Anda di halaman 1dari 6

Nama : Sinta Lulu Walidah

Kelas : XI Pemasaran 1

1. Straight News
Longsor di Desa Tenjolaya, Bandung

Assalamualaikum wr. Wb.


Wilujeung patepang deui sareng abdi Adinda, dina warta nu bade
dikapindangkeun nyaeta : korban longsor di desa tenjolaya, bandung.
Puluhan murid sakola SD, di desa tenjolaya, kecamatan pasir jambu, kabupaten
bandung kena bencana longsor. Seeur murid anu masih keneh diajar di tenda
darurat, teu tiasa sakola deui ku sabab sieun aya longsor susulan.
Saeutikna aya 193 murid sakola menengah pertama (SMP) anu jadi korban
longsor. 46 urang diantarana nyaeta murid SDN CISONDARI, anu sakolana
dekeut sareng tempat longsor.
Khusus pikeun murid kelas 6 anu sakedik deui ujian nasional, dua minggu
ieu marenehna bakal diajar di imah kapala sakola di cisondari. Sangaja
ditempatkeun didinya supardos tiasa menang bimbingan nu leuwih sameme
UJIAN NASIONAL.
Murid bakal dipasihan bekel pangajaran tambahan, utamana pikeun mata
pelajaran BAHASA INDONESIA, BAHASA INGGRIS, IPA, IPS, sareng
MATEMATIKA.
Unggal poe senen, murid anu diajar ditenda pikeun kelas 5 ka handap, menang
bimbingan khusus nu didatangkeun ku dinas pendidikan pendidikan kota
bandung. Tenda darurat anu diadegkeun di blok G-5 di perkebunan the dewata,
kira-kira 6 kilo meter ti lokasi longsor.
Dina kaayaan diajar jeung ngajar nu saayana, murid teh katingali teu
baretaheun. PUTRI, salah sahiji siswi murid kelas 4 anu diajar di SDN
CISONDARI, nyarioskeun yen manehna kurang geunaheun diajar didinya.
Nah, sakitu wae nu kapihatur. Wilu jeung patepang deui dina warta nu bakal
dongkap, amit mundur amit mungkur, sareng abdi ADINDA.
wassalamualaikum wr.wb.
2. Dept News
Kapendakna Situs Anyar Batu Pasanggrahan

Situs anu hiji ieu mah mimiti kapaluruhna ti narasumber, Guru Gunawan
di salah sahiji sakolaan di Sumedang. Kitu nurutkeun Tim Penulis nu dipupuhuan
ku Prof. Dr. Nina Herlina Lubis Ketua MSI Jabar.
Data awal kapendakna ku para panaliti tina, Compact Disc nu eusina
tetela potret-potret hiji pasir jeung batu-batu alamna nu keur dieksploitasi ku hiji
perusahaan. Pasirna ngajegir di Selareuma Desa Pasanggrahan Kacamatan
Sumedang Selatan, sisi jalan raya beulah katuhu kira 300 meter sabada SPBU
Samoja.
Saenyana ari ngalianana mah geus rada lila, tina batu-batu anu kakali,
batu-batu alamna teh ukuran panjang kurang leuwih 2 meter, sisi 40 sentimeter.
Tina potret-potret katingali yen ieu paesan ngandung rupa-rupa batu.
Di antarana pilar-pilar batu nu rek sarua jeung menhir. Tapi sanajan kitu,
hiji menhir teh batu alam nu geus diolah ku manusa keur rupa-rupa kapereluan
upacara, boh nu aya tumalina jeung wangunan teras umpak, boh menhir anu
mandiri nu ngalengkepan altar batu.
Dina kasus kieu bisa dikaji ulang, naha di tempat ieu teh aya situs nu
corakna megalitik sejen jeung batu-batu nu susunanna sarua jeung batu-batu alam
nu saperti tadi, turta salila ieu dikaramatkeun ku rayat sabudeureunana.
Upama bener kitu, bisa jadi ieu kawasan jadi sumber batu-batu nu nyusun
wawangunan teras umpak. Atawa upama kapanggih paparabotan tina batu, ku
kituna bisa jadi ieu pasir memang bengkel tina hiji situs nu corakna megalitik.
Dina hal ieu perelu dilakukeun panalitian nu leuwih jero deui pikeun
nangtukeun naha ieu pasir teh bener situs atawa lain. Lian ti kitu, dilaporkeun oge
ayana batu korsi di Dusun Pasir Peti. Kelurahan Pasanggrahan Kacamatan
Sumedang Selatan.
Nurutkeun sumber lisan disebutkeun yen Batu Korsi sanajan bentukna
jiga korsi, tapi teu bisa didiukan ku manusa jeung diliwatan ku sasatoan. Upama
aya anu ngadiukan jalma anu ngadiukanana moal bisa nangtung deui. Kitu deui
sasatoan anu ngaliwat ka luhureunana bakal labuh.
3. Soft News

DISPERINDAG Kab.Bandung Ngayakeun Pasar Murah

Assalamualaikum Wr.Wb.

Wilujeung patepang deui sareng abdi, DAYAT. Dina acara warta sunda.

warta anu baris kapindangkeun ayena nyaeta: DISPERINDAG KAB.BANDUNG

NGAYAKEUN PASAR MURAH.

Disperindag (dinas perindustrian & perdagangan) Kab.Bandung ngayakeun

pasar murah Di kompleks perkantoran Pemkab Bandung, Senen(23/8). Dina eta

pasar murah , dijual saniskara produk UKM (usaha kecil menengah).

Nurutkeun Kadisperindag Kab.Bandung Bambang Budiraharjo, pasar

murah ieu ngarupakeun agenda taunan nu bakal dilaksanakeun Disperindag Kab

Bandung. Dina pasar murah ieu, sakabeh produk nu dijual. Hargana leuwih murah

dibandingkeun dipasar swalayan atawa swalayan.

Pasar murah kacida dipikaresep warga di Kab.Bandung. Saperti taun

samemehna, muterna duit ngahontal Rp 68 juta. Peminat pasar murah ieu

lolobana masyarakat umum. Persentase ngadongdonna 70% Masyarakat umum

jeung 30% PNS.

Nah, mung sakitu wae nu kapihatur, Wilujeung patepang deui dina warta nu

bakal dongkap, Amit mundur.

Wasalamualaikum Wr.Wb
4. Feature/Feature Story

Rame-na Perdagangan Di Pelabuhan Sunda Kalapa

Ngarasakeun suasana kota tua di Jakarta, moal afdol lamun teu nganjang ka

Palabuhan Sunda Kalapa. Ti Palabuhan Sunda Kalapa anjeun tiasa neruskeun

lalampahan ka tempat-tempat sanes di sakulibengna sepertos Musieum Endah,

Jembatan Intan, Manara Syahbandar atawa nyusuran Pasar Lauk.

Sepertos palabuhan anu sanes laina, Palabuhan Sunda Kalapa oge kentel

pisan ku ayana perdagangan. Palabuhan eta kiwari barobah jadi kaayaan

palabuhan anteur pulau sarta distribusi barang-barang ti sagala rupa macem

sepertos motor, semen, batu bata, furniture lemari, kasur sarta anu laina.

Kapal-kapal ageung parkir di palabuhan Sunda Kalapa, sarta para petugas

dijeun rarepot ngalereskeun kapal na. Nguriling ditingali tina palabuhan, se'eur

treuk-treuk kontainer anu nurunkeun barang nu di ararasupkeun ka jero kapal.

Palabuhan Sunda Kalapa atos aya saprak abad ka-12, sarta mangrupakeun

palabuhan anu Karajaan Sunda anu ber ibukota di Pakuan Pajajaran.

Kapal-kapal sejen anu asalna ti China, Jepang, India, Keur ngabantun

barang-barang sepertos porselen, kopi, sutra, lawon, minyak seungit, kuda,

anggur, sarta zat kelir kanggo ditukeur ka rempah-rempah di indonesia.

Ti jaman baheula palabuhan Sunda Kalapa emang rame didatangan ku

padagang-padagang sarta pelaut sepertos ti Sumatera, Malaka, Sulawesi, Jawa

sarta Madura.

Di Sunda Kalapa seueur diperdagangkeun pedes, beas, asem, daging, emas,

sayuran sarta buah-buahan.


5. Reportase

Banjir di Citarum, Bandung

Sampurasun...Tepang deui sareng simkuring Anisa Lidia dina warta basa


sunda. Dina wartos-wartos anu parenting geus sababaraha minggu katukang,
wewengkon Bale Endah Kabupaten Bandung kakeunaan ku rupa-rupa musibah
salah sahijina, Mudalna cai wahangan Citarum.
Dumasar kana data nu katalungtik kurang leuwih 1536 (sarebu lima ratus
lima puluh genep) imah katut wangunan sakola jeung pamarentahan ka keueum
ku cai wahangan citarum tea, nu ngalantarankeun cai wahangan mudal teh, salian
ti gede na cai hujan, oge ku ayana seserepan cai hujan anu teu katampung jeung
teu ngocor kana kamalir alatan lobana runtah anu ngahalangan kokocoran nu
ngabalukarkeun cai jadi ngeyembeng.
Pamarentah daerah geus nganyahokeun panalungtikan ka saban-saban
tempat anu tujuanna ngadata korban jiwa, sabab dumasar kana hasil laporan ti
warga masyarakat teu saeutik ayana korban jiwa alasan ka bawa cai caah tea.
Aparat pamarentah ngarasa kapanggil jiwa na milu ancrub ka lapangan, keur
merenahkeun wargana sangkan jauh tina marabahaya ku cara ngungsikeun ka
palataran anu rada anggang ka wahangan Citarum tea.
Gubernur Jawa Barat, katut rengrengan satekah polah ngayakeun tarekah
sangkan eta musibah teh teu tumimplik bae, ku jalan nyieun tanggul sacara
babarengan disisi wahangan Citarum.
Tapi teu saeutik warga masyarakat sabudeureun kota Bandung ngarasa
prihatin ku ayana musibah kieu teh, rereongan ngayakeun tarekah ngumpulkeun
waragad keur sumbangkeuneun ka warga anu ka keunaan ku musibah tea.
Utamana nyumbangkeun obat-obatan, sabab geus mimiti loba nu katarajang
ku rupa-rupa panyakit diantarana ararateul jeung mencret, akibat tina cai anu geus
pacampur jeung kokotor tina runtah anu geus buruk.
Ku ayana hal eta, boh pamarentah pusat atawa daerah teu bosen-bosen
meredih kawargana sangkan bisa ngariksa jeung ngajaga lingkungan. Pamungkas
ti simkuring, pamarentah ge teu cicingeun ku ayana musibah kieu teh jadi
panyepret sangkan wargana sadar kana pentingna kabersekaan jeung ngajaga
lingkungan tina bibit berewit jeung panyakit.
Rupina mung sakitu...Simkuring Anisa Lidia seja amit mundur amit
mungkur kasadayana. Wasallam..
6. Opinion News

Walikota Ngajak Murid Merangkeun Narkoba

Ihtiar merangan bahaya narkoba lain saukur kawajiban pamarentah


wungkul, tapi oge kawajiban balarea. Ku ayana organisasi kamasarakatan nu
ancrub milu merangan bahaya narkoba, saperti Komite Peduli Pendidikan
Nasional (KPPN) Kota Bandung nu geus ngalaksanakeun pembinaan ka murid-
murid SMU mangrupa babakti masarakat dina merangan bahaya narkoba.
Kitu ditandeskeun Walikota Bandung, H. Dada Rosada, SH, M.Si basa
ngaluncurkeun "Buku Saku" sababaraha waktu kaliwat. "Barudak sakola
minangka generasi penerus bangsa sangkan bisa ngahulag narkoba tina kahirupan,
sabab narkoba mangrupa musuh utama nu baris ngancurkeun kahirupan sarerea,"
pokna tandes naker.
Tarekah merangan narkoba, ceuk Dada, mangrupa sumanget pikeun
ngagempur peredaran jeung sindikatna, enggoning nyalametkeun kaom nonoman
tina bahaya narkoba. Lamun narkoba bisa diperangan tinangtu baris medalkeun
masarakat Kota Bandung nu bermartabat.
"Buku Saku" nu diluncurkeun teh dimaksudkeun keur barudak SMU sa-
Kota Bandung. "Eusina ngeunaan bahaya narkoba jeung pencegahanana sangkan
tong ngadeukeutan narkoba," teges Ketua KPPN Kota Bandung Diddy R. Ridjadi,
S.IP. Ieu buku teh dipiharep mampuh ngadorong barudak nu keur nyuprih elmu
di SMU, salian bisa ngajauhan narkoba, oge bisa milu aub meranganana.
Sekretaris KPPN Kota Bandung Drs. Fajar Kurniawan, M.Si negeskeun
tarekah pembinaan jeung sosialisasi di lingkungan barudak sakola teh
dilaksanakeun ngaliwatan pagelaran seni budaya jeung konser-konser musik. Lian
ti eta, nu geus rutin dipigawe nyaeta ku jalan datang langsung ka sakola-sakola,
mere piwuruk jeung ngabagi-ngabagikeun buku saku.

Anda mungkin juga menyukai