Anda di halaman 1dari 10

UJIAN PRA SEKOLAH

SD NEGERI PASIRGUNUNG SELATAN 1


KECAMATAN CIMANGGIS DOKUMEN
RAHASIA
TAHUN PELAJARAN 2021/2022

Mata Pelajaran : Matematika


Kelas : VI (ENAM)
Hari, Tanggal : Kamis, 14 April 2022
Waktu : 90 menit

PARAF
NOMOR PARAF
NAMA SISWA NILAI ORANG
PESERTA GURU
TUA

Petunjuk Umum :
1. Bacalah do’a sebelum dan sesudah mengerjakan soal.
2. Kerjakan setiap soal dengan teliti dan benar.
3. Dahulukan menjawab soal yang lebih mudah.
4. Laporkan kepada pengawas jika terdapat kekeliruan dalam cetakan soal dengan cara
mengacungkan tangan.
5. Pilihan ganda, apabila terdapat jawaban yang di anggap salah, dan ingin memperbaiki berilah
tanda (=).
Contoh jawaban salah : A, B, C, D
Diperbaiki menjadi : A, B, C, D

A. Berilah tanda silang (X) pada huruf A, B ,C atau D di depan jawaban yang benar !
Baca paguneman ieu!
Mang Adé : “Bapa, ibu kampung Cidora hayu urang babarengan gotong royong
meresihan kompléks.”
Mang Agus : “Nya sok urang bagi-bagi tugas atuh.”
Bi Yoyoh : “Ibu-ibu masak keur nyiapkeun kadaharan bapa-bapa.”
Mang Adé : “Bapa-bapa meresihan jalan jeung solokan, masjid jeung pos ronda.
Mang Agus : “Hayu atuh urang mulai ngarah kampung Cidora resik tur éndah.”

1. Eusi paguneman nu sesuai nyaéta ….


A. Meresihan masjid jeung pos kamling
B. Gotong royong warga Cidora
C. Kampung Cidora resik tur éndah
D. Masak kadaharan keur warga Cidora
2. Rangga lamun lalajo tipi di kamar remen nepi ka kasaréan. Tipi téh sok terus hurung nepi ka
subuh.
Sikap hemat energi anu saluyu jeung teks nyaéta …
A. Tipi kudu dipareuman lamun teu dilalajoan
B. Lamun saré tipi kudu dihurungkeun
C. unggal rék saré kudu ngahurungkeun tipi
D. Tipi kudu dipareuman pas waktu subuh

Baca paguneman ieu!


Mida : “Aki,Nini,tingal aya ucing ngagolér!”
Aki : “Euleuh enya wé.”
Nini : “Karunya teuing, kalaparan éta ucing téh Mida.”
Aki : “Enya,langlayeuseun kitu,kawas rék paéh.”
Mida : “Aki,Nini,candak nya,urang urus. Karunya.”
Aki : “Ké urang nitah Mang Minta pangmawakeun.”
Nini : “Dami bungaheun geura.”
Mida : “Muhun,Mida ogé bungah,Ni.”
Nini : “Tangtu baé,upama urang migawé kahadéan,haté téh pasti senang.”

3. Sikap peduli anu saluyu jeung eusi paguneman nyaéta ….


A. Mida ningal ucing ngagoler
B. Mida hayang ngurus ucing nu kalaparan
C. Mida bungaheun ningali ucing
D. Mida ningali ucing langlayeuseun
4. Dokter, guru, pilot, jeung masinis kaasup kelompok pagawѐan dina bidang ….
A. Jasa
B. Transportasi
C. Produksi barang
D. Kasehatan

Baca potongan teks sajak ieu!


Hanjakal kiwari ruksak
………………………..
Leuweung diranjah
Jalma sarakah
5. Kalimah anu merenah pikeun ngeusian sajak nyaéta…
A. gemah tuh ripah
B. laut lega, beunghar pisan
C. sabab loba anu ngagalaksak
D. hayu urang miara sarakan

Baca teks kawih ieu!


Abdi tiasa maca
Jasana bapa ibu guru
Abdi tiasa nulis
Jasana bapa ibu guru

Abdi tiasa ngetang


Jasana bapa ibu guru
Abdi tiasa nembang
Jasana bapa ibu guru

Ibu guru bu Bapak guru pak


Nu teu weleh ngaping ngajaring
Ibu guru bu Bapak guru pak
Ageung jasa pahlawan abdi sadaya

6. Amanat anu sesuai jeung teks kawih nyaéta….


A. Urang kudu ngahargaan jasa bapa jeung ibu guru
B. Urang kudu tiasa maca jeung nulis di sakola
C. Urang kudu tiasa ngetang jeung nembang
D. Urang kudu jadi guru ngarah bisa ngaping ngageuing

Baca paguneman ieu!


Rahma : “Ari Gilang téh urang mana?”
Gilang : “Abdi mah urang Dépok, apan dilahirkeunana gé di dieu. Ari ema jeung bapa
Aslina ti Bogor.”
Rahma : “Paingan nyaritana sok ku basa Sunda waé, ari aya turunan Bogor mah.”
Gilang : “Apan di imah gé nyaritana so ku basa Sunda. Ari Rahma urang mana?”
Rahma : “Abdi mah urang Sukabumi. Ema asli ti Sukabumi, ari bapa asalna ti
Tasikmalaya.”
Gilang : “Ari pindah ka Dépok iraha?”
Rahma : “Basa abdi naék ka kelas tilu. Gilang sok remen ka Bogor?”
Gilang : “Nya osok atuh, utamana ari lebaran. Rahma sok mudik kamana ari lebaran?”
Rahma : “Abdi mah ka Sukabumi heula terus lebaran kadua ka Tasikmalaya.”
Gilang : “Lamun usum mudik lebaran penduduk Dépok sok ngurangan, lantaran loba nu
ngumbara di Dépok, saperti keluarga Rahma”.

7. Eusi paguneman nyaéta ….


A. Mudik lebaran
B. Rahma asal ti Dépok
C. Warga Dépok loba nu ngumbara
D. Gilang urang Sukabumi

Baca teks bacaan ieu!


Pasosoré, Mida kaluar ti Imahna, leumpang gagancangan muru ka lapang. Manéhna nyampeur
babaturanana. Aya tujuhan kabehana téh. Fahmi, Karsim, Hendra, Saéful, Ilham, Iwan jeung
Nanang. Maranéhna téh geus janjian rék ulin Boy-boyan. Kaulinan ieu téh dipaénkeu ku dua
kelompok, kelompok anu bisa mencarkeun talawéngkar nu geus di éntép kudu lumpat sabab bisi di
balédog ku kelompok nu éléh. Kelompok anu diudag – udag tadi kudu bisa nyusun deui
talawéngkarna mih meunang.
Pas mida jeung Fahmi nyusun talawéngkar, tonggong Mida diténggor ku Héndra, atuh Mida
téh ambek - ambekan sabab kudu kaluar. Teu lila bal nu keur dialungkeun asup ka balong, Atuh
sarurak barudak téh, “Horséééh! Sakalian ngojay jug!” cék Karsim. Sanggeus ngéntép deui nu tiluan
geuwat ngagorowok.”Boy!”.

8. Kaulinan barudak anu ulinkeun dina bacaan nyaѐta ….


A. Maѐn bal
B. Oray-orayan
C. Boy-boyan
D. Ucing sumput

Baca teks narasi ieu!


Basa poѐ Minggu keluarga Mida ulin ka Taman Safari, Bogor. Salila diperjalanan Mida kacida
bungahna sabab geus teu sabar hayang ninggali sasatoan secara langsung. Keur persiapan Mida
meuli wortel keur parab keur sasatoan. Sanepina di Taman Safari Mida sapanjang mobil jalan kabѐh
sato dibѐrѐ parab iwalti pas ngalewatan maung kusabab bahaya.
9. Dumasar kana carita peristiwa anu dialami Mida kaasup pangalaman ….
A. Sedih
B. Gumbira
C. Duka
D. Sieun

Baca teks carpon ieu keur no 10 jeung 11!


Harita téh kira-kira tabuh lima sore di basisir Pangandaran, polah ombak tinggurulung ti tengah
ka sisi. Nepi ka sisi balik deui ka tengah. Kitu jeung kitu baé matak pikaresepeun. Fajar keur ngangon
sapi dititah ku bapana. Teu pati lila nempo aya ombak gedé, Fajar lumpat sataker kebek bari
ngagorowok “Tsunami! Tsunami! Tsunami!” ceunah.
Fajar lumpat ngajauhan basisir, nempo cai sakitu tarikna manéhna buru-buru ninggalkeun sapi
ku keur diangon. Fajar salamet kusabab lumpat ka tempat nu luhur. Fajar ngarasa cape jeung reuwas
ninggali imah, sato, jeung tatangkalan kabawa palid. Sanajan lemburna ancur jeung loba korban anu
maot, Fajar jeung kulawargana salamet dina kajadian tsunami.

10. Eusi anu sesuai jeung teks carpon nyaéta ….


A. Kajadian tsunami jam lima subuh di Pangandaran
B. Fajar lumpat jeung sapi anu keur diangon
C. Fajar salamet dina kajadian Tsunami di Pangandaran
D. Keluarga fajar kabawa palid ku cai tsunami
11. Kalimah tanya anu saluyu jeung paragrap kahiji nyaéta ….
A. Naon waѐ nu kabawa palid ku cai tsunami?
B. Saha anu salamet tina musibah tsunami?
C. Kumaha carana Fajar bisa salamet?
D. Di mana kajadian bencana tsunami tѐh?

Baca teks guguritan keur no 12 jeung 13!


Urang kudu hirup rukun
akur bari répéh-rapih
jeung sakabéh babaturan
sing bisa nitipkeun diri
waktu aya di sakola
atawa di tempat ulin

Jalma nu hirupna akur


matak senang kana diri
loba sobat kawawuhan
teu kawas jalma nu dengki
ku batur gé dijauhan
geus tangtu manehna rugi
(Sumber: Mida Dami Dwibahasa Kelas 5)

12. Makna kecap répéh-rapih dina teks guguritan nyaéta ….


A. Rukun, aman jeung damai
B. Sepi, sedih, jeung ramѐ
C. Gumbira tur bagja
D. Bungah jeung sangsara
13. Eusi guguritan anu sesuai jeung teks nyaéta ….
A. Loba jalma nu dengki dijauhan ku batur
B. Urang kudu bisa nitipkeun diri di sakola
C. Kurang kudu hirup akur jeung rukun
D. Urang kudu pipilih néangan kawawuhan

Baca paguneman ieu!


Ardi : “Wilujeng siang, Bu Dokter!”
Dokter : “Wilujeng siang”
Ardi : “Nepangkeun Bu, wasta abdi Ardi. Abdi sareng rerencangan kenging pancen ti
Sakola kedah ngawawancara ibu, ahli kasehatan.”
Dokter : “Muhun mangga. Nepangkeun ibu téh Dokter Kusmayanti.”
Ardi : “Abdi gaduh pancén kanggo ngawawancara Ibu perkawis demam berdarah.”
Dokter : “Mangga atuh urang kawitan. Kieu barudak demam berdarah téh hiji panyawat
endemik nu gampil narekabna. Diakibatkeun ku reungit aedes aegypti. Rupina
belang coreleng, biasana nyocona téh beurang, ieu reugit téh bahaya kacida.
Margi lian ti hirup di tempat kotor, tiasa ogé hirup di tempat nu beresih
Ardi : “………………….”
Dokter : “Ciri-cirina demam, salesma, batuk, rieut, nyeri otot, utah-utahan. Upami tos
parah sok disarengan ku keluaran getih, tina sabulu-bulu atawa mimisan.”

14. Eusi paguneman nyaritakeun ….


A. Panyakit demam berdarah
B. Panyakit demam
C. Hirup beresih
D. Gejala mimisan
15. Kalimah anu merenah keur ngeusian paguneman anu rumpang nyaѐta ….
A. Kumaha ciri-cirina jalmi nu katerap demam berdarah téh?
B. Saha ciri-cirina jalmi nu katerap demam berdarah téh?
C. Naon ciri-cirina jalmi nu katerap demam berdarah téh?
D. Di mana ciri-cirina jalmi nu katerap demam berdarah téh?

Baca potongan teks sajak ieu!


Baheula mah leuweung teh geueuman
Rea pantangan bisi kumaonam
Rea nu dipegung bisi kasarung
Rea jeung rea deui nu matak inggis ku bisi
16. Parafrase anu saluyu jeung teks sajak nyaéta ….
A. Jaman baheula leuweung tѐh pikabetaheun, teu aya pantangan bebas teu hariwang
B. Jaman baheula leuweung tѐh pikasieuneun lantaran loba pantangan jadi teu
sagawayah
C. Jaman baheula leweung tѐh kudu dipegung lantaran pikasieunenun
D. Jaman baheula mah leuweung tѐh pikamelangeun lantaran kudu dipegung
Baca teks eksposisi ieu!
Kadaharan anu séhat téh nyaéta kadaharan anu beresih sarta ngandung karbohidrat, protein
jeung vitamin. Beresih tina kotoran atawa kuman jeung bibit panyakit. Kadaharan anu ngandung
karbohidrat contona sangu, hui, jeung roti. Lamun lauk, daging, jeung tempe ngandung protein.
Vitamin biasana lobana dina bungbuahan saperti jeruk, cau, jeung apel. Alusna mah kadaharan
diasakan heula saméméh didahar. Lamun atahan saperti lalab jeung bungbuahan, …. Kadaharan anu
sehat bisa ngajadikeun awak jagjag jeung jauh tina sagala panyakit.
17. Kadaharan séhat téh nyaéta ….
A. Kadaharan anu diasakan saméméh didahar jeung ngandung vitamin
B. Kadaharan anu dikumbah ku cai beresih jeung ngandung protein
C. Kadaharan anu bebas tina kuman jeung ngandung karbohidrat
D. Kadaharan anu beresih sarta ngandung karbohidrat, protein jeung vitamin
18. Kalimah nu merenah keur ngakengkepan paragrap nu rumpang nyaѐta ….
A. kudu dikumbah heula ku cai kotor
B. kudu dikumbah heula ku cai beresih
C. kudu dielap heula ngarah beresih
D. kudu dikeueuman hula dina baskom
Baca teks biografi ieu keur ngajawab no 19, 20, 21 jeung 22

Ranca Upas téh ngaran salah sahiji wewengkon anu aya di pakiduan Bandung. Perenahna si
lamping Gunung Patuha, Kacamatan Ciwidéy Kabupatén Bandung. Ranca Upas kaasup “hutan
lindung”, wewengkon anu teu meunang diganggu.
Pangeusina anu mangrupa sato jarah ogé loba. Sarua deuih, loba anu bisa disebut langka.
Upamana baé surili, lutung, jalarang, mencek, uncal, méong congkok, ajag, bagong, macan tutul,
jeung macan kumbang. Ranca Upas ogé jadi panonobahan puluhan manuk.
Di Ranca Upas ogé aya panangkaran uncal. Anu katelah uncal jawa téa, uncal anu hirup di
Pulo Jawa. Kaasup di wewengkon Ranca Upas. Dikumpulkeun, tuluy diingu jeung dipiara sangkan
baranahan. Ayeuna baé, uncalna téh geus nambahan ti barang mimiti éta panangkaran diadegkeun.
Kabeungharan alam “hutan lindung” katut pangeusina mémang bisa baé dimangpaatkeun
pikeun kapentingan pariwisata. Anu penting mah heunteu ngaganggu jeung ngarobah fungsina
salaku daérah konservasi.
19. Uncal tѐh salah sahiji sato langka, conto nyalametkeun uncal ngarah teu punah nyaѐta ….
A. Dipiara bebas ku saha waѐ
B. Diingu jeung dipiara sangkan baranahan
C. Dijadikeun sato peliharaan
D. Diasupkeun ka kebun binatang
20. Dumasar kana teks bacaan sato langka anu kudu dilindungi nyaѐta ….
A. Uncal jeung lutung
B. Lutung jeung hayam
C. Mencek jeung oray
D. Nagong jeung buaya
21. Cara nyalametkeun sato anu langka nu sesuai teks bacaan nyaѐta ….
A. Diingu jeung dipiara di imah
B. Ngadirikeun tempat wisata
C. Ngarubah hutan lindung jadi tempat wisata
D. Ngadirikeun htan lindung
22. Judul nu tepat keur teks bacaan nyaѐta ….
A. Hutan Lindung
B. Uncal
C. Kabengharan Alam
D. Ranca Upas
23. Taliti gambar ieu!

Dumasar kana gambar, Indonesia tetep kudu bersatu meskipun aya pebedaan ….
A. Suku
B. Bahasa
C. Budaya
D. Agama

Baca teks biografi ieu keur ngajawab no 24, 25 jeung 26


Di wewengkon Kota Depok, ayeuna mah beuki loba waѐ kompleks perumahan tѐh. Lahan
anu tadina sawah atawa kebon, ayeuna salin jinis jadi pamukiman. Sakapeung mah pangeusi
kompleks tara jol-jol rame, da imah anu aya di dinya teh diwangunna nungtut.
Kumaha ilaharna di kompleks perumahan, pangeusina teh pacampur, rupa-rupa seler bangsa.
Najan kitu, sarerea guyub jeung alakur, sarta hirup sauyunan. Garapan pagawean sarana jeung
fasilitas pikeun kapentingan umum sok dipigawѐ babarengan ku cara gotong royong, umpamana
wae miara jalan jeung lingkungan, meresihan saluran cai, atawa nyieun pos kamling.
Anu anyar rengse dipigawe teh ngawangun madrosah. Sarerea udunan samampuna, warga
kompleks teh tara pelit lamun dipentaan udunan. Madrosah teh dibagi jadi dua lokal. Barudak
diajarna ngampar dina karpet. Kahareupna mah bakal dibangkuan cenah. Malah taun nu bakal dating
mah rek dipake PAUD, da ari guruna mah geus aya. Jadwalna teh lamun isuk-isuk dipake PAUD,
pasosore jeung bada magrib dipake diajar ngaji.
24. Conto persatuan dalam perbedaan anu sesuai jeung teks bacaan nyaѐta ….
A. Di wewengkon Kota Depok loba kompleks perumahan
B. Kebon jeung sawah salin jinis jadi parumahan
C. Pangeusi kompleks pacampur rupa-rupa seler bangsa
D. Warga kompleks ngagarap fasilitas umum
25. Di wewengkon Kota Depok, ayeuna mah beuki loba waѐ kompleks perumahan tѐh.
Kalimah efektif nu merenah nyaѐta ….
A. Di wewengkon Kota Depok mah beuki loba waѐ kompleks perumahan tѐh.
B. Di wewengkon Kota Depok, ayeuna beuki loba waѐ kompleks perumahan tѐh.
C. Di wewengkon Kota Depok beuki loba kompleks perumahan.
D. Di wewengkon Kota Depok beuki loba waѐ kompleks perumahan tѐh.
26. Nu kaasup perilaku ngajaga persatuan nyaѐta ….
A. Gotong royong ngagarap fasilitas umum
B. Pelit lamun dipentaan udunan
C. Ngabeda-bedakeun seler bangsa
D. Teu akur jeung warga kompleks
Baca teks biografi ieu keur ngajawab no 27, 28 jeung 29
Ti Leuleutik Boga Cita-cita jadi Juara Dunya
Taufik Hidayat pituin urang Pangalengan, Kabupaten Bandung. Dilahirkeun tangga 10
Agustus 1981. Anlehna kana badminton geus katembong ti keur sakola di SD keneh. Malah lamun
ditanya cita-citana, kalawan tendes Taufik ngajawab, “…..,” ceunah.
Mimitina Taufik sok diajar badminton teh di gudang tukangeun imahna di Pangalengan. Ku
lantaran katitenan keyengna, ku bapana diasupkeun ka klep badminton Kota Bandung. Dilatihna ku
Iie Sumirat jeung Nana Sujana, dua atlet badminton kahot urang Bandung.
Latihanana teh pasosore. Mangkaning jarak Pangalengan-Bandung teh kawilang jauh.
Didugdagdianteur ku bapana. Indir ti Pangalengan pabeubeurang samulang ti sakola. Datang deui
ka pangalengan teh geus peuting. Anu matak ari geus latihan, isukna Taufuk sok nundutan di sakola.
Sanajan kitu, guru-guru ngartieun jeung dimaklum komo sanggeus Taufik mindeng jadi juara dugi
ka tingkat Nasional.
Prestasi Taufik beuki nyongcolang bae. Lain di nagara urang bae, malah nepi ka mancanegara.
Ari sababna, mindeng jadi juara badminton tingkat dunyaTaufik atlet badminton anu kacida
kasohorna nu munggaran bias “ngawinkeun” gelar Juara Olimpiade jeung Juara Dunia Tunggal
Putra.

27. Tokoh utama anu aya dina teks bacaan nyaѐta ….


A. Iie Sumirat
B. Taufik Hidayat
C. Nana Sujana
D. Sumirat Sujana
28. Sikap anu bisa diconto tina biografi Taufik Hidayat nyaeta ....
A. nundutan di kelas sabab tos latihan
B. keyeng ngahontal cita-cita
C. latihan lamun rek tanding
D. kudu jadi atlet kasohor
29. Malah lamun ditanya cita-citana, kalawan tendes Taufik ngajawab, “…..,” ceunah.
Kalimah anu merenah keur ngalengkepan kalimah rumpang nyaѐta ….

A. Hoyong jadi juara dunya ceunah


B. Hoyong jadi juara di Indonesia ceunah
C. Hoyong jadi juara di provinsi ceunah
D. Hoyong jadi juara di Bandung ceunah

Baca teks deskripsi ieu keur no 30 jeung 31!


Kiwari disebut-sebut jaman globalisasi, dunya tѐh karasa beuki heureut baѐ. Lain dunyana
anu ngaleutikan, tapi lantaran kiwari jarak anu jauh bisa dihontal ku waktu anu leuwih
sakeudeung. Globalisasi muncul raket patalina jeung kamekaran tѐknologi. Anu kara pisan mah
dina widang informasi. Komo sanggeus aya internѐt. Urang bisa nyaho kajadian di mana baѐ di
sakuliah dunya ngaliwatan internѐt.
Pangaruh globalisasi tѐh aya alusna jeung aya gorѐngna deuih. Alusna, urang jadi leuwih
loba kanyaho jeung pangaweruh leuwih lega lingkup campur gaul, jeung leuwih loba
pangaweruh pikahareupeun. Gorѐngna, …. anu heunteu saluyu jeung budaya bangsa urang.

30. Dumasar kana bacaan harti globalisasi nyaéta ….


A. Jaman dunya ngalegaan lantaran bisa dihontal ku waktu anu sakeudeung
B. Jaman dunya ngagunakeun internѐt sabab geus asup budaya luar
C. Jaman dunya beuki heureut lantaran bisa dihontal ku waktu anu sakeudeung
D. Jaman dunya babari kaasupan ku budaya luar jeung internѐt
31. Kalimah anu merenah keur ngeusian teks bacaan anu rumpang nyaѐta ….
A. babari asup jeung nyebar pangaruh budaya lain
B. babari kaluar jeung nyebar pangaruh bangsa lain
C. babari asup pangaweruh ngalewatan internѐt
D. babari nambahan lingkup campur gaul
Baca teks paguneman ieu keur no 32 jeung 33!
Isuk-isuk Bubur Ayam, Pasosore Nasi Gorѐng
Dami : “Buburna Mang, dua!”
Mang Soleh : “Mangga. Kaleresan aya kѐnѐh du mangkokeun deui mah.”
Mida : “Tos sѐѐp, Mang?”
Mang Soleh : “Alhamdulillah, rada ramѐ dinten ieu mah.
Geuning tos aruih deui jalan-jalan tѐh?”
Dami : “Atos, ah, capѐ. Ayeuna mah badѐ teras latihan pramuka ka sakola.”
Mida : “Capѐ teu Mang jualan bubur tѐh!”
Mang Soleh : “Capѐ na mah capѐ. Namung kumaha deui atuh?
Da Mang mah usahana ngan tiasa kieu.”
Dami : “Iraha perѐna mang?”.
Mang Soleh : “Teu aya perѐna Mang mah, teu cara padamel kantoran.
Upami mang perѐ dagang, atuh meureun moal kѐnging artos. Nu matak
hidep kudu sing getol sakola dugi ka sarjana. Ulah kawas Mang, SD
ogѐ teu tamat. Anu matak ѐnjing-ѐnjing ngadodorong roda, pasosontѐn
ngadodorong roda. Pѐdah bѐnten eusina. Enjing-ѐnjing bu ur ayam,
pasosontѐn nasi gorѐng.
Mida : “Muhun atuh Mang.”

32. Eusi paguneman nyaritakeun ….


A. Mida jeung Dami meuli nasi goréng saatos jalan-jalan
B. Mang Soleh jualan nasi goréng di sakola
C. Mida jeung Dami rék latihan pramuka di sakola
D. Mida jeung Dami mesér bubur Mang Soleh saatos jalan-jalan
33. Kalimah anu saluyu jeung teks bacaan nyaѐta ….
A. Mang Soleh teu tamat SD tapi digawѐ kantoran
B. Mang Soleh ngadodorong jualan bubur pasosorѐ
C. Mang Soleh jualan bubur ѐnjing-ѐnjing, pasosorѐ jualan nasi gorѐng
D. Mang Soleh nepi sarjana tapi jualan bubur jeung nasi gorѐng

Baca teks biantara ieu keur no 34 jeung 35!


Wilujeng enjing wargi sakola
Wargi sakola anu baragja, simkuring salaku Kepala Sekolah SDN Jaya Bakti ngaraos bingah
ninggal murid sareng guru dina raraga kerja bakti miara lingkungan sakola anu geus jadi salah sahiji
kawajiban urang sarerea.
Para wargi sakola, lamun lingkungan alam henteu di jaga tangtu bakal ngarugikeun urang
sadaya, misalna runtah tilas jajanan teu di piceun kana tempatna, Kelas anu tara di sapukeun jeung
WC nu tara di beresihan bisa ngadatangkeun panyakit.
Lingkungan sakola anu beresih gede pisan mangpaatna ka urang sadaya. Diantarana lingkungan
sakola beresih, kelas betah keur di ajar, jeung wc teu jadi sumber panyakit. Miara lingkungan sakola
mangrupakeun kawajiban kabeh warga sakola. Ku kituna di perlukeun kasadaran jeung kadisiplinan
dina ngalakukeun kerja bakti miara lingkungan sakola.
Sakitu payambut ti sim kuring, hayu urang mimitian kerja bakti ieu.

34. Topik anu saluyu jeung biantara nyaѐta ….


A. Miara lingkungan kelas
B. Miara lingkungan sakola
C. Miara kabersihan WC
D. Miara kabersihan sampah
35. Amanat anu saluyu jeung eusi biantara nyaѐta ….
A. Urang kudu sadar jeung disiplin dina ngalakukeun kerja bakti miara lingkungan
sakola
B. Ngabersihan lingkungan sakola tѐh kawajiban penjaga sakola
C. Urang kudu miceun runtah urut jajanan ngarah teu numpuk jeung bau
D. Urang kudu ngajaga kabersihan kelas ku cara sering sasapu

B. Jawablah pertanyaan berikut dengan tepat!


36. Baca teks narasi ieu!
1) Sanggeus proklamasi kemerdekaan, Oto ngajabat jadi Menteri Negara dina kabinet anu
mimiti Republik Indonesia taun 1945. Anjeunna mancen tugas nyiapkeun dibentukna
BKR tina laskar-laskar rahayat anu nyebar di saantero Indonesia.
2) Oto Iskandar Dinata dibabarkeun kaping 31 Maret 1897 di Bojongsoang, Kabupaten
Bandung. Oto sakola dasarna di Hollandsch-Inlandsche School(HIS) Bandung,
diteruskeun jeung di Kweekschool Onderbouw (Sakola Guru Bagean Kahiji) Bandung,
jeung di Hogere Kweekschool (Sekolah Guru Atas) di Purworejo, Jawa Tengah.
3) Oto Iskandar Dianata jadi pahlawan Nasional. Salah sahiji monumen perjuangan Bandung
Utara di Lembang. Ngarana “Monumen Pasir Pahlawan” diwangun pikeun ngaabadikeun
perjuanganana.
4) Dina kegiatan gerakanna di waktu saacan kamerdekaan, Oto pernah ngajabat Wakil Ketua
Budi Utomo cabang Bandung dina periode1921-1924, sarta jeung jadi Wakil Ketua Budi
Utomo cabang Pekalongan tahun 1924.

Urutkeun tiap-tiap paragrap jadi teks narasi anu padu!

37. Baca teks paguneman ieu!


Andri : “Tiara nuju di mana?”
Tiara : ”Abdi nuju maca artikel ngenaan kana kumaha carana ngajagi kasehatan dina usum
panghujan sepertos kieu.”
Tiara : “Oh kitu, mang nurutkeun anjeun kumaha tah ngajagi kasehatan dina usum hujan
sepertos kieu téh ?”
Andri : ”Lamun nurutkeun abdi mah, ngajagi kasehatan di usum hujan téh tiasa ku cara
ngonsumsi kaemaman sareng leeutan anu bergizi ogé, intina mah urang kedah
nurutkeun polah hirup sehat sareng olah raga teratur.”
Tiara : “Nya abdi satuju, Nanging aya anu kirang?”
Andri : “Naon tah?”
Tiara : “Lamun ceuk abdi mah, sanes ngan éta hungkul, tapi urang ogé kedah waspaos kana
cai caah, terutami lamun hujan ageung.”
Andri : “Leres pisan tiara, margi caah kan tiasa nambihan wabah penyakit apanan nya?”
Tiara : “Muhun.”
Andri : “Leres, ku margi éta urang kedah diajar hirup sehat sareng ngajagi lingkungan
atuh.”
Tiara : “Nya, hartina urang kedah ngajagi kasehatan dina usum hujan sakaligus awas diri
kana bahaya caah.”
Andri : “Nya, leres.”

Perbaiki kalimah anu salah dina paguneman!

38. Baca teks narasi ieu!


1) Berkat jasana kana pangajaran diajarkeun deui ka réréncanganana dugi ka ngadegkeun
sakola nu namina “Sakola Kautamaan Istri”
2) Radén Dewi Sartika dibabarkeun dina kaping 4 Desember 1884 di kota Bandung. Sakumaha
ilaharna putra-putri ningrat dina waktu harita. Radén Dewi Sartika disakolakeun disakola
Walanda.
3) Dina kaping 11 September 1947 Dewi Sartika pupus dina yuswa 63 taun, carogena mah tos
ngantunkeun tipayun. Dewi sartika ageung pisan jasana kanggo bangsa jeung nagara.
4) Sepuhna nyaéta Radén Somanagara ngaharepkeun sangkan Radén Dewi Sartika jadi wanoja
nu binangkit, nyongcolang dina kapinterana dibandingkeun jeung rerencanganana.

Urutkeun tiap-tiap paragrap jadi teks narasi anu padu!


39. Baca teks paguneman ieu!
Dafa : “Assalamu’alaikum mang, abdi Dafa siswa ti SDN Merdeka, badé nyuhunkeun
waktosna sakedap pikeun ngawawancara mamang dina usaha nu dijalankeun,
keur pancén basa sunda abdi. Tiasa teu mang?”
Mang Ujang : “oh manga cep, badѐ naroskeun naon?”
Dafa : “Mamang tѐh icalan naon!”
Mang Ujang : “Mamang tѐh icalan surabi oncom.”
Dafa : “Tos sabaraha lami mamang icalan?”
Mang Ujang : “Kirang langkung tos 3 taunan.”
Dafa : “ Mamang icalan ti tabuh sabaraha, dugi ka tabuh sabaraha?”
Mang Ujang : “Mamang mulai icalan ti tabuh tujuh ѐnjing-ѐnjing, dugi ka tabuh tilu sonten.”
Dafa : “upami surabi oncom mamang tѐh didamel tinu naon bahan dasarna?
Mang Ujang : “Surabi oncom mamang tѐh didamel tinu tipung beas jeung cipati, terus di
bumbuan ku oncom.”
Dafa : “oh, hatur nuhun atuh mang kanggo informasina.”
Mang Ujang : “ mangga, sami-sami.”

Perbaiki ejaan anu salah dina paguneman!

40. Baca pidato ieu!


1) Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi
suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng
lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan
hate urang ge suci sareng bersih.
2) Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu
parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu
acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.
3) Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu
kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa
ngahapunten.
Hatur nuhun kana perhatosanana. Wassalamualaikum wr.wb
4) Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun
kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa
wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala
panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu
sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto
hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana
wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Urutkeun bagian-bagian biantara jadi biantara anu padu!

Anda mungkin juga menyukai