Anda di halaman 1dari 9

HASILWAWANCARA

NGAWAWANCARA IBU KOPERASI

Oleh:
Kelompok : 3
Ketua : Yusuf Priyatama
Anggota : Monica Rosfianti
Pindy Lolasari
Teti Herawati
Yaya Mulyana
Kelas : IX.D

SMP NEGERI 1 KARANGKANCANA


Jalan Sebelas April No. 460 Karangkancana Kuningan
45584
Tahun Pelajaran 2016-2017
DAFTAR ISI

1. BUBUKA................................................................ 1
2. EUSI LAPORAN....................................................... 2
3. DAFTAR GAMBAR................................................... 3
4. KESIMPULAN WAWANCARA..................................... 6
5. PANUTUP............................................................... 7
1. BUBUKA
Ieu tulisan mangrupa wawancara, topik anu dijadikeun
wawancara nyaeta perkara, Anu Ngajaga Koprasi.
Narasumber anu di wawancara nyaeta Ibu Yayah anjeuna
ngajaga koprasi di SMP Negri 1 Karangkancana. Tempat anu
digunakeun nalika wawancara teh di Rompok ibu Yayah, basa
harita dinten Sabtu, kaping 04 Maret 2017 tabuh 12:00-12:37
WIB

2. EUSI LAPORAN

TRANSKRIPSI HASIL WAWANCARA

Yusuf : Tikawit iraha ibu ngalakukeun paguneman


janten penjaga koprasi teh?

Ibu Yayah : Taun 2004

1
Yusuf : Kumaha wae perjuangan ibu teh salami janten
penjaga koprasi?

Ibu Yayah : Biasa wae, da ibu mah janten karyawan.

Yusuf : Kenging manfaat naon wae salami ibu ngajagi


koprasi?

Ibu Yayah : Masihan pelayanan kanggo siswa sareng siswi


kanggo kabutuhan salami aya di sakola, nyaeta
sapertos alat tulis, seragam, sareng dahareun-
dahareun anu sehat.

Yusuf : Pangalaman naon wae anu ninggalkeun kesan


salami ibu janten penjaga koprasi, suka duka na?

Ibu Yayah : Suka na, tiasa ngabantu siswa kanggo minuhan


kaperluan salami aya disakola. Duka na, upami
rame mah sok kacapean.

Yusuf : Sabaraha modal koprasi di sakola?

Ibu Yayah : Sabulan na setiap balanja sakitar 3 juta


setengah.

Yusuf : Sabaraha penghasilan sadinten na?

Ibu Yayah : Dinten Senen dugi ka Kemis mah sakitar


Rp400.000-, benten deui dinten Jumat sareng
Sabtu mah biasana Rp3.500.000-,

Teti : Dimana upami ibu balanja teh?

Ibu Yayah : Di Agen Ciwaru, anu atos janten langganan.

Yaya : Sabaraha taun ibu janten penjaga koprasi?

Ibu Yayah : Atos 13 taun, ti kawit 2004 nepi ka ayeuna


2017.

2
Monica : Riwayat pendidikan ibu dugi kamana?

Ibu Yayah : SMA, nyaeta di SMA NEGRI 54 Jakarta.

Pindy : Kungsi damel dimana wae sateuacan ibu janten


penjaga koprasi.

Ibu Yayah : Di Jakarta di PT Nusantara Agung, sareng di


Perpustakaan.

3. DAFTAR GAMBAR

3
4
5
4. KESIMPULAN WAWANCARA

Ibu Yayah janten penjaga koprasi ti kawit taun 2004 di


SMP NEGRI 1 Karangkancana. Anu alamat rompok na di desa
Tanjungkerta. Riwayat pendidikan akhir na nyaeta di SMA
NEGRI 54 Jakarta. Ibu Yayah janten anu merjuangkeun koprasi
ti kawit koprasi ngan masih aya alat tulis hungkul nyaeta taun
2004, ayeuna taun 2017 atos komplit aya alat tulis, seragam
sakola, aya minuman sareng kadaharan anu sehat, sareng
atos kapeser kulkas dua sareng talase. Eta sadaya bu Yayah
gaduh inisiatif nyalira sareng aya dukungan ti rekan-rekan
guru, kanggo merjuangkeun koprasi anu serba aya. Modal
kanggo nyadiaan koprasi anu serba aya teh nyaeta kirang
langkung 3 juta setengahan, ayeuna penghasilan sadinten na
atos Rp400.000-,.

Manfaat ngalakukeun paguneman ieu ibu Yayah tiasa


masihan pelayanan kanggo siswa sareng siswi, salami aya
disakola, sapertos seragam, alat tulis sareng kadaharan anu
sehat. Suka dukana janten penjaga koprasi nyaeta suka na
tiasa masihan pelayanan kanggo siswa siswi duka na ngan
saukur kacapean hungkul.

Sateuacan ibu Yayah janten penjaga koprasi anjeuna


damel di Jakarta nyaeta di PT NUSANTARA AGUNG sareng di
perpustakaan.

6
5. PANUTUP

Kitu sawatara hasil laporan wawancara sareng ibu Yayah


penjaga koprasi mugia aya manfaatna, jeung bisa dijadikeun
motivasi keur kahirupan anu leuwih hade.

Anda mungkin juga menyukai