Anda di halaman 1dari 2

Bububuka - Mundingkawati : Asmarandana

Bismillah, didamel kawit,


tanda tulisan munggaran,
mintonkeun lalakon conto,
malak mandar jadi luang,
ka nu kagungan putra,
bilih ngasuh kadulungsung,
ngumbar kahayangna budak.
Da mungguh elmuna ngatik,
sesahna kabina-bina,
henteu ara dapon wae,
kedah disasar dipapay
tataros ka ahlina,
sangkan putrana mulus banglus,
jadi jelema utama
Dupi ieu nu di gurit,
lalakon jaman baheula,
nu dicaturkeun ku dongeng,
alam siluman sileman,
nyarembahna ka dewa,
ku urang mah dipimaksud,
nitenan laku lampahna,
Kitu oge ieu dangding,
teu puguh salang surupna,
ungkara awung-garewol,
kawantu nu ngadangdingna,
masih keneh diajar,
mangun catur tanpa bukur,

ngareka tanpa kabisa.


Mung diperih diperejih,
nyaosan pamenta sunda,
ulah poho ka mamaos,
da pusaka nini moyang,
mun resag basana mah,
mugi agung nyukun lumur,
neda jembar pangampura.
Ari ka Ujang ka Nyai,
pek hidep gera narembang,
lalakon budak nu ogo,
Munding Kawati ngaranna,
putra raja baheula,
budak nu angkuh ka sepuh,

ku sang Ratu Jin diwarah.

Anda mungkin juga menyukai