Anda di halaman 1dari 21

Organel-organel sel

Inti (nukleus)
Inti bertugas
mengendalikan semua
aktivitas sel mulai
metabolisme hingga
pembelahan sel. Pada
sel eukariotik, inti
diselubungi oleh
membran inti (karioteka)
rangkap dua dan berpori,
sedangkan pada sel
prokariotik inti tidak
memiliki membran. Di
dalam inti didapati cairan
yang disebut
nukleoplasma, kromosom
yang umumnya berupa
benang kromatin, dan
anak inti (nukleolus) yang
merupakan tempat
pembentukan asam
ribonukleat (ARN).

Retikulum Endoplasma
Organel ini berupa sistem
membran yang berlipat-
lipat, menghubungkan
antara membran sel
dengan membran inti,
dan berperan dalam
proses transpor zat intra
sel. Ada dua macam RE
yaitu RE halus dan RE
kasar yang
permukaannya ditempeli
banyak ribosom.
Ribosom
Ribosom berfungsi
sebagai tempat sintesis
protein dan merupakan
contoh organel yang tidak
bermembran. Organel ini
terutama disusun oleh
asam ribonukleat, dan
terdapat bebas dalam
sitoplasma maupun
melekat pada RE.

Badan Golgi
Organel ini berbentuk
seperti kantong pipih,
berfungsi dalam proses
sekresi lendir,
glikoprotein, karbohidrat,
lemak, atau enzim, serta
berfungsi membentuk
lisosom. Karena
fungsinya dalam hal
sekresi, maka badan
golgi banyak ditemui
pada sel-sel penyusun
kelenjar.

Lisosom
Berbentuk kantong-
kantong kecil dan
umumnya berisi enzim
pencernaan (hidrolisis)
yang berfungsi dalam
peristiwa pencernaan
intra sel. Sehubungan
dengan bahan yang
dikandungnya lisosom
memiliki peran dalam
peristiwa:

pencernaan
intrasel: mencer
na materi yang
diambil secara
fagositosis
eksositosis
:pembebasan
sekrit keluar sel
autofagi :
penghancuran
organel sel yang
sudah rusak
autolisis :
penghancuran diri
sel dengan cara
melepaskan
enzim pencerna
dari dalam
lisosom
ke dalam sel.
Contoh peristiwa
ini adalah proses
kematian sel
secara sistematis
saat
pembentukan jari
tangan, atau
hilangnya ekor
berudu yang
mulai beranjak
dewasa.

Mitokondria
Mitokondria adalah
organel yang berfungsi
sebagai tempat respirasi
aerob untuk
pembentukan ATP
sebagai sumber energi
sel. Organel yang hanya
dimiliki oleh sel aerob ini
memiliki dua lapis
membran. Membran
bagian dalam berlipat-
lipat dan disebut krista,
berfungsi memperluas
permukaan sehingga
proses pengikatan
oksigen dalam respirasi
sel berlangsung lebih
efektif. Bagian yang
terletak diantara
membran krista berisi
cairan yang disebut
matriks banyak
mengandung enzim
pernafasan atau
sitokrom.

Mikrotubulus dan
Mikrofilamen
(sitoskeleton)
Mikrotubulus berbentuk
seperti benang silindris,
disusun oleh protein yang
disebut tubulin. Sifat
mikrotubulus kaku
sehingga diperkirakan
berfungsi sebagai
kerangka sel karena
berfungsi melindungi dan
memberi bentuk sel.
Mikrotubulus juga
berperan dalam
pembentukan sentriol,
silia, maupun flagela.
Mikrofilamen mirip seperti
mikrotubulus, tetapi
diameternya lebih kecil.
Bahan yang membentuk
mikrofilamen adalah aktin
dan miosin seperti yang
terdapat pada otot. Dari
hasil penelitian diketahui
ternyata mikrofilamen
berperan dalam proses
pergerakan sel,
endositosis, dan
eksositosis. Gerakan
Amuba merupakan
contoh peran dari
mikrofilamen.

Sentrosom
Sentrosom merupakan
organel yang disusun
oleh dua sentriole.
Sentriole berbentuk
seperti tabung dan
disusun oleh
mikrotubulus yang terdiri
atas 9 triplet, terletak di
dekat salah satu kutub
inti sel. Sentriole ini
berperan dalam proses
pembelahan sel dengan
membentuk benang
spindel. Benang spindel
inilah yang akan menarik
kromosom menuju ke
kutub sel yang
berlawanan.

Vakuola
Merupakan rongga yang
terbentuk di dalam sel,
dan dibatasi membran
yang disebut tonoplas.
Pada tumbuhan vakuola
berukuran sangat besar
dan umumnya
termodifikasi sehingga
berisi alkaloid, pigmen
anthosianin, tempat
penimbunan sisa
metabolisme, ataupun
tempat penyimpanan zat
makanan. Pada sel
hewan vakuolanya kecil
atau tidak ada, kecuali
hewan bersel satu. Pada
hewan bersel satu
terdapat dua jenis
vakuola yaitu vakuola
makanan yang berfungsi
dalam pencernaan
intrasel dan vakuola
kontraktil yang berfungsi
sebagai osmoregulator.
Plastida
Merupakan organel yang
umumnya berisi pigmen.
Plastida yang berisi
pigmen klorofil disebut
kloroplas, berfungsi
sebagai organel utama
penyelenggara
proses fotosintesis.
Kromoplas adalah
plastida yang berisi
pigmen selain klorofil,
misalkan karoten,
xantofil, fikoerithrin, atau
fikosantin, dan
memberikan warna pada
mahkota bunga atau
warna pada alga.
Plastida yang tidak
berwarna disebut
leukoplas, termodifikasi
sedemikian rupa
sehingga berisi bahan
organik. Ada beberapa
macam leukoplas
berdasar bahan yang
dikandungnya: amiloplas
berisi amilum, elaioplas
(lipoplas) berisi lemak,
dan proteoplas berisi
protein.

Peroksisom atau Badan


Mikro
Peroksisom merupakan
kantong kecil yang berisi
enzim katalase, berfungsi
menguraikan peroksida
(H2O2) yang merupakan
sisa metabolisme yang
bersifat toksik menjadi air
dan oksigen. Organel ini
banyak ditemui pada sel
hati. Glioksisom adalah
badan mikro pada
tumbuhan, berperan
dalam proses
pengubahan senyawa
lemak menjadi sukrosa.
SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU
Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu
Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden
Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.
Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-
putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana.
Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua
tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak.
Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden
Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu
gtos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang
campuh atu bendu pisan snjeunanana. Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua
putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para
parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana
nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang
Prabuteh langsung ngadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci
dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen
ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami
eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat
Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah
anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus
jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah
Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung
Krakatau teh.

Rincian Dongeng:
- Judulna : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
- Bahasana : Lemes
- Palakuna : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden
Topobrana
- Watek palakuna :
Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana.
Raden Sundana = Sarakah
Raden Topobrana = Embung ditindes
- Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden
Sundana.
CAI LAUT ASIN
Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu
Jani. Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere
jeung tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu
butuh. Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung
pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani sacangkir
jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan aprok jeung aki-aki awakna
begang lempangna rumanggieung atu karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas
dibubur saenggeus asak didalahar bareng.
Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-akit eh mere jiman ka Ki Jani
mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. Naon wae anu dipikahyang ku ujang,
sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!tilu kali, ca kaki-aki teh, engke tangtu haluna
nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung. Ngereunkeunana lisung kudu
dibere taneuh saetik. Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu
jeung tutulung kanu susah.

Barang Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna siri , bari boga niat jahat hayang
miboga jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki
Jana carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa
dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu ereun-ereun,
Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi asin.

Rincian Dongeng:
Judulna : Cai Laut Asin
Bahasana : Kasar
Palakuna : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki
Jani.
Watek palakuna : Ki Jana :
Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah.
Ki Jani :
Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah.
Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur.
Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna bakal cilaka. Kudu kos Ki
Jani bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi senang tur tentrem.
KUYA NGAGANDONG IMAHNA
Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit
isuk datang sore magrib. Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina.
Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum.
Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te
kabawa angina.

Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya
kacai hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi
imah geus angus seneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik.
Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, tong ceuri sakadang
Kuya ngieun deui imahmah!

Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angina.
Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet? cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet
ngajawab, gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun.
Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang tangkodkeun kana
tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero.
Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina
tonggongna, monyet anu memenerna. Nah ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok
dibabawa bae, digagandong.

Rincian Dongeng:
Judulna : Kuya Ngagandong Imahna
Bahasana : Kasar
Palakuna : Sakadang Kuya jeung sakadang Monyet
Watek palakuna :
Sakadang Kuya :
Getol daek digawe, gampang putus asa an, te kuat kena
musibah.
Sakadang Monyet :
Daek babantu jeung mere saran
Tempat/latar : Baheula dihiji kebon deket walungan
Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong bodo.
Jeung kudu daek babantu ka batur kos sakadang Monyet.
HAYAM KONGKORONGOK SUBUH
Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka
kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu
ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum
tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi.
Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah
nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang
naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu,
jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago engke tandukna
dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi
kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.
Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam
jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh
kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna
berang titinggi teu datang-datang.
Keun sugan cenah peuting engke pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh
titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi
dating arek di pacok nepikeun ka paehna.
Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi
sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.

Rincian Dongeng:
- Judulna : Hayam Kongkorongok Subuh
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Hayam Jago, Titinggi jeung Oray Naga
- Watek palakuna :
Oray Naga = jahat, sok nipu, teu sukur, sok hayang nu batur.
Titinggi = Daek wae di titah sanajan salah, teboga pamadegan.
Hayam Jago = Babari percaya, gampang dibobodo.
- Tempat/latar : Hiji tempat jaman bahela nyaeta di leuweung
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari hirup teh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah sok daek wae di
titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo bisi kaduhung, ulah gampang
percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.
GAGAK JADI HIDEUNG
Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong.
Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh
tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun
keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.Teu kungsi lila
balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya
haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh
laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun,
tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag
gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik
wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak
teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .Barang
jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray
sanca nanya, mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu
liwat kadieu?

Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen


katara, Engga, gaaaa!. Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna
hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!

Rincian Dongeng:
- Judulna : Gagak Jadi Hideung
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca
- Watek palakuna :
Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
- Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah
kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing
embung gawe.
Carita Ti Hiji Makam
Di lembur kuring, kapisah ku Cibuyut - susukan leutik nu mun halodo caina ayeuna mah sok saat,
pahareup-hareup jeung Masjid Kaum (disebut kitu, pedah eta masjid teh di lembur mah panggedena),
aya hiji makam. Leutik makamna mah. Teuing makam naon ngaranna. Ngan nu jelas eta makam teh
pikeun lembur kuring mah dipusti-pusti.
Makam karamat istilah gampangna mah. Pedah eta cenah, di dinya aya makam Eyang Jayalalana,
karuhun nu geus boga jasa muka leuweung di lengkob Gunung Sawal ngajadi lembur gede nu ayeuna
nelah Cihaurbeuti, lembur kuring tea. Malah cenah, ceuk kolot-kolot di lembur, geuning Eyang
Jayalalana teh karuhun ti Pangeran Dipatiukur. Ku alatan geus dikaramatkeun tea, atuh teu
sambarang jalma nu bisa dikurebkeun di eta makam. Iwal ti nu bener-bener sagetih alias turunan Si
Eyang jeung orok wungkul. Pedah eta meureun, orok mah masih suci. Sedeng ari nu ngaranna
karamat mah, pan sok dianggap suci.
Kualatan geus ngajadi makam karamat, nya sok sanajan mun dibandingkeun ka Makam Pasir Dalem
nu legana jauh leuwih lega, tapi anehna rahayat di lembur kuring teu ieuh pati wanieun asup ka eta
makam. Sieun aya nanaon. Iwal ti jalma-jalma nu boga kawani leuwih nu daekeun asup ka dinya teh.
Atawa jalma nu geus nekad. Siga jalma-jalma nu kapengpeongan ku kode buntut. Baheula, basa
Porkas jeung SDSB aya keneh.
Ku aya basa pikeun leuwih ngahurmat ka Si Eyang meureun. Tilu bulan ka tukang, di eta makam
diayakeun proyek pangwangunan. Nu ngaluluguan tur nyokong dina widang pendanaan teh dua kolot
asal ti kota.
Teuing saha sabenerna eta kolot dua adi lanceuk teh. Ngan nu jelas, manehna teh masih pituin urang
Cihaur. Malah masih pituin turunan Si Eyang. Ngan ti keur leutik keneh ngumbara di kota. Pikeun
sakola tur nyiar pakasaban hirup.
Jalma-jalma nu kawilang sukses cenah maranehna teh. Lian ti beunghar, maranehna oge kungsi boga
kalungguhan nu kawilang aheng pikeun urang lembur mah. Nu hiji pangsiunan dosen - malah salaku
guru besar. Ari nu hiji deui mah kungsi jadi pajabat agung di Bank Indonesia pusat.
Demi pikeun kuring bisa percaya mun manehna bener-bener salaku jalma sukses, buktina memang
geus atra pisan. Siga ilaharna jalma-jalma sukses di urang, ti bareto keneh kuring geus apal mun di
eta makam aya sababaraha tumbak tanah kosong nu geus dicirian ku tembok aduk. Bareto mah
kuring nyangka eta tanah kosong teh makam. Tapi anehna taya jahulan. Waktu ditanya, cenah eta teh
bakal pimakameun pikeun dua jalma si anu jeung si anu; dua ngaran ti maranehna. Kualatan geus aya
kavlingna tea, kuring oge yakin mun eta adi lanceuk teh memang masih turunan eyang.
Cenah, eta makam rek dijadikeun Taman Makam. Enya Taman Makam siga nu aya di kota. Nu para
pahlawan biasa dikurebkeun tea. Jeung nya eta pisan nu jadi alesanana, yen senah pan jasa Si Eyang
ka lembur teh geus kacida gedena. Jadi payus mun makamna diistimewakeun siga bangsa urang nu
geus ngistimewakeun pikeun ngurebkeun para pahlawan-na di Taman Makam.
Tah! Kusabab eta makam bener-bener bisa ngajadi Taman Makam, atuh puguh bae bestek
pangwangunan eta makam oge bener-bener jiga nu beunang neplak ka Taman Makam nu aya di kota
tea. Alhasil, eta makam nu tadina jalanna ngan saukur jalan satapak, bari teu puguh ngulon ngetanna,
komo sambunganana, ayeuna mah estu nyarambung bari jeung ditembok. Kitu deui, di eta makam
oge jadi aya pangdiukan sagala ayeuna mah.
Kitu deui, sabangsaning tangkal kembang oge jadi leuwih rea ayeuna mah. Komo di sisi-sisi
makamna mah. Ngagantikeun eurih-eurih nu ngagalaksak minuhan sisi-sisi makam, jeung geus moal
mungkin hirup deui da eta sisi makam teh geus ditembok kacida tohagana. Jadi geus teu sieun loba
oray cara tiheula. Alhasil bener-bener teu pikasieuneun deui siga baheula ayeuna mah eta makam teh.
Malah jadi pikabetaheun siga ilaharna Taman Makam.
Komo deui mun enya mah jahul-jahul nu rajeg nyirian paesan di eta makam oge, nu tadina tina batu
jeung aya sapasang, tur sawarehna tak bernama, baris diganti hiji jahul marmer nu ngaranna rek
diukir. Da kitu tea cenah jahul para pahlawan nu aya di Taman Makam oge.
Nu jadi kahemeng kuring, na kumaha engke rek mere ngaran pikeun paesan-paesan nu tadina jahulna
tak bernama tea. Na rek make ngaran "pahlawan tak dikenal bae kitu'. Pan jelas-jelas di makam eta
mah ngan saukur paesan orok wungkul. Jadi pahlawan dina palebah naonna?
Tapi keun bae eta mah, kuma karep. Tinggal urusan maranehna. Nu jelas pikeun diri kuring aya hal
sejenna. Terus terang, kuring ngarasa teu panuju kana eta proyek. Nyaeta perkara tumpurna
tatangkalan nu aya di eta makam. Nurutkeun kuring, eta korban teh kawilang mahalna. Malah teu
bisa dibalitungkeun deui ku rega duit. Utamana kana tangkal Kiara nu nilik tina ngarunggunukna
mah paling henteu umurna geus puluhan taun. Malah nurutkeun kokolot lembur nu umurna geus
ampir saratus taun mah geus kana leuwih ti saabadna.
Ngan nya kitu tea. Ku alatan rek dijadikeun Taman Makam tea, nya siga sakumaha mistina Taman
Makam nu aya di urang, nu estu negla tur plung-plong, antukna tangkal Kiara nu geus janggotan tur
lukutan teh ditaluar.
Nu kuring ngarasa beuki nalangsa, eta ku sikep warga di lembur. Najan tangtuna pada sarieun aya
mamalana ku alatan geus nuar eta tangkal nu geus milu dikaramatkeun ku warga lembur oge - da
buktina nu nuarna oge kudu make ngundang ti luar lembur sagala da urang lembur nu biasa sok
nuaran kai mah teu aya nu wanieun - nu jelas urang lembur pada satuju mun eta maskot makam-
makam nu sok aya di kampung teh dituar. Beda-beda alesanana mah. Ngan nu jesa asana hal ieu geus
bisa jadi bukti mun intina, sakabeh warga kampung, sok sanajan teu rundingan heula, geus nyatujuan
kana eta proyek modernisasi makam tea.
"Ngarah eta makam teu geueuman deui." Cenah ceuk sawatara jalma mere alesan. Pedah eta
meureun ku nempo dedegan Kiara mah memang matak pikakeueungeun. Komo mun maju
kasaraeupna tur mun kabeneran hujan ngaririncik. Teuing kunaon, mun teu bueuk, pasti manuk suit
incuing nu sok ngadon disada. Nu matak nu barorangan mah, komo mun nu ngaredul ka masjid mun
geus aya girimis wanci kitu teh, pasti geus moal pada ka masjid!
"Jeung ngarah taya deui kamusrikan." Kitu ceuk para ahli masjid waktu eta Kiara geus dituar.
Dumeh eta, sok sanajan jaman SDSB geus lekasan, tapi anehna sok aya bae jalma nu sok ngadon
meuting di handapeun eta tangkal. Da kabeneran, malah siga nu dihaja ti tadina, nya siga umumna
makam-makam para karuhun, di palebah handapeun eta tangkal pisan ayana makam Eyang
Jayalalana.
Pikeun kuring pribadi mah terus terang bae ku dituarna eta tangkal teh bet jadi asa kaleungitan
pangaresep. Jeung enyana, sanggeus eta Kiara ditaur, kuring jadi teu bisa deui nempo sapasang
Tikukur sok biasa, datang ti palebah kidul tiap jam salapan isuk. Kitu deui tontonan tina kalakuan
bajing nu meh unggal rebun-rebun sok katingali aya aclok-aclokan dina dahan Kiara, malah aya
kalana nepi ngagajleng tur lulumpatanana di luhureun masjid. Malah kadang-kadang sok lulumpatan
dina kabeh listrik, ayeuna mah jadi musna.
Teuing, teuing kumaha, ngan pikeun kuring, najan resep kana sasatoan, tapi kana miara sasatoan estu
teu resep. Asana, rarasaan kuring ieu mah meureun, mun nempo sato geus dikurungan teh asa
nalikung kana kabebasan eta sato. Jadi mun geus ngadenge manuk nu aya na kurung disada na ceuli
kuring mah lain ngaheot atawa nyanyi eta manuk teh. Tapi ceurik. Jadi mending nempo kalakuan tur
ngadenge sora sasatoan nu aya di alam bebas pikeun kuring mah.
Enya. Teuing mun kuring mah beda ti batur meureun. Nu jelas, basa bareto, basa kuring keur leutik,
sok sanajan batur -komo barudak- mah pada sieun ka makam Si Eyang, kuring mah malah resep
pisan aya di jero teh. Komo mun geus usum jambu aer. Kuring sok ngadon ngahajakeun ka eta
makam tur naekan tangkal jambu haer nu aya di eta makam. Da ngeunah atuh jambu ti dinya mah.
Lian ti leuwih peungkeur -teu juuh teuing caina-, bener-bener aramis pisan deuih.
Atuh basa usum SDSB, mun geus aya nu tapa, kuring malah sok kakarayapan ngadeukeutan tangkal
Kiara. Malah sakali-kalieun mah, mun kabeneran nu tapa geus ngomong nembrakkeun kahayangna,
enya menta nomer buntut nu wacis tea, kuring sok gegereman pikeun mirupakeun sora embah, da
cenah bejha waktu keur leutik ari sora embah mah sok ngagerem, bari terus sacara sabulangbentor
mere angka, dua malah nepi ka opatna ka eta nu tapa. Da eta ku hayang manehna buru-buru balik.
Ngarah sasajenna nu kacida pikabitaeunana, utamana kana beuleum hayam jeung daweganana. Nu
jelas iwal ti cai kopi jeung surutu nu tara ditoel teh. Da teu resep!
Nepi ka ayeuna sakabeh pangalaman di makam masih kagambar sacara jelas na ingetan kuring. Nu
matak, kamari-kamari ieu, saencan eta makam dibukbak, mun ka dinya, mun batur mah, cenah, sok
pating paruringkak bulu pundukna, komo mun ka palebah tangkal Kiara, kuring mah kalah sok
ngadon seuri sorangan. Bener! Inget kana kaeuleuyeuran baheula.
Tapi nepi ka ngarasa harenegna diri kuring kana kanyataan nu geus tumiba ka eta makam, lain
kualatan eta makam geus neundeun catetan hirup kuring jaman baheula. Tapi kualatan rasa kasieun
nu nyangkaruk na hate leutik kuring mun jaganing geto, kualatan kalakuan sabahagian warga nu geus
ngaruksak makam Si Eyang, sakumna warga baris kabarerang.
Jeung tetela geuning sual kasieun kuring tadi teh sarua pada dirasakeun ku sakumna warga lembur.
Atuh waktu kuring ngayakinkeun yen mamalana isuk jaganing geto pasti aya dina mangsa jama'ah
masjid pada ngaromongkeun mamala nu mungkin baris datang maranehna ku akibat amarah Eyang
Jayalalana nu tempatna geus diburak-barik tea, manehna langsung pada percaya.
"Sok bae, pan ayeuna Mang Kemen bae mun erek ka sawah teh sok manggihan bae oray hideung.
Padahal pan ti makam teh sawah si emang mah rada anggang." ceuk kuring bari ngalieuk ka Mang
Kemen nu harita milu dina riungan.
"Bener. Matak mun rek ka Citanduy, kuring mah tara ngaliwat ka palebah sawah Si Emang. Sok
nguriling bae. Da sok manggihan bae oray." Ceuk hiji jama'ah mairan.
"Naha nya jadi kitu? Na eta teh oray piaraan Si Eyang kitu?" Ceuk nu liana teu bisa nyamunikeun
rasa kasieun.
Kuring ngan saukur seuri. Ku alatan nu dimaksud ku kuring mah lain mamala nu siga kitu. Lain
pikeun ngabahas sual oray nu cenah, waktu akar Kiara nu geus dituar keur dibongkar pada kalaluar ti
handapeun akar, bet ujug-ujug loba kalaluar oray hideung, Sabab hal na eta oray, ceuk kuring mah
pantes bae rek aya bae katempo oge, da pan ti baheulana oge eta makam teh enggonna oray. Buktina
bareto oge pan warga lembur nu ngadon ka eta makam meh sarerea kungsi manggihan oray. Demi
ayeuna tepi ka nyebar ka sawah-sawah nu aya di sisi makam -siga sawah Mang Kemen, pantes bae
pan enggonna geus pada di ruksak.
Nu dimaksud ku kuring mah mamala nu sejen. Nu leuwih rohaka ti batan mamala alam nu malah,
sok sanajan sakumna jamaah masjid tacan sadar yen eta teh mamala ku alatan tina makam nu geus
koredas tangkal badagna. Leuwih rohaka tibatan tina ngajadi panasna masjid akibat sumorrotna
panon poe di wanci asar nu langsung asup ka masjid sanggeus masjid teu kapindingan deui ku
linduhna daun kiara. Nyaeta sual bakal datangna mamala moral.
Enya. Sok sieun sanggeus dijadikeun taman makam, makam nu tadina dipusti-pusti ku urang lembur
salaku makam karamat, makam suci, isuk jaganing geto antukna dijadikeun tempat bobogohan ku
kaum rumaja di lembur, malah ti lembur batur. Beh dituna malah dijadikeun tempat mesum siga
Taman makam-taman makam nu aya di kota.
Kitu!
Nu matak aneh pikeun diri kuring mah, na naon alesanana demi eta bahaya di luhur teu make
dibalitungkeun heula ku dua jalma nu geus nyeponsoran eta pagawean. Da, salaku jalma-jalma
pinter, asa teu mungkin mun pasualan nu pikeun jalma siga maranehna kacida basajanna kitu make
teu kapikiran ku dirina.
Unsur intrinsik
Tema : Lingkungan
Judul : Carita di hiji makam
Tempat/Latar : Lembur kuring,dihiji makam
Palaku : Kuring,eyang jalalana,adi lanceuk ti kota,warga lembur
Watak Palaku :
1.Kuring : Perduli kana lingkungan lemburna,pinter,bijaksana bisa
ngabedakeun mana nu bener jeung salah,teu kagoda ku kahirupan
kota,lemah lembut,wanian.
2.Eyang Jalalana: Jasa na gede yen bisa muka leuweung jadi hiji lembur
kawas ayuna.
3.Adi lanceuk ti kota: beunghar,pinter/intelek,tapi sabodo wae heunteu
nimbang-nimbang heula kaputusan anu matak jadi bahaya kangge lembur eta.
4.Warga : Sieunan,percaya teuing kana tahyul.
Kasimpulan : Urang anu hirup di dunya kudu hanya percaya kana takdir anu
ditentukeun gusti Allah. Teu kenging percaya kana tahyul anu dijieun-
jieun.komo jadi musrik.nu namina makam teu aya istilah makam
karamat,sadaya makam oge sami wae.da anu hirup pasti maot.anu diinget
mah ngaran sarenv kalakuan anu bener samasa hirup/jasa na.tapi ulah urang
jadi ngapusti-pusti atawa ngajadikeun istimewa.komk di jadikeun tempat
musrik yen neangan kekayaan.
CARPON | KANG ADUN SI TUKANG PEUYEUM

Di hiji wanci isuk, keur meujeuhna jelema saribuk dina urusana masing-masing, Kang Adun anu
osok ngideur ka unggal lembur jualan peuyeum keur nyiapkeun dagangana di bumi bilikna ngasup-
ngasupkeun peuyeum kana nyiru.
Teu loba peuyeum anu dijual ku manehna, ngan saukur 7 nugika 15 kiloan. Kang Adun sanajan bari
geus kolot oge tapi ari kana digawe mah getol neangan rezeki ngahirupan anak jeung pamajikanana.
Saberes manehna ngasup-ngasupkeun peuyeum kana nyiru, gek diangkat si tanggungana kumanehna
teh.
Prak kang Adun mulai kaluar ti bumina sabari izin ka pamajikana rek indit heula dagang.
"Mah, bapa rek dagang heula nya, du'akeun ku mamah mugi dagangana seep."
"Enya pa, unggal dinteun oge mamah mah osok ngadu'akan bapak, mugi atuh peuyeumna seep, si
ujang karunya ceunah hoyongeun buku kangge sakola. :("
**Sabari sedih saeunggeus ngadenge anakna hayangeun buku keur sakola, kang adun mulai
ngalengkahkeun sukuna...
Bitis kang adun anu geus peot jeung gigina anu teu sampurna deui siga bareto keur ngora... Ditingali
mah asa teu panteus jualan peuyeum ngideur ka unggal lembur. Sanajan kitu oge kang adun tutep
sumanget jualan.
Kang adun mulai ngagorowok ka unggal bumi wargi sabari susuganan aya anu meser peuyeumna,
"Peuyeum... Peuyeum.., Barade Peuyeum..!" Alhamdulillah (ceuk hate kang adun), jol ti hiji imah
aya anu nyahutan.
"Kang.. Kang, meser peuyeumna 4 kilo..!"
Di salah sahiji imah nu sejen aya deui nu nyahutan.
"Kang, meser peuyeumna 8 kilo...!"
Peuyeum dagangana anu dibawa ku kang adun 16 kiloan teh seep taya sesa, dina jero hatena Kang
Adun.
"Alhamdulillah, peuyeum teh seep.. Tiasa mereunan meser buku keur si ujang sakola engke."
Kang Adun ngarasa capek geus nanggung peuyeum dina taktakna. Prak we Kang Adun teh nagog
sabari ngabaheuhay di sisi jalan.
Ditingali kumanehna lalar liwat mobil jeung motor bulak balik ngaleos di hareupenana. ceuk hatena
kang adun.
"Duh... Nasib jeulema leutik kos urang Boro-boro bisa boga mobil atawa motor, ngahirupan anak
jeung pamajikan oge susah."
Saeuntos ngarasa leuwih enakkeun sampeana, kang adun mulai ngengkeg balik ka bumina. Pas
dihareupeun panto bumina, kang adun ngetok panto, tok.. Tok tok..
"Mah... Mah, bapa uih."
Dibuka we si pantona teh ku pamajikana
"Eh.. Bapa tos uih geuning.."
Kang Adun tuluy asup ka bumina sabari ngitung acis dina pesakna, gek we kang adun diuk dina korsi
sabari nyarita ka pamajikana.
"Mah... Alhamdulillah peuyeumna seep."
"Alhamdulillah atuh pak, tiasa panginteun meser buku keur si ujang sakola."
"Mah... Hapunteunnya bapa, teu tiasa ngabahagiakeun mamah jeung si ujang."
"Ari bapa nyarios naon? Mamah mah narimakeun ka ayaan arurang kieu, keun bae batur rek
ngomong, ih.. Si itumah miskin atau naon oge, da ari gusti Allah mah teu nilai kabeungharan
manusa, tapi nilai kahadean dina hatena."
**Kang adun jeung pamajikana silih nangkeup sabari ceurik... :')
Kajadian Teu Disangka-sangka

Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat maghrib teh, rudi ngapalkeun. Ngawitan ti
ngarengsekeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di sakola. Harita, pun biangna sareng
kulawarga sanesna ngadadak kedah ka bumi amangna, margi bade sukuran bumina. Ku kituna
sadaya kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal rudi sorangan. Soalna, saupami ngiring, tangtos PR
anu sakiti seueurna moal rengse mangkaning enjing-enjing pisan kedah tos ka sakola.
Wengi eta rudi cicing dikamar ngarengsekeun PR sarta macaan buku kanggo enjing bari
jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling, pangajaran teh asa gampil nyerep kana otakna.
Padahal teu aya ulangan.
Tabuh 06.00 WIB pas, rudi mios ka sakola. Asa tenang teu deg-degan margi PR anu sabreg-
bregan teh rengse sadayana. Rerencanganna nararoskeun naha aya ulangan henteuna. Rudi yakin yen
dinten harita mah moal aya ulangan. Atuh tenang-tenang wae ngobrol bari ngantos bel disada.
Saparantos bel tanda lebet ka kelas disada, sadaya murid kelas 1,2,3 lebet ka kelasna sewang-
sewangan. Jam pelajaran kahiji teh nyaeta matematika. Bapa Eki guruna teh. Barudak simpe, margi
Pa Eki tos lebet ka kelas. Wilujeng enjing Pa!
Kaluarkeun kertas dua lambar, dinten ieu ulangan! saur Pa Eki.
Haaahh, pan teu diwartosan Pa, dinten ieu ulangan! barudak reuwas bari protes.
Kalintang deg-degannna sadaya murid harita, margi kedah ulangan matematika. Soalna mah teu
seueur mung lima tapi jawabanna teu cekap dua lambar. Tegang, deg-degan, stress campu jadi hiji.
Ya allah untung abdi teu ngiring jadi tiasa ngapalkeun, soal-soalna tadi wengi tos dipelajari, nuhun
gusti gerentes hate Rudi.
Ketatna pa Eki dugi ka teu tiasa ngareret sakedik-skedik acan. Teet...teet...teet sora bel disada
tanda waktos pelajaran seep. Barudak pasrah iwal ti Rudi, kertas ulangan dadakan dikempelkeun.

Enjingna, sadaya barudak ngariung dipayuneun papan pangumuman. Rudi kacida reuwas
nembe g dugi kasakola, sadaya rerencanganna ngasongkeun pananganna. Wah,
wilujeng..wilujeungnya, peunteun matematika pangsaena!.
Maling Hayam Jeung Panganten
Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ilik ka katuhu jeung
kenca, ngaler ngidul jeung ngulon, tuluy keteyep ngadekeutan ka hiji imah panggung,
maklum dikampung mah masih keneh loba imah panggung, jeung biasana kolong imah teh
sok dijieun kadang hayam, kandang entog, kandang kelenci, pokona mah kolong imah teh
sok dijieun kandang ingonan anu manfaat keur kulawargana, multi level meureun nya
ayeuna mah istilahna teh.

Tah simaling teh caritana rek maling hayam, rerencepan muka panto kandang bari jeung
dugdag-degdeg da sieun kadengeeun kunu boga imah, barang keur muka panto kandang
ngadenge aya sora awewe "kang....tos dibuka......", simaling ngagerendeng na hatena
"duh! nyahoeun aing muka panto", simaling jempe sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncor
sirahna ka kandang, ti imah kadenge deui sora awewe "duh kang tos lebet nya !!!" sorana
rada tarik, simaling ngorejat bari kukulutus dina hatena "haram jadah! nyahoeun aing rek
maling hayam !", padahal nu dijero imah mah teu nyahoeun nanaon da puguh keur
sosonoan, maklum masih pangantenan.

Isukna simaling jualan bonteng di pasar, kabeneran sipanganten oge indit kapasar, pas
liwat ka tukang bonteng awewena nyarita ka salakina bari ngadilak ka tukang bonteng,
pokna teh "kang siga nu wengi nya!". maksudna kana bonteng, tapi Tukang bonteng
ngageubeug hatena, rey...... beungeutna ngadadak beureum, tuluy hudang tina diukna,
beretek lumpat tipoporose sieun ditewak, hatena baceo "duh bener-bener nyahoeun ka
aing". padahal si awewe mah ngomong kitu teh kanu boga salakina.
PLAYBOY INSAP
Riki, nyaeta budak anyar di SMP Pelita Jaya, manehna teh budak nu kasep, pinter,
keren, saeutik dewasa sipatna, romantis, jeung deui manehna budak nu paling terkenal di
sakola, hampir barudak jeung guru SMP Pelita Jaya karenaleun jeung manehna. Di sakola
SMP Pelita Jaya, Riki teh ternyata budak nu playboy, manehna boga kabogoh tapi loba,
Riki ge boga sababaraha kabogoh, ngan beda kelas jeung manehna.
Hiji poe, Riki pajeueung jeung hiji awewe, ngarana Desi, manehna teh kagum ka
si awewe eta, unggal poe si Riki nyoba ngadekeutan si awewe eta jeung ngarayuna hey
manis, daek teu sorangan jadi kabogoh urang sabab sorangan nyaeta bagaikeun belahan
jiwa urang jeung saparuh napasku seakan urang teu bisa hirup tanpa cintamu tapi
usahana si Riki selalu wae gagal, sabab si Desi teh geus nyaho bahwa si Riki eta playboy.
Sampe sahiji waktu, si Desi rek mere pelajaran ka si Riki, carana nyaeta nerima
cintana si Riki, tapi si Desi oge boga kabogoh, tapi lain sakolana, tapi si Riko teu nyahoeun,
saenggeus sababaraha minggu, aya pengumuman ti kapala sakola bahwa aya camping
khusus budak PMR, campingna tilu poe tilu peuting jeung engke berangkat sore ayeuna.
Riki jeung Desi balik ka imahna masing-masing rek siap-siap camping.
Sadaya berangkat ngagunakeun bis, di acara camping eta, Riki jeung Desi
tambah apet. Sampe sahiji waktu, si Riki rek panjeueung jeung si Desi di tenda si Desi.
Tapi, si Sinta teu aya di tendana, ngan aya sahabatna wae, di tenda teh aya si Sinta
sobatna si Desi, si Riko menta nomer hp si Desi ka si Sinta, tapi si Sinta embungeun mere,
tapi akhirna si Sinta mere sabab si Sinta karunya ka si Riki. Saenggeus eta, si Riki nyaho
bahwa si Desi teh geus boga kabogoh selain manehna, saenggeus kajadian eta, si Riki teu
pernah pajeueung deui jeung si Desi sampe acara camping salse.
Hubungan si Riki jeung si Desi mulai renggang, si Desi teu nyaho kudu
ngajelaskeun naon ka si Riki, sampe hiji poe di sakola, si Riki datang ka kelas si Desi. Si
Desi langsung ngomong
Ki, urang rek putus! jeung emosina, si Riki langsung narima perkataan si Desi.
Oke, teu nanaon, urang ge bisa meunang awewe nu leuwih geulis leuwih baik ti
maneh!
Saenggeus balik sakola si Riki ngarenungkeun masa-masa indahna jeung si
Desi, datang perasaan di benak si Riki bahwa lain si Desi nu salah ka manehna tapi
manehna nu salah ka si Desi. TI sabarang kajadian eta, si Riki ngahubunganjeung
mutuskeun kabogoh nu hiji nepi ka nu terakhir. Riki oge nyoba ngahubungan si Desi jang
pajeueung jeung si Desi sabab si Riki rek menta maaf.
Si Riki akhirna datang ka kelas si Desi, si Riki menta maaf sambil sujud di
harepeun si Desi.
Urang rek menta maaf, urang sadar eta semua salah urang jeung urang rek
ngulang deui jiga baheula bari sujud di hareupeun si Desi.
Entos Ki, urang embung ngabahas deui jeung urang ge moal deui bobogohan
deui jeung maneh ceuk si Desi
Naha?! Padahal urang geus mutuskeun kabeh kabogoh urang, demi Desi! ceuk
si Riki bari ceurik.
Teu, maneh teu boga salah nanaon, tapi urang teu suka cara maneh
mempermainkeun awewe, awewe ge boga harga diri, Ki. Lain jang dipermainkeun, coba
maneh nu aya di posisi maranehna, pasti maneh ge ngarasakeun hal nu sama, sabaikna
urang jadi rencang heula jeung ngajalani hirup urang heula masing-masing ceuk si Desi.
Nya entos mun eta mauna Desi, urang turutan jeung urang janji moal ngulangina
deui ceuk si Riki.

Riki akhirna balik jeung perasaan kacewa jeung sedih, manehna nyesel
perbuatanana eta jeung manehna sadar bahwa jeung perbuatanna eta bisa nyakitkeun
hatena batur.
KURING NGABELEDUG
Kuring leumpang nyusuran ieu lorong. Katingali seueur ruangan anu pinuh ku meja jeung korsi, dihareupna
aya papan bentukna pasagi nu sok disebut bor atawa papan tulis. Ngan teu ngeunahna seueur katingali
sampah-sampah urut dahareun hampir di unggal ruangan nu aya didinya, ah dasar weh budak sakola!

Kuring langsung leumpang karuangan nu geus dituju, di gigireun panto aya tulisan XI IPA 4, nya kelas nu pang
pojokna di sakola ieu. Kuring langsung kana kelas kuring, ningali sakuliling, karek kuring sorangan. Nya baelah
da dating nyubuh kieu ge aya maksud. Pak SB Y anu dipoto katingali cungar-cengir ningalikeun kalakuan
budak sakola nu ngaranna Ahmad Maulana ieu.

Selang teu sababaraha lami, mucunghul hiji jalma, katingali tijandela didieu, ah nya eta awewe babaturan
kuring. Geulis puguh, da maksud kuring nyubuh kadieu ge naon deui salain ti ngeceng. Ngaranna Putri Sari
Dewi, nya kuring karek kenal sabulan lantaran karek sabulan ngaliwatan penjurusan kelas. Kuring langsung
bogoh ka jalma ieu ti mimiti sakelas, teuing kunaon, nya naluri weh.

Pas si manehna eta asup kelas, kuring langsung nyalukan bari make sosoanIndonesia tea.

Euh put, PR udah?

PR Sunda? Nya atos atuh, nu carpon tea sanes?

Muhun tah eta, hehe, mun kitu boleh baca ga?

Oh, nya mangga, bari ngasongkeun bukuna.

Kukuring langsung disabet, panasaran kana carita nu dijieun ku kecengankuring ieu. Pas kuring maca..
samenit dua menit nepikeun ka beresna. Edan kuring langsung ngahuleng bakat ku takjub.

Put, cerpen na subhanalloh pisan

Ah mad, teu oge ah

Teu mikir panjang kuring langsung luncat kana tujuan kuring.

Eh put, wios nyungkeun nomer?

Nomer putrid? Kangge naon nya?

Ah nya da babaturan weh, maenya teu apal nomerna.

Oh, keheula, yeuh catet weh, bari ngasongkeun kertas nu aya nomeran.

Nuhun nya put, ngke wengi urang cobian di sms

Enya.. Enya.., Tuluy siputri ngaleos.

Peutingna

Kuring hulang huleng bari ningali jam, ah geus jam 09.00. Geus peuting teuing hayang ngsms siputri the. Rek
ngsms ngan sieun ngaganggu, tapi da hayang. Akhirna mah ku kuring diwani-wanikeun weh ngsms da bogoh
tea.

Hei, Putri.
Anjeunna ngabales, ah kacida bungahna kuring teh. Cenah kieu

Ya? Sahanya..?

Ieu Ahmad tea, ngetes hungkul weh, naha putrid can bobo..?

Oh.. teu acan tunduh mad..

Kadituna kuring tuluy smsan jeung siputri nepi ka peuting pisan. Unggal poe pasti teu kaliwatan keur ngsms
eta budak, duit naon weh dipakekeun kana pulsa heula, nya pengorbanan, pikir kuring. Ti saprak eta kuring
jadi akrab pisan ka si Putri, Nepikeun si Putri sok nyaritakeun masalah-masalahna.

Teu karasa geus 3 bulan kuring deukeut ka si manehna, geus salila 3 bulan oge kuring nyimpen perasaan ieu
ka si Putri. Ah lila kalilaan kuring teu kuat oge nyimpen iae perasaan jeung nyandang status jeung si Putri
ngan saukur babaturan. Akhirna kuring mutuskeun rek nyatakeun kabehanana ka si Putri.

Dina hiji poe, kuring akhirna geus mantap rek nyatakeun, geus ngumpul-ngumpul kawani sababaraha poe
ieu, akhirna poe ieu kudu bisa. Mimiti ku kuring si Putri diajakan ulin ka rumah makan, ngan duaan, ngakuna
mah kuring hayang curhat ka si Putri, nya niatna mah beda deui. Pokokna mah asa ku deg-degan pisan.

Di rumah makan deukeuteun Jatos kuring awalna mah basa-basi heula, nya maenya weh ngomong langsung.
Sanajan aya rarasaan sieun di tolak ku si Putri, ah kajeun da geus takdir. Pokokna rek si Putri ngajawab
kumaha ge, kudu siap weh kana sagala nu bakal kajadian.

Put, aku mau ngomong, serius nih, da ngomong ka awewe tea jadi make basa Indonesia, meh rada
romantic cenah n amah.

Iyah, ada apa yah? Kok kayanya serius gitu?

Gini put.. hmm,, gimana yah ngomongnya

Apa? Kok jadi beda gini atmosferna?

Yah put, langsung weh nya,.. mun di basa sunda mah.. kuring bo.. bogoh ka anjeun

hah..?? Si Putri reuwaseun jiga nu teu percayaeun. Sanggeus eta duanana cicing euweuh nu ngomong.
Tukang rumah makanna ge melong ningalikeun, asa sinetron meureun. Teu sababaraha lila si Putri ngomong,
tapi.. aku ga nyangka, mad. Ah geus tanda-tanda teu ngeunaheun ieu mah, nya kuring putus asa, nya
nggeus lah da can jodoh weh meureun. Tuluy si Putri ngalanjutkeun, Mad, aku udah nyaman sama kamu
dari dulu, tapi aku ga nyangka Ah kuring teu kuat ngadenge lanjutanna. Geus katebaklah.

Langsung rada cicing sakeudeung, si putri ngalanjutkeun deui, ga nyangka ternyata kamu punya perasaan
yang sama kaya aku. Aku juga suka kamu. Kuring ngabeledug.
Saung Panineungan
Geus leuwih tilu kali leubaran eta saung can diteang deui tapi kamari nya leubaran ayeuna
pisan kuring neang deui eta saung, saung teh geuning taya obahna ti baheula neupi ka
ayeuna istuning kitu keneh ras ingeut nya di saung eta kuring jeung Iis pernah patali jangji
nya didinya pisan Iis ngedalkeun lisan cenah rek satia hayang hirup babareungan tapi,
kiwari geuning teu kabuktian jangji tinggal jangji kanyataan sewang-sewangan.

Ret ngaleret hareupeun saung aya jalan anu bras na ka wahangan leutik di leubah
wahangan eta paragi kukumah paragi nyeuseh cing saha bae anu ngaradon nyeuseuh
meuni rame mun isuk-isuk teh loba mojang ngadon nyareuseuhan didinya, nya didinya
kuringge sok silih simbeuh jeung Iis mun kabeuneran Iis keurnyeuseuh malah peurnah ti
gujubar duaan ari kabeuneuran otel kamalinaan nya jaribrug awak teh tapi geuning karasa
bagja pisan.

Ras ingeut deui nya di saung ieu yeuh basa meuleum jagong paduduaan jeung Iis teh ari
meuleum di campur jeung otel tungtungna jagong teh tarurtung malah eta arengna jadi
bahan pangheureuyan silih doletkeun kana beungeut atuh Iis teh camelong kitu deui kuring
, kuring imut sorangan hayang seuri ingeut kana pangalaman baheula teh nya campur
jeung kaseudih geuning urang teh teu ngahiji Iis.

Kunaon atuh bisa teu ngajadi enya urang teh geus jangji da kitu geuning kolot anjeun Iis teu
satuju ka kuring pedah kuring jalma nu batan sakieu tuna harta tuna harti, nya ku kolot
anjeun anjeun di jodokeun ka Mantri Bank anu beughar pakayana, nya ti harita kuring lunta
ti Lembur rek makaya ka Kota rek digawe bari mawa hate anu gudawang kabogoh di reubut
batur keuna ku paribasa meuncit meuri dina rakit boboko wadah bakatul lain nyeuri
kupanyakit kabogoh di reubut batur meni keuna pisan eta sisindiran teh.

Nya kebat kuring ngumbara di kota kabeuneuran kuring di angkat jadi guru Sakola
Dasar tug neupi ka meunang jodo urang kota. Nu matak leubaran ieu kuring mudik jeung
indung na barudak.

Kiwari kuring geus boga budak dua, tapi rahasiah eta saung bating teu arapaleun eta di
jadikeun rahasia duaan ngan kuring jeung Iis bae, suganteh mudik teh bisa panggih jeung
Iis geuning suwung teu panggih duka dimana.

Anda mungkin juga menyukai