Anda di halaman 1dari 2

BIOGRAFI

Kompetensi Dasar
3.7 Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan biografi
4.7 Menulis teks biografi sederhana dengan memperhatikan struktur dan penggunaan kaidah bahasa

Tujuan Pembelajaran
Setelah selesai mempelajari materi pada bagian ini, peserta didik diharapkan dapat menjelaskan isi,
struktur, dan aspek kebahasaan teks biografi, serta mampu menulis teks biografi sederhana dengan
memperhatikan struktur dan penggunaan kaidah bahasa Sunda.

1. Definisi Biografi
Biografi teh sok disebut riwayat hirup (bio, hirup; grafi catetan atawa tulisan) Eusina ngadadarkeun
riwayat hirup hiji jalma, boh numasih jumeneng atawa nu geus maot. Ti mimiti iraha brolna ka alam
dunya, kumaha keur leutikna, kumaha sakolana, karier prestasina, karya, jeung sajabana.
Teks biografi sok diperlukeun keur rupa-rupa kaperluan. Di antarana bae keur ngalamar pagaweaan,
pangeling-ngeling kana jasa hiji jalma atawa keur jadi dokumentasi sajarah. Rea buku-buku biografi
anu tuluy kasohor lantaran eusina ngungkabkeun gagasan, lalampahan, jeung ketak hiji inohong atawa
jalma nu dianggap penting. Upamana bae biografi Mahatma Gandhi, biografi Ane Frank, biografi ior
Soekarno, biografi presiden soeharto, jeng sajabana.
Dina karangan biografi biasana didadarkeun lalakon hiji jalma ti lahir nepi ka kolot. Malah rea
biografi nu ditulis sanggeus jalmana maot.
2. Unsur-unsur nu sok diterangkeun dina biografi, di antarana:
1. Ngaran, lalandian, atawa jujuluk,
2. Kalahiran jeung asal-usul kulawargana,
3. Bentuk fisik jeung pasipatanana,
4. Riwayat pendidikan jeung pagaweanana,
5. Pikiran jeung gagasanana,
6. Karya atawa hasil gawe,
7. Prestasi jeung pangajen (penghargaan) nu kungsi katarimana.
3. Manfaat maca Biografi
Sababaraha manfaat upama urang sok macaan tek biografi, di antarana:
a. Nulad kana pangalaman hirup hiji inohong
b. Bisa maca gagasan/pikiran hiji tokoh
c. Biografi the bagian tina dokumen sajarah
d. Maham hiji kajadian/peristiwa tina sawangan anu beda-beda

4. Conto Biografi Tokoh Sunda

OTO ISKANDAR DI NATA mangrupakeun salasaurang pajoang indonesia anu teuneung ludeung
nyanghareupan pamarentah Walanda. Pa OTO ISKANDAR lahir dina tanggal 31 Maret 1897, di
Bojongsoang, Bandung, jawa barat.
Anjeunna meunang jujuluk ‘Si Jalak Harupat” sabab kateuneungna dina ngabela bebeneran.
Anjeunna geus bajoang dina pergerakan nasional ngaliwatan lembaga resmi pamarentahan Walanda nu
disebut Volksraad.
Dina salasahiji pidatona dina sidang Volksraad, Pa oto tatag pisan nyarita “yen nagara Indonesia
kudu merdeka, kudu leupas tina genggeman penjajah”. Upama ayeuna urang sok ngagorowokkeun pekik
“Merdeka!”, eta teh asalna ti Pa oto iskandar, basa pidato dina sidang.
Dina jaman penjajahan Jepang Pa Oto iskandar terus bajoang, di antarana milu ngadegkeun
Barisan Pembela Tanah air, anu ilahar sok disebut PETA.

Foto @google images
Diadegkeunana PETA teh taya lian pikeun ngagedurkeun sumanget ka para pajuang sangkan
terus bajoang ngahontal kamerdekaan. Sabada nagara urang merdeka Pa Oto milu nyusun Undang-
Undang Dasar 1945.
Sanggeus pamarentahan Soekarno-Hatta nyusun kabinet anu munggaran, Pa Oto diangkat jadi
Menteri Negara. Hanjakal dina taun 1945 katompernakeun, basa nagara urang keur harengheng, Pa oto
aya nu nyulik. Layonna kapanggih geus ngambang di basisir Mauk Tangerang.

5. Neuleuman eusi Biografi


Sanggeus maca conto biografi di luhur, jawab sababaraha pertanyaan di handap ieu!
a. Saha ari Pa Oto Iskandar di Nata teh?
b. Informasi naon nu ku urang kapanggih sanggeus maca eta biografi?
c. Naon bae pasipatan bisa dijadikeun pieunteungeun keur urang?

Anda mungkin juga menyukai