Anda di halaman 1dari 4

CONTO WARTA SUNDA 1

Hujan Ngecrek, Tilu Ratus Héktar Sawah di Pandeglang Kakeueum Caah

Saeutikna tilu ratus héktar sawah di opat désa di Kacamatan Cibaliung, Kabupatén
Pandeglang kakeueum caah, Rebo (6/1/2021).
Hal éta akibat hujan anu tuluy-tuluyan salila sababaraha poé katukang. Hujan anu tuluy-
tuluyan oge nimbulkeun walungan anu ngaliwat ka opat désa di Cibaliung teu bisa nampung
cai. Salah saurang warga nu sawahna kakeueum, Rosidin (35) nyaritakeun dirina geus tandur
salila sabulan katukang.Manéhna ayeuna teu bisa nanaon sanggeus aya musibah ka
sawahna jeung warga nu lian.“Kuring geus ngaluarkeun waragad kurang leuwih 2-3 juta
rupiah keur meuli gemuk, komo deui ayeuna geus usum ngagemuk. Tapi kumaha deui,
kaayaanana kawas kieu,” ceuk Rosidin basa ditepungan, Rebo (6/1/2021).
Manéhna ogé ngaku, balukar tina kaayaan siga kitu téh sawah manéhna nu 5 hektar teu bisa
digarap.Malah geus bisa ditangtukeun moal bisa panén dina usum ieu.“Muga-muga gancang
meunangkeun cara jeung bisa pepelakan deui,” pokna. Pasawahan di opat désa di
Kacamatan Cibaliung téa jadi siga lautan cai. Luhurna cai nu ngeueum paré ditaksir nepi ka
sameter.Kuwu Sumber Wétan, Usi Sanusi negeskeun pihakna jeung warga lianna ngan ukur
bisa ngupayakeun sangkan solokan teu kacocokan ku régang jeung runtah. Ambéh cai bisa
ngaliwat jeung teu ngeuyeumbeu dina waktu lila di pasawahan warga.“Di désa Cibaliung aya
80 héktar sawah milik warga nu kakeueum. Lamun diitung-itung mah tina opat désa téh,
kurang leuwih 20 persénna,” Usi ngajelaskeun.Wanci soré ieu cuaca di Kabupatén Cibaliung
angkeub. Lamun cur hujan, caah anu ngeueum ratusan hektar sawah téh bakal tuluy
kajadian deui.
CONTO WARTA SUNDA 2

NGAMUMULE KABUDAYAAN SUNDA

Pamiarsa sadayana, wilujeng enjing, Alhamdulillah tiasa patepang deui sareng


simkuring Rizki Akbar Gustaman dina acara warta Sunda.
Dina dinten ieu, Simkuring bade ngadugikeun sababaraha warta anu parantos
disiapkeun ku redaksi. Pamiarsa anu berbahagia, warta anu kahiji nyaeta warta anu aya
patalina sareng ngamumule kasenian atanapi kabudayaan Sunda.
Dina dinten Saptu kaping2 Februari 2023 parantos diayakeun pasanggiri
kawih Sunda sa Jawa Barat anu tempatna di Gelora Saparua Bandung. Anu janten pamilon
eta pasanggiri teh nyaeta wawakil siswa satingkat SMP ti unggal Kabupaten atanapi Kota. Ku
ayana acara pasanggiri kawih Sunda eta, horeng kasenian Sunda teh masih keneh seueur
anu mikaresep.
Sadaya pamilon eta pasanggiri teh sumanget dina mintonkeun kamampuhannana
dina ngawih kawih Sunda. Seueur pamilon ti luar kota Bandung anu ngagaduhan bakat
seni Sunda anu sae.Dina eta pasanggiri teh seueur hadiah anu parantos dipasihkeun ka para
juara pasanggiri. Hadiah-hadiah nu aya mangrupikeun sumbangan ti perusahaan di daerah
Jawa Barat anu merhatoskeun kana kamajengan seni sareng kabudayaan Sunda.
CONTO WARTA SUNDA 3

NGAMUMULE KABUDAYAAN SUNDA

Geng Motor Nu Ngalakukeun Kriminal Baris Dibedil Sukuna

Bandung- Pulisi mimiti nembongkeun sihungna ku cara nembongkeun sikep nu


tandes dina nyangharepan geng motor anu ngalakukeun tindak kriminal. Upama aya geng
motor anu geus ngageumpeurkeun masarakat, pulisi moal asa-asa rek ngabekaskeun
pelorna, nembak geng motor nu ngalakukeun kriminal. Hal eta teh ditandeskeun ku
Wakapolerestabes Bandung AKBP Awal Chaeruddin di Mapolrestabes Bandung, Jumaah 4
Maret 2023.
Nurutkeun Awal, laku kriminal geng motor anu ngabahayakeun bakal di lumpuhkeun
ku cara di tembak sukuna. Puguh bae naon rupa anu ketak represif pulisi teh dijalankeun ku
alatan aksi kajahatan di jalan anu ngalinetkeun barandalan geng mnotor beuki
pikahariwangeun jeung ngancam kasalametan masarakat. Ku kituna, ceuk Awal keneh,
anggota pilisi jajaran Polrestabes Bandung moal asa-asa ngabasmi geng motor anu brutal.
Awal ngarasa yakin yen sikep tepresif anggota pulisi ngalawan geng motor nu
ngabahayakeun masarakat tangtu bakal dirojong ku masarakat. Komo deui lamun geng
motor nu mekel pakarang, piraku teuing pulisi rek cicingeun. Pulisi bakal nindak kalayan
moal asa-asa, sarta siap ngabekaskeun pelor ka geng motor nu tindakanna geus dianggap
kaleuleuwihi.
CONTO WARTA SUNDA 4

KASEHATAN
Kasehatan teh penting pisan jang kahirupan manusa, sabab kasehatan teh
nangtukeun pisan kana kagiatan urang sapopoe. Maksadna mun awak urang sehat pasti
sagala kagiatan urang bakal lancar, jeung oge lamun awak urang sehat pasti jiwa urang bakal
kuat, pan aya pepatah “didalam tubuh yang sehat terdapat jiwa yang kuat”. Janten
kasehatan teh paktor penting nu teu bias disampingkeun. Urang wajib jeung kudu miara
kasehatan awak, sangkan ngajalankeun amanat-amanat ti Allah SWT.
Lingkungan sabudeureun urang teh kudu bersih, lantaran lamun lingkungan
sabudeureun urang kotor,bakal jadi sarang panyakit. Salian ti eta kasehatan teh lain ngan
ukur kasehatan ti awak urang wungkul nu kudu di jaga lingkungan sabudeureun oge kudu di
jaga. Salah sahiji na nyaeta,ngaayakeun gotong royong ngabersihkeun lingkungan
Sabudeureun urang, minimnal saminggu dua kali. Anu di bersihkeun teh bumi sareng
jalanan sabudeureun urang, pan kabersihan teh sabagian dari iman.
Kadaharan sapopoe anu sehat jeung ngandung vitamin oge penting pisan, lantaran
kadaharan anu di dahar ku urang nangtukeun oge kana kasehatan urang. Nyaeta anu
nyangkut kana pasualan gizi anu aya di awak urang, sabab zat gizi teh salah sahiji zat anu
dibutuhkeun awak urang. Zat-zat lain nu dibutuhkeun awak urang nyaeta sapertos zat besi,
karbohidrat, vitamin, protein, mineral sareng lemak. Janten kadaharan anu sehat teh
penting pisan keur kasehatan urang.
Balukar anu timbul lamun urang teu ngajaga kasehatan, nyaeta awak urang bakal
katerab panyakit. Jeung lamun urang teuy ngajaga lingkungan sabudeureun urang, bakal jadi
sarang panyakit anu ngarugikeun urang, sabab ceuk pepatah oge “lebihg baik mencegah
dari pada mengobati”. Janten, urang teh kudu salalu ngajaga lingkungan sabudeureun jeung
awak urang sangkan bersih jeung sehat.

Anda mungkin juga menyukai