Anda di halaman 1dari 11

CONTOH-CONTOH PUISI SUNDA

JANGJAWOKAN

Asihan
Asihan si pucuk gadung
Sataruk nu matak layung
Salambar nu matak édan
Aing balik sia ceurik
Wong sajagat kabeh nuturkeun aing

Jampe Nyiuk Béas


Unem aing unem salaka
Disiuk masing kawuwuh
Disiuk dengdeng disiuk langgeng

Jampé dipupur
Pupur aing pupur suci
Nya halis katumbirian
Nya irung kuwung-kuwungan
Nya tarang téja mentrangan
Sieup dideuleu ku deungeun
Sieup ka badan awaking
KAKAWIHAN
Ada beberapa kakawihan (nyanyian) Sunda yang populer di masyarakat Sunda
yang biasa dinyanyikan dalam permainan anak-anak, di antaranya: Tokécang,
Cingcangkeling, Oray-orayan, Ayang-ayang Gung, dan Bulan Tok.

SISINDIRAN
(1)
Ka Bandung kuring ka Bandung
Sukajadi keur maréma
Kaduhung kuring kaduhung
Henteu jadi ka manéhna

(2)
Bangkong dikongkorong kujang
Ka cai kundang cameti
Kolé di buah hanggasa
Ulah ngomong méméh leumpang
Hirup katungkul ku pati
Paéh teu nyaho di mangsa
GUGURITAN

Cutatan tina Surat Asih keur Citraresmi :

Sosoca dayeuh Pakuan


Buah ati Siliwangi
Sesetra talaga réna
Nu seungit lir malati
Nu arum ngungkulan tanjung
Horéng gupay salira
Waktos nilar lawang kori
Sulur lisan: miang samar bakal mulang

Naha bet angkat ka Bubat


Nyungsi asih tebih-tebih
Naha miang mapag kala
Diangkir nyébakeun pati
Kawas nu teu tingali
Ka nu liwung mikagandrung
Kapan dina ciptaan
Aya nu satia nganti
Tan wangenan langgeng mideudeuh mihéman

1976 (Dédi Windyagiri, Jamparing Hariring)


SAJAK KIWARI (MODÉREN)

KATIGA
(karya Yayat Héndayana)

Kekebul jalan
haliber
katebak angin katiga
eunteup dina kaca toko
sawaréh arasup kana panon

Kekebul kota
sarila
katebak angin katiga
unggut-unggutan dina emper
némbongkeun dampal leungeunna
ka sakur nu liwat

Kekebul jalan
jeung kekebul kota
nu sareukseuk kana mata
pada-pada miharep hujan silantang
pikeun dirina

1969 (tina Buku Sasambat)


DI KEBON BINATANG
(Karya Ayatrohaédi)

Maranéhna nu hanaang
elmu, cinta, jeung alam,
atawa ukur hiburan,
nya di dieu pisan tepung,
nyaraksian sasatoan
nu langlayeuseun
kurang dahareun:

Oray nu matih
kudu dipisahkeun
dina kandang nu tohaga
supaya henteu bisaeun
ngabaruang kahirupan

Biruang nu dua balik


kungsi leupas ti kandangna
ngerekeb budak leutik,
pulang-anting, na sarigsig
anu ngahalangan usik.

Ajag jalu
kiwari nyorangan waé,
huntu, sihung, jeung kukuna,
geus parunglak
nyorangan waé di kandang.
(Ari anjing-anjing budug
kabisa ukur babaung
bari marebutkeun tulang,
turta lamun seug digebah,
birat paburencay misah,
tapi teu watara lila
marebutkeun deui tulang)

Singa nu pikun
ngaléngkah laun
ngagerem laun
di kandang nahun,
geus teu matak
sarieuneun budak
nu ngalalajoanan
bari saleuseurian
aréngklak-éngklakan.

Sakapeung mah buhaya gé


hanjat ka darat
anteng moyan
bari api-api saré
milih-milih wanci
ngarontok pitik
nu ngadeukeutan
bari kurang ati-ati.

Aya banténg di kandang


ngasah tandukna nu mintul
dina pangguyangan
jieunna sorangan,
cuang-cieung, cukleuk leuweung
istuning nyorangan pisan.

Aya deui bagong dua,


hiji bikang hiji jalu,
nyungkur taneuh
cacing anu diarah
salalawasna
taya bosenna.

Bebengérna belo
nu lulumpatan
ka unggal juru
matak katorékan
para manusa
jeung lian sato
di kebon binatang.

Maranéhna nu hanaang,
manusa jeung sasatoan,
nya di dieu pisan tepung
unggal poé
sili pelong,
ukur sili pelong.

2 Nopémber 1966 (tina Buku Di Kebon Binatang)


LEBARAN
(karya Nunu Nazarudin Azhar)

Di dayeuh sagala euweuh


nu ngaleuya
ngan ukur katuna somah

Lebaran, euy, lebar temen


warna-warni lébér dina katugenah
nu sina undak laju dimurah-maréh
ukuran kumaha ceuk nu boga wayah

Puasa taya wujudna


réa rupa ceuk pangrasa
harkat ditaker salancar
tapsir luput tina lapar

di dayeuh sagala genah


nu puasa saperluna
lebaran saendeng-endeng.

2012 (tina Buku Miang)


LÉNGKAH
(Karya Acép Zamzam Noor)

Tinggal gurat-gurat katineung


nu pajurawet dina dampal leungeun
milang kakeueung, ngéjah kahoncéwang
padungdung jeung gegedoh umur

Mapag mangpirang ambahan


poho tapak mitembeyan
nyorang aweuhan, muru pakalangan
katalimbeng léngkah sorangan

1982 (tina Buku Paguneman)


DI SABUDEUREUN MONUMÉN BANDUNG LAUTAN API
(Karya Yoséph Iskandar)

Hiji mangsa hiji peuting


arwah pahlawan Toha ngajirim
luntang-lantung kajurung ku panasaran
nanya ka préman nu keur mabok wiski
di émpér toko Tegallega

“Bung!
Ari itu nu ngajungkiring
ngalekeceng murilit nunjuk langit
patung naon ?”
“Héhéh … gulali !”

Bandung, 3 Juli 1995


(tina Sajak Sunda Indonesia Emas)
OMBAK SAGARA
(Karya Rahmat Hidayat)

Cadas nyacas di basisir Shirahama


kawaas keur salilana
iImut mojang di basisir Shirahama
ngalangkang hésé ilangna

Ombak linduk iuh


galindeng harewos ti nu jauh
Gusti,
geuning kahayang téh
lir datangna ombak sagara
taya sudana
hirup téh
lir ngaplakna cai sagara
lega ambahanana

Shirahama, Mei 1979


Tina buku Sajak Sunda (2007)

Anda mungkin juga menyukai