Anda di halaman 1dari 3

WARTA SUNDA

NGENAAN BENCANA ALAM

Pamirsa sadayana, Nagara Indonesia nuju kengin musibah, saentosna NTB (Nusa
Tenggara Barat), ayeuna Kota Palu anu kengin musibah gempa. Dugi ka tanggal 4 Oktober
2018, warga anu maot aya 1.424 jiwa jumlahna, aya 1.407 jasad anu tos dikubur, sesana
teu acan di kurebkeun.

Anu ngabingahkeun, nyaeta bandara Mutiara Sis Al Jufri tos tiasa diangge kanggo
nerbangkeun pasawat, janten sagala rupi kabutuhan warga tiasa kacumponan, sanajan teu
acan sadayana.

Sateuacana, mung pasawat tentara anu tiasa hiber bolak balik ngangkut. Para patugas
masih keneh, ngupayakeun sangkat sadaya jasad anu teu acan kapendak tiasa kapilarian,
mung nyaeta alat-alat berat nu sok diangge teu tiasa dimanfaakeun maksimum.

Seueur jalan sesah diangge kusabab masih teu katebak karusakanana, hawatos nambah
rusak. Kusabab kitu, haru urang sadanya ngadoa, supados enggal rengse sadayana, sarena
wagi aku kenging musibah tiasa behbar, sareng sumringah deui.
WARTA SUNDA
NGENAAN KACILAKAAN

Salah sahiji sarat budak sakola tiasa nyandak motor nyaeta tos kagungan SIM, tapi masih
seur barudak anu teu gaduh SIM tapi maksakeuh nyandak.

Masih seur oge anu tara ganggo helm, padahal helm teh panutup sirah, sangkat upami aya
kacilakaan sirah kalindungan ku helm eta.

Tiap dinten aya wae warta barudak sakola cilaka, kusabab eta tong nganggap enteng kana
kasalametan nganggo helm.

Padahal polisi sok nilang jalmi nu teu ngangge helm, tapi masih aya wae barudak sakola
nu ngalawan aturan pamarentah teh.

Tina data Korlantas POLRI tiasa katingali seueur kajadian kacilakaan bahkan dugi ka
maotna, kusabab eta, urang sadaya salaku barudak sakola kedahna nyontoan nu sae, sanes
sabalikna.
WARTA SUNDA
NGENAAN BANJIR JEUNG LINGKUNGAN

Jakarta Ibukota Nagara Indonesia, sok janten palanggan banjir, kusabab masih seueur
wargi nu miceun sampah sambarangan, janten mepetan solokan Ibukota.

Katambih, hujan di Bogor nu remen ngajantenkeun banjir di Jakarta, anu katelah banjir
kiriman. Salah sahiji cara nanggulangan banjir nyaeta, wargi Jakarta kudu sadar, tong
miceun sampah sambarangan deui.

Ngayakeun kagiatan beberesih tiap dinten Saptu ataapi Minggu, sangkat kamalir di
lingkungan komplek bersih ku sampah.

Ngaersihan kamalir oge tiasa ngajauhkeun tina panyakit nu disebabkeun ku reungit, upami
lekeun dibersihkeun, panyakit malaria bakal teu aya.

Anda mungkin juga menyukai