Anda di halaman 1dari 2

Sajak IWAN M.

Ridwan (Bandung 11 juli 2010) Ceunah Teh Cenah hirup teh jalan nu pagaliwota Sedeng cinta ngan saukur teteguhan Urang bebas leumpang mapay nu can kasorang Nyorangan atawa babarengan teu jadi sual Di mana aya kacinta di dinya urang bakal ngalalana Cenah hirup teh kabel nu pakuranteng Sedeng cinta ngan sakadar layar monitor Sing nyalse. Sing daria. Tumaninah. Sabab jaga teuing kumaha boa Di mana aya tunggara di dinya urang eureun ngalalana. Cenah hirup ayeuna teh di dunya Sedeng cinta teuing di mana ngancikna WASIAT KONGLOMERAT Lamun Apih paeh pangbungkuskeun ku salambar boeh ladang ngeleketek tina rupa-rupa proyek Lamun Apih nemahan pati pangmesenkeun padung jati ladang ngumpulkeun komisi jeung rupa-rupa korupsi Kontrak-kontrak nucan diteken Jeung SPK-SPK nu can dilaksanakeun awurkeun luhureun paesan na tetengger heug tulisan : parantos mulang ka kalanggengan Apih, konglomerat tuladan (Taufik Faturahman, 1992, Galura No.38)

TUKEURAN IEU SAJAK Tukeuran ieu sajak Ku salambar simbut atawa samak saheulay Heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay Pating golepak dina trotoar Tukeuran ieu sajak ku beas wuluh atawa heucak Heug sidkahkeun kanu haropak Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak Tukeuran ieu sajak Ku sababaraha siki pelor Heug tembakkeun kana genggerong koruptor manipulator Sina enya kalojor Tukeuran ieu sajak Ku beubeutian tina kalbu anu rido Keur nyebor anu balangsak (Lamun teu kitu sasaak) (Yus Rusyana, Ciliwung, 19 Juli 1966)

LEUWI sora nu tinggerendeng teu weleh saheng di leuwi aing laut nu tan istirah teu weleh motah di leuwi aing di leuwi aing sagala teu weleh betah sagala teu weleh motah (Abdullah Mustappa, Tina Mangle No.217)

Anda mungkin juga menyukai