Anda di halaman 1dari 4

LAPORAN KAGIATAN SASIH BAHASA

SMK MUTIARA TERPADU PALABUHANRATU

1. Bubuka
A. Kasang Tukang
Sasih Bahasa mangrupa kagiatan anu mimiti diayakeun di SMAK Mutiara Terpadu
Palabuhanratu. Kagiatan ieu téh mangrupa tarékah pikeun mekarkeun tur ngoronjatkeun
kamampuan siswa dina widang bahasa sarta pikeun ngaja, ngalarapkeun tur nuluykeun
budaya Bahasa.
Siswa sareung Siswi anu Ngiring Kagiatan Sasih Bahasa perlu nga nyusun laporan,
pangpangna pikeun pertanggungjawaban kana kalumangsungna ieu kagiatan. Salian ti éta,
kagiatan ieu téh bisa dijadikeun dasar pikeun kagiatan satuluyna.

B. Dasar Kagiatan
a. Program gawé OSIS SMK Mutiara Terpadu Palabuhanratu
b. Program Yayasan Mutiara Terpadu Palabuhanratu

C. Tujuan Kagiatan
Tujuan nyusun laporan nyaéta pikeun méré gambaran ngeunaan proses jeung hasil
kagiatan Ngalaksanakeun Sasih Bahasa tur waragad nu digunakeun.
2. Eusi Laporan
A. Widang Kagiatan
Pasanggiri
1) Ngalaksanakeun Hari Sumpah Pemuda
2) Kontes Nyanyi
3) Kontes Rengking 1
4) Pasanggiri Carpon
5) Maca Biantara
6) Maca Warta
7) Debate, Jeung Sajabana

B. Tempat jeung Waktu Kagiatan


Di Laksanakeun kagiatan perlombaan kagiatan bulan bahasa anu di senggaraken di
yayasan mutiara terpadu palabuhan ratu Pas tangal 26Oktober di lapang satu yayasan
mutiara terpadu palabuhan ratu.

C. Pamilon
1. Jumlah pamilon di SMP 430
2. Di SMA 300
3. Dan di SMK 420
Jumlah Sadayana Paserta Kagiatan nya eta aya 1,150 Jalmi

D. Waraga

Waraga ieu kagiatan teh tina iuran para siswa anu ageungna RP.3000 sa Siswa jeng
dana bantuan di sakola eta waraga teh gunaken piken transportasi mayar jeng kagiatan
Sasih bahasa anu di ayaken di yayasan mutiara terpadu palabuhan ratu.
E. Kagiatan

Kagiatan anu ka wanohan nya eta ngayaken heulala pembukaan anu nganampilken
hiji eskul nya eta paskibra tim inti yayasan SMK Mutiara Terpadu Palabuhan Ratu di
tuluykeun deui ku penampilan eskul pramuka SMA jeng SMK Kagiatan anu di laksanaken
di Yayasan Mutiara Terpadu Desa'Citepus, Kacamatan Palabuhan ratu. Kabupaten
Sukabumi.

3. Panutup

A. Kacindeukan

Kagiatan Pagelaran Sasih Bahasa ieu lumangsung lancar sanajan masih loba
kakuranganna.

B. Saran

Mugia kagiatan ieu bisa terus dilaksanakeun deui sarta kakurangan- kakurangan anu aya
dina kagiatan anu mimiti bisa dijadikeun élmu pikeun kagiatan anu ka hareupna sangkan
leuwih Sae deui.
MAKALAH

LAPORAN KAGIATAN SASIH BAHASA

DI YAYASAN MUTIARA TERPADU PALABUHANRATU

Diajukeun kanggo ngalaksanakeun tugas mata palajaran Basa Sunda

DISUSUN KU :

WASTA : MUHAMAD RIDWAN

KELAS : X AP2

SMK MUTIARA TERPADU

PALABUHANRATU – SUKABUMI

2019

Anda mungkin juga menyukai