Anda di halaman 1dari 3

Domba Ajaib

Baheula, di hiji kampong aya saurang budak lalaki. Egon ngaran eta budak teh.
Hanjakal eta budak teh kacida pisan malesna sarta sok ngalawan ka nu jadi indung.
Kalakuan sejenna nu goreng teh nyaeta resep pisan ngadukeun domba.

Dina hiji poe, Egon indit bari nungtun domba jaluna anu begang lantaran teu
diurus muru ka tegalan paranti manehna ngadukeun domba.

“Heh, Ro.. Yu urang adukeun deui domba teh !” ceuk Egon ka Suhro nu geus
nyampak di eta tempat.

“Ke heula atuh Gon, domba kuring mah can seubeuheun nyatuan.” tembal
Suhro.

“Alaaah…. Teu pira oge sato atuh, Ro. Keur naon dipikanyaah oge, domba mah
moal ngartieun ieuh !”

“Enya ari moal ngartieun tea mah, tapi sarua bae jeung urang hayang
baranghakan.”

“Bener, Ro. Sok lah geura prung adukeun, ngarah rame yeuh !” ceuk si Aron
ngahatean.

Ahirna Suhro eleh deet. Domba manehna nu can seubeuh nyatuan teh dipaksa
sangkan diadu.

Beletak…beletak…sora tanduk diadu matak linu ngadengena. Suhro, Egon,


jeung Aron mah teu boga kapaur sok komo karunya. Maranehna anggur ting
arengklak bari sareuri suka pisan ningali domba nu keur silih teunggar teh.

Lila oge diaduna eta domba teh. Ahirna domba Egon beakeun tanaga, tuluy
lumpat ngajauhan domba Suhro. Suhro jeung Aron ngekeak Egon nu lumpat ngudag
dombana anu lumpat kana rungkun.

“Hey ! Neangan saha maneh ?” teu kanyahoan aya nu nyentak ka Egon. Egon
ngalieuk ka lebah datangna eta sora. Gebeg manehna ngarenjag, sabab nempo hiji
lalaki sembada sarta beungeutna perengas pikasieuneun.

Yanri Nur Jannah, X CIBI-1


“Heh budak kedul, tukang nglawan ka kolot, maneh teu boga rasa jeung
kanyaah ka sasama mahluk. Leuwih hade jadi domba nu goreng rupa !” ceuk eta lalaki
bari molotot ka Egon.

Ajaib. Dadak sakala awak Egon rubah jadi anak domba. Barang sadar kana eta
kajadian, ngan segruk bae manehna ceurik jejeritan.

“Ampun.. Tulung… kuring embung jadi domba. Pa, robah deui kuring jadi
jelema !” ceuk Egon ngalengis matak ngahelas.

Jebrod.. jebrod… ! Awak Egon nu geus jadi domba the dipecutan tarik naker
ku rangrang garing. Egon ceurik bari ampun-ampunan bakating ku nyeri. “Pa, ampunn..
pa. Kuring moal rek ngalakukeun deui kagorengan. Kuring janji rek jadi budak nu
nurut ka kolot sarta moal ngadukeun deui domba !”

“Heug ari kitu mah, tapi inget mun jalir jangji, maneh bakal robah jadi anak
domba saperti ayeuna !”

Saenggeus kitu, les eta lalaki leungit robah jadi domba Egon nu begang. Egon
oge robah deui ka asal.

Ti harita Egon jadi budak anu soleh, nurut ka indung hade hate. Malah jadi
nyaaheun pisan ka sato piaraannana.

Yanri Nur Jannah, X CIBI-1


Unsur Intrinsik Dongeng :
- Tema : Moral
- Palaku : Egon, Suhro, Aron, Domba Egon
- Watek Palaku : Egon
Suhro
Aron
Domba Egon
- Latar : lapang,
- Galur : maju
- Amanat : urang kudu jadi budak anu rajin, nurut ka kolot, sarta kudu
boga rasa jeung kanyaah ka sasama mahluk

Pamohalan-Pamohalan dina dongeng :


Domba bisa robah jadi jelema jeung bisa nagrobah jelema jadi domba sarta
bisa balik deui ka asal.

Yanri Nur Jannah, X CIBI-1

Anda mungkin juga menyukai