Anda di halaman 1dari 1

Dongeng Fabel Sunda "Sakadang Kuya" Dan Pesan Moralnya

Dina hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, ti isuk keneh nepi ka beurang manehana tacan keneh manggihan
nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da teu bisa naek. 

Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka Sakadang Monyet, menta tulung. Kie omongna “Sakadang Monyet, uing manggih
tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naek, cing tulungan pangalakeun, engke paparoan” 

“Hade,” tembal Sakadang Monyet. “Di mana?” Tuluy maranehna arindit babarengan ka tempat tangkal cau tea. Sakadang
Monyet, tuluy naek, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut dihakanan.  

Sakadang Kuya mah teu dibere sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak we neureuyan ciduh. “Sakadang Monyet, mana
bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang Kuya ngagorowok. 

Tapi Sakadang Monyet teu malire, jongjon bae metikan jeung ngadaharan, kalahkah maledogan ku cangkangna. Sakadang
Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males. 

Dina hiji poe isukana, Sakadang Kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak, warnana bareureum. Ngala
genep nu galede, ketembongna bangun aramis pisan. Manehna indit nepungan Sakadang Monyet. 

Biwir sakadang kuya dipulas ku pucuk daun jati supaya beureum, tuluy cupak capek, cuplak ceplak, cara nu geus barang dahar geunah. 

Ditanya ku Sakadang Monyet, “Sakadang Kuya, maneh teh keur ngahadar naon? Cik uing menta!” Tembal Sakadang Kuya,
“ah, ulah ngaganggu, uing teh keur ngeunah ngadahar buah loa paparin ti Dewata. Kakarka uing mah barang dahar ni’mat
kieu.” 

“Cing ngasaan saeutik, uing lapar pisan.“ Ceuk Sakadang Monyet bari lumah lameh menta ngarah dipikarunyaan. “Keur
naon make mere ka maneh, kapan bareto ge maneh teu mere cau ka uing, padahal eta teh uing anu manggihana?” 

“Hampura bae atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan buah loa paparin Dewata!”
omongna deui lengas lengis. 

“Nya ari maksa-maksa teuing mah kop bae, tuh cokot deukeut tangkal caringin itu!” tapi ulah dibeakeun kabeh, sesakeun
keur uing saparona.” 

Sakadang Monyet pihara atoheunna, gancang lumpat rek nyokot buah loa paparin Dewata tea. Lantaran tabeatna hawek
jeung sarakah manehna embung nyesakeun. 

Kabeh dibawa lumpat, di tengah jalan raus raus bae didahar, nepi ka beak. Ari beak…. Adug lajer, jejeritan awahing ku lada
jeung panas. 

Sakadang Kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatena keur bareto.

Anda mungkin juga menyukai