Anda di halaman 1dari 5

Karatagan Pahlawan

(pencipta: mang Koko Koswara)


Teu honcewang sumoreang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Ikhlas rido keur korban merdeka
Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai
Teu ngingetkeun ka dirina
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa
Sabilulungan
(pencipta: mang Koko Koswara)
Sabilulungandasar gotong royong
Sabilulungansifat silih rojong
Sabilulungangenteng ulah potong
Sabilulungan..persatuan tembong
Tohaga rohaka
Teguh rengkuh perbawa sabilulungan
Satiasajiwa
Segut singkil ngabasmi pasalingsingan
Sabilulungan hirup sauyunan
Sabilulungansilih pikaheman
Sabilulungan..nulung tinulungan
Sabilulungan..kukuh persatuan
Santosa samapta
Teuneung ludeung ngajaring kawibawaan
Saihwan sapaham
Nagri nanjung berekah sabilulungan

Hariring Kuring
(pencipta: Djauhari T.)
Tengah peuting keur jemplang jempling
Kuring nyaring, teu geunah cicing
Hate melang, sumoreang
Buah ati, lawas teu patepang
Cuang cieung, kuring sorangan
Nunggeulis ti pangumbaraan
Lieuk dengen lieuk lain
taya pisan geusan pamuntangan
Rek sasambat ka saha nya nyambat
Suwung dulur, walurat sobat
titip diri nyangsangkeun nya badan
Iwal ti ka Gusti hyang widhi
Hiliwirkeun, duh angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
Kajungjunan nu ngantosan
Nu geus lawas lami teu patepang
Ganti Taun
(pencipta: Mang Koko Koswara)
Ganti taun muga mawa kamajuan
Ganti taun ngawujud karaharjaan
Patani sing mukti babakti gumati
Ngolah tanah laluasa
Patani di sisi sing sepi karisi
Ayem tengtrem lalugina
Ganti taun patani kasinugrahan
Ganti taun ngawujud karaharjaan
Ganti taun muga mawa kamajuan
Ganti taun ngawujud karaharjaan
Padagang sarenang
Pantrang gede hutang
Babakti ka nagarana
Padagang marukti
Kuat ekonomi
Nagara jembar raharja
Ganti taun kamamuran sing ngabukti
Ganti taun sarerea suka ati
Ganti taun muga mawa kamajuan
Ganti taun ngawujud karaharjaan

Kaum buruh kukuh


Teu ripuh rumahuh
Rumah tangga lalugina
Kaum buruh jujur
Hirupna diatur
Nyieun jasa ka nagara
Ganti taun kaum buruh sarugema
Ganti taun nagri pinanggih wibawa
(datasunda.org)
Manuk Dadali
(pencipta: Sambas Mangundikarta)
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Tandang jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun leber wawanenna
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia
(id.wikipedia.org)
Lingkung Lembur
(pencipta: mang Koko Koswara)
Tuh di lamping..pagunungan
Tuh di pasir..gugundukan
Tempat sirna paniisan
Lingkung lembur..padusunan
Aya mangsa kampung jadi kota di sisi
Pamungpungan jalma nu ti dayeuh ngarungsi
Kampung-kampung gegek lir di kota
Sisi gunung ngadadak sagala

Bubuy Bulan
Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang
Panon poe panon poe di sasate
Unggal bulan unggal bulan abdi teang
Unggal poe unggal poe oge hade
Situ Ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali Ngeplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana
Peuyeum Bandung
Dimana mana di kampung di kota
Tos kakoncara ku nikmat rasana
Sampeu asalna teu direka-reka
Naon namina duh matak kabita
Peuyeum bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih
Mangga cobian bilih panasaran
Peuyeum ti bandung henteu sambarangan

Manuk Dadali
Mesat ngapung luhur jauh di awang awang
Meberkeun janjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngepak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gadang jeung partentang taya bandingan nana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan ka sieun leber wawanenna
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali gadung siloka sinatria
Keur sukmana bangsa di nagara Indonesia

Anda mungkin juga menyukai