Anda di halaman 1dari 27

TENTANG CARITA PARAHYANGAN

Carita Parahiyangan merupakan nama suatu naskah Sunda kuno yang dibuat
pada akhir abad ke-16, yang menceritakan sejarah Tanah Sunda, utamanya
mengenai kekuasaan di dua ibu kota Kerajaan Sunda yaitu Keraton Galuh dan
keraton Pakuan. Naskah ini merupakan bagian dari naskah yang ada pada
koleksi Museum Nasional Indonesia Jakarta dengan nomor register Kropak
406. Naskah ini terdiri dari 47 lembar daun lontar ukuran 21 × 3 cm, yang
dalam tiap lembarnya diisi tulisan 4 baris. Aksara yang digunakan dalam
penulisan naskah ini adalah aksara Sunda Kuno.

Untuk pertama kalinya naskah ini diteliti oleh K.F. Holle, kemudian diteruskan
oleh C.M. Pleyte. Kemudian naskah ini dialihbahasakan oleh Purbacaraka,
sebagai tambahan terhadap laporan mengenai Batu Tulis di Bogor. Upaya ini
diteruskan oleh H. ten Dam (tahun 1957) dan J. Noorduyn (laporan
penelitiannya dalam tahun 1962 dan 1965). Selanjutnya naskah ini juga
diteliti oleh beberapa sarjana Sunda, di antaranya Ma'mun Atmamiharja, Amir
Sutaarga, Aca, Ayatrohaédi, serta É di S. É kajati dan Undang A. Darsa.

Naskah Carita Parahiyangan menceritakan sejarah Sunda, dari awal kerajaan


Galuh pada zaman Wretikandayun sampai runtuhnya Pakuan Pajajaran (ibu
kota Kerajaan Sunda akibat serangan Kesultanan Banten, Cirebon dan Demak.

I. Ndéh nihan Carita Parahiyangan.


É nya kieu Carita Parahiyangan téh.
Sang Resi Guru mangyuga Rajaputra. Rajaputra miseuweukeun Sang
Kandiawan lawan Sang Kandiawati, sida sapilanceukan. Ngangaranan manéh
Rahiyangta Déwaraja. Basa lumaku ngarajaresi ngangaranan manéh
Rahiyangta ri Medangjati, inya Sang Layuwatang, nya nu nyieun Sanghiyang
Watang Ageung.
Sang Resi Guru boga anak Rajaputra. Rajaputra boga anak Sang Kandiawan
jeung Sang Kandiawati, duaan adi lanceuk. Sang Kandiawan téh nyebut dirina
Rahiyangta Déwaradja. Basa ngajalankeun kahirupan sacara rajaresi, ngalandi
dirina Rahiangta di Medangjati, ogé katelah Sang Lajuwatang, nya mantenna
nu nyieun Sanghiang Watangageung.
Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan, nu miseuweukeun pancaputra;
Sang Apatiyan Sang Kusika, Sang Garga Sang Mestri, Sang Purusa, Sang
Putanjala inya Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, Sang Katungmaralah,
Sang Sandanggreba, Sang Wretikandayun.
Sanggeusna rarabi, nya lahir anak-anakna limaan, mangrupa titisan Sang
Kusika, Sang Garga, Sang Mestri, Sang Purusa, Sang Puntandjala, nya éta: Sang
Mangukuhan, Sang Karungkalah, Sang Katungmaralah, Sang Sandanggreba
jeung Sang Wretikandayun.
II. Hana paksi Si Uwur-uwur, paksi Si Naragati, nyayang di titrayatra Bagawat
Resi Makandria. Dihakan anakna ku salakina. Diseuseul ku éwéna.
Aya manuk ngaranna si Uwur-uwur, ogé katelah Si Naragati, nyayang di
pangjarahan Bagawat Resi Makandria. Anakna dihakan ku jaluna. Dicarékan
ku bikangna.
Carék éwéna, "Papa urang, lamun urang teu dianak, jeueung Bagawat Resi
Makandria. Ditapa sotéh papa, ja hanteu dianak."
Carék bikangna: "Kacida hinana, lamun urang teu boga anak téh. Bireungeuh
tuh Bagawat Resi Makandria! Tatapa sotéh bané baé sangsara da henteu boga
anak."
Carék Bagawat Resi Makandria, "Dianak ku waya, ja éwé ogé hanteu." Ti inya
carék Bagawat Resi Makandria, "Aing dék leumpang ka Sang Resi Guru, ka
Kéndan."
Carék Bagawat Resi Makandria: "Kumaha rék boga anak. Da kawin ogé
henteu." Ti dinya, carék Bagawat Resi Makandria: "Aing dék indit ka Sang Resi
Guru, ka Kéndan."
Datang siya ka Kéndan. Carék Sang Resi Guru, "Na naha siya Bagawat Resi
Makandria, mana siya datang ka dinih?"
Manehna datang ka Kéndan. Carék Sang resi Guru: "Na nahaon béjana, hidep
Bagawat Resi Makandria, nu matak datang ka dieu?"
"Pun samapun, aya béja kami pun, kami ménta pirabieun pun. Kéna kami
kapupulihan ku Paksi Si Uwur-uwur, paksi Si Naragati, papa baruk urang
hanteu di na anak."
"Pangampura baé; saleresna aya piwartoseun. Dék nyuhunkeun pirabieun.
Lantaran kawartosan ku manuk si Uwur-uwur, nu nelah ogé si Naragati.
Sanggemna kacida hinana, lamun urang teu gaduh anak."
Carék Sang Resi Guru, "Leumpang siya ti heula ka batur siya deui,”
Carék Sang resi Guru: "Jig hidep ti heula ka patapan deui”
Anaking Pwah Rababu, leumpang husir Bagawat Resi Makandria, na
pideungeuneun satapa, anaking."
“Anaking Pwah Rababu, geuwat susul Bagawat Resi Makandria. Lantaran nya
manéhna pijodoeun hidep téh, anaking."
Leumpang Pwah Rababu, datang ka baturna, teu diaku rabi.
Pwah Rababu terus nyusul, datang ka patapan Sang Resi Makandria, teu diaku
rabi.
Nyeueung inya wedadari geulis, ti inya nyieun manéh Pwah Manjangandara,
na Bagawat Resi Makandria nyieun manéh Rakéyan Kebowulan, sida
pasanggaman.
Kabireungeuheun aya widadari geulis, ngarupakeun Pwah Manjangandara,
nya geuwat Resi Makandria ngajadikeun dirina Kebowulan. Terus sanggama.
Carék Sang Resi Guru, "É tén anaking, Pwah Sanghiyang Sri! Leumpang kita
ngajadi ka lanceuk siya, ka Pwah Aksari Jabung." Ti inya leumpang Pwah
Sanghiyang Sri ngajadi, inya Pwah Bungatak Mangaléngalé.
Carék Sang Resi Guru: "É tén, anaking Pwah Sanghiang Sri! Jig hidep indit
ngajadi ka lanceuk hidep, ka Pwah Aksari Jabung." Ti dinya Pwah Sanghiang
Sri indit sarta terus nitis, nya lahir Pwah Bungatak Mangaléngalé.
III. Carék Sang Mangukuhan, "Nam adiing kalih, urang ngaboro leumpang ka
tegal." Sadatang ka tengah tegal, kasampak Pwah Manjangandara deung
Rakéyan Kebowulan. Digérékeun ku sang pancaputra; beunangna samaya,
asing nu numbak inya ti heula, nu ngeunaan inya, piratueun.
Carék sang Mangukuhan: "Nam adi-adi sadaya urang moro ka
tegalan." Sadatang ka tegalan, kasampak Pwah Manjangandara reujeung
Rakéan Kebowulan. Diudag ku limaan, sarta beunangna pada jangji, yén saha
anu pangheulana keuna numbakna, nya manéhna piratueun.
Keuna ku tumbak Sang Wretikandayun, Kebowulan jeung Pwah
Manjangandara. Lumpat ka patapaanana, datang paéh. Dituturkeun ku Sang
Wretikandayun. Pwah Bungatak Mangaléngalé kasondong nginang deung
Pwah Manjangandara; ku Sang Wretikandayun dibaan pulang ka Galuh, ka
Rahiyangta ri Medangjati.
Keuna ditumbak ku Sang Wretikandayun, Kebowulan jeung Pwah
Manjangandara téh. Kebowulan lumpat ka patapan, sadatangna hos baé paéh.
Ku Sang Wretikandayun dituturkeun, kasampak pwah Bungatak
Mangaléngalé keur nyusu ka Pwah Manjangandara. Pwah Bungatak
Mangaléngalé téh ku Sang Wretikandayun di bawa mulang ka Galuh, ka
Rahiangta di Medangjati.
IV. Lawasniya adeg ratu lima welas tahun, disilihan ku Sang Wretikandayun di
Galuh, mirabi Pwah Bungatak Mangaléngalé.
Rahiyangan di Medangjati lawasna ngadeg ratu limawelas taun. Diganti ku
Sang Wretikandayun di Galuh, bari migarwa Pwah Bungatak Mangaléngalé.
Na Sang Mangukuhan nyieun manéh panghuma; Sang Karungkalah nyieun
manéh panggérék, Sang Katungmaralah nyieun manéh panyadap; Sang
Sandanggreba nyieun manéh padagang.
Ari Sang Mangukuhan jadi tukang ngahuma, Sang Karungkalah jadi tukang
moro, Sang Katungmaralah jadi tukang nyadap, sarta Sang Sandanggreba jadi
padagang.
Ku Sang Wretikandayun diadegkeun Sang Mangukuhan, Rahiyangtang
Kulikuli; sang Karungkalah diadegkeun Rahiyangtang Surawulan; Sang
Katungmaralah diadegkeun Rahiyangtang Pelesawi; Sang Sandanggreba
diadegkeun Rahiyangtang Rawunglangit.
Nya ku Sang Wretikandayun Sang Mangukuhan dijungjung jadi Rahiangtang
Kulikuli, Sang Karungkalah jadi Rahiangtang Surawulan, Sang Katungmaralah
jadi Rahiyangtang Pelesawi, Sang Sandanggreba jadi Rahiangtang
Rawunglangit.
Sang Wretikandayun adeg di Galuh. Ti inya lumaku ngarajaresi, ngangaranan
manéh Rahiyangta ri Menir. Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan,
inya nu nyieunna Purbatisti. Lawasniya ratu salapan puluh tahun.
Sabada Sang Wretikendayun ngadeg ratu di Galuh, nya terus ngajalankeun
kahirupan sacara rajaresi sarta ngalandi dirina jadi Rahiangta di Menir. Dina
waktu bumén-bumén, harita téh nya nyusun Purbatisti. Lawasna jadi ratu
salapanpuluh taun.
Disilihan ku Rahiyangtang Kulikuli, lawasniya ratu dalapan puluh tahun.
Disilihan ku Rahiyangtang Sarawulan, lawasniya ratu genep tahun, katujuhna
panteg kana goréng twah. Disilihan ku Rahiyangtang Rawunglangit, lawasniya
adeg ratu genep puluh tahun.
Diganti ku Rahiangtang Kulikuli, lawasna jadi ratu dalapanpuluh taun. Diganti
ku Rahiangtang Surawulan, lawasna jadi ratu genep taun, katujuhna
diturunkeun, lantaran goréng lampah. Diganti ku Rahiangtang Pelesawi,
lawasna jadi ratu saratusdualikur taun, lantaran hadé lampah. Diganti ku
Rahiangtang Rawunglangit, lawasna geneppuluh taun.
V. Disilihan ku Rahiyangtang Mandiminyak. Diganti ku Rahiangtang
Mandiminyak.
Seuweu Rahiyangta ri Menir, teluan sapilanceukan; anu cikal nya Rahiyang
Sempakwaja, adeg Batara Dangiyang Guru di Galunggung; Rahiyangtang
Kedul, adeg Batara Hiyang Buyut di Denuh; Rahiyangtang Mandiminyak adeg
di Galuh.
Anak Rahiangta di Menir téh aya tiluan, nu cikal nya Rahiang Sempakwaja,
ngadeg Batara Dangiang Guru di Galunggung; Rahiangtang Kidul, ngadeg
Batara Hiang Buyut di Denuh; Rahiangtang Mandiminyak ngadeg ratu di
Galuh.
Carék Sang Resi Guru, "Karunya aing ka Rahiyang Sempakwaja hanteu diboga
éwé. Anaking Pwah Rababu! Kita leumpang husir Rahiyang Sempakwaja, kéna
inya pideungeuneun siya satapa."
Carék Sang Resi Guru: "Karunya aing ku Rahiang Sempakwaja henteu boga
pamajikan. Anaking Pwah Rababu! Hidep leumpang ungsi Rahiang
Sempakwaja, lantaran aya manehna pibatureun hidep tatapa."
Sang Resi ngagisik tipulung jadi jalalang bodas, leumpang ngahusir Rahiyang
Sempakwaja, eukeur melit.
Sang Resi Guru ngagesek totopong jadi jaralang bodas, nya indit
nyampeurkeun Rahiang Sempakwaja, nu harita kabeneran keur ngawelit.
Carék Rahiyang Sempakwaja, "Na naha jalalang bodas éta?" Top sumpit. Nya
mana dihusir, dék nyumpit inya.
Carék Sanghiang Sempakwaja: "Na naha nya aya jaralang bodas étah?" Cop
nyokot sumpit, terus diudag rék disumpit.
Kapanggih Pwah Rababu eukeur mandi di Sanghiyang Talaga Candana. Carék
Rahiyang Sempakwaja, "Ti mana kéh, éta nu mandi?"
Pwah Rababu kapanggih eukeur mandi di Talaga Candana. Carék Rahiang
Sempakwaja: "Ti mana étah nu mandi?"
É ta diléléd sampingna ku sumpit. Beunang diléléd.
Sampingna diléléd ku sumpit, beunang.
Aya deungeunna Pwah Aksari kalih, tuluy lalumpatan ka tegal.
Aya baturna para Pwah Aksari, tuluy lalumpatan ka tegalan.
Pwah Rababu dicokot ku Rahiyang Sempakwaja, dipirabi, dikasiahan na Pwah
Rababu. Nya mana diseuweu, inya Rahiyang Purbasora, Rahiyang
Demunawan, dwaan sapilanceukan.
Pwah Rababu dibawa ku Rahiang Sempakwaja, dipirabi. Kacida dipikaasihna.
Nya lahir anakna lalaki duaan, nya eta Rahiang Purbasora jeung Rahiang
Demunawan.
VI. Ngareungeu tatabeuhan humung gumuruh tanpa parungon, tatabeuhan di
Galuh. Pulang ka Galuh teter nu ngigel.
Barang ngadéngé tatabeuhan ngaguruh teu puguh rungukeuneunana,
tatabeuhan di Galuh, Pwah Rababu terus mulang ka Galuh di dinya téh taya
kendatna nu ngigel.
Sadatang ka buruan ageung, carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Sang Apatih,
na saha éta?" "Béjana nu ngigel di buruan ageung." "É ta bawa sinjang saparagi,
iweu kéh pamalaan aing. Téhér bawa ku kita keudeukeudeu!"
Sadatangna kaburuan ageung, cek Rahiangtang Mandiminyak: "Patih, na naon
éta téh?"
"Béjana nu ngigel di buruan ageung!"
"É ta bawa pakéan awéwé sapangadeg, sina marek ka dieu. Keun tanggungan
aing. Geuwat bawa sacara paksa!"
Leumpang sang apatih ka buruan ageung, dibaan ka kadatwan na Pwah
Rababu. Dipirabi ku Rahiyangtang Mandiminyak, dirabi kasiahan na Pwah
rababu. Diseuweu patemuan, dingaranan Sang Salah.
Patih indit ka buruan ageung. Pwah Rababu dibawa ka kadaton. Dipirabi ku
Rahiangtang Mandiminyak. Kacida bogohna ka Pwah Rababu. Tina
sapatemonna, nya lahir anak lalaki dingaranan Sang Salah.
VII. Carék Rahiyang Sempakwaja, "Rababu leumpang! Ku siya bwatkeun
budak éta ka Rahiyangtang Mandiminyak. Anteurkeun patemuan siya Sang
Salahtwah."
Carék Rahiang Sempakwaja: "Rababu jig indit. Ku sia bikeun éta budak ka
Rahiangtang Mandiminyak, hasil jinah sia, Sang Salahlampah."
Leumpang Pwah Rababu ka Galuh. "Aing dititah ku Rahiyang Sempakwaja
mwatkeun budak éta, beunang siya ngeudeungeudeu aing téh."
Rababu tuluy leumpang ka Galuh. "Aing dititah ku Rahiang Sempakwaja
mikeun budak ieu, beunang sia ngagadabah aing téa."
Carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Anak aing tu kita, Sang Salah."
Carék Rahiangtang Mandiminyak: "Anak aing maneh téh, Sang Salah?"
Carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Sang Apatih, ku siya teundeun kana
jambangan. Bawa ka tegal!"
Carék Rahiangtang Mandiminyak deui: "Patih, ku sia budak téh teundeun kana
jambangan. Geus kitu bawa kategalan!"
Dibawa ku sang apatih ka tegal, sapamungkur sang apatih, ti tegal metu ikang
aprama tog ka langit, kabireungeuh ku Rahiyangtang Mandiminyak. "Sang
Apatih, husir deui teundeun siya, budak ta!"
Dibawa ku patih ka tegalan, Samungkurna patih, ti éta tegalan kaluar kila-kila
nepi ka awang-awang. Kabireungeuh ku Rahiangtang Mandiminyak. "Patih
téang deui teundeun sia nu aya budakna téa!"
Dihusir ku sang apatih ka tegal, kasondong hirup. Dibaan ka hareupeun
Rahiyangtang Mandiminyak. Dingaranan Sang Séna.
Ku patih ditéang ka tegalan, kasampak hirup kénéh. Terus dibawa ka
hareupeun Rahiangtang Mandiminyak. Dingaranan Sang Séna.
VIII. Lawasniya ratu tujuh tahun. Na Rahiyangtang Mandiminyak disilihan ku
Sang Séna. Lawasniya ratu tujuh tahun, disilih-jungkat ku Rahiyang
Purbasora.
Lawasna jadi ratu tujuh taun, geus kitu Rahiangtang Mandiminyak diganti ku
Sang Séna. Lawasna jadi ratu tujuh taun, diganti lantaran dilindih ku Rahiang
Purbasora.
Na Sang Séna diintarkeun ka Gunung Marapi, diseuweu Rakéyan Jambri.
Kajaba ti éta Sang Séna dibuang ka Gunung Merapi, boga anak Rakéan Jambri.
Ageung sakamantrian, lunga ka Rahiyangtang Kedul, ka Denuh, ménta
dibunikeun. Carék Rahiyangtang Kedul, "Putu aing mumul kapangkukan ku
siya, sugan siya kanyahoan ku ti Galuh. Leumpang siya husir Sang Wulan, Sang
Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, deung anak saha tu siya?"
Sanggeusna manéhna sawawa, indit ka Rahiangtang Kidul, ka Denuh, ménta
dibunikeun.
Carék Rahiangtang Kidul: "Putu, aing sangeuk kacicingan ku sia, bisi sia
kanyahoan ku ti Galuh. Jig ungsi Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang
Pandawa di Kuningan, sarta anak saha sia téh?"
Carék Rakéyan Jambri, "Aing anak Rahiyang Sang Séna. Dijungkat, diintarkeun
ku Rahiyang Purbasora."
Carék Rakéan Jambri: "Aing anak Sang Séna. Direbut kakawasaanana, dibuang
ku Rahiang Purbasora."
"Lamun kitu, mawa boga kami ngasuhan. Ngan mulah mo sambut samaya
aing. Moga ulah meunang prangan; lamun siya ngalaga prang ka kami. Ngan
siya leumpang maratkeun, husir Tohaan di Sunda."
"Lamun kitu aing wajib nulungan. Ngan ulah henteu digugu jangji aing. Muga-
muga ulah meunang, lamun sia ngalawan perang ka aing. Jeung deui leuwih
hadé sia indit ka tebéh Kulon, jugjug Tohaan di Sunda."
Sadatang ka Tohaan di Sunda, tuluy dipulung minantu ku Tohaan di Sunda. Ti
inya ditinggalkeun, ngahusir Rabuyut Sawal.

Sadatangna ka Tohaan di Sunda, tuluy dipulung minantu ku Tohaan di Sunda.


Ti dinya ditilar deui da ngajugjug ka Rabuyut Sawal.
Carék Rabuyut Sawal, "Saha siya?"
Carék Rabuyut Sawal: "Sia téh saha?"
"Aing pun seuweu Sang Séna. Aing nanyakeun pustaka bawa Rabuyut Sawal.
Eusina ma ratuning bala sariwu; pakeun séda, pakeun sakti, paméré Sang Resi
Guru."
"Aing anak Sang Séna. Aing nanyakeun pustaka bogana Rabuyut Sawal. Eusina
téh, 'ratuning bala sariwu', anu ngandung hikmah pikeun jadi ratu sakti,
pangwaris Sang Resi Guru."
Dibikeun ku Rabuyut Sawal. Ti inya pulang ka Galuh Rakéyan Jambri. Tuluy
diprang deung Rahiyang Purbasora. Paéh Rahiyang Purbasora.
É ta pustaka téh terus dibikeun ku Rabuyut Sawal. Sanggeus kitu Rakéan
Jambri miang ka Galuh. Rahiang Purbasora diperangan nepi ka tiwasna.
Lawasniya ratu tujuh tahun. Disilihan ku Rakéyan Jambri, inya Rahiyang
Sanjaya.
Rahiang Purbasora jadina ratu ngan tujuh taun. Diganti ku Rakéan Jambri,
jujuluk Rahiang Sanjaya.
IX. Carék Rahiyang Sanjaya, "Sang Apatih, leumpang siya, nanya ka Batara
Dangiyang Guru ku piparintaheun urang inih!"
Carék Rahiang Sanjaya: "Patih, indit sia, tanyakeun ka Batara Dangiang Guru,
saha kituh anu pantes pikeun nyekel pamaréntahan di urang ayeuna !."
Sadatang sang apatih ka Galunggung, carék Batara Dangiyang Guru, "Na naha
béja siya, Sang Apatih?"
Sadatangna patih ka Galunggung, carék Batara Dangiang Guru: "Na aya
pibéjaeun naon, patih?"
"Pun, kami dititah ku Rahiyang Sanjaya ménta piparintaheun, adi Rahiyang
Purbasora."
"Pangampura, kami téh diutus ku Rahiang Sanjaya, ménta nu bakal maréntah,
adi Rahiang Purbasora."
Hanteu dibikeun ku Batara Dangiyang Guru.
Henteu dibikeun ku Batara Dangiang Guru.
Carék Batara Dangiyang Guru, "Rahiyang Sanjaya, leumpang nyandogé manéh.
É léhkeun Guruhaji Pagerwesi, éléhkeun Guruhaji Mananggul, éléhkeun
Guruhaji Tepus, éléhkeun Guruhaji Balitar.
Carék Batara Dangiang Guru: "Rahiang Sanjaya, indit beunangkeun ku
sorangan. É léhkeun Guruhaji Pagerwesi, éléhkeun Guruhaji Mananggul,
éléhkeun Guruhaji Tepus jeung éléhkeun Guruhaji Balitar.”
“Lunga Rahiyang Sanjaya; éléhkeun Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang
Pandawa ring Kuningan. Nyandogé na kasaktian, kénana ta Sang Wulan, Sang
Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, hanteu kawisésa Dangiyang Guru.
Mana ingéléhkeun, inya sakti."
“Jig indit Rahiang Sanjaya; élehkeun Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang
Pandawa di Kuningan. Maranéhna meunang kasaktian, nu ngalantarankeun
Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan henteu kabawah ku
Dangiang Guru. Lamun kaéléhkeun, bener manéh sakti."
Rahiyang Sanjaya ka Kuningan, tuluy diprang. É léh Rahiyang Sanjaya.
Digérékan, teka ring loh Kuningan, undur Rahiyang Sanjaya.
Rahiang Sanjaya tuluy perang ka Kuningan. É léh Rahiang Sanjaya. Diuber-
uber, nepi ka walungan Kuningan. Rahiang Sanjaya undur.
"Dara aing para dinih, digérékan. É léh pun kami."
"Teu meunang hanteu aing kudu ngungsi ka dieu, lantaran diudag-udag, kami
kasoran."
Ti inya pulang deui ka Galuh, Rahiyang Sanjaya. Sang Wulan, Sang Tumanggal
pulang deui ka Arilé.
Ti dinya Rahiang Sanjaya mulang deui ka Galuh. Sang Wulan, Sang Tumanggal
mulang deui ka Arilé.
Rahiyang Sanjaya tuluy marék ka Batara Dangiyang Guru. Carék Batara
Dangiyang Guru, "Rahiyang Sanjaya, naha béja siya datang ka dinih?"
Rahiang Sanjaya tuluy marék ka Batara Dangiang Guru, Carék Batara
Dangiang Guru: "Rahiang Sanjaya, naon pibéjaeun sia, mana sia datang ka
dieu?"
"Aya pun béja kami, pun kami dipiwarang, éléh pun kami, supén pun kami.
Kami meunang ku jadi, pun gumanti diboroan ku Sang Wulan, Sang
Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan."
"Nya éta aya pibéjaeun, apan kami dipiwarang, tapi kami éléh. Ti mana kami
unggulna, anggur kami diuber-uber ku Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung
Sang Pandawa di Kuningan."
Pulang deui Rahiyang Sanjaya ka Galuh.
Sanggeus kitu Rahiang Sanjaya tuluy mulang ka Galuh.
X. Carék Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang pandawa ring Kuningan, "Mawa
pisajieun leumpang ka Galunggung, widihan sajugala ma, palangka wulung,
munding satempahan, bras sapadangan."
Carék Sang Wulan, Sang Tumanggal, sang Pandawa di Kuningan: "Mawa
pisajieun, urang miang ka Galunggung, pakéan lalaki sapangadeg, pangcalikan,
munding sarakit (?), béas sacukupna pikeun dahar."
Sateka siya ka Galunggung, mandeg ring Pakembangan. Kasondong ku
Pakembangan, majar ka Batara Dangiyang Guru. Carék Dangiyang Guru, "Naha
béja siya?"
Sadatang ka Galunggung, eureun di Pakembangan. Kasampak ku (Sang)
Pakembangan, tuluy popojan ka Batara Dangiang Guru.
Carék Batara Dangiang Guru: "Aya béja naon?"
"Pun Batara Dangiyang Guru! Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang
Pandawa di Kuningan."
"Pun Batara Dangiang Guru! Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang
Pandawa di Kuningan."
"Bagéa amat, siya datang ka dinih. Leumpang siya ka Galuh. Ala Rahiyang
Sanjaya, mangka mawa pisajieun; widihan sajugala ma, saha palangka wulung,
munding satémpahan, kawali wesi, bras sapadangan."
"Kacida bagjana sia datang ka dieu. Jung miang ka Galuh. Ondang Rahiang
Sanjaya, caritakeun, kudu mawa pisajieun, pakéan lalaki sapangadeg,
pangdiukan wulung, munding sarakit (?), kawali beusi jeung béas sacukupna
pikeun dahar."
Sadatang siya ka Galuh, carék Rahiyang Sanjaya, "Naha béja siya,
Pakembangan?"
Sadatangna ka Galuh, carék Rahiyang Sanjaya: "Aya pibéjaeun naon, sia
Pakembangan?"
"Kami pun disuruh ku Dangiyang Guru. Rahiyang Sanjaya mangka nu sangkep
mawa pisajieun. Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring
Kuningan."
"Kami téh dititah ku Dangiang Guru. Rahiang Sanjaya supaya mawa pisajieun
salengkepna. Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang Pandawa di
Kuningan."
Lunga Rahiyang Sanjaya. Téka ri hareupeun Dangiyang Guru, carék Batara
Dangiyang Guru, "Rahiyang Sanjaya! Lamun kawisésa ku siya Sang Wulan,
Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, aing nurut carék siya. Ja
beunang ku aing kawisésa, turut carékéng! Ja aing wenang nuduh tan katuduh.
Ja aing anak déwata."
Rahiang Sanjaya indit. Barang nepi ka hareupeun Dangiang Guru, carék
Dangiang Guru: "Rahiang Sanjaya! Lamun kaéréh ku sia Sang Wulan, Sang
Tumanggal jeung Sang Pandawa di Kuningan, aing bakal nurut kana sagala
ucapan sia. Da beunang ku aing kabawah. Turut kana ucapan aing. Da aing
wenang ngéléhkeun, hanteu kasoran. Da aing anak déwata."
Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan kawisésa ku
Batara Dangiyang Guru.
Sang Wulan dijieun Guruhaji Kajaron. Sang Tumanggal dijieun Guruhaji
Kalanggara di Balamoha, Sang Pandawa ri Kuningan dadi Guruhaji
Lajuwatang. Sang Puki jadi Guruhaji Pagerwesi. Sang Manisri dijieun
Buyuthadén Rahaséa, di Puntang. Buyuthadén Tunjungputih di Kahuripan.
Buyuthadén Sumajajah di Pagajahan. Buyuthadén Pasugihan di Batur.
Buyuthadén Padurungan di Lembuhuyu. Buyuthadén Darongdong di Balaraja.
Buyuthadén Pagergunung di Muntur. Buyuthadén Muladarma di
Parahiyangan. Buyuthadén Batutihang di Kuningan.
Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan kabawah ku Batara
Dangiang Guru.
Sang Wulan dijenengkeun Guruhaji di Kajaron.
Sang Tumanggal dijieun Guruhaji Kalanggara di Balamoha.
Sang Pandawa di Kuningan jadi Guruhaji Lajuwatang.
Sang Puki jadi Guruhaji di Pagerwesi.
Sang Manisri dijadikeun Buyuthaden Rahasea di Puntang.
Buyuthaden Tujungputih di Kahuripan.
Buyuthaden Sumajajah di Pagajahan.
Buyuthaden Pasugihan di Batur.
Buyuthaden Padurungan di Lembuhuyu.
Buyuthaden Darongdong di Balaraja.
Buyuthaden Pagergunung di Muntur.
Buyuthaden Muladarma di Parahiangan.
Buyuthaden Batutihang di Kuningan.
XI. Rahiyang Sanjaya kawekasan ring Medang. Ratu ring Galuh, Sang
Seuweukarma.
Rahiyang Sanjaya tumetep di Medang. Ratu di Galuh, Sang Seuweukarma.
Ikang ari ratu Galuh, mananem sarwijagih Dadalem gawey puja, lilir désa,
séwabakti ring Batara Upati. Rahiyangtang Wéréh, maka siya dingaran
Rahiyangtang Wéréh, masa siya tinggal anak sapilanceukan. Rahiyangtang
Kedul wurung ngadeg haji, kena rohang, ja mangka ngaran Rahiyang
Sempakwaja.
Ari adina Ratu Galuh, miara sabaraha hiji anak munding, nyieun padumukan
pikeun muja. Pindah-pindah tempat, séwabakti ka Batara Upati. (Nelah)
Rahiang Wéréh, nu matak disebut kitu, waktu ditilar, adi lanceuk masih
laleutik kénéh.
Teu tulus jadi ratu, lantaran (huntuna) rohang, mangkana katelah Rahiang
Sempakwaja.
Rahiyangtang Kedul wurung ngadeg ratu kena kemir, ngaran mangadeg
Wikuraja.
Rahiang Kidul ogé hanteu bisa jadi ratu sabab burut, nya jadi Wikuraja.
Siya jadi Tohaan di Kuningan, anakna ditapa, tu siya seuweu Rahiyang
Sempakwaja.
Sang Seuweukarma jadi Tohaan di Kuningan, lahirna di patapan, énya éta
anak Rahiang Sempakwaja.
Ujar Rahiyang Sanjaya, "Sama sanak ring aing aki! Lamun kitu ma karah. Ulah
anggeus narahan aing aki, sang apatih!"
Cek Rahiang Sanjaya: "Atuh masih pernah dulur aing, aki! Lamun kitu mah
karah. Ulah weleh méré bantuan ka aing, aki patih!"
Ujar sang apatih, "Mangka dapet deui urang nyayangan Sanghiyang
Darmasiksa, mullah mo déngé!"
Cek patih: "Muga-muga baé bisa deui urang ngamalkeun Sanghiang
Darmasiksa. Ulah teu digugu!"
Carékna patih kalih ka Rahiyang Sanjaya, "Lamun dék jaya prangrang,
mangkat ti Galuh!"
Omongan para patih ka Rahiang Sanjaya: "Lamun hayang unggul perang,
geura mangkat ti Galuh!"
Prangrang ka Mananggul, éléh sang ratu Mananggul, Pwanala panulak sanjata.
Tuluy ka Kahuripan, diprangrang, éléh Kahuripan, na Rahiyangtang
Wulukapeu nungkul. Tuluy ka Kadul, diprangrang, éléh Rahiyang Supena,
nungkul. Tuluy ka Balitar, diprang, éléh sang ratu Bima.
Perang ka Mananggul, éléh sang ratu Mananggul, Pu Anala pamanggul juritna.
Tuluy ka Kahuripan, diperangan, éléh Kahuripan, Rahiangtang Wulukapeu
taluk. Tuluy ka Kadul, diperangan éléh Rahiang Supena, taluk. Tuluy ka
Balitar, diperangan, éléh sang ratu Bima.
Ti inya Rahiyang Sanjaya nyabrang ka désa Malayu. Diprang di Kemir, éléh
Rahiyangtang Gana. Diprang deui ka Keling, éléh Sang Sriwijaya. Diprangrang
ka Barus, éléh Ratu Jayadana. Diprang ka Cina, éléh Patih Sarikaladarma.
Ti dinya Rahiang Sanjaya nyabrang ka wilayah Malayu. Kemir diperangan,
éléh Rahiangtang Gana. Perang deui ka Keling, éléh Sang Sriwijaya. Perang ka
Barus, éléh ratu Jayadana. Perang ka Cina, éléh pati(h) Sarikaladarma.
Pulang Rahiyang Sanjaya ka Galuh ti sabrang. Ndéh humeneng.
Mulang Rahiang Sanjaya ka Galuh ti sabrang.
Tunda.
XII. Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma di Arile, diheueumdeungna para
patih; gusti winekasan pangajaran kaparamartan.
Rahiangtang Kuku, Sang Seuweukarma di Arile, ngayakeun gempungan jeung
para patih; raja, dicaritakeun hal pangajaran kaparamartaan.
"Nam urang marék, mawa tanggung ka Rahiyang Sanjaya. Mupu omas sakati,
gangsal (buhniya), bawaeun urang ka Rahiyang Sanjaya."
"Nam urang rék marék, mawa kiriman ka Rahiang Sanjaya. Cokot emas sakati,
lima boehna, bawaeun urang ka Rahiang Sanjaya."
Ti inya diheueum deui di Galuh deu(ng) para patih kali(h). "Nam, urang
nyieun labur di jalan gedé pakeun nyungsung Sang Seuweukarma, ja turut
Rahiyangtang Kuku."
Dina danget éta, di Galuh ogé ngayakeun kumpulan jeung para patih sakabéh.
"Nam urang nyieun labur di jalan gedé pakeun ngabagéakeun Sang
Seuweukarma, lantaran enya éta Rahiang Kuku."
Sateka ka sisi(m)pang(an) ka Galuh deung ka Galunggung, disungsung,
disocaan. Ujar Rahiyangtang Kuku, "Sang apatih, bawa kami marék ka
Rahiyang Sanjaya. Ornas sakati, gangsal boéhniya."
Barang datang ka sisimpangan ka Galuh jeung ka Galunggung, dipapag,
dihormat disayagian cai pikeun sibanyo.
Carék Rahiangtang Kuku: "Sang patih, bawa kami marék ka Rahiang Sanjaya.
Tah emas sakati, lima boehna."
Ujar sang apatih, "Pun Tohaan! Hanteu dipilarang na omas na beusi ku
Rahiyang Sanjaya, hengan huripna urang réa dipilarang."
Carék sang patih: "Pun Tohaan! Boh emas boh beusi henteu diajénan ku
Rahiang Sanjaya. Nu diajénan téh ngan huripna jalma réa."
Andéh kahimengan Rabiyangtang Kuku, pulang deui ka Arile. Diheueum
deungna para patih kalih. Ujar Rahiyangtang Kuku, "Na naha pakeun urang
bakti ka Rahiyang Sanjaya?"
Rahiangtang Kuku jadi kabingungan. Terus mulang deui ka Arile. Carék
Rahiangtang Kuku: "Na naon pakeun urang bakti ka Rahiang Sanjaya?"
XIII. Sakitu ménakna, ini tangtu Rahiyang Sempakwaja.
Sakitu mulyana, ieu tangtu Rahiang Sempakwaja.
Ndéh nihan ta ujar Rahiyangtang Kuku, lunga ka Arile, ngababakan na
Kuningan. Kareungeu ku Rahiyangtang Kuku, inya Sang Seuweukarma ngadeg
di Kuningan, seuweu Rahiyang Sempakwaja; ramarénana pamarta ngawong
rat kabéh.
Ayeuna urang caritakeun Rahiangtang Kuku, indit ka Arile, ngababakan di
Kuningan. Kasohor Rahiangtang Kuku, enya éta Sang Seuweukarma, ngadeg di
Kuningan, anakna Rahiang Sempakwaja. Indung bapana téh tempat
panyaluuhan jalma réa.
Dayeuh paradayeuh, désa paradésa, nusa paranusa.
Dayeuh, désa, pulo jeung sakurilingna.
Ti Keling bakti ka Rahiyangtang Kuku: Rahiyangtang Luda di Puntang.
Rahiyangtang Wulukapeu di Kahuripan. Rahiyangtang Supremana di Wiru.
Rahiyang Isora di Jawa. Sang ratu Bima di Bali. Di kulon di Tungtung Sunda
nyabrang ka désa Malayu: Rahiyangtang Gana ratu di Kemir. Sang Sriwijaya di
Malayu. Sang Wisnujaya di Barus. Sang Brahmasidi di Keling. Patihnira Sang
Kandarma di Berawan. Sang Mawuluasu di Cimara-Upatah. Sang Pancadana
ratu Cina.
Ti Keling bakti ka Rahiangtang Kuku; Rahiangtang Luda di puntang;
Rahiangtang Wulukapeu di Kahuripan; Rahiangtang Supremana di Wiru;
Rahiang Isora di Jawa. Sang ratu Bima di Bali(tar); di Kulon di Tu(n)tang
Sunda nyabrang ka wilayah Malayu. Rahiangtang Gana ratu di Kemir; Sang
Sriwijaya di Malayu, Sang Wisnujaya di Barus, Sang Brahmasidi di Keling.
Patihna Sang Kandarma di Berawan; Sang Mawuluasu di Camara Upatah; Sang
Pa(n)cadana ratu di Cina.
Pahi kawisésa, kena inya ku Rahiyangtang Kuku. Pahi ngadegkeun haji sang
ma nitih Saunggalah. Pahi ku Sang Seuweukarma kawisésa, kena mikukuh
tapak Dangiyang Kuning.
Kabéh kabawah ku Rahiangtang Kuku. Kabéh ngaku ratu ka nu calik di
Saunggalah. Kabawah ku Sang Seuweukarma, sabab Ngukuhan ajaran
Dangiang Kuning.
Sangucap ta Rahiyang Sanjaya di Galuh, "Kumaha sang apatih, piparéntaheun
urang? Hanteu di urang dipikulakadang ku Rahiyangtang Kuku. Sang apatih,
leumpang, dugaan ku kita ka Kuningan. Sugan urang dipajar koyo ilu dina
kariya, ja urang hanteu dibéré nyahoan, daék lunga."
Di Galuh Rahiang Sanjaya nanyakeun: "Kumaha sang patih, pilukeun urang?
Urang hanteu dianggap kulawarga ku Rahiangtang Kuku. Sang patih! Jig indit
sidikkeun ku sorangan ka Kuningan. Bisa jadi urang dipajarkeun turut campur
kana karia, padahal urang henteu dibéjaan, daék indit."
Sang patih teka maring Kuningan, marék ka kadaton, umun bakti ka
Rahiyangtang Kuku. Ujar Rahiyangtang Kuku, "Deuh sang apatih, na naha na
béja kita, mana kita datang ka dinih?"
Sang patih nepi ka Kuningan, marék ka kadaton, terus ngabakti ka
Rahiangtang Kuku.
Carék Rahiangtang Kuku: "Oh sang patih! Na naon béjana, mana datang ka
dieu?"
Ujar sang apatih, "Kami pun dititahan Rahiyangtang Sanjaya. Disuruh
ngadugaan ka dinih. Saha nu diwastu dijieun ratu?"
Carék sang patih: "Kami dititah ku Rahiang Sanjaya. Diparéntah nyidikkeun ka
dieu. Saha nu dijungjung, nu dijenengkeun ratu?"
Carék Rahiyangtang Kuku, "U sang apatih, yogya aing diwastu dijieun ratu ku
na urang réa. Ngan ti Rahiyang Sanjaya ma hanteu nitah ku dék kulakadang
deung hamo ka kami, ja bogoh maéhan kulakadang baraya. Ja aing ogé
disalahkeun ka Kuningan ku Rahiyang Sempakwaja. Aing beunang Rahiyang
Sempakwaja nyalahkeun ka Kuningan ini. Mana aing mo dijaheutan ku
Rahiyang Sanjaya."
Carék Rahiangtang Kuku: "É h sang patih! Pantesna nya aing dijungjung
dijenengkeun ratu ku balaréa. Ngan ti Rahiang Sanjaya mah henteu
diharepkeun, lantaran kulawarga, jeung moal ka kami mah, sabab dianggapna
resep maéhan kulakadang baraya. Malah aing ditempatkeun ka Kuningan ogé
ku Rahiang Sempakwaja. Aing beunang Rahiang Sempakwaja nempatkeun ka
Kuningan ieu téh. Mana aing teu diganggu ku Rahiang Sanjaya."
Pulang deui sang apatih ka Galuh. Ditanya ku Rahiyang Sanjaya, "Aki, kumaha
carék Rahiyangtang Kuku ka urang?"
Sang patih mulang ka Galuh.
Ditanya ku Rahiang Sanjaya: "Aki, kumaha carék Rahiangtang Kuku ka urang?"
"Pun Rahiyang Sanjaya! Rahiyangtang Kuku teu meunang tapana. Mikukuh
Sanghiyang Darma kalawan Sanghiyang Siksa. Nurut talatah Sang Rumuhun,
ngawayangkeun awak carita. Boh kéh ku urang turut tanpa tingtimanana.
Biyaktakeun ku urang, ja urang sarwa kaputraan, urang deung Tohaan pahi
anak déwata.
"Pun, Rahiang Sanjaya! Rahiangtang Kuku téh tapana kataékan. Ngagem
Sanghiang Darma kalawan Sanghiang Siksa. Tumut kana wisik Sang Rumuhun,
jadi lulugu dina hirup kumbuh. Kukituna ku urang turut tanpa rasa gigis.
Tembongkeun ku urang, da urang jeung Tohaan téh saturunan, kabéh gé
pada-pada turunan déwata."
Ndéh inalap pustaka ku Rahiyang Sanjaya. Sadatang inungkab ikang pustaka.
Sabdana tangkarah, "Ong awignam astu krétayugi balem raja kretayem
rawanem sang tata dosamem, sewa ca kali cab pratesora sang aparanya
ratuning déwata sang adata adininig ratu déwata sang sapta ratu na
caturyuga." "Dah umangen-angen ta Sang Resi Guru sidem magawéy Sang
Kandiawan lawan Sang Kandiawati. Mangkana manak Rahiyangtang Kulikuli,
Rahiyangtang Surawulan, Rahiyangtang Pelesawi. Rahiyangtang
Rawunglangit, kamiadi Sang Wretikandayun. Sang Wretikandayun mangka
manak Rahiyangtang Sempakwaja, Rahiyangtang Mandiminyak. Rahitangtang
Mandiminyak mangka manak Sang Séna, Rahiyang Sang Séna mangka manak
Rahiyang Sanjaya."
Geuwat dicokot pustaka ku Rahiang Sanjaya. Barang nepi terus diungkab éta
pustaka téh. Unina kieu: "Ong awignam astu, krétayugi balem raja kretayem
rawanem sang tata dosamem, sewa ca kali cab pratesora sang aparanya
ratuning déwata, sang adata adining ratu déwata sang sapta ratu na
caturyuga.” Sang Resi Guru tipekur di nu suni ngayuga Sang Kandiawan jeung
Sang Kandiawati. Nya puputra Rahiangtang Kulikuli, Rahiangtang Surawulan,
Rahiangtang Pelesawi, Rahiangtang Rawunglangit, bungsuna Sang
wretikandayun.
Sang Wretikandayun boga anak Rahiang Sempakwaja, Rahiang Kidul,
Rahiangtang Mandiminyak. Rahiangtang Mandiminyak boga anak Sang Séna,
sang Séna boga anak Rahiang Sanjaya."
Bo geulisan Dobana bawa bahetra piting deupa, bukana bwatan sarwo sanjata.
Awéwé geulis, Dobana mawa parahu, panjangna tujuh deupa, dibagian
hareupna dimomotan rupa-rupa pakarang.
"Urang ka nusa Demba!"
"Urang ka nusa Demba!"
Data sira lunga balayar. Kareungeu ku Sang Siwiragati. Dek mwatkeun Pwah
Sangkari Pucanghaji Tunjunghaji ditumpakkeun dina liman putih. Dék
ngajangjang turut buruan; momogana teka Rahiyangtang Kuku, Sang
Seuweukarma ka nusa Demba, tuluy ka kadatwan, calik tukangeun Sang
Siwiragati.
Nya terus maranehanana balayar. Kareungeu ku Sang Siwiragati. Dek
ngamuatkeun Pwah Sangkari Pucanghaji Tunjunghaji, ditumpakkeun dina
gajah putih. Kakara gé leumpang sapanjang buruan. Teu disangka-sangka
Rahiangtang Kuku, Sang Seuweukarma cunduk ka nusa Demba, tuluy ka
kadaton, diuk tukangeun Sang Siwiragati.
Rahiyangtang Kuku dihusir ku liman putih, lumpat ka buruan mawa Pwah
Sangkari. Hanteu aya pulang deui ka kadatwan liman putih ta, bakti ka
Rahiyangtang Kuku. Pulang deui Rahiyangtang Kuku ka Arile, dibawa na liman
putih deung Pwah Sangkari. Manguni: "Naha hanteu omas saguri, sapetong,
sapaha sapata-payan?"
Rahiangtang Kuku diudag ku gajah putih, lumpat ka buruan mawa Pwah
Sangkari. Henteu aya balik deui ka kadaton gajah putih téh, ngawula ka
Rahiangtang Kuku. Rahiangtang Kuku mulang deui ka Arile, dibawa dina gajah
putih jeung Pwah Sangkari. Pwah Sangkari téh ngomong: "Naha henteu aya
emas saguri, sapotong sapaha jeung salengkepna papakéan?"
Tuluy ka Galuh ka Rahiyang Sanjaya, hanteu sindang ka Arile. Dibawa na
liman putih, dirungkup ku lungsir putih tujuh kayu diwatang ku premata mas
mirah komara hinten. Datang siya ti désa Demba, tuluy ka kadatwan. Sateka
Rahiyangtang Kuku ring kadaton, mojar ka Rahiyang Sanjaya. naha suka
mireungeuh liman putih.
Tuluy baé ka Galuh, ka Rahiang Sanjaya, henteu nyimpang ka Arile. Dibawa na
gajah putih ditutup ku lungsir putih tujuh kayu diwatangan mas mirah
komara inten. Barang datang ti nusa Demba, tuluy ka kadaton, sanggeus
cunduk, Rahiangtang Kuku nyarita ka Rahiang Sanjaya, naha resep
mireungeuh gajah putih.
Tanyana: "Mana?"
Tanyana: "Mana?"
Tuluy dipitutunggangan, diaseukeun Pwah Sangkari ka Rahiyang Sanjaya.
Sateka ring dalem hanteu pulang deui.
Tuluy gajah putih téh ditumpakan, Pwah Sangkari disanghareupkeun ka
Rahiyang Sanjaya. Sanggeus nepi ka padaleman, henteu balik deui.
Dah Rahiyang Sanjaya: "Naha tu karémpan? Aing ayeuna kreta, aing deung
bapangku, Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma. Hanteu ngalancan aing
ayeuna. Ajeuna nu tangkarah: "Alas Dangiyang Guru di tengah, alas Rahiyang
Isora di wétan paralor Paraga deung Cilotiran, ti kulon Tarum, ka kulon alas
Tohaan di Sunda."
Carék Rahiang Sanjaya: "Na naon nu jadi karempan téh? Ayeuna aing hayang
runtut raut. Aing jeung bapa, Rahiangtang Kuku, Sang Seuweukarma. Ayeuna
aing moal ngalawan. Ayeuna urang tetepkeun: tanah bagian Dangiang Guru di
tengah, bagian Rahiang Isora ti Wétan; jauhna nepi ka kaléreun Paraga jeung
Cilotiran, ti Kulon Tarum, ka Kulon bagian Tohaan di Sunda."
Dah sedeng pulang Rahiyangtang Kuku ka Arile, sadatang ka Arile panteg
hanca di bwana, ya ta sapalayaga dirgadisi lodah.
Sanggeus Rahiangtang Kuku mulang ka Arile, sadatangna ka Arile, putus
hancana di dunya, hilang dina umur nu kacida kolotna.
Mojar Rahiyang Sanjaya, ngawarah anaknira Rakéan Panaraban, inya
Rahiyang Tamperan: "Haywa dék nurutan agama aing, kena aing mretakutna
urang réya."
Rahiang Sanjaya sasauran, ngawulang anakna, Rakéan Panaraban, enya éta
Rahiang Tamperan: "Ulah arék nurutan agama aing, lantaran éta aing
dipikasieun ku jalma réa."
Lawasniya ratu salapan tahun, disiliban ku Rahiyang Tamperan.
Lilana jadi ratu salapan taun, diganti ku Rahiang Tamperan.
XV. Tembey Sang Resi Guru ngayuga taraju Jawadipa, taraju ma inya
Gulunggung, Jawa ma ti wétan.
Mimiti Sang Resi Guru ngawangun kuta pulo Jawa, kutana téh nya éta
Galunggung, ti wétana Jawa.
Di pamana Sunda hana pandita sakti, ngaraniya Bagawat Sajalajala, pinejahan
tanpa dosa. Mangjanma inya Sang Manarah, anak Rahiyang Tamperan, dwa
sapilanceukan denung Rahiyang Banga.
Di wates Sunda, aya pandita sakti, dipaténi tanpa dosa, ngaranna Bagawat
Sajalajala. Atma pandita téh nitis, nya jadi Sang Manarah. Anakna Rahiang
Tamperan duaan jeung dulurna Rahiang Banga.
Sang Manarah males hutang; Rahiyang Tamperan sinikep deneng anaknira. Ku
Sang Manarah dipanjara wesi na Rahiyang Tamperan. Datang Rahiyang Banga,
ceurik, teher mawakeun sekul kana panjara wesi, kanyahoan ku Sang
Manarah. Tuluy diprangrang deung Rahiyang Banga. Keuna mukana Rahiyang
Banga ku Sang Manarah.
Sang Manarah males pati. Rahiang Tamperan ditangkep ku anakna, ku Sang
Manarah. Dipanjara beusi Rahiang Tamperan téh.
Rahiang Banga datang bari ceurik, sarta mawa sangu kana panjara beusi téa.
Kanyahoan ku Sang Manarah, tuluy gelut jeung Rahiang Banga. Keuna
beungeutna Rahiang Banga ku Sang Manarah.
Ti inya Sang Manarah adeg ratu di Jawa pawwatan.
Ti dinya Sang Manarah ngadeg ratu di Jawa, mangrupa persembahan.
Carék Jawana, Rahiyang Tamperan lawasniya adeg ratu tujuh tahun, kena
twah siya bogoh ngarusak nu ditapa, mana siya hanteu heubeul adeg ratu.
Nurutkeun carita Jawa, Rahiang Tamperan lilana ngadeg raja tujuh taun,
lantaran polahna resep ngarusak nu tapa, mana teu lana nyekel
kakawasaanana ogé.
Sang Manarah, lawasniya adeg ratu dalapanpuluh tahun, kena rampés na
agama. Sang Manisri lawas adeg ratu geneppuluh tahun, kena isis di
Sanghiyang Siksa. Sang Tariwulan lawasniya ratu tujuh tahun. Sang Welengan
lawasniya ratu tujuh tahun.
Sang Manarah, lilana jadi ratu dalapanpuluh taun, lantaran tabéatna hadé.
Sang Manisri lilana jadi ratu geneppuluh taun, lantaran pengkuh ngagem
Sanghiang Siksa.
Sang Tariwulan lawasna jadi ratu tujuh taun.
Sang Welengan lawasna jadi ratu tujuh taun.
XVI. Ndéh nihan tembey Sang Resi Guru miseuweukeun Sang Haliwungan,
inya Sang Susuktunggal nu munar na Pakwan reujeung Sanghiyang Haluwesi,
nu nyaeuran Sanghiyang Rancamaya.
É nya kieu, mimiti Sang Resi Guru boga anak Sang Haliwungan, nya éta Sang
Susuktunggal nu ngoméan Pakwan reujeung Sanghiang Haluwesi, nu
nyaeuran Sanghiang Rancamaya.
Mijilna ti Sanghiyang Rancamaya: "Ngaran kula ta Sang Udubasu, Sang
Pulunggana, Sang Surugana, ratu hiyang banaspati."
Tina Sanghiang Rancamaya aya nu kaluar. "Ngaran kula Sang Udubasu, Sang
Pulunggana, Sang Surugana, Ratu Hiang Banaspati."
Sang Susuktunggal inyana nu nyieunna palangka Sriman Sriwacana Sri
Baduga Maharajadiraja, Ratu Haji di Pakwan Pajajaran. Nu mikadatwan Sri-
bima-untarayana-madura-suradipati, inyana pakwan Sanghiyang Sri
Ratudéwata. Kawekasan Sang Susuktunggal, pawwatanna lemah suksi, lemah
hadi, mangka premana raja utama. Lawasniya ratu saratus tahun.
Sang Susuktunggal, enya éta nu nyieun pangcalikan Sriman Sriwacana Sri
Baduga Maharajadiraja, Ratu Haji Pakwan Pajajaran. Nu kagungan kadaton Sri
Bima-Untarayana-Madura-Suradipati, nya éta Pakwan Sanghiang Sri
Ratudéwata. Titinggal Sang Susuktunggal, anu diwariskeunana tanah suci,
tanah hadé, minangka bukti raja utama. Lilana ngadeg ratu saratus taun.
XVII. Rahiyang Banga lawasnia ratu tujuh tahun, kena twah siya, mo makéyan
agama bener. Rakéyanta ri Medang lawasniya adeg ratu tujuh tahun.
Rakéyanta Diwus lawasniya ratu opatlikur tahun. Rakéyanta Wuwus
lawasniya ratu tujuhpuluhdua tahun.
Rahiang Banga lawasna ngadeg ratu tujuh taun, lantaran polahna hanteu
didasarkeun kana adat kabiasaan anu bener.
Rakéanta di Medang lilana ngadeg ratu tujuh taun.
Rakéanta Diwus lilana jadi ratu opatlikur taun.
Rakéanta Wuwus lilana jadi ratu tujuhpuluh dua taun.
Sang lumahing Hujung Cariang, lawasniya ratu telu tahun, kaopatna panteg
kena salah twah, daék ngala éwé sama éwé.
Nu hilang di Hujung Cariang lilana jadi ratu tilu taun, kaopatna teu cucud,
lantaran salah lampah, daék ngala awéwé ku awéwé.
Rakéyan Gendang lawaniya ratu telulikur tahun. Déwa Sanghiyang lawasniya
ratu tujuh tahun. Prebu Sanghiyang lawasniya ratu sawelas tahun. Prebu
Ditiya Maharaja lawasniya ratu tujuh tahun.
Rakéan Gendang lilana jadi ratu tilulikur taun.
Déwa Sanghiang lilana jadi ratu tujuh taun.
Prebu Sanghiang lilana jadi ratu sawelas taun.
Prebu Ditia Maharaja lilana jadi ratu tujuh taun.
Sang lumahing Winduraja lawasniya ratu telulikur tahun.
Nu hilang di Winduraja lilana jadi ratu tilulikur taun.
Sang lumahing Kreta lawasniya ratu salapanpuluhdua tahun, kena mikukuh
na twah rampés, turun na kretayuga.
Nu hilang di Kreta lawasna jadi ratu salapanpuluhdua taun, lantaran
ngukuhan kana lampah anu hadé, ngadatangkeun gemah ripah.
Disiliban deui ku Sang lumahing Winduraja, teu heubeul adeg, lawasniya ratu
dalapanwelas tahun. Disilihan deui ku Sang Rakéyan Darmasiksa,
pangupatiyan Sanghiyang Wisnu, inya nu nyieun sanghiyang binayapanti,
Diganti deui ku nu hilang di Winduraja, henteu lila ngadegna ratu ngan
dalapanwelas taun.
Diganti ku Sang Rakéan Darmasiksa, titisan Sanghiang Wisnu, nya éta nu
ngawangun Sanghiang Binayapanti.
nu ngajadikeun para kabuyutan ti sang rama, ti sang resi, ti sang disri, ti sang
tarahan, tina parahiyangan.
Nu ngajadikeun para kabuyutan ti sang rama, ti sang resi, ti sang disri, ti sang
tarahan tina parahiangan.
Ti naha bagina?
Tina naon berkahna?
Ti sang wiku nu ngawakan jati Sunda, mikukuh Sanghiyang Darma ngawakan
Sanghiyang Siksa.
Ti sang wiku nu mibanda Sunda pituin, mituhu Sanghiang Darma, ngamalkeun
Sanghiang Siksa.
Lawasniya ratu saratuslimapuluh tahun.
Lilana jadi ratu saratus lima puluh taun
Manak Sang Lumahing Taman lawasniya ratu genep tahun. Manak deui Sang
Lumahing Tanjung, lawasnija ratu dalapan tahun. Manak Sang Lumahing
Kikis, lawasniya ratu dwalikur tahun. Sang Lumahing Kiding, lawasniya ratu
sapuluh tahun. Manak Aki Kolot, lawasniya ratu sapuluh tahun.
Boga anak nu hilang di Taman, lawasna jadi ratu genep taun.
Boga anak deui nu hilang di Tanjung, lilana jadi ratu dalapan taun.
Boga anak nu hilang di Kikis, lilana jadi ratu dualikur taun.
Nu hilang di Kiding, lilana jadi ratu sapuluh taun.
Boga anak Aki Kolot, lilana jadi ratu sapuluh taun.
XVIII. Manak deui Prebu Maharaja, lawasniya ratu tujuh tahun, kena kabawa
ku kalawisaya, kabancana ku seuweu dimanten, ngaran Tohaan. Mundut
agung dipipanumbasna.
Boga anak, Prebu Maharaja, lawasna jadi ratu tujuh taun, lantaran keuna ku
musibat, Kabawa cilaka ku anakna, ngaran Tohaan, ménta gedé pameulina.
Urang réya sangkan nu angkat ka Jawa, mumul nu lakian di Sunda. Pan
prangrang di Majapahit.
Urang réa asalna indit ka Jawa, da embung boga salaki di Sunda. Heug waé
perang di Majapahit.
Aya na seuweu Prebu, wangi ngaranna, inyana Prebu Niskalawastu Kancana
nu surup di Nusalarang ring giri Wanakusuma. Lawasniya ratu saratusopat
tahun, kena rampés na agama, kretajuga.
Aya deui putra Prebu, kasohor ngaranna, nya éta Prebu Niskalawastu
Kancana, nu tilem di Nusalarang gunung Wanakusuma. Lawasna jadi ratu
saratus opat taun, lantaran hadé ngajalankeun agama, nagara gemah ripah.
Tandang pa ompong jwa pon, kenana ratu élé h ku satmata. Nurut nu ngasuh
Hiyang Bunisora, nu surup ka Gegeromas. Batara Guru di Jampang. Sakitu nu
diturut ku nu mawa lemahcai.
Sanajan umurna ngora kénéh, tingkah lakuna saperti nu geus réa luangna,
lantaran ratu éléh ku satmata, nurut ka nu ngasuh, Hiang Bunisora, nu hilang
di Gegeromas. Batara Guru di Jampang.
Sakitu nu diturut ku nu ngéréh lemah cai.
Batara Guru di Jampang ma, inya nu nyieun ruku Sanghiyang Paké, basa nu
wastu dijieun ratu. Beunang nu pakabrata séwaka ka déwata. Nu di tiru ogé
paké Sanghiyang Indra, rukuta.
Batara guru di Jampang téh, nya éta nyieun makuta Sanghiang Paké, waktu nu
boga hak diangkat jadi ratu. Beunang kuru cileuh kentél peujit ngabakti ka
déwata. Nu dituladna ogé makuta anggoan Sahiang Indra.
Sakitu, sugan aya nu dék nurutan inya twah nu surup ka Nusalarang. Daék
éléh ku satmata. Mana na kretajuga, éléh ku nu ngasuh.
Sakitu, sugan aya nu dék nurutan. Enya éta lampah nu hilang ka Nusalarang,
daék éléh ku satmata. Mana dina jaman éta mah daék éléh ku nu ngasuh.
Nya mana sang rama énak mangan, sang resi énak ngaresisasana, ngawakan
na purbatisti, purbajati.
Mana sesepuh kampung ngeunah dahar, sang resi tengtrem dina ngajalankeun
palaturan karesianana, ngamalkeun purbatisti purbajati.
Sang disri énak masini ngawakan na manusasasana, ngaduman alas pari-alas.
Ku béét hamo diukih, ku gedé hamo diukih.
Dukun-dukun kalawan tengtrem ngayakeun perjangjian-perjangjian maké
aturan anu patali jeung kahirupan, ngabagi-bagi leuweung jeung sakurilingna,
kunu leutik boh kunu gedé moal aya karéwélanana,
Nya mana sang Tarahan énak lalayaran ngawakan manu-rajasasana.
para bajo ngarasa aman lalayaran nurutkeun palaturan ratu.
Sanghiyang apah, teja, bayu, akasa, sangbu énak-énak, ngalungguh di
Sanghiyang Jagatpalaka. Ngawakan sanghiyang rajasasana, angadeg wiku énak
di Sanghiyang Linggawesi, brata siya puja tanpa lum.
Cai, cahaya, angin, langit, taneuh ngarasa senang aya dina genggeman
pangayom jagat. Ngukuhan angger-angger raja, ngadeg di Sanghiang
Linggawesi, puasa, muja taya wates wangenna.
Sang wiku énak ngadéwasasana ngawakan Sanghiyang Watang Ageung, énak
ngadeg manu-rajasuniya.
Sang wiku kalawan ajén ngajalankeun angger-angger déwa, ngamalkeun
Sanghiang Watangageung. Ku lantaran kayakinan ngécagkeun
kalungguhanana téh.
Tohaan di Galuh, inya nu surup di Gunungtiga. Lawasniya ratu tujuh tahun,
kena salah twah bogoh ka éstri larangan ti kaluaran.
Diganti ku Tohaan Galuh, enya éta nu hilang di Gunungtiga. Lawasna jadi ratu
tujuh taun, lantaran salah tindak bogoh ka awéwé larangan ti kaluaran.
XIX. Disilihan ku Prebu, naléndraputra premana, inya Ratu Jayadéwata, sang
mwakta ring Rancamaya, lawasniya ratu telupuluhsalapan tahun.
Diganti ku Prebu, putra raja pituin, nya éta Sang Ratu Jayadéwata, nu hilang di
Rancamaya, lilana jadi ratu tilupuluhsalapan taun.
Purbatisti, purbajati, mana mo kadatangan ku musuh ganal, musuh alit.
Ku lantaran ngajalankeun pamaréntahanana ngukuhan purbatisti purbajati,
mana henteu kadatangan boh ku musuh badag, boh ku musuh lemes.
Suka kreta tang lor, kidul, kulon, wétan, kena kreta rasa. Tan kreta ja lakibi
dina urang réya, ja loba di Sanghiyang Siksa.
Kaler, Kidul, Kulon jeung Wétan, lantaran rasa aman. Teu ngarasa aman sotéh
mun lakirabi dikalangan jalma réa, di lantarankeun ku ngalanggar Sanghiang
Siksa.
XX. Disilihan inya ku Prebu Surawisésa, inya nu surup ka Padarén, kasuran,
kadiran, kuwamén. Prangrang limawelas kali hanteu éléh, ngalakukeun bala
sariwu.
Diganti enya éta ku Prebu Surawisésa, anu hilang di Padarén, ratu gagah
perkosa, teguh jeung gedé wawanén. Perang limawelas kali henteu éléh. Dina
ngajalankeun peperangan téh kakuatan baladna aya sarewu jiwa.
Prangrang ka Kalapa deung Aria Burah. Prangrang ka Tanjung. Prangrang ka
Ancol Kiyi. Prangrang ka Wahanten Girang. Prangrang ka Simpang. Prangrang
ka Gunungbatu. Prangrang ka Saungagung. Prangrang ka Rumbut. Prangrang
ka Gunung Banjar. Prangrang ka Padang. Prangrang ka Panggoakan.
Prangrang ka Muntur. Prang rang ka Hanum. Prangrang ka Pagerwesi.
Prangrang ka Medangkahiyangan.
Perang ka Kalapa jeung Aria Burah. Perang ka Tanjung. Perang ka Ancol Kiyi.
Perang ka Wahanten Girang. Perang ka Simpang. Perang ka Gunungbatu.
Perang ka Saungagung. Perang ka Rumbut. Perang ka Gunungbanjar. Perang
ka Padang. Perang ka Panggoakan. Perang ka Muntur. Perang ka Hanum.
Perang ka Pagerwesi. Perang ka Medangkahiangan.
Ti inya nu pulang ka Pakwan deui. hanteu nu nahunan deui, panteg hanca di
bwana. Lawasniya ratu opatwelas tahun.
Ti dinya mulang ka Pakwan deui. Hanteu naunan deui. Ratu tilar dunya.
Lawasna jadi ratu opatwelas taun.
XXI. Prebu Ratudéwata, inya nu surup ka Sawah-tampian-dalem. Lumaku
ngarajaresi. Tapa Pwah Susu. Sumbé lé han niat tinja bresih suci wasah.
Disunat ka tukangna, jati Sunda teka.
Prabu Ratudéwata, enya éta nu hilang ka Sawah-tampian-dalem.
Ngajalankeun kahirupan saperti rajaresi. Tapa Pwah Susu. Disunatan,
maksudna supaya bersih, suci tina kokotor ari dikumbah, disunat ku
tukangna, pituin Sunda éta téh.
Datang na bancana musuh ganal, tambuh sangkané. Prangrang di burwan
ageung. Pejah Tohaan Saréndét deung Tohaan Ratu Sanghiyang.
Datang huru-hara, musuh loba teu kanyahoan ti mana asalna. Perang di
buruan ageung. Tohaan Saréndét jeung Tohaan Ratu Sanghiang kasambut.
Hana pandita sakti diruksak, pandita di Sumedeng. Sang pandita di Ciranjang
pinejahan tanpa dosa, katiban ku tapak kikir. Sang pandita di Jayagiri
linabuhaken ring sagara.
Aya pandita sakti dianiaya, pandita di Sumedang. Sang pandita di Ciranjang
dipaéhan tanpa dosa, katiban ku tapak kikir. Sang pandita di Jayagiri
digubruskeun ka sagara.
Hana sang pandita sakti hanteu dosana. Munding Rahiyang ngaraniya
linabuhaken ring sagara tan keneng pati, hurip muwah, moksa tanpa tinggal
raga teka ring duniya. Sinaguhniya ngaraniya Hiyang Kalingan.
Aya pandita sakti taya dosana. Munding Rahiang ngaranna, digubruskeun ka
sagara, henteu paéh, hirup kénéh, ngilang tanpa ninggalkeun ragana di dunya.
Katelah ngaranna Hiang Kalingan.
Nya iyatnajatna sang kawuri, haywa ta sira kabalik pupuasaan. Samangkana ta
précinta.
Ku lantaran éta masing iatna anu masih tinggal di belakang kali, ulah arék
hirup api-api pupuasaan. Tah kitu kaayaan jaman susah téh.
Prebu Ratudéwata, lawasniya ratu dalapan tahun, kasalapan panteg hanca
dina bwana.
Prebu Ratudéwata, lilana jadi ratu dalapan taun, kasalapanna tilar dunya.
XXII. Disilihan ku Sang Ratu Saksi Sang Mangabatan ring Tasik, inya nu surup
ka Péngpéléngan. Lawasniya ratu dalapan tahun, kenana ratu twahna
kabancana ku estri larangan ti kaluaran deung kana ambutéré.
Diganti ku Sang Ratusaksi Sang Mangabatan di Tasik. Enya éta anu hilang ka
Péngpéléngan. Lilana jadi ratu dalapan taun, lantaran ratu lampahna cilaka ku
awéwé larangan ti kaluaran jeung ku indung téré.
Mati-mati wong tanpa dosa, ngarampas tanpa prégé, tan bakti ring wong-
atuha, asampé ring sang pandita.
Mindeng maéhan jalma tanpa dosa, ngarampas tanpa rasrasan, hanteu hormat
ka kolot, ngahina pandita.
Aja tinut dé sang kawuri, polah sang nata. Mangkana Sang Prebu Ratu, carita
inya.
Ulah diturut ku nu pandeuri, lampah ratu kitu mah. Tah kitu riwayat sang ratu
téh.
XXIII. Tohaan di Majaya alah prangrang, mangka tan nitih ring kadatwan.
Tohaan di Majaya éléh perang, lantaran kitu hanteu cicing di kadaton.
Nu ngibuda Sanghiyang Panji, mahayu na kadatwan, dibalay manelah taman
mihapitkeun dora larangan.
Manéhna nu nyipta Sanghiang Panji, ngendahan kadaton, dibalay diatur
mirupa taman mihapitkeun panto larangan.
Nu migawé balé-bobot pituwelas jajar, tinulis pinarada warnana cacaritaan.
Nu ngawangun balé bobot tujuhwelas jajar, diukir diparada diwujudkeun
rupa-rupa carita.
XXIV. Hanteu ta yuga dopara kasiksa tikang wong sajagat, kreta ngaraniya.
Hanteu nu ngayuga sanghara kreta, kreta.
Dina jaman jalma sajagat hanteu ngalaman kajahatan disebutna jaman kreta.
Henteu aya nu ngajadikeun ancurna jagat.
Dopara luha gumenti tang kali.
Dina jaman dopara (jaman parunggu), saterusna diganti ka jaman kali (jaman
beusi).
Sang Nilakéndra wwat ika sangké lamaniya manggirang, lumekas madumdum
cereng.
Sang Nilakéndra, dilantarankeun lila teuing dina kasenangan, ngumbar hawa
napsu.
Manganugraha weka, hatina nunda wisayaniya, manurunaken pretapa, putu ri
patiriyan.
Bogana anak, kana haténa geus kaancikan ku rékadaya, nya nurunkeun
pertapa, incu patétéréan.
Cai tiningkalan nidra wisaya ning baksa kilang. Wong huma darpa mamangan,
tan igar yan tan pepelakan.
Inuman keras dianggapna saperti cai wujudna godaan napsu. Jelema nu
ngahuma rewog baranghakan, teu gumbira lamun teu pepelakan.
Lawasniya ratu kampa kalayan pangan, ta tan agama gayan kewaliya
mamangan sadirasa nu surup ka sangkan beunghar.
Lila ratu ngalajur napsu dina barang dahar, teu nurutkeun adat kabiasaan,
enggoning ngumbar kasenangan borak-borak da nganggap saluyu jeung
kabeungharanana.
Lawasniya ratu genepwelas tahun.
Lilana jadi ratu genepwelas taun.
XXV. Disilihan ku Nusiya Mulia. Lawasniya ratu sadewidasa,
Diganti ku Nusia Mulya. Lilana jadi ratu duawelas (!) taun,
tembey datang na prebeda.
Mimiti datangna parobahan.
Bwana alit sumurup ring ganal, metu sanghara ti Selam.
Cara lemes nyusup ka nu kasar, sababna pangaruh ti Islam.
Prang ka Rajagaluh, éléh na Rajagaluh. Prang ka Kalapa, éléh na Kalapa. Prang
ka Pakwan, prang ka Galuh, prang ka Datar, prang ka Madiri, prang ka Patégé,
prang ka Jawakapala, éléh na Jawakalapa. Prang ka Galélang.
Perang ka Rajagaluh, éléh Rajagaluh. Perang ka Kalapa, éléh Kalapa. Perang ka
Pakwan, perang ka Galuh, perang ka Datar. Perang ka Ma(n)diri, perang ka
Patégé, perang ka Jawakapala, éléh Jawakapala. Perang ka Galélang.
Nyabrang, prang ka Salajo, pahi éléh ku Selam. Kitu, kawisésa ku Demak
deung ti Cirebon, pun.
Meuntas perang ka Salajo; kabeh éléh ku urang Islam. Kitu nu matak kabawah
ka Demak jeung ti Cirebon.

Nama tempat yang disebut dalam naskah


Naskah Carita Parahiyangan benyak menyebut nama tempat / wilayah yang
termasuk dalam kekuasaan Sunda dan juga tempat-tempat lain di pulau Jawa
dan pulau Sumatra. Sebagian dari nama-nama tempat tersebut masih ada
sampai sekarang. Nama-nama tempat tersebut di antaranya adalah:

 Ancol: Ancol, Jakarta Utara.


 Arile, di Kuningan
 Balamoha
 Balaraja
 Balitar
 Barus
 Batur
 Berawan
 Cilotiran
 Cimara-upatah
 Cina
 Ciranjang
 Cirebon: Cirebon
 Datar
 Demak: Demak
 Demba, nusa
 Denuh: wewengkon pakidulan
 Galuh: Kerajaan Galuh, salah satu pusat pemerintahan Kerajaan Sunda
 Galunggung; Gunung Galunggung
 Gegelang
 Gegeromas
 Gunung
 Gunung Banjar
 Gunungbatu
 Gunung Merapi
 Hanum
 Hujung Cariang
 Huluwesi, Sanghiyang
 Jampang
 Jawa: wilayah orang Jawa (bagian barat pulau Jawa)
 Jawakapala
 Jayagiri
 Kahuripan
 Kajaron
 Kalapa: pelabuhan utama Sunda, disebut juga Sunda Kelapa Keling
 Kemir
 Kendan: kerajaan yang berada di sekitar Gunung Kendan di wilayah
Nagreg , tempat ditemukannya banyak batu obsidian yang disebut batu
kendan.
 Kiding
 Kikis
 Kreta
 Kuningan
 Lembuhuyu
 Majapahit
 Majaya
 Malayu: Kerajaan Melayu
 Mananggul
 Mandiri
 Medang
 Medangjati
 Medang Kahiangan
 Menir
 Muntur
 Nusalarang
 Padang
 Padarén
 Pagajahan
 Pagerwesi
 Pagoakan
 Pajajaran: Pakuan Pajajaran, pusat pemerintahan Kerajaan Sunda, yang
berlokasi di kota Bogor sekarang
 Pakuan: Pakuan Pajajaran
 Pangpelengan
 Paraga
 Parahiyangan
 Patégé
 Puntang: gunung Puntang
 Rajagaluh: Rajagaluh, Majalengka
 Rancamaya, Sanghiyang: wilayah sebelah barat Ciawi, Bogor, sekarang
dijadikan permahan mewah
 Rumbut
 Salajo
 Saung Agung
 Saunggalah
 Simpang
 Sumedeng
 Sunda: kerajaan Sunda yang pusatnya di Pakuan Pajajaran, Bogor, dan
pernah juga berpusat di Galuh, Ciamis.
 Taman
 Tanjung
 Tarum: Citarum
 Tasik
 Tiga, gunung
 Wahanten-girang: Banten Girang
 Wanakusuma, gunung
 Winduraja
 Wiru

Sumber:
Atja (1968). Carita Parahiyangan: Naskah Titilar Karuhun Urang Sunda.
Bandung, Jajasan Kebudajaan Nusalarang.

Anda mungkin juga menyukai