Anda di halaman 1dari 2

Pancen Basa Sunda

Ngadamel Naskah Drama


Nami : Muhammad Rafi Kamil Firdaus
Kelas : XII MIPA 2

Judul : Tugas Kelompok


Tokoh: Eren, Mikasa, Yuuji, Shitara, Sasha
Diserat: Kamil

Beurang eta aya lima urang rerencangan nyaeta Eren, Mikasa, Yuuji, Shitara, Sasha
geus satuju bade ngerjakeun tugas kelompok balik sakola babarengan.

Mikasa : “Engke urang gawean tugas sakola ieu di tempat biasa nya?”

Yuuji : “Di saung tea atawa di imah si Eren?”

Mikasa : “Di saung weh deket sawah ngenaheun bari ningali pamandangan.”

Sasha : “Hayu, mun kitu mah Sasha uih heula, bade ngagentos baju sareng emam heula, tos kitu
Sasha langsung otw ka saung.”

Saatos marenehana baralik ka imahna masing-masing, jam nu geus nunjukeun jam


setengah opat, Mikasa, Sasha, jeung Yuuji marangkat ka saung. Ngan ukur si Eren anu
heunte mangkat mah sabab manehna mah kalah sare tibra nakeur jeung poho kana janjina.
*Di saung*

Yuuji : “Si Eren kamana nya? Tos tereh jam setengah lima, manehna can datang keneh wae
geningan? Poho kitu nya aya kerkom?”

Sasha : “Boa-boa manehna pohoeun lamun ayeuna arurang bakal ngerjakeun tugas sakola
babarengan.”

Mikasa : “Atawa meren parangsa manehna lamun urang teh arek ngagawekeun pr di imah
manehna? Apa urang ka imahna wae nya, meren manehna keur ngadagoan urang-urang.”

Shitara: “Mereun oge manehna aya urusan, tapi pohoeun mere nyaho ka arurang, bae weh arurang
dagoan weh lah sabari ngagawean tugas.”

Maranehana oge opatan tuluy ngagawekeun tugas sakola babarengan bari


ngadagoan kadatangan si Eren. Saatos jam tangan si Shitara nunjukeun jam setengah genep,
katembong ti jauh aya budak lalaki lulumpatan sabari mamawa tas sakola, marenehna
nyangka eta pasti si Eren.

Yuuji : “Tuh kan bener, si Eren kakarek ka dieu, aduh Gusti nu agung.”

Sasha : “Eh.. Heuh. Tapi kunaon manehna lulumpatan kos kitu siga di udag jurig wae, make seragam
sakola ongkoh deuih? Aneh budak teh.”
Eren : “Heuy bararudak? Keur naon maraneh isuk-isuk keneh aya di saung? Apa maraneh teu sieun
kaberangan asup sakolana? Hayu atuh urang otw sakola.”

Tidinya oge Mikasa, Yuuji, Shitara, jeung Sasha seserian ku lantaran kalakuan si Eren
nu ngaco.

Mikasa : “Hahaha, ieu kan sore menjelang magrib keneh, Eren. Maneh mah pasti karek hudang sare
nya?”

Sasha : Makana Eren, urang kadang mah di papatahan ku kolot ulah sare burit-burit teh kos kitu,
karasa pan ku maneh ayeuna hahaha.”

Eren : “Boa urang rurusuhan tadi, hudang sare ningali jam ges jam satengah 6, langsung rusuh mandi
teu bersih, dahar teu wareg, eh ningan sore keneh, hahaha. Duh hampura tadi urang sarena tibra
lantaran ngimpi na ge rame.”

Yuuji : “Nyanggeus ayeuna mah sok hayu arurang geura bereskeun tugas sakola ieu, meh s Eren bisa
nglanjutkeun ngimpina hahaha.”

Tidinya oge bengeut si Eren beureum bakat ku era ka barudak nu araya di saung eta.

Anda mungkin juga menyukai