Anda di halaman 1dari 1

PANGAJARAN 7

BIOGRAFI
A. Pedaran
1. Wangenan Biografi
Biografi teh sok disebut oge riwayat hirup (bio, hirup; grafi, catetan atawa tulisan).
Biografi nyaeta riwayat hirup nu kaalaman ku hiji jalma. Anu dipedarna teh biasana mah
ngeunaan ngaran lengkep hiji jalma nu dianggap hiji tokoh, di mana tempat jeung iraha
lahirna, di mana wae kungsi sakolana, jeung naon wae pagaweanana. Anu penting aya dina
biografi nyaeta ngeunaan kaunggulan eta jalma nu dianggap tokoh tea jeung prestasi nu
kungsi kahontalna. Disagigireun eta, sok dipedar deuih pangalaman istimewa anu dianggep
penting dipikanyaho ku nu maca sarta jadi conto anu hade atawa tuladeun nu aya manfaatna
keur jalma rea.
Dina karangan biografi biasana didadarkeun lalakon hiji jalma ti lahir nepi ka kolotna.
Malah rea biografi anu ditulis saenggeus jalmana maot.
Unsur-unsur anu sok diterangkeun dina biografi teh, diantarana:
a. Ngaran, lalandian, atawa julukanna
b. Kalahiran jeung asal-usul kuluwargana
c. Bentuk fisik jeung pasipatanna
d. Riwayat pendidikan jeung pagaweanana
e. Pikiran atawa gagasanana
f. Karya atawa hasil gawe
g. Prestasi jeung pangajen (penghargaan) nu kungsi katarima.

2. Mangpaat Maca Biografi


Teks biografi teh loba mangpaatna, diantarana bae:
a. Nulad kana pangalaman hirup hiji inohong
Maca biografi hiji inohong, urang bisa diajar atawa ngeuteung kana lalampahan
hirupna, yen pikeun sukses atawa bisa ngahontal naon anu dicita-citakeun .
b. Bisa maca gagasan/pikiran hiji tokoh
Inihong anu ditulis biografina teh nyaeta jalma anu gagasan jeung pikiranna istimewa.
Biografi inohong-inohong anu kungsi nimukeun rupa-rupa barang jeung karancagean.
Contona Thomas Edison, Christopher Columbus, B.J. Habibie, Mahatma Gandhi.
c. Biografi hiji tokoh bagian tina dokumen sajarah
Hiji inohong kadang-kadang boga peran penting dina sajarah. Conto biografi model
kieu teh diantarana biografi Presiden, biografi tokoh politik, atawa biografi jalma anu
kabeneran jadi saksi penting hiji babak sajarah.
d. Maham hiji kajadian / peristiwa tina sawangan anu beda-beda.
Hiji kajadian sajarah kalan-kalan disawang beda-beda ku jalma-jalma nu kalibet
atawa ngalaman eta kajadian. Contona, peristiwa politik taun 1998 nu kawentar ku
sebutan jaman Reformasi disawang beda-beda ku tilu tokoh sajarah anu kalibet
langsung dina eta kajadian, nyaeta Presiden B.J. Habibie, Jendral Wiranto, jeung
Letjen Prabowo Subianto.

Anda mungkin juga menyukai