Anda di halaman 1dari 6

PANGJEJER ACARA

Pangjejer acara sok disebut oge panata calaraga . Lamun cek istilah barudak ayeuna mah
disebut MC (Master of Ceremony),host, atawa presenter.
Naon ari pangjejer acara teh ? Pangjejer acara nyaeta jalma nu ditugaskeun pikeun ngatur
lumangsungna hiji acara ti mimiti dibuka nepi ka ditutupna eta acara. Pancen (tugas) utamana
nyaeta nyusun acara sarta mingpin jeung ngarahkeun lumangsungna acara sangkan tartib tur
lancar.
Kusabab eta dibutuhkeun kaparigelan jeung kaahlian lamun urang jadi pangjejer acara. Aya
sawatara sarat jadi pangjejer acara , diantarana :
1. Warugana/fisikna kudu sehat, miboga kualitas sora nu alus
2. Pamorna kokoh, boga karep,percaya diri,tanggung jawab, beresih hate, aya heureuyna
(humoris)
3. Paham kana etika jeung tatakrama
4. Boga pangaweruh (pinter) jeung wawasanna jembar.
5. Adeg pangadeg nu bisa dipercaya, bisa ngayakinkeun

Acara nu dijejeran the loba rupana. Aya nu resmi,aya oge nu teu resmi. Acara resmi contona
ngistrenan(pelantikan), upacara bendera,acara dinu hajatan. Acara nu teu resmi biasana acara-
acara hiburan.
Susunan acara / struktur acara nu resmi biasana runtayanana the kieu :
1. Bubuka
2. Pangbagea/Pangjajap (sambutan)
3. Acara Poko
4. Do’a/Tutup
Dina Pangbagea (sambutan), lamun nu rek nepikeun sambutan leuwih ti saurang, pangjejer
acara kudu bisa ngatur nu diheulakeun mere sambutan nyaeta nu dianggap leuwih luhur .
(Contona nu mimiti pangbagea ti Bupati ,nurun pangbagea ti Camat, nurun pangbagea ti
Pupuhu Desa terus ka Pupuhu panitia jst.).
Pon kitu deui dina acara poko anu leuwih ti hiji, kudu diheulakeun acara nu leuwih utamana
tibatan acara lainna Pangjejer acara kudu parigel dina ngatur acarana supaya nguntuy jeung
tartib.
Aya sawatara hal nu kudu diimeutan lamun jadi pangjejer acara dina nyusun acarana :
1. Kudu nyaho kahayang atawa tujuan acara
2. Kudu wanoh (wawuh) jeung nu boga acara atawa panitia
3. Kudu nitenan situasi kondisi
4. Bisa nyusun acara nu hade
5. Rukun gawe (kerjasama) jeung panitia
Dina prak-prakanana (pelaksanaan) ngajejeran acara resmi, pangjejer acara kudu :
1. Ngagunakeun basa nu merenah
2. Make pakean mu sopan, luyu jeung sipatna acara
3. Tong loba maca naskah
4. Sora kudu ngoncrang /bedas/tarik tur jelas
5. NGaruntuykeun aca saluyu jeung nu geus ditangtukeun.
Aya sawatara istilah protokol dina basa Sunda nu kudu dipikanyaho ku hidep sangkan bisa
ngabedakeunnana.
- Pangjejer acara/Panata calaraga = jalma nu ditugaskeun mingpin,ngarahkeun sarta
nyusun acara ti mimiti muka nepi ka tutupna acara sangkan lumangsung kalayan tartib
tur lancar
- Panumbu catur (moderator) = jalma nu tugasna mingpin jeung ngarahkeun
lumangsungna acara sawala(diskusi).
- Girang Acara /Pamingpin Acara = jalma nu tugasna ngatur acara, ampir sarua jeung
pangjejer acara.
- Girang serat (sekretaris/notulen) = jalma anu tugasna nuliskeun sagala kajadian dina
hiji acara

Pancen mandiri

Tengetan tina youtube atawa di televisi kumaha prak-prakan ngajejeran acara boh dina acara
hiburan , acara resmi atawa dina acara hajatan. Catet ku hidep dina buku
1. Saha pangjejer acarana ?
2. Naon ngaran acarana ?
3. Iraha eta acara disiarkeun ?
4. Omongan naon nu ditepikeun ku pangjejer acara dina muka acara ?
5. Omongan naon nu ditepikeun ku pangjejer acara dina nutup acara ?
6. Kumaha runtuyan acarana ?

Pancen Kelompok

Sabada nitenan conto jeung nonton prak-prakan ngajejeran hiji acara, pek ayeuna jieun
kelompok (8 urang). Kelompok hidep kudu nyieun susunan acara “NGISTRENAN
PUPUHU OSIS ANYAR SMPN 1 JATINANGOR TAUN 2018-2019”. Dina acara ieu pek
bagi tugas saha nu engke bakal jadi pangjejer acara bisa duaan), anu jadi pupuhu OSIS, nu
jadi pangbagea (nu mere sambutan), nu maca doa jeung sajabana. Tampilkeun di hareupeun
kelas minggu hareup.
Pikeun contona hidep bisa neangan dina internet atawa nitenan conto naskah nu aya.
LAPORAN

Laporan nyaeta ringkesan beja/informasi ngeunaan hiji hal nu geus kajadian. Aya laporan
lalampahan jeung aya oge laporan peristiwa.
Laporan lalampahan nyaeta ringkesan informasi tina kajadian nu pernah dilampahkeun
(dilakukeun ) ku urang. Jadi kajadiannana kaalaman langsung kunu n ulisna. Sedengkeun
laporan peristiwa mah eusina ngeunaan informasi/beja tina hiji kajadian nyata nu istimewa di
sabudeureun urang. Kajadianna mah teu kudu kaalaman langsung kunu nulisna, Biasana
laporan peristiwa sok ditulis atawa ditepikeun ku wartawan dina media massa.
Pikeun leuwih jelas, engke bisa diimeutan dina Lembar Kerja.

Dina nulis laporan kudu nguntuy susunannana,


1. Judul ; ngaran kajadian nu rek dilaporkeun
2. Bubuka : alinea awal, ngarupakeun panganteur laporan
3. Eusi ; pedaran eusi laporan (bisa sababaraha alinea, gumantung laporanana)
4. Pamungkas/ pantutup : alinea ahir, mangrupa kacindekan tina laporan lalampahan.

CIRI LAPORAN NU HADE :


1. Hal nu dilaporkeun kudu aya mangpaatna keur nu lain
2. Judulna kudu pikatajieun nu maca, basajan jeung ngagunakeun kalimah aktip
3. Eusi laporan ulah ngahina batur ulah nyigeung SARA, jujur ulah bohong
4. Ngagunakeun basa Sunda nu merenah
5. Eusina singget,
6. Tulisanna sistematis, luyu jeung aturan
7. Laporan kudu pikatajieun nu maca
8. Eusi laporan bisa dilengkepan ku foto atawa bukti fisik sejenna.

Pancen mandiri (bisa diskusi)


Prak ku hidep bandingkeun dua conto laporan peristiwa jeung laporan lalampahan dina conto.
Terus tulis kacindekan hidep (kesimpulan) ngeunaan naon bedana jeung naon sasaruaan dua
conto laporan tadi, boh dina basa eusi jeung tata cara nuliskeunana. Tulis dina kertas
salambar.

Pancen Kelompok:
Tulis laporan lalampahan nu ku kelompok hidep pernah dilakukeun dina migawe pancen basa
Sunda samemehna, nyaeta dina nyusun jeung nyiapkeun praktek pangjejer acara. Judulna
bisa ditangtukeun masing-masing, bisa dilengkepan ku poto-poto waktu sawala(disku.si)
atawa waktu tampil ka hareup. Laporan diketik jeung dikumpulkeun minggu hareup.
Materi Pangdeudeul;

BABASAN, PARIBASA, JEUNG GAYA BASA

Babasan
Babasan nyaeta ungkara basa dina wangun kecap(frase) anu harti jeung maksudna geus
matok. Miboga harti injeuman, teu sarua jeung harti sabenerna kecap-kecap nu ngawangunna
Contona :
- panjang leungeun : hartina sok puak-paok (lain leungeunna panjang)
- gede hulu : hartina adigung,sombong (lain nu huluna/sirahna gede)
- gurat batu : hartina bedegong - hampang birit :gampang dititah - ipis biwir; babarian
- jeung rea conto nu lainna

Paribasa
Paribasa nyaeta ungkara basa dina wangun kalimah nu harti jeung maksudna geus matok.
Contona :
- Adat kakurung ku iga :hartina tabeat/sifat nu hese diobah
- Anjing ngagogogan kalong : hartina mikahayang hal anu pamohalan (teu mungkin)
- Beunghar memeh boga= hartina lobakahayang nuteu saimbang jeung kaayaan dirina
- Jst.

Gaya Basa (Majas)


Gaya basa nyaeta kekecapan nu dipake pikeun ngebrehkeun eusi hate nu nulis/nyarita,
tujuanna pikeun nyiptakeun efek nu leuwih leleb.
1. Mijalma (personifikasi) : ngalarapkeun sifat atawa paripolah jalma ka barang/hal nu
lain jalma.
Conto :
- Daun kalapa ngagupayan ti kajauhan. (ngagupayan kalakuan jalma dilarapkeun
kana tangkal kalapa)
- Angin peuting ngagalindengkeun dangding peuting.(ngagalindeng/nyanyi kalakuan
jalma dilarapkeun kana angin)

2. Kadalon (pleonasme) : nambahkeun katerangan nu teu perlu kana hal nu geus jelas
maksudna.
Conto :
- Kadenge ku ceuli sorangan caritaanna the kitu.(ceuli teu kudu ditambahkeun, da
ngadenge mah geus pasti maksudna ku ceuli lain ku nu lainna)
- Tajong ku suku atuh bal the,Jang ! (najong geus pasti maksudna ku suku, jadi
sabenerna teu kudu ditambahkeun)
- Buru atuh maju ka hareup, tong cicing bae !

3. Lalandian (metafora) :ngabandingkeun hij hal jeung hal lainna nu sifatna sarua atawa
ampir sarua
Conto :
- Tutun mah jadi arjuna-na di klub basket the. (ngalandian keur jelema nu kasep)
- Atin mah bentang kelas tujuh C. (ngalandian budak nu pangpinterna)
- Persib katelahna maung Bandung

4. Rautan (eufimisme) : ngaganti hiji kecap nu dianggap kasar ku kecap lain nu leuwih
pantes
Conto :
- Nyarios sareng nini mah keda tarik margi tos kirang dangu (maksudna torek)
- Asep Irama socana teu awas (maksudna teu nempo/lolong).
- Abdi bade widi ka pengker, Bu.(maksudna ka cai)

5. Ngasor (litotes) : ngomong handap asor (merendah) nu tujuanna pikeun ngahormat


nu diajaknyarita.
Conto :
- Mangga rencangna saaya-aya, maklum di kampung. (padahal deungeunna the
sagala aya/loba rupana)
- Gaduh kebon mah, nanging mung sacangkewok. (padahal kebonna lega)
- Maklum abdi mah teu gaduh katiasa. (padahal sagala bisa )

6. Rarahulan (hiperbola) : ucapan nu ngaleuleuwihkeun nepi ka teu asup akal


(pamohalan).
Contona :
- Manehna ngajerit maratan langit ngoceak maratan jagat. (Maksudna ngajerit tarik
pisan)
- Eusi pidato Bung Karno di bage ku keprok nu ngeundeurkeun gedong Merdeka.
(maksudna nu keprokna loba jeung tarik)

7. Ocon (metonimia) : ngaganti ngaran hiji barang ku kecap lain nu geus jadi atribut
atawa ciri has barang nu dimaksud.
Conto :
- Kuring mah geus lila tara nginum cocaco)la.(nu dimaksudna nginum nu ngandung
soda, merek coca cola atawa merek lainna)
- Cik pangmeulikeun aqua sabotol ! (maksudna cai dina kemasan, merekna bisa
aqua atawa lain
- Agus kamari meuli Yamaha anyar. (maksudna motor merek Yamaha)

8. Raguman (sinekdoke) :
a. Tunggalan (pars pro toto) nyebutkeun sabagean atawa salah sahiji padahal nu
maksudna sakabehna.
- Kamana ari Husen, teu katempo irung-irungna acan. (sanajan nu disebutkeun
irungna tapi nu dimaksud mah lain irung wungkul tapi jeung jelemana)
-
b. Hurungan (totem pro parte) nyebutkeun sakabehna padahal nu dimaksudna mah
sabagean.
- Kamari barudak SMP 1 Jatinangor tanding mengbal ngalawan SMP 2
Jatinangor. (maksudna lain sakabeh barudak SMP tapi ngan tim pamaen
wungkul)

9. Silib/Sindir (alegori) : omongan anu eusina dibalibirkeun sangkan nu diajak nyarita


teu eraeun atawa kasigeung hatena.
a. Ngomong sekeut(sinisme) : omongan nu eusina nyawad kalawan lemes
- Teu sangka geuningan meni getol putra ibu the. (maksudna mah kedul)
b. ngomong dua (ironi) : omongan sabalikna tina maksudna
- Naha datang the subuh-subuh teuing,Jang ? (padahal maksudna kabeurangan)
c. meupeuh lemes (sarkasme) : eusina nyawad, nyungkun.
- Beakeun dahareun the sakalian, keun bae batur teu kabagean mah !
- Jung geura indit ti heula, antepkeun bae nu leleda mah.

10. Ngumpamakeun (Simile) : ngabandingkeun hiji hal jeung hal lainna nu hartina sarua.
Biasana make kecap lir, siga, kawas,ibarat jst.
Conto :
- Manehna mun ngambek sakulit bawang (kulit bawang ipis, maksudna ambekna
ngan saharitaeun teu ngunek-ngunek)
- Ngadenge indungna maot, awakna leuleus lir kapas kaibunan (kapas mun
kaibunan sok nampuyak, jadi awakna leuleus tanpa tangan pangawasa)
- Lina sareng Luna mah kawas beubeulahan terong (maksudna sarupa pisan, hese
dibedakeunana)

Anda mungkin juga menyukai