Anda di halaman 1dari 20

KUMPULAN KAWIH SUNDA

Diajukan untuk memenuhi tugas Bahasa Sunda

disusun oleh:
1. IRFAN MAULANA
2. ANDES DULMANAN
3. MUHAMMAD PARID
4. FAWA ZULHAK

PEMERINTAH DAERAH PROVINSI JAWA BARAT


DINAS PENDIDIKAN
CABANG DINAS PENDIDIKAN WILAYAH X
SMA NEGERI 1 GARAWANGI
Jl. Raya Garawangi No. 34 Telp (0232) 874244
Website: sman1garawangi.sch.id
E-Mail: sma1garawangi@gmail.com

1
KABUPATEN KUNINGAN 45571
DAFTAR ISI

DAFTAR ISI.........................................................................2
BAB I PENDAHULUAN.....................................................3
1.1 Pengertian Kawih......................................................
3
1.2 Jenis-jenis Kawih...................................................... 3
BAB II KUMPULAN KAWIH........................................... 4
2.1 Kawih Klasik.............................................................. 4
2.1.1 Salam Sono............................................................. 4
2.1.2 Puspa Reuma..........................................................5
2.1.3 Enjing Deui............................................................. 6
2.1.4 Samoja.................................................................... 7
2.1.5 Ramalan Asih......................................................... 8
2.1.6 Kania....................................................................... 9
2.1.7 Sanga Gancang.......................................................10
2.2 Kawih Moderen (Wanda Anyar)............................... 11
2.2.1 Peuyeum Bandung................................................. 11
2.2.2 Mojang Priangan................................................... 12
2.2.3 Manuk Dadali.........................................................13
2.2.4 Bubuy Bulan........................................................... 14

2
2.2.5 Dina Jandela........................................................... 15
2.2.6 Mawar Bodas..........................................................16
2.2.7 Pangandaran.......................................................... 17
BAB I
PENDAHULUAN

1.1 Pengertian Kawih


Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas anu miboga
unsur-unsur seni musik jeung sastra. Kawih disebut
lalaguan Sunda bebas sabab rumpaka kawih henteu
kaiket ku aturan, saperti aturan nu aya dina pupuh.

1.2 Jenis-jenis Kawih


Dumasar kana waktu gelarna, kawih teh aya dua
jenis nyaeta kawih klasik jeung kawih moderen.
Kawih klasik teh kawih anu gelar atawa muncul ti
jaman beh ditu, tapi terus dipikaresep keneh nepi ka
ayeuna. Dina kawih klasik, ngaran anu nyipta laguna teh
aya nu disebutkeun, aya oge anu teu kapaluruh (no
name). Ciri kawih klasik teh bisa kapanggih dina
rumpaka jeung aturan pirigan. Rumpaka kawih klasik rea
diwangun atawa dianggit tina puisi, kayaning sisindiran,
sa’ir, guguritan, jeung sajak.
Sedengkeun kawih moderen teh kawih anu gelar
atawa muncul jaman beh dieu, dipirigna make musik
moderen, jeung anu nyipta laguna oge sok ditulis.
Rumpaka kawih moderen mah reana ungkara biasa bae
3
anu dicokot tina omongan sapopoe. Arang langka anu
disanggitna tina puisi. Malah sakapeung rea kecap-kecap
anu kurang merenah atawa salah larap.

BAB II
KUMPULAN KAWIH

2.1 Kawih Klasik


2.1.1
Salam Sono
(Anonim)

Hatur salam, salam sono...haturan engkang...


Hatur salam, salam sono...haturan engkang
Tos lami teu pateupang da bongan urang paanggang
Duh aduh aduh aduh...salam sono haturan engkang

Ieu salam, salam sono


Tawis ati sing jadi tilam katresna
Ieu salam ,salam sono
Duh...disanggakeun ka jungjunan

4
Rakeut... geugeut...rangkul deudeuh
Imut geugeut...teuteup deudeuh
Nineung deui... nineung deui
Salam sono.. salam sono

2.1.2
Puspa Reuma
(Anonim)

Puspa reuma endah teh ngahudang rasa


Ku teu sangka horeng bet jadi didinya

Na kunaon nenden asih kadirina


Kapikat panah asmara
Mustika kembang katresna

Nya di gunung kuring tepung


Gandrung liwung kapigandrung

Duh... aduh... malati ligarna ati

Nenggorkeun imut kareueut


5
Pinuh ku madu mamanis

Nu kapireng harewos mawa hariring


Ngagalindeung nyanding dina hate kuring

Geter asih minuhan rasa katineung


Na rangkulan jadi sungkeuman kaheman

2.1.3
Enjing Deui
(Ubun Kubarsah)

Enjing urang tepang deui


Enjing urang angkat deui
Kapan tos jangji bade satia
Tong pura- pura mun leres cinta
Enjing deui... enjing deui...
Atuh ulah bohong deui.... bohong deui

Enjing urang tepang deui


Enjing urang ngobrol deui
Awas tong hilap seueur alesan
6
Bade kamana tong pura-pura
Enjing deui... enjing deui...
Atuh ulah bohong deui... bohong deui

Sawengi asa tos lami


Saminggu bade ditunggu
Sabulan taya wartos pisan
Teu maparin putusan
Laaah enjing deui

2.1.4
Samoja
(Mang Koko)

Kedalna asih na bulan pinuh mamanis


Hiji jangji pasini na rasmining wanci
Mangsa samoja jongjon kembangan
Duh eulis, langit lénglang
Angin rintih dina ati, aduh

Lalakon lawas na bulan pinuh katineung


7
Aya jangji pasini nu henteu ngajadi
Mangsa samoja geus ngarangrangan
Duh ieung, langit angkeub
Samagaha dina haté, duh

Ayeuna kantun waasna, jungjunan


Lalakon ka tukang ditéang ngan ku ciptaan
Kamari nu pamit, kamari nu pamit
Datang deui na kalangkang

Ayeuna tinggal ngangresna, jungjunan


Lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan
Kamari nu leungit, kamari nu leungit
Rék lebeng mo deui datang

2.1.5
Ramalan Asih
(Anonim)
Pituduh ramalan asih...
Heeeh dinten minggu ulah mulih
Lamun angkat dinten senen
Hujan ngeucreuk ti enjing dugi ka sonten
8
Salasa dintenna cangra
Hahhh namung nombok na cilaka
Lamun angkat dinten rebo
Udar cinta didodoho pondok jodo
Dinten kemis mulus...Hanjakal diancam putus
Dinten jumaah ulah sok kapegat caah rongkah
Dinten saptu kade halangan nombok di sue
Minggu payun teu langkung tapi abdi arek pundung

Da teupang teh apan langka


Haaah Matak naon rada lami
Sakeudap teh teu karasa
Na teu sono pateupang jeung buah ati

2.1.6
Kania
(Anonim)
Ngangkleung tineung ngawang-ngawang
Bongan keukeuh bongan melang
Rumasa diri kabandang duh
Kalebuh geter kadeudeuh kapentang gandrung...
9
Hayang kuring nyaritakeun mamanis dina melodi
Hayang kuring nguniangkeun antebna dina kacapi
Jadi lagu nu abadi wawakil titipan ati
Nu tetep imut kareueut najan asih samar tepi
Kania... duh Kania..
Linduh asih linduh wulan
Liuh teuteupan katresna
Nya ti anjeun kuring metik racikna hariring
Nya ti anjeun ieu lagu ngawujud tamper katineung

Kania... duh Kania...


Deukeutkeun kuring keur nyanding
Dina ati anu wening
Nya ti anjeun kuring nyangga kabagjaan
Sumalanding dina lagu kahirupan

2.1.7
Sanga Gancang
(Noneng R)

Kinanti pamekar arum. Gentra dipirig ku gending.


10
Lir hirup mah sareng hurip na. Rebab panggeuing na ati.
Kendang panggugat na atma. Nawiskeun wujud rohani.
Rohani nyata na ayun. Nu ngancik dijirim jalmi.

Di basisir loba layung. Di ala kunu di buat.


Pikir abdi keur tagiwur. Sok asa kasuat – suat.
Bungkus baju make tilam. Pangrapeut na sa aya – aya.
Duh gusti ratuning alam. Salamet sa Indonesia.

Samping hideung dina upih. Di bantun dikakalerkeun.


Abdi nineung da kanu mulih. Teu kenging dipapalerkeun.

2.2 Kawih Moderen (Wanda Anyar)


2.2.1
Peuyeum Bandung
(Sambas Mangundikarta)

Dimana-mana, di kampung di kota


Tos kakoncara, ku nimat rasana
Sampeu asalna, tur direka-reka
Naon namina, ku matak kabita

11
Peuyeum Bandung ka mashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murang kalih

Mangga cobian, bilih panasaran


Peuyeum ti Bandung, henteu sambarangan.

2.2.2
Mojang Priangan
(Iyar Wiyarsih)

Angkat ngagandeuang, bangun taya karingrang


Nganggo sinjang dilamban, Mojang Priangan

Umat imut lucu, sura seuri nyari


Larak lirik keupat, Mojang Priangan

Diraksukan kabaya, nambihan cahayana


Dangdosan sederhana, Mojang Priangan

Diraksukan kabaya, nambihan cahayana


12
Dangdosan sederhana, Mojang Priangan

Mojang anu donto, matak sono nu nempo


Mun tepang sono ka Mojang Priangan.

2.2.3
Manuk Dadali
(Sambas Mangundikarta)
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Mébekeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak méga bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna


Gandang jeung perténtang taya bandinganana
Dipikagimir dipikasérab ku sasama
Taya karémpan kasieun lébér wawanénna

Manuk dadali manuk panggagahna


Perlambang sakti indonesia jaya
Manu dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
13
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis béla pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna bangsa jeung rahayat Indonésia.
2.2.4
Bubuy Bulan
(Benny Corda)

Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang


Panon poe , panon poe di sasate

Unggal bulan, unggal bulan abdi teang


Unggal poe,, unggal poe oge hade

Situ ciburuy laukna hese di pancing


Nyeredet hate ningali ngeplak caina

Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing


Nyeredet hate ningali sorot socana

14
2.2.5
Dina Jandela
(Mang Koko)

Tina jandéla urang silih gupayan


Lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut neuteup eunteub
Tara nu nyora simpé henteu nyarita
Ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan

Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi


Gambar lamunan naon geuning nu katepi.
Lir nu disirep, lir nu disirep
Geter katineung reureuh geuning, rep rerep.

Tina jandéla urang silih kiceupan


Imut kareueut raga katresnaan padeukeut
Langit keur lenglang jauh tina kamelang
15
Urang jadikeun galeuh pasini lawungkeun.

2.2.6
Mawar Bodas
(Darso)

Mapay jalan satapak


Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang

Hujan angin dor dar gelap


Hunteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing

Nu penting mah asal nepi


Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
16
Nu moal lila ka ala

Sugan tea moal gagal


Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang
Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri hate
Hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun
Mikiran pipanyakiteun

2.2.7.
Pangandaran
(Doel Sumbang)
Harita basa usum halodo panjang
Calik paduduaan dina samak salambar
Ehm saksina bulan anu sapotong
Ehm saksina bentang anu baranang

Aya kasono aya katresna


Aya kadeudeuh aya kanyaah
17
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Sisi laut Pangandaran

Tina ati pada pada kedal janji


Urang silih asuh silih asih silih jagi
Deuk ngadeugkeun harti asih saeunyana
Deuk ngadeugkeun harti deudeuh saeunyana

Ulah dugi ka rasa katresna


Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Sisi laut Pangandaran

Reug ge can reug hate geus pageuh ka bengkeut


Sisi laut Pangandaran
Reug ge can reug beuki rakeut beuki gegep

18
Sisi laut Pangandaran

Tina ati pada pada kedal janji


Urang silih asuh silih asih silih jagi
Deuk ngadeugkeun harti asih saeunyana
Deuk ngadeugkeun harti deudeuh saeunyana

Ulah dugi ka rasa katresna


Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Sisi laut Pangandaran

Reug ge can reug hate geus pageuh ka bengkeut


Sisi laut Pangandaran
Reug ge can reug beuki rakeut beuki gegep
Sisi laut Pangandaran

19
20

Anda mungkin juga menyukai