Anda di halaman 1dari 4

Aya ulama ahli sejarah namina Muhammad huusyain salah sawios kitab karagan anjena judulna

hyatu Muhammad upami ku pemudamah disebut biogerafi of Muhammad nijem

Dina eta kitab nalika ngabahas ngenaan isro sareng miroj kangjengnabi aya 3 pendapat dijerona
1 saur sapendapat isro miroj kangjengnabi terjadi dina impenan
2 cek sapendapat dei isro miroj kangjengnabi lain impenan terjadi ngan padah ruhna wunggkul
3 cek sapendapat dei isro miroj kangjeng nabi lain impenan lain ruhna wungkul, tetapi terjadi
jasad sareng ruhna sekaligus.
Punten da ari abdimah mubaligh ,ari mubalighmah jalmi anu ngadugiken janten kumaha saur
dina kitabna. Kitab di aos didugiken mubaligh namina, jadi jurus mubaligh mah min kitabin ila
lisanin min lisanin illa cepilin.
3 pendapat ngenaan isro miroj kangjengnabi anu neme, saleresna mah ibu/ bapak mayunan
perbedaan teh, kedah dewasa.
Urangmah teu acan tiasa mayunan perbedaan teh. Seserna perbedaan teh mendorong kana teu
akur, padahal benderanamah tos aya, ihtilapul ulamma rohmatun, perbedaan pendapat teh
kedahna janten rohmat,
Contona aya nu solat nu hiji jeceng curukna, nuhuji utek-utekan
3 poe mah moal pataros teteh,
ASsalamu’alaikum warohmatullah, nu jeceng biasa ngusap pamenteu, nu utek2kan tara cek nu
utek2kan teh, solat ngusap pamenteu teu aya tidituna, nu ngusap pamenteu malik manak
ngusap pamenteu oge lier ningali curuk maneh utek2kan,
-Ari 3 pendapat anu tadi teh, masing2 ngagaduhan alesan? Kantenan, teu mungkin beda lamun
teu aya alesan,
Naon alesanna nu nyebatken isro miroj kangjengnabi teh, impenan
-Inna muawiyatabni abi supyan ida suilla anmasriyi rosulillah sollohualaihi wasalama kola kanac
ruyam minnallohi soodikoh,
-sayaktosna muawiyah bin abi supyan, lamun ditaros ngenaan isro miroj kangjengnabi,
muawiyah ngawaler , kanac ruyam mminallohi soodikoh, kabukosan isro miroj kang jengnabi
Ruyan ngimpen, miinallohi Ti allah, Sodikkoh anu leres/anu bener.
Manak entong heran aya pendapat isro miroj kangjengnabi impenan, iyeu dalil anu sok
dianggona,
Ke bade naros ibu osok ngimpi tara, akur sareng simkuring,
Sasur para ulama ngimpen dibagi 2
1. Ruyan
2. Adgoslul ahlam
Naon bedana, adgoslul ahlam mah, mimpi yang merupakan epek emosi, aya nudipikahayang,
aya nudipika embung, dipikasien, dipikarepan dipeleng dididam- idam dicita-cita
Muncul dina ngimpi, ngimpi anu kiyeu ngaranna adgoslul ahlam,
Model simkuring resep ka artis pek we ka impi-impi nu kiyeu ngarana adgoslulahlam, nu kiyeu
namina adgoslul ahlam, epek emosi.
-ari isro miroj ngimpi anu amana Ruyan minnallahi soodiikooh, ngimpen ti allah anu leres, tah
iyeu mah Ruyan, lain epek emosi, Teudipikahayang, teudipika embung,teudipikasien, teudipika
rempan, teudipeleng teudi idam2 teudi cita2,
Muncul jadi ngimpen, ngimpenna jadi kanyataan, kanyataan eta ngimpen bisa bahela, bissa
ayena bissa jaga, tah nukiyeu Ruyan ngaranna, jadi ruyanmah, cirinateh ngimpen jadi
kanyataan, eta Ruyan,
Osok ibu ngimpen kanyataan mun abdimah osok lamun ngimpen ngompol, pan ari
ngompolmah dicabak teh baseh, lamun ngimpi boga duit dicabakteh teh eweuh,
Etamah lain Ruyan, teukatahan.
-Ari anu nyebatken isro miroj kangjengnabi Ruhna hungkul naon dalillna, kola aisatu rodiallohu
annha,
Aisah nyarios ,Aisah isteri Nabi lain aisah urang maduhur…..

Teu ngarasa kalengitan ku jasad Rosul baliktapina di isro mirojken kangjengnabi Ruhna wungkul
Mantak tong heran lamun aya anu ngagaduhan pendapat isro miroj kangjengnabi ruhna
wungkul iyeu dasarna,
-naon dalilna anu nyebatken isro miroj kangjengnabi jasad jeng ruhna surat bani isroil ayat 1
anu tadi parantos di aos,
SUBHANNALLADI ASRO BIABDIHI
SUBHANA ,Sigoh mubalagoh teteh cek santerinamah
Manana litajib / tajub/hemeng.
SUBHANA ; mahasuci ALLADI Anu ASSRROO Awass ASSROO Asalna Tina sarro, SARROO
LAJIM, MU’TAADINA ASSROO
SARROO Hartosna lempang peting, mantak di urang aya sato nulempang peting ngaranna serro
jigana tidie….
SAROO lempang LAJIM Ari ASROO Naon Lebet kana wajan apalla ASSRO, YUSRI , ISRO’AN,
ASSROO Mutaadi hartina ngalempangken, beda antara LAJIM Jeng MU’TAADI , Beda antara
SARRO jeng ASSROO Beda antara lempang jeng ngalempangken ,
SUBHANNA Maha suci ALADZI Anu ASSRO Parantos ngalempangken saha annu / Tegesna
ALLAH , Kasaha Biabdihi kaabdina Alloh, Perhtosken dina iyeu ayat ngagunaken kecap ABDUN
BI’ABDIHI, ABDUN adalah ijtima minal jasadi waruh, ABDUN itu Perpaduan jasad jeng Ruh,
Moal disebut ABBDUN lamun Jasadna wungkul, Moal disebut ABBDUN Lamun Ruhna Wungkul
numawi iyeu iyeu ayat ngagunaken kecap abdun, Berarti pemahamannya pengertiannya adalah
isro miroj kangjeng nabi jasad jeng ruhna sekaligus, da lamun Ruhna wungkul ayatna bakal
kiyeu SUBHANA LADZI ASSRO BIRUHIHI Bakal kitu.
Alhamdulillah urang sadayanna aya dina acara pangaosan sedengken lamun aya jalma ngariung
dihiji tempat, saur Rasullulah SAW`
Ketika ada sebuah perkumpulan yang mana dalam perkumpulan tersebut, terdengar
kumandang Alqur’an
Dari kumpulan tersebut terdengar alunan solawat, bahkan dari perkumpulan tersebut
terdengar satu tausiah, YAA MURUNA BILL MARUF WAYANHAOUNA ANIL MUNGKAR, Maka
Per Kumpulan tersebut sudah tidak diragukan lagi, yakni akan dikepung oleh malaikat yang
sudah siap meminta ampunan kepada allah buat siapa ? buat orang yang ada dalam
perkumulan ersebut. Aminn YRA
Timana malaikat nyabutna dosa jalma anu hadir dina eta pangaosan YUNZANU MIN
UNUKIHIM,
Malaikat nyabutan dosa jalma anu hadir dina eta pagaosanteh eceu, Tina punukna jetot-jetot 2
Mantak tong aneh lamun dipangaosan sok loba nu ngareluk eta teh kerdi dudutan dosa, ngan
anu ngelukna lila mah gede dosana, Tingali awass lamun aya nu ngeluk ber arti eta ….TUNUH
eceu…..
Mantak urang doaken mudah2han jamaah anu hadir dina iyeu pangaosan uih tina pangaosan
anu ker kabingungan , singgera di angkat tina kabingungna ku allah SWT, anu ker kasusahan
oge sami sing gera di angkat tina kasusahannana, amin YRA
Alham dulillah dina dinten iyeu urang aya dina acara pangaosan, ari pangaos teh Harga Ciri
jalma anu hadir dina pangaosan adalah manusia –manusia anu berharga di hadapan allah SWT,
Amin Yra…..
Bahkan aya keterangan anu nyebatken MAN HOROJJA PITOLABIL ILMI PAHUA PISABILILAH,
Saha jalma anu kaluar ti imahna ngalengkahken dua dampal sampeanna indit ka tempat
pengajian,sarua jeng jalma anu jihad di jalan allah, SWT.
Sedengken hayang bisa ganjaran jihad the cape, baturmah kudu indit ka meedan perang kudu
nyoren senjata mawa pedang, naruken nyaewa naruhken tenaga, Tapi urang mah ceu…. Indit,
ka pangaosan teukudu naruhken nyawa teu kudu mawa senjata tinggal calik tos kengeng
ganjaranna, Amin YRA………….

Anda mungkin juga menyukai