Anda di halaman 1dari 2

DONGENG SASAKALA SANGKURIANG

Dina hiji mangsa, dicaritakeun aya hiji putri raja di jawa barat ngaranna
dayang sumbi. Dayang sumbi boga anak lalaki nu kasep, ngaranna
sangkuriang.

Sangkuriang karesepna moro sasatoan di leuwueng. Sangkuriang dibaturan


ku hiji anjing nu ngaranna tumang, anjing eta lain sawajar anjing, nu
sabenerna anjing eta titisan dewa nu mangrupakeun bapana sangkuriang.

Tina hiji poe, sangkuriang dititah moro jeung Tumang ku Indungna(dayang


sumbi) “Bu, abdi bade nyandak hate mencek kanggo ibu” junji. ”gog-
gog”gong-gong si tumang.

“Sing salamet Sangkuriang” ceuk indungna.

Grek moro mencek, sanggeus sapopoé moro eweuh hasilna, Sangkuriang


kasieunan indungna kuciwa, mikir singkat manehna nyokot panah jeung
mentangkeun ka arah si Tumang terus nyokot hatena, nibawa balik kanggo
diberekeun ka Indungna.

Di imah, Sangkuriang mikeun hate eta ka Indungna. Tapi, Dayang Sumbi


sadar, nu dibawa teh lain hate mencek tapi hate anjing. Dayang sumbi teras
ngambek kacida, teu sadar akhirna dayang sumbi nakol sirahna si
sangkuriang make centong sangu anu keur di cekelna nepi ka aya urutna.

Sangkuriang ngambek, terus akhirna langsung mangkat ngembara


ninggakeun istana karajaan na. Saprak kajadian eta dayang sumbi nyesel ka
anu tos naon dilakuken nana ka sangkuriang.

Sa entos kajadian eta, dayang sumbi terus nga-doa jeung tapa. Tina hiji
wangsa, dewa-dewa masihan hadiah ka dayang sumbi nyaeta rupa awet
ngora jeung kageulisan anu abadi.

Entos lami pisan sangkuriang mangkat, akhirna sangkuriang mutuskeun


balik dei ka istana. Sa entos nepi ka istana, sangkuriang ningali kerajaan eta
teh tos beda pisan.

Di dinya oge, sangkuriang ningali aya hiji awewe anu geulis kacida nu teu
lain padahal mah indungna.

Ningali tina kageulisanana, akhirna sangkuriang niat rek ngalamar.


Sabalikna oge, sangkuriang teh sosok jalmi anu kasep, nu mantak nyieun
dayang sumbi oge resepeun ka pamuda eta teh.
Dina hiji poe, sangkuriang caritana arek pamit menta izin rek moro di
leuweung. Sangkuriang menta dayang sumbi pangarapihankeun tali nu
ditalian dina sirahna.

Dayang sumbi reuwaseun pas ningali aya urut bared tina sirah sangkuriang
nu arek jadi calon suamina eta teh.

Urut bared eta, jiga pisan kos anakna nu tos ngarantau bahela. Dayang
sumbi merhatikeun terus, dipikir-pikir beungetna oge mirip pisan jeung
anakna nu mangkat harita.

Dayang sumbi ngarasa curiga, akhirna dayang sumbi niat rek ngagagal
keun perkawinan eta teh, dayang sumbi teras ngajukeun dua syarat ka
pamuda eta, nyaeta:

“Lamun anjeun haying kawin jeung kaula, jieun hiji danau8 jeung hiji
parahu anu geode pisan anu waktuna sepueting.!!”penta Dayang Sumbi.

Kadua syarat eta kudu tos di lakukeun saencan panon poe bijil. Nah dina
peting eta keneh, sangkuriang mulai ngalakukeun dua syarat eta.

Sangkuriang mimiti tapa jeung ngerahkeun makhluk-makhluk gaib pikeun


ngabantuan ngawujudkeun dua syarat eta.

Dayang sumbi, rerencepan ningali pagawean sangkuriang nu sabenerna


ampir beres di lakukeun.

Dina waktu eta keneh, dayang sumbi oge marentahkeun pasukan nana
pikeun ngabentangkeun laon sutra nu warna beurem ti belah wetan, sa
olah-olah kos panon poe nu karak bijil.

Sangkuriang terus ningali warna bereum eta, jeung ngira panon poe tos
bijil. Sangkuriang akhirna teu jadi neruskeun pagawean nana, ngambek
lantaran nganggap teu bisa ngabulkeun dua syarat eta.

Make kakuatan nana, akhirna sangkuriang ngabobol bendungan anu entos


di jienna, teu lila jadi banjir gede jeung najong sampan parahu nu tos
dijienna.

Sampan parahu eta ngalayang jeung akhirna ragag dina hiji gunung nu
ayena disebut “gunung tangkuban parahu.”

Anda mungkin juga menyukai