Bab I
Biantara
Aya tilu teknik dina nepikeun biantara :
Kahiji . Ekstemporan Biantara teh bisa ditalar tanpa naskah
kadua Impromtu Biantara teh bisa ukur nyiapkeun naskah intina wungkul, lantaran dadakan
dititah biantarana.
katilu: Biantara nu naskahna dibaca. Biasana dina biantara resmi.
Pengertian dan Definisi Biantara dalam Bahasa Sunda
BIANTARA Biantara nyarita hareupeun balarea pikeun nepikeun hiji perkara, sipatna
monolgis, ukur direspon ku unggeuk/gideg, keprok, jeung pasemon.
Materi Biantara
1. Bubuka
2. Eusi
3. Bahasan
4. Kacindekan :Metode Biantara
Metode Impromtu
Metode Ngapalkeun (memoriter)
Metode Naskah (manuscrip)
Metode ekstemporan
GUNA BIANTARA - Pikeun nepikeun rupaning kapentingan/maksud. - Ngaronjatkeun ajen diri
- Ngarojong Leadership - Jadi puseur paniten masarakat, dihormat jeung dihargaan.
WANDA BIANTARA Ceramah Pamapag/sambutan Pedaran/bahasan hiji pasualan Natar (up
grading) Laporan Kampanyeu/propaganda Tarekah Ngaronjatkeun Kamampuh Biantara Diajar
dina organisasi Numuwuhkeun kawani tumanya Ngaregepkeun ceramah ilmiah Rea maca
TAHAPAN BIANTARA
A. PERSIAPAN Nangtukeun tujuan jeung topik Ngawasa materi nu rek ditepikeun Mikanyaho audience
Mikaweruh situasi jeung kondisi Nyiapkeun fisik jeung mental
B. TAHAP MIDANG Muka omongan Ngabiantarakeun eusi Nutup biantara
B.Tujuan Biantara
1. Informatif (Mere Beja)
2. Persuasif (Ngajak)
3. Instruktif (Parentah)
4. Edukatif (Pendidikan)
C.Jenis Biantara
1. Resmi
2. Teu Resmi
D.Metode
1. Improftu (Improfisasi/tidak fokus pada teks)
2. Memoriter(Ngapalkeun teks)
3. Manuscript(Nyandak teks/maca teks)
E.Hal-hal anu kedah diperhatikeun nalika Biantara
1. Vokal kedah jelas
2. Artikulasi/kelafalan kedah jelas
3. Lentong jeung wirahma na merenah (lagu bicarana)
4. Kedah nyunda
5. Teu tegeg
6. Manajemen waktu
7. Performance (gerak-gerik)
8. Mibanda rasa humor
PIDATO BASA SUNDA TEMA KESEHATAN DAN KEBERSIHAN
Judul : “Kumaha Pentingna Ngajaga Hirup Bersih”
Assalamualaikum Wr, Wb. Wilujeng Enjing hadirin Sadayana ayena. Bapak Guru, Ibu Guru nu
dipihormat sareng sadaya rerencangan siswa siswi kelas XI nu dipikacinta.
Langkung ti payun hayu urang sanggakeun puji sareng sukur urang ka Allah Subhanahu
Wata’ala nu parantos masihan nikmatna ka urang sadayana, sapertos nikmat kasehatan oge
wakto luang dugi ka tiasa patepang raray di acara ieu. Alhamdulillah urang oge tiasa kempel di
tempat ieu dina kaayaan sehat.
Para hadirin anu sim kuring hormati. Dina waktos ieu, sim kuring bade ngadugikeun tema
tentang kumaha pentingna hirup bersih oge sehat kanggo kahirupan urang sadayana. Luyu
jeung hadis Rasulullah shallallahu ‘alaihiwasallam bahwa kabersihan teh sabagian tina iman.
Salaku jalmi anu beriman, tangtuna urang ulah ngalalaworakeun perkara kabersihan. Urang
sadayana kedah ngajagi lingkungan oge awak urang sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala
panyawat.
Ku margi kitu, urang sadaya kedah ngajalankeun hirup urang sadidinten ku cara nu leres oge
sehat. sapertos ibak ngarah awak bersih, ngosok waos nu rutin, meresihan kuku maksial
samingon sakali, eta sadaya salah sahiji conto hirup anu sehat. Conto sanesna saperti miceun
runtah dina tempatna, ulah nyiduh di mana wae, lamun batuk atawa beresin baham keah
ditutupan.
Lamun sadidinten urang ngajaga kaberesihan, awak urang bakal beresih tina sagala kokotor ku
kitu awak urang jadi sehat.Urang sadaaya kedah resep oge mikacinta kana kabersihan diri oge
lingkungan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.
Para Hadirin sadayanu sim kuring dipikahormat. Cekap sakitu nu tiasa sim kuring haturkeun,
pamungkas ti sim kuring pribadi, bilih aya kecap anu kirang merenanah larapna atanapi aya
basa anu kirang entep seureuhna, mugi para hadirin sadaya kersa ngahapunten.
Hatur nuhun sadayana atas kana sagala perhatosanana. Wassalamualaikum warahmatullahi
wabarakatuhu.
BAB 2
Sisindiran
téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun,
henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra
nu ngagunakeun rakitan basa kalawan padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun
ugeran (puisi). Sisindiran téh wangunna mibanda cangkang jeung eusi. Upama dina
tradisi Malayu mah disebutna pantun. Sisindiran téh dina Kamus Umum Basa Sunda nyaéta
basa anu diréka, lolobana murwakanti sarta bisa dikawihkeun.
Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan
nyaéta:
Rarakitan
Paparikan
Wawangsalan.
Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta:
(1) Silih Asih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.
Conto sisindiran
Rarakitan Sésébréd
Aya roda na tanjakan,
katinggang ku pangpung jengkol.
Aya ronda gogoakan,
katinggang ku hulu kohkol.
Paparikan Silih Asih
Aya listrik di masigit,
caangna ka mana-mana.
aya istri jangkung alit,
karangan dina pipina
Wawangsalan
Kendang gedé pakauman
Dag dig dug rasaning ati
Wangsalna: Bedug
Kecap rajekan nyaeta kecap anu disebut dua kali atawa dirajek wangun dasarna
atawa engangna. Salian ti dirajek wangun dasarna atawa engangna, aya oge kecap
rajekan anu ditambahan ku rarangken, boh ditambahan ku rarangken hareup boh
ditambahan ku rarangken tukang. Aya sababaraha rupa kecap rajekan, nyaeta Kecap
Rajekan Dwipurwa, Kecap Rajekan Dwimadya, Kecap Rajekan Dwilingga jeung Kecap
Rajekan Trilingga.
Pembahasan
Kecap Rajekan Dwipurwa nyaeta kecap rajekan nu dirajek engangna.
Kecap Rajekan Dwimadya nyaeta kecap rajekan anu dirajek engang tengahna.
Kecap Rajekan Dwilingga nyaeta kecap rajekan anu dirajek wangun dasarna bari teu
ngarobah sora (Dwimurni) jeung kecap rajekan anu dirajek wangun dasarna bari
ngarobah sora (Dwi reka). Kecap Rajekan Trilingga nyaeta kecap rajekan anu dirajek
atawa disebut tilu kali wangun dasarna.
Sampurasun! Kecap rajekan adalah kata ulang atau kata yang disebut dua kali (ada juga
yang tiga kali), baik sebagian suku katanya maupun seluruh bentuk dasarnya. Kata ulang
dengan menyebut dua kali bentuk dasarnya disebut dwilingga. Kecap rajekan dwilingga
terbagi lagi menjadi dua macam, yaitu dwimurni dan dwireka.
Kata ulang yang disebut sebagian juga terbagi menjadi dua macam, yaitu dwipurwa dan
dwimadya.
Kata ulang yang disebut tiga kali bentuk dasarnya dengan mengubah bunyi disebut
trilingga. Contohnya blag blig blug, plak pik pluk, dat dit dut, dag dig dug, dan lain-lain.
Selengkapnya mengenai trilingga akan dibahas pada artikel berikutnya.
Pada postingan akan dijelaskan secara singkat pengertian dan contoh kecap rajekan
dwilingga.
Pengertian dan Contoh Kecap Rajekan Dwilingga
Kata ulang dwilingga adalah kata ulang dengan menyebut dua kali bentuk dasarnya. Kata
ulang jenis ini ada yang murni tanpa imbuhan dan juga yang diberi imbuhan, baik di awal, di
akhir, maupun gabungan.
Dibentuk dari nomina, menunjukkan arti jamak. Contohnya:
Isuk-isuk = pagi-pagi
Aki-aki = kakek-kakek
Masuk-manuk = burung-burung
Jalma-jalma = orang-orang
Contoh kalimat:
Isuk-isuk hawa karasa seger kénéh, aki-aki maroyan di buruan, manuk-manuk ricit
disarada, jalma-jalma nu rék digarawé geus mariang.
Artinya:
Pagi-pagi udara masih terasa segar, kakek-kakek berjemur di halaman, burung-burung
bernyanyi, orang-orang yang akan bekerja sudah pada berangkat.
Dibentuk dari kata sifat menunjukkan arti memiliki sifat, contohnya:
Kasép-kasép tara mandi, artinya tampan-tampan jarang mandi.
Geulis-geulis kedul ngaji, artinya cantik-cantik malas mengaji.
Dibentuk dari kata kerja menunjukkan arti subjek melakukan aktifitas jamak,
contohnya:
Rek cicing di imah ayeuna mah, capé ti kamari hayoh indit-inditan. Artinya sekarang akan
istirahat di rumah, lelah dari kemarin terus bepergian.
Pengertian dan Contoh Kecap Rajekan Dwimurni
Seperti sudah disebutkan pada paragraf pertama di atas, dwilingga terbagi dua macam,
yaitu dwimurni dan dwireka. Kecap rajekan dwimurni adalah kata ulang yang disebut dua
kali tanpa mengubah bunyi bentuk dasarnya, baik tanpa imbuhan maupun dengan
imbuhan.
Contohnya:
Lembur-lembur = kampung-kampung
Imah-imah = rumah-rumah
Geulis-geulis = cantik-cantik
Indit-inditan = bepergian
Ajol-ajolan = melompat-lompat secara mendadak dalam durasi waktu tertentu
Pengertian dan Contoh Kecap Rajekan Dwireka
Dwireka merupakan sub dari dwilingga. Kecap rajekan dwireka adalah kata ulang yang
menyebut dua kali bentuk dasarnya dengan mengubah bunyi. Posisi bentuk dasarnya
disimpan pada kata yang kedua.
Contohnya:
Bulak-balik = bolak-balik
Luak-lieuk = menoleh ke sana ke sini
Pungkal-pengkol = bolak belok
Rurat-rérét = melirik-lirik
PANUMBU CATUR
Panumbu catur atawa sok disebut moderator téh nyaéta nu ngatur
lumangsungna kagiatan diskusi atawa rapat. Tugasna béda jeung panata
acara atawa MC (Master of ceremony). MC mah tugasna mingpin sakabéh
runtuyan acara. Ari tugas utama panumbu catur mah minangka panengah
atawa wasit dina kagiatan diskusi. Nya panumbu catur pisan anu ngatur
diskusi ngeunaan hiji masalah.
Dina lumangsungna kagiatan diskusi, panumbu catur kudu boga sikep nétral
atawa teu mihak ka salasahiji pihak. Lamun aya konflik dina lumangsungna
kagiatan, kudu bisa merenahkeun diri jadi panengah.
Saméméh ngalaksanakeun tugas jadi panumbu catur, aya sawatara hal anu
perlu dilakonan, di antarana:
1. Ngawasa masalah anu luyu jeung téma kagiatan. Hadéna mah urang
geus maca heula makalah atawa matéri unggal narasumber.
2. Mikanyaho kaayaan pamilon nu hadir dina kagiatan diskusi. Moderator
kudu bisa ngatur pamilon sangkan sumanget dina miluan kagiatan
diskusi.
3. Mikanyaho riwayat hirup jeung kalungguhan/pagawéan narasumber,
sangkan teu salah nyebut ngaran atawa pagawéan narasumber.
4. Mikanyaho runtuyan acara, lilana waktu anu disadiakeun pikeun
unggal narasumber, tanya-jawab, istirahat, jeung bisa ngatur suasana
diskusi.
5. Nyiapkeun buku catetan pikeun nyatet poko-poko penting nu
ditepikeun ku narasumber jeung pertanyaan anu diajukeun ku hadirin.
6. Nyiapkeun papakéan anu sopan luyu jeung téma kagiatan, sarta alat
panuduh waktu sangkan acara bisa lumangsung luyu jeung jadwal nu
geus ditangtukeun.
Sedengkeun anu kudu dilakonan ku panumbu catur dina lumangsungna
kagiatan diskusi, nyaéta:
1. Datang leuwih ti heula ti batan pamilon.
2. Mariksa sagalarupa hal nu ngadukung lumangsungna diskusi: sound
system (mikrofon), buku catetan, ngatur hadirin sangkan tartib, jeung
sajabana.
3. Ngawanohkeun diri ka narasumber saméméh dimimitian acara,
sangkan urang leuwih akrab dina lumangsungna diskusi.
4. Maca heula biodata unggal narasumber kalawan bener.
5. Ngatur diskusi, ngatur nu nanya, jeung bisa jadi panengah upama aya
konflik jeung bébédaan pamadegan atawa pamahaman.
6. Nyindekkeun hasil diskusi.
Dina prak-prakan jadi panumbu catur téh strukturna kabagi jadi sababaraha
bagian, nyaéta bubuka, ngawilujengkeun ka pamilon jeung pedaran singget
kagiatan diskusi, ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi, méré
waktu ka narasumber pikeun medar matérina, méré kasempetan nanya ka
pamilon, jeung panutup.
Sangkan leuwih tétéla, ieu di handap dijelaskeun pancén atawa tugas
panumbu catur dina ngatur lumangsungna hiji kagiatan diskusi. Engké pék
ku hidep praktékkeunjeung babaturan.
1. Bubuka.
Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji
sareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang
sadaya. Hatur nuhun ka sadérék panata acara anu tos masihan kasempetan
ka sim kuring kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.
2. Ngawilujengkeun ka pamilon jeung nepikeun pedaran singget kagiatan
diskusi.
Wilujeng sumping ka para pamilon ieu diskusi. Ieu diskusi téh dilaksanakeun
lantaran ayana rasa prihatin kana kaayaan lingkungan anu beuki dieu téh
beuki ruksak, di antarana dilantarankeun ku miceun runtan di mana waé, nu
antukna nimbulkeun caah atawa banjir. Tujuan ieu diskusi téh nyaéta
kumaha sangkan urang bisa ngajaga lingkungan sangkan beresih, séhat,
jeung henteu nimbulkeun musibah.
3. Ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi.
Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang
kaséhatan lingkungan, badé medar matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan
jeung Kaséhatan Lingkungan’.
4. Méré waktu ka narasumber pikeun medar matéri.
Supaya ieu acara lumangsung kalawan kalancaran, sim kuring Asép
Soléhudin, badé ngamoderatoran atanapi jadi panumbu catur dugi ka
réngséna. Ka Bapa Udin Supidin sumangga dihaturanan kanggo ngabahas
matéri salami 10 menit.
5. Méré kasempetan nanya ka pamilon
Tah, mangga ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa
panasaran kumaha ngajaga kaberesihan lingkungaan, dipasihan waktu
kanggo ngadugikeun pertanyaan ka narasumber. Tong hilap sebutkeun nami
sareng ti mana asal.
6. Panutup
Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. muga-muga mangpaat
sareng jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten
tina sagala kalepatan. Mangga nyanggakeun deui ka panata
acara. Wassalamualaikum wr.wb