Anda di halaman 1dari 2

TUGAS KELOMPOK

Beurang eta aya genep urang rerencangan nyaeta , Maya, Cia, Luna, Ezar, Bian,
jeung Atras geus satuju rek ngagawekeun tugas kelompok balik sakola babarengan.

Luna : Engke urang gawean tugas sakola ieu di tempat biasa?

Ezar : Di balong tea apa di imah maya?

Luna : Di balong weh, ngenaheun bari ningali pamandangan.

Maya : hayu, mun kitu mah kuring balik heulan ah rek ganti baju heula jeung daang
heulan, tos kitu urang langsung nuju ka balong.

Sa geus marenehana baralik ka imahna masing-masing, jeung jam nu geus


nunjukeun jam setengah opat, Maya, Cia, Luna, Ezar, jeung Bian marangkat ka
balong. Ngan ukur Atras anu heunte mangkat mah sabab manehna mah kalah sare
tibra nakeur jeung poho kana janjina.

Ezar : Atras kamana nya? Tos ampir jam setengah lima ieu manehna can datang
keneh wae geningan?

Cia : Boa-boa manehna pohoeun lamun ayeuna arek ngagawekeun tugas sakola
babarengan.

Maya : Atawa meren parangsa manehna lamun urang teh arek ngagawekeun pr di
imah manehna? Apa urang ka imahna wae nya, meren manehna keur ngadagoan
urang-urang.

Bian : Mereun oge manehna aya urusan, tapi pohoeun mere nyaho ka urang-urang.
Urang dagoan weh lah sabari ngagawean tugas.

Maranehana oge opatan tuluy ngagawekeun PR babarengan bari ngadagoan


kadatangan atras. Sageus jam tangan Ezar nunjukeun jam setengah genep,
katembong ti jauh aya budak lalaki lulumpatan sabari mamawa tas sakola.

Bian : Tuh kan bener, Atras karak ka dieu.

Cia : Eh.. Heuh. Tapi kunaon manehna lulumpatan kos kitu nya siga di udag jurig
wae, make seragam sakola ongkoh deuih?

Atras : Heuy bararudak? Keur naon maraneh isuk-isuk keneh aya di balong? Apa
maraneh teu sieun kaberangan asup sakolana?

Tidinya oge Luna, Maya, Cia, Ezar jeung Bian seserian mani ukey-ukeyan..

Luna : Hahaa, ieu kan sore keneh karak arek magrib, Atras. Maneh pasti karak
hudang sare nya?
Atras : Ah piraku? Nya, emang kunaon?

Cia : Ih maneh mah teu percaya! Tingal weh ayeuna jam baraha?

Maya : Makana Danu, urang kadang mah di papatahan ku kolot ulah sare burit-burit
teh kos kitu!

Tidinya oge bengeut Atras beureum bakat ku era ka barudak nu araya di balong eta.

Anda mungkin juga menyukai