si tria bu

Bu Lina : panggil!

abdul indit neangan cumi, tria jeung eca

Abdul : heh maraneh tiluan dipanggil ku guru Bk tuh

Tria : arek naon

Abdul : teu apal kadieu we pokonamah

Cumi : iih caromel

Abdul, cumi, tria, jeung eca arindit ka ruang BK

Abdul : assalamualaikum bu, tah bu ieu barudak teh, abimah bade izin nya bu aya kepentingan hela
sakedap

Bu Lina : muhun

Abdul : mikum

Cumi : aya naon bu

Bu Lina : sok caralik heula

Tria : aya naon nya bu

Bu Lina : tuh si reni mere laporan ka ibu, maraneh sok ngabully si ara, emang bener?

Tria : urang mah heureuy bu

Eca : etamah heureuy bu


Cumi : heureuy biasa bu

Reni : menya hereuy dak, ieu aya buktina maraneh lin nu nulis

Tria : mana emang aya buktina eta urang nu nulis

Eca : heeh emang aya buktina, tong sok fitnah atuh

Cumi : tong fitnah, etamah lain urang nu nulis

Bu Lina : atos atos, ayeunamah kieu ibu percaya ka reni, maraneh mening keneh menta maaf ka si ara
atau hormat bendera

Cumi : hormat bendera bu

Eca : menta maaf we, panas

Tria : heeh urang menta maaf we panas hormat benderamah

Ku kapaksa cumi ngajawab…

Cumi : menta maaf bu…

Cumi, Tria, jeung Eca menta maaf ka Ara

Bu Lina : atos ayeunamah sing alalakur, sok ayenamh ka karelas

(Di Kelas)

Bu Lina asup ka kelas masihan tugas

Bu Lina : assalamualaikum

Murid : waalaikumsalam bu

Bu Lina : barudak ibu teh hilap bade masihan tugas, tah ieu nya tugas na (sabari nulis dina papan tulis)

Anu te ngerjakeun tugas moal bisa ngiringan ulangan jeung moal naek kelas

Murid : muhun buu

#Babak 6
(Di kelas)

Ara : assalamualaikum barudak, saur bulina kumpulkeun tugas nu kamari

Ara nyamperkeun meja babaturan na sabari nyokotan tugas

Ara : tugas maraneh mana?

Cumi : teu ngerjakeun lah

Tria : teu ngerjakeun kumaha atuh

Eca : sarua teu ngerjakeun

Ara : ieu tugas maraneh nges dikerjakeun ku urang

Cumi : kunaon masang dikerjakeun

Ara nyaritakeun kajadian pas di indomaret

(Di Indomart)

Tria : maneh ngerjakeun tugas Bu Lina tea moal?

Eca : ngerjakeun lamun te ngerjakeun urang moal bisa ngiluan ulangan

Cumi : tong ngerjakeun lah

Tria : engke moal naek kelas

Cumi : kumaha maraneh we lah ( sabari indit)


Cumi : ooohh nuhun nya padahal urang sok ngahina maneh

Ara : kemae te salilana kejahatan dibales dei ku kejahatan

Balik sakola di luar kelas

Cumi : dak nyaho teu? Sabener na mah si Ara teh bager ngeun ku urang hayoh we dibully

Tria : ges we lah urang menta maaf

(di taman sakola)

Geng bully marenta maaf ka Ara

Tah tidinya geng bully jeung Ara jadi rerencangan

Tamat

Anda mungkin juga menyukai