Anda di halaman 1dari 2

Assalamualaikum wr.

Wb

Langkung tipayun sim kuring asmana Guru-Guru SD Negeri seja ngahaturkeun rebu
nuhun laksa keti kabingahan, bingah ka giri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu taya
hinggana, sanggem paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok manggih gorowong, asa
ditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung, paamprok jonghok,
patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya dina raraga paturay tineung marurangkalih
kelas 6 ieu.

Para Ibu, Bapak sadaya, menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanes kajabina nyaeta
seja nyukcruk galur di luluhur, mapay lacak anu baheula, tatali paranti warisan ti nini aki.
Nu mawi tebih diungsi, anggang di teang, sanes lantung tambuh laku, sanes ketang tanpa
beja, sim kuring seja malikan carita anu tiheula nu kungsi dipake carita nyaeta rehna para
Ibu Bapak nitipkeun, nyerenkeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana ka ieu sakola,
nyatana ka Bapak Ibu guru supados pala putra putri Bapak sadayana dididik, diatik,
dibina, dibimbing, dipaparinan pelajaran anu dugi ka danget ieu 6 taun parantos
kalangkung, alhamdulillah parantos bade rengse, kalayan mung sakitu kamampuan
sareng katiasana, mung sakitu buktosna anu mudah-mudahan aya mangfaatna, khususna
kanggo marurangkalih sadayana, umumna mah kanggo keluargana, masyarakatna,
agamana, nagarana, nusa sareng bangsana.

Namung dina hal ieu sim kuring asmana guru-guru neda sihampuntena boh bilih dina
salami ngadidik, ngatik, ngabimbing, ngabina pala putra putri Ibu Bapak sadayana aya
dina kakirangan sinareng kalepatanana, atuh boh bilih aya anu kagitik ku pangatik, kahajar
ku pangajar, pamugi ageung sihampuntena, da sentak polototna bapak sinareng ibu guru
teh sanes keuheul atanapi ngewa tapi bakat ku nyaah deudeuh kanu janten muridna.
Kalayan alhamdulillah kiwari parantos niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama,
parantos anjog kana waktos anu diantos-antos kana mangsa rengsena diajar di sakolah
dasar kalayan aya dina kalungsur langsar, aya dina kasuksesan.

Para Ibu Bapak sadayana kumargi kitu, sim kuring asmana guru-guru sadayana seja
nyanggakeun, sejak masrahkeun deui pala putra putri Ibu bapak sadayana, ti luhurna
sausap rambut, di handap sausap dampal, getihna satetes, rambutna salambar,
ambekanana sadami, kaireng katalingeuhan, kalepatanana sinareng kakiranganana
sumangga nyanggakeun.

Para Ibu Bapak sadaya kanggo salajengna ieu mah khusus kanggo marurangkalih anu
bade paturay tineung, tambi lengoh kalempohan, tamba mulang ngalongkewang,
sasieureun, sabeunyeureun, mugia janten barokah, ieu mah etang-etang tawis kanyaah,
kadeudeuh sinareng katineung ka marurangkalih sadayana.

Ujang, Nyai,.. hidep anu kungsi diiring ku kawih asih, balabuhna dasar katineung, gupay
kelar enteupna geugeut kameumeut, anu disungging dina permadani, asih nu diipuk na
jajantung, mangkak dina taman katresna, kiwari hidep parantos bade paturay, hidep bakal
pisah sareng bakal pajauh.
Kumargi kitu Ibu titip, Ujang Nyai mun seug hidep parantos mulang deui sareng
lingkungan kulawarga, masyarakat, nagara, nusa sareng bangsa, poma Ujang Nyai ....
hidep sing bisa ngajagi diri, ngaraksa salira, sing lantip budi, hade tata, hade basa sing
nyaah, deudeuh ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat ka Nusa, Bangsa sareng
Nagara.
Kumargi kitu sim kuring asmana Bapak Ibu Guru sadaya seja neungteuk ranggeuy, nilas
manggaran mungkasna mangsa diajar di sakola dasar, supados ngajirim eusi, supaya
mibanda nyata, taya deui bahasa anu utama, iwal ti sing lantip budi, hade tata, hade basa
sing tiasa ngajagi diri, ngajaga salira, sing nyaah deudeuh ka salira, ka ibu rama, ka
sasama, ka kadang warga, ka masyarakat, Nusa, bangsa, nagara sareng agama.
Rupina kiwari parantos niti wanci nu mustari ninggang mangsa anu utama, parantos anjog
kana waktos anu diantos-antos, dinten ieu .......... kaping ........ Juni 2015 hidep bakal pisah
hidep bakal pajauh, pileuleuyan-pileuleuyan, sapu nyere pegat simpay, pileuleuyan
pileuleuyan paturay patepang deui.

Pileuleuyan pileuleuyan anaking bral…. Bral geura miang. Sim kuring asmana Bapak Ibu
Guru kalayan resmi mancen gawe ngemban tugas ti nagara sejak nyanggakeun pala putra
putri Ibu Bapak sadayana sakali deui sumangga nyanggakeun.

Kumargi kitu sim kuring neda ageung tawakupna, neda jembar hampurana, anu janten
margi dina tata titina, dina tindak tandukna, oge dina basa basina mung sakadar
dirarampa, sugan kitu, meureun kieu, tangtos pisan upami teu ninggang kana wirahmana
mah, seueur silung sareng sumbangna, kalayan teu puguh entep seureuhna.

Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan sareng kakiranganana, beber
layar poe anyar, lulus banglus ginuluran, tebih tina marganing balai, anggang tina sagala
gogoda disarengan luhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh
akheratna.

Wassalamu alaikum wr. wb.

Anda mungkin juga menyukai