Anda di halaman 1dari 5

1. Bahasan teh tulisan anu ngabahas masalah ………….

a. Politik
b. Ekonomi
c. Kabudayaan
d. Naon bae

2. Anu disebut opini teh nyaeta …….


a. Kamandang pribadi
b. Hasil survey
c. Hasil panalungtikan
d. Hasil panalingaan

3. Idiom dina basa sunda mah disebutna ……..


a. Paribasa
b. Babasan
c. Caturangga
d. Pakeman basa
4. Anu matak disebut pakeman basa the lantaran ……….
a. Susunan kecapna diluyukeun jeung maksudna
b. Susunan kecapna geus puguh entep seureuhna
c. Susunan kecapna bisa dirobah-robah
d. Susunan kecapna teu bisa ditangtukeun

5. Anu kaasup pakeman basa nya eta ………..


a. Rakitan basa
b. Rarakitan
c. Rakitan lantip
d. Rakitan matok

6. “sukapura ngadaun ngora.”


Ungkara di luhur the ka asup …………
a. Cacandran
b. Caturangga
c. Rakitan lantip
d. Uga

7. Babandingan anu ngagambarkeun kaayaan, kalakuan, jeung pasipatan jelema disebut


………
a. Paribasa
b. Babasan
c. Rakitan lantip
d. Cacandran
8. Uga mangrupa pakeman basa anu eusina tujuman kana ……..
a. Kaayaan hiji daerah dina hiji mangsa
b. Kaayaan hiji jalma dina kahirupan
c. Kaayaan nagara dina mangsa nu bakal datang
d. Kaayaan nagara dina mangsa nu geus kasorang

9. Anu kaasup caturangga, iwal …………


a. Satria pinilih
b. Satria kinayungan
c. Sumur bandung
d. Sekar panggung

10. Caturangga teh pakeman basa anu eusina ngeunaan hade gorengna watek …………
a. Ucing
b. Jelema
c. Manuk
d. Kuda

11. Dina wangunna, paribasa teh mangrupa ……


a. Kalimah
b. Kecap kantetan
c. Harti injeuman
d. Babandingan

12. Anu kaasup kana paribasa pangjurung laku hade nya eta ………
a. Kudu bisa ngeureut pakeun
b. Nyeungeut damar di suhunan
c. Ngaliarkeun taleus ateul
d. Lauk buruk milu mijah

13. Jalma anu kandel kulit beungeut teh nya eta jalma anu ………
a. Kuat beungeutna
b. Eraan
c. Teu boga kaera
d. Gede kawani
14. Jelema anus ok maling barang batur sok disebut ……….
a. Panjang leungeun
b. Ngabudi ucing
c. Gede hulu
d. Tiis leungeun
15. Jelema anu someah tur hade parangina sok disebut ………..
a. Alus budi
b. Budi parangi
c. Ngabudi ucing
d. Amis budi
16. Naskah drama the karya sastra anu ditulisna dina wangun ………
a. Narasi
b. Pupuh
c. Paguneman
d. Sajak

17. Perelean palaku dina naskah drama sok ditulisna dina bagian …….
a. Awal naskah
b. Ahir naskah
c. Tengah-tengah naskah
d. Awal jeung ahir naskah

18. Sabaraha urang ari palaku dina naskah drama?


a. Saurang
b. Tilu urang
c. Dua urang
d. Leuwih ti saurang

19. Drama anu palakuna ngan saurang disebutna ……


a. Musical
b. Monolog
c. Eksperimental
d. Dialog

20. Dina drama aya anu disebut drama musical, nyaeta ……….
a. Drama anu dialogna dipirig lagu
b. Drama anu dialogna dinyanyikeun
c. Drama anu dialogna make lagu-lagu kasohor
d. Drama anu teu make dialog, tapi make music wungkul

21. Drama musical the dina drama sunda mah sok disebutna ……..
a. Balunganing gending
b. Gending karesmen
c. Gending kakawihan
d. Drama karesmen

22. Anu disebut palaku utama dina naskah drama the nyaeta …….
a. Palaku anu jadi subyek lalakon
b. Palaku anu ukur milu ngaramekeun wungkul
c. Palaku anu milu ngarojong galur carita
d. Palaku anu hadirna ngan saliwat
Purbararang : (molotot) naon, manéh ngahina
ka aceuk Purwadéwata?
Purwadéwata : (seuri) interméso atuh ceuk!
Aceuk mah bête waé sih
katingalna.
Purbararang : (riuk darian) yeuh, déngékeun
ku saréréa, aceuk rék
ngumpulkeun sakabéh patinggi
karajaan, aceuk kudu diistrénan
jadi ratu.
23. Watek tokoh purwadéwata dina sempalan di luhur nya éta …
a. babari
b. bedegong
c. gedé hulu
d. soméah

24. Dina punggelan drama di luhur, miboga judul ...


a. Sibedog panjang
b. Lutung kasarung
c. Aki jeung bégal
d. Lalaki di bégal pati

25. Wangun drama di luhur, miboga judul …


a. Gending karesmén
b. Sendra tari
c. Sandiwara
d. Beluk
26. Dumasar kana ucapanna Purbararang dina carita drama di luhur miboga watek …
a. daréhdéh
b. bageur
c. soméah
d. galak
27. Dina carita drama di luhur ani jadi lanceuk panggedéna nya éta …
a. Purbasari
b. Purbaéndah
c. Purbaleuwih
d. Purbararang

28. Ceuk pangémut sim kuring wiréh seni Sunda téh kedah dimumulé ku urang. Ungkara di
luhur kaasup kana…
a. Ngritik
b. Pangjejer
c. Pangdeudeul
d. Panambah

29. …lalaki…awéwé anu jadi guru mah tetep baé nyaah ka murid
a. Nya…lain…
b. Aya…dina…
c. Boh…boh…
d. Mending…batan…
30. Duka ......., da kuring ...... henteu rumasa dahar.
a. téh, mah
b. atuh, téh
c. atuh, mah
d. atuh, deui

Esay
1. Naon anu dimaksud pakeman bassa?
2. Kawas ………… leupas ti gedogan.
3. Sagalak-galakna ………………, tara ngahakan anak sorangan.
4. Naon anu dimaksud naskah drama teh?
5. Naon Tujuan umum pangarang nyieun naskah drama?

Anda mungkin juga menyukai