Anda di halaman 1dari 9

Pancen Kelompok

Basa Sunda

Kelompok 3
Disusun ku:
Adit alfauzi (1)
Ahmad Fayyadh (2)
Angelita permatasari (5)
Dafaiz Brianandika (10)
M. Rizaldi putra (19)
Restu dinda (27)
Rezkia putri (29)
Vanya azizah (33)
Istilah Arsitektur
1.1 Wangun Suhunan

(1) Julang Ngapak : wangun suhunan anu handapna kenca-katuhu leuwih meber
Dipapandekeun kana jangjang manuk julang anu keur
ngalayang.
(2) Jogo anjing : wangun suhunan anu rata sarta bagian tukangna leuwih
handap ti bagian hareupna, dipapandekeun kana anjing anu
keur ngajogo.
(3) Badak heuay : wangun suhunan anu rata sarta bagian tukangna leuwih jiga
Suhunan jogo anjing, ngan dibagena hareupna make sorondoy
deui, nepi ka katembongna ti gigir dipapandekeun kana badak
nu keur heuay.
(4) Parahu kumureb : wangun suhunan panjang anu tungtung-tungtungna make
Jure nepi ka katembongna jiga parahu anu nangku (kumureb).
(5) Suhunan jolopong : wangun suhunan anu tungtungna teu make jure, sok disebut
oge suhunan panjang.
(6) Suhunan limasan : wangun suhunan pasagi anu make jure, katembongna saperti
Limas (nyungcung).

1.2 Ngaran Wangunan jeung Fungsina

(1) Asrama : tempat ngarereb saheulaanan pikeun tentara, barudak sakola, nu


keur latihan atawa diajar ngeunaan hiji hal, jsb.
(2) Balandongan : wangun saheulaanan paranti olah-olah, hiburan,jsb. Di nu kariaan.
(3) Bale Desa : kantor pamarentahan jeung tempat kumpulan masarakat di tingkat
desa.
(4) Bale Kota : kantor pamarentahan jeung tempat ngantorna walikota.
(5) Bedeng : tempat matuhna pagawe di perkebunan, ngokolakeun binih, jsb.
(6) Benteng : adegan pikeun nahan panarajang musuh.
(7) Garduh : adegan basajan paranti anu ngajaga kaamanan lingkungan sok
oge pos ronda.
(8) Gosali : tempat digawena panday.
(9) Imah : tempat matuhna jelema.
(10) Jongko : adegan basajan paranti anu dagang di pasar.
(11) Kaputren : tempat cicingna putri raja.
(12) Karaton : tempat cicingna ratu atawa raja sarta ngokolakeun karajaan.
(13) Klinik : tempat ngubaran anu gering.
(14) Kios : tempat ngajual barang (dagangan), leuwih leutik ti toko.
(15) Kobong : tempat sarena santri di lingkungan pasantren.
(16) Leuit : tempat neundeun pare.
(17) Lio : tempat meuleum gagarabah, utamana bata jeung kenteng.
(18) Masigit : tempat ibadah umat islam, sok disebut oge masjid.
(19) Pasantren : tempat diiajjar bag-bagan agama islam.
(20) Pendopo : tempat ngokolakeun pamarentahan jeung tempat cicingna bupatii
(21) Saung : adegan basajan tempat reureuh di kebon,sawah, jsb.
(22) Tajug : adegan basajan tempat solat.
(23) Tangsi : tempat ngarerebna tentara.
(24) Toko : tempat ngajual barang (dagangan), leuwih gede ti kios.
(25) Warung : tempat ngajual barang (dagangan) pangabutuh sapopoe.

2. Pakeman Basa
Pakeman Basa disebut ogé Idiom, asalna tina bahasa Yunani Idios, anu ngandung
harti “ has, mandiri, husus, pribadi”. Dina basa sunda Pakeman basa nyaéta wangun basa
anu husus tur mandiri sarta ngandung harti anu dikandungna teu bisa dihartikeun
sajalantrahna nururtkeun harti tata basa. Atawa pekeman basa, nyaéta pok-pokan maneuh
anu ngandung harti siloka, henteu sacéréwéléna. Éta omongan dilarapkeun ka jelema, ngan
kecap-kecapna henteu dicokot tina ngaran babagian awak atawa paripolah/pasipatan
jelema baé, tapi aya tina ngaran barang salian ti jelema, saperti ngaran sasatoan atawa
tatangkalan anu diwangun omongan geusan ngedalkeun kereteg haté atawa pikiran ka nu
lian. Harti anu kapanggih dina pakeman basa atawa idiom disebut harti idiomatik.

Anu kaasup kana pakeman basa dina basa sunda nyaéta :


1. Paribasa
Nyaéta babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun omongan
(runtuyan kalimah) anu geus puguh eunteup seureuhna (sistematika), geus puguh
surupanana, geus tangtu pok-pokanna.
 Ciri – ciri paribasa:
a. Paribasa sifatna ngabandingkeun, ngupamakeun, jeung mapandékeun.
b. Paribasa téh omongan anu hartina lain harti sajalantrahna.
c. Paribasa mangrupa kalimah anu teleb sarta anteb kana haté nu diajak nyarita.
d. Paribasa henteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, sarta dilemeskeun
kekecapanana, sabab geus mangrupa wangun basa anu geus matok (pakeman).

 Ditilik tina maksud anu dikandungna, paribasa téh bisa dipasing – pasing jadi tilu
golongan nyaéta :

a. Paribasa wawaran luang


Eusina ngébréhkeun pangalaman anu geus lumrah di masyarakat, sarta mangrupa
bahan babandingan pikeun laku lampah urang.
 Contona :
1) Uyah mah tara téés kaluhur, hartina tabiat/sifat nu jadi anak tara jauh béda jeung
tabiat/sifat kolotna.
2) Uncal tara ridueun ku tanduk, hartina boga élmu pangaweruh mah moal hésé mamawa.
3) Wiwirang dikolongcatang nya gedv nya panjang, hartina ngalaman hiji kajadian anu
matak pikaéraeun. Jsb.

b. Paribasa panyaram lampah salah


Eusina panyaram sangkan ulah migawé pagawvan anu matak rugi, boh keur diri
sorangan boh keur batur.
 Contona :
1) Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan, hartina: ulah sieun, kudu gedé kawani
2) Ulah koméok saméméh dipacok, hartina: ulah waka ngomong teu sanggup/teu bisa
saméméh dicoba.
3) Ulah incah balilahan, hartina: ulah rék ninggalkeun tapi kudu tetep satia
4) Ulah nyeungceurikan upih ragrag, hartina: ulah popoyok ka jalma nu geus kolot sabab
urang gé bakal ngalaman. Jsb.

c. Paribasa pangjurung laku hadé


Eusina pikeun pangjurung milampah pagawéan anu hadé.
 Contona:
1) Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket (taki-taki ngajaga kaamanan, mageuhan
tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakéwuh)
2) Kudu bisa ngeureut neundeun/pakéan, hartina: kudu bisa nagjeujeuhkeun rejeki, kudu sina
mahi.
3) Kudu boga pikir rangkeupan, hartina: ulah sabrongbrong, kudu aya rasa curiga.
4) Kudu hadé gogod hadé tagog, hartina: hadé basa jeung hadé tingkah lakuna.
5) Kudu nepi méméh indit, hartina : kudu direncanakan kalawan asak. Jsb.

2. Babasan
Bédana jeung paribasa, babasan mah nyaeta winangun frasa atawa kecap kantétan
anu susunana geus matok sarta ngandung harti injeuman.
 Ciri –cirina:
1. Babasan mangrupa babandingan ngeunaan kaayaan, pasipatan, pariplah, sarta nasib
jelema jeung sabudeureunana.
2. Babasan mangrupa frasa atawa kecap kantétan anu ngandung harti injeuman, lain hari
sabenerna.
3. Babasaan heunteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, atawa dilemeskeun.

 Papasingan babasan diantaranga waé:


a. Anu dipaké babandingan sasatoan
 Contona:
1) Beuteung anjingeun, hartina beuteung jalma anu leutik, dipapandékeun kana beuteung
anjing.
2) Hulu peutieun, hartina: leutik sirah, heunteu sabanding jeung awakna, dipapandekeun
kana peuti nya éta kutu munding, anu huluna leutik.
3) Kokolot begog, hartina: budak nu sok pipilueun kana urusan kolot atawa omonganna
kawas kolot, dipapandékeun ka anak monyét (begog = anak monyét nu keur meujeuhna
bangor).

b. Anu dipaké babandingan tatangkalan jeung bungbuahan


 Contona:
1) Kawas beubeulahan terong, hartina: sakarupa pisan siga nu kembar.
2) Pucuk awian, hartina: teu panceg pamadeganana, dipapandékeun kana pucuk awi anu
luak léok katebak angin.
3) Héjo carulang, hartina: dilarapkeun kana kulit jelema anu konéng semu héjo,
dipapandékeun kana jukut carulang anu daunna héjo ngémploh semu konéng.
4) Siga cai dina daun taleus, hartina:teu panceg pamadeganana.

c. Anu dipaké babandingan barang


 Contona:
1) Gurat batu, hartina: kukuh, teu babari ngarobah omongan anu geus diucapkeun,
dipapandekeun kana urat – urat dina batu, sabalikna tina gurat cai.
2) Sari gunung, hartina: dilarapkeun ka awéwé anu katingali geulis ti kajauhan tapi ari ti
kadeukeutan mah teu sabaraha geulisna, dipapandekeun kana gunung anu katénjo
éndah ti kajauhan padahal rembet ku kakayon.
3) Kawas pérah bedog rautaneun, hartina: dilarapkeun ka jalma anu goréng patut pisan,
dipapandékeun kana pérah bedog anu can jadi.

d. Anu dipaké babandingan awak


 Contona:
1) Gedé hulu, hartina: sombong, adigung
2) Béngkok tikoro, hartina: teu kabagéan kadaharan istiméwa lantaran béakeun atawa telat
datangna.
3) Panjang leungeun, harttina: daék cocokot, jalma tukang ceceremed.
4) Bujur aseupan, hartina: jalma nu teu daék cicing diukna, pindah – pindah waé.
5) Beurat birit, hartina: jalma nu hésée dititah
6) Hampang birit, hartina: jalma nu daékan di titah.
7) Amis daging, hartina: jalma nu sok babari borokan
8) Amis budi, hartina: jalma nu soméah.
9) Buntut kasiran, hartina: korét
10) Kolot sapeuting, hartina kolot euweuh kanyaho
11) dulang tinandéa, hartina: awéwé mah kumaha lalaki
12) kawas aul , hartina: ciciduh atawa sok cumiduh
13) dibeuweung diutahkeun , hartina:dipikir dibulak-balik sangkan keuna kanu dimaksud.
14) nyalindung ka gelung, hartina: ngandelkeun usaha pamajikan
15) ngadu angklung , hartina: paréa-réa omong nu taya gunana
e. Anu dipaké babandingan jelema atawa tokoh kasohor
 Contona:
1) Kawas rama jeung sinta, hartina: pasangan anu kasép jeung geulis, dipapandékeun kana
tokoh wayang Ramayana.
2) Kawas dongéng si boséték,hartina gunta – ganti aturan tapi taya parobahanana,
dipapandékeun kana dongéng anu tokohna si Boséték, jalma anu loba aturan tapi taya
kamajuan.
3) Mangrupa kecap kantétan anu murwakanti
- Awét rajét, dilarapkeun ka nu laki rabi, lana tapi réa pacéngkadana.
-Pinter kabalinger, hartina: ongkoh cenah pinter tapi beunang katipu ku batur atawa
nyieun aturan anu teu bener.
- Jelema cepet bener, dilarapkeun ka jalma anu jujur, bener, tara linyok bohong.

3. Cacandraan
Nyaeta caritaan karuhun nu ngagambarkeun kaayaan nagara jaga atawa dina jaman
anu kasorang (panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun).
 Contona:
1) Bandung heurin ku tangtung.
2) Sukapura ngadaun ngora.
3) Sumedang ngarangrangan.
4) Cianjur katalanjuran.
5) Galunggung ngadeg tumenggung.
6) Pangandaran andar – andaran.
7) Wanayasa macangkrama.
8) Banagara sor katengah.
 Cacandraan béda jeung jujulukan kota, misalna:
1. Bandung kota kembang.
2. Bogor kota hujan.
3. Cirebon kota udang.
4. Karawang kota lumbung padi, jsb.

4. Uga
Kecap uga katelah hiji omongan anu eusina mangrupa ramalan yén dina hiji waktu bakal
aya kajadian boh nu pikagumbiraeun boh nu pikasusaheun.
 Contona:
1) jaga mah barudak, sajajalan disaungan, nya buktina aya karéta api.
2) Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat, nya buktina aya telegram.
3) Jaga mah, barudak, batu turun keusik naék, nya buktina aya anak somah naék pangkat,
anak ménak teu naék pangkat.
4) Jaga mah, barudak, nganteuran ka nu di gawé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun angker
gawé nya buktina aya nu dagang di pagawéan.

5. Kapamalian
Kecap pamali sok dihartikeun larangan karuhun atawa larangan sepuh urang anu
maksudna teu menang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna.
Contona:
1) Ulah nambulan uyah, pamali bisi potong peujit.
2) Ulah cicing dina lawang panto, pamali bisi hésé menang jodo.
3) Ulah maké baju bari leumpang, pamali bisi tgeu kalaksanakeun cita – cita.
4) Ulah sapaké jeung koloy, bisi hapa hui.
5) Ulah mandi pabeubeurang, bisi téréh péot.

6. Kila – kila
Kila – kila nyaéta totondén (tanda – tanda) alam kana naon – naon anu bakal kajadian.
 Contona:
1) Lamun aya kukupu hiber ditengah imah, tandana rék aya tamu.
2) Lamun ngimpi néwak lauk, tandana rék menang duit.
3) Lamun kekenudan panon kenca, tandana rék manggih kasedih.
4) Lamun kekenudan panon katuhu, tandana rék manggih kabagjaan.
5) Lamun murag bulu mata, tandana aya nu sono ka urang.
6) Lamun panas ceuli, tandana aya anu ngomongkeun.

Anda mungkin juga menyukai