Anda di halaman 1dari 3

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI

DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN


KELOMPOK KERJA GURU (KKG)
KECAMATAN CIBEUREUM
Alamat KKG Gugus 1 : Jl. Limusnunggal No. 160 Telp. (0266) 233617 Kota Sukabumi 43165
Alamat KKG Gugus 2 : Jl. Pembangunan No. 01 Telp. (0266) 234867 Kota Sukabumi 43163

PENILAIAN AKHIR TAHUN (PAT)


SEMESTER 2 (DUA)
TAHUN PELAJARAN 2021/2022

Tema/Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Waktu : 120 Menit


Kelas : 4 (Empat) Hari/Tgl : ...............................
Nama : …………………………. Sekolah : ...............................

Muatan KD Nomor Soal dan bentuk soal


Pembelajaan Essay Jml
No. Nilai
PG Isian Non Benar
Objektif
1 Bahasa Sunda 3.5 1,2,3,4,5,6,7 26,27,28 36
3.6 8,9,10,11,12,13,14 29,30 37
3.7 15,16,17,18,19,20 31,32,33 38,39
3.8 21,22,23,24,25 34,35 40
Jumlah 25 10 5

Pedoman Penskoran :
Bobot
No. Bentuk Soal Jml Jml PER ITEM SOAL
Soal
I. PG 25 1 25 B = …. X BOBOT SOAL = ……(A)
II. Isian 10 4 40
III. Essay 5 7 35 NA = JML (A) X 100
Jumlah 40 100 JML BOBOT SOAL

Pek baca carita di handap !

OTO ISKANDAR DINATA

Oto Iskandar Dinata téh pituin urang sunda. Dibabarkeun kaping 31 Maret 1897 di Bojong
Soang, Kabupaten Bandung. Rama na Nata Atmaja Ibu na Siti Hadijah. Mimiti sakola SD di HIS
Bandung, diteruskeun ka Kweekschool Onderbouw (Sakola Guru Bagian Kahiji) terus sakola deui di
Hogere Kweekschool (Sakola Guru Luhur) di Purworejo, Jawa Tengah. Bérés sakola Oto jadi guru HIS
di Banjarnegara, Jawa Tengah. Bulan Juli 1920 pindah ka Bandung ngajar HIS jeung Perkumpulan
Perguruan Rakyat.
Dina kagiatan saacan kamerdékaan pernah jadi wakil ketua Budi Utomo cabang Bandung
periode 1921-1924 sarta jadi wakil ketua Budi Utomo cabang Pekalongan taun 1924. Oto jadi anggota
Gemeenteraad (Dewan Kota) Pekalongan ngawakilan Budi Utomo. Kacatet dina sajarah perjuangana
hiji peristiwa anu katelah Peristiwa Bendungan Kemuning.
Oto jadi anggota Volksraad (Dewan Rakyat saperti DPR) nu dibentuk di masa Hindia Belanda
periode 1930-1941. Di dinya sora Oto ngabongkar sagala kateureugeujeugan pamarentah kolonial
Walanda. Reaksi umum kana pidatona téh luar biasa. Umumna bangsa Indonesia asa dipangedalkeun
kereteg angenna anu salila-lila dikemu. Nya ti harita mimiti nyebarna jujuluk “Si Jalak Harupat”
pikeun Oto Iskandar Dinata téh.
Sanggeus proklamasi kamerdekaan Oto jadi Menteri Negara dina kabinet bagian nu kahiji
Republik Indonesia taun 1945. Tugasna nyiapkeun dijieuna BKR ti bagian-bagian rakyat nu aya di
Indonesia. Dina ngajalankeun tugasna Oto ngecewakeun salah sahiji bagian. Oto diculik ku kelompok
anu ngarana “Laskar Hitam” nepi ka leungit jeung kabunuh di daerah Banten. Tepatna Oto pupus di
daerah Mauk, Tangerang Banten kaping 20 Desember 1945 dina usia 48 taun. Salah sahiji monumen
perjuangana aya di Bandung Utara, Lembang anu ngarana “Monumen Pasir Pahlawan” diwangun
pikeun ngabadikeun perjuanganana.
PiIih jawaban anu saluyu jeung pananya, cakra (x) aksara hurup A, B, C, atawa D dina jawaban
anu bener!

(Pilih jawaban no 1-7 anu saluyu jeung bacaan)

1. Jujuluk pikeun Oto Iskandar Dinata téh, nyaéta ….


A. Si Bungsu Bandung C. Si Hayam Jago
B. Si Jalak Harupat D. Si Cikal Harupat
2. Oto dibabarkeun di kabupaten Bandung kaping ….
A. 1 Maret 1897 C. 31 Maret 1897
B. 31 Maret 1987 D. 1 Maret 1987
3. Bérés sakola Oto jadi guru HIS di ….
A. Purworejo, Jawa Tengah C. Bojong Soang, Kabupaten Bandung
B. Banjarnegara, Jawa Tengah D. Tangerang, Banten
4. Kacatet dina sajarah perjuangana hiji peristiwa anu katelah ….
A. Perkumpulan Perguruan Rakyat C. Laskar Hitam
B. Monumen Pasir Pahlawan D. Peristiwa Bendungan Kemuning
5. Salah sahiji perjuangana aya di Bandung Utara, Lembang anu ngarana ….
A. Perkumpulan Perguruan Rakyat C. Laskar Hitam
B. Monumen Pasir Pahlawan D. Peristiwa Bendungan Kemuning
6. Oto ngagaduhan ibu rama anu namina ….
A. Siti Hadijah sareng Nata Atmaja C. Siti Hadijah sareng Nana Atmaja
B. Siti Aminah sareng Nana Atmaja D. Siti Aminah sareng Nata Atmaja
7. Oto pupus di daerah Mauk, Tangerang Banten kaping 20 Desember 1945 dina usia ….
A. 48 taun C. 44 taun
B. 84 taun D. 38 taun
Perhatikeun sajak! Tuluy pilih jawaban anu saluyu no (8-14)

Kaduhung
Ti beurang panas mentrang
Ti peuting sepi jempling
Ti beurang suka bungah ngahaleuang
Ti peuting sedih kingkin ngahariring
Da bongan tibeurang poho di waktu
Poho kana cai wudu
Kaduhung teu manggih tungtung

8. Kaduhung miboga harti ….


A. Hanjakal B. dibarengan C. Panyarék D. nasehat
9. Sajak kaasup salah sahiji karya ….
A. Dua dimensi B. tilu dimensi C. Sastra D. bahasa
10.Tema sajak diluhur nyaéta ngenaan ….
A. Pemandangan B. Peristiwa alam C. Kaagamaan D. Lingkungan
11.Ti beurang suka … ngahaleuang.
A. Panas B. sedih C. sepi D. bungah
12.Da bongan tibeurang poho di waktu. kalimah anu dimaksud aya dina baris sajak ka ….
A. opat B. lima C. dua D.tujuh
13.Maksud anu rék ditepikeun ku pangarang dina éta sajak, nyaéta ….
A. Pohokeun ibadah C. Ngahariring
B. Poya-poya D. Gunakeun waktu keur ibadah
14. Anu henteu kaasup bagian tina sajak, nyaéta ….
A. Téma B.nada C. Vokal D. Amanat
15. Ngagalindangkeun kawih hartina sarua jeung ....
A. nyawér B. ngamen C. nganyam D. ngawih
16. Nu ngumbara suka ….
A. Betah B. perceka C. rumaksa D. kasmaran
17. Kumaha kaayaan tanah sunda téh …
A. Suka betah C. Sauyunan
B. Gemah ripah D. Ngolah jeung ngariksa
18. Kawih Tanah Sunda ciptaan ….
A. Mang Kiki B. mang Udin C. Mang Koko D. Mang Arya
19. Pagawéanna anu ngapungkeun kapal udara, nyaéta ….
A. Dokter B. guru C. Pulisi D. Pilot
20. Kipér téh nyaéta ….
A. Nu ngajaga gawang C. Nu markiran
B. Nu dagang di jalan D. Nu ngangon meri
21. Bapa … ti kantor pasosonten.
A. Wangsul B.uih C. angkat D. mulih
22. Buku basa sunda kagungan Andi tadi … di rorompok
A. Ngantun B. kantun C. kakantun D. dikantunkeun
23. Dian : “……………….”
Agus : “di kidul caket sakola.”
Kalimah nu cocog pikeun ngeusian titik-titik nyaéta...
a. Badé moal?
b. Iraha angkatna ?
c. Urang ameng ka bumi Déni!
d. Dimana bumina, Gus?
24. Cai léb-léban sok nepi ka … imah.
A. buruan B. datang C. caah D. walungan
25. Kadaharan kas Sukabumi, nyaéta ….
A. Tauco B. Moci C. Peuyeum D. Dodol

Eusian titik-titik ku jawaban anu bener!

26. Oto Iskandar Dinata diculik ku kelompok anu ngarana ….

27. Saacan kamerdékaan Oto pernah jadi wakil ketua Budi Utomo cabang Bandung periode ….

28. Bulan … taun 1920 Oto pindah ka Bandung ngajar HIS jeung Perkumpulan Perguruan Rakyat.

29. Pikiran poko pangarang dina éta sajak disebut ….

30. Lamun maca sajak sora urang kudu ….

31. Kudu … atuh ari miara tanah pusaka mah.

32. Urang boga tanah sunda jadi kudu muji sukur ka ….

33. Ku sabab geus 45 menit … niup piriwitna.

34. Dodol kawéntar ti daérah ….

35. Bu Susi ngahurungkeun hawu di ….

Pigawé pananya- pananya sing bener!

36. Naon conto urang ngahormat kana jasa pahlawan?

37. Tuliskeun hal anu kudu diperhatikeun dina maca sajak!

38. Tuliskeun hiji kawih sunda anu hidep apal!

39. Kumaha carana sangkan cita-cita urang kahontal?

40. Tuliskeun 5 (lima) parabot nu biasa aya di pawon!

Anda mungkin juga menyukai