Anda di halaman 1dari 8

KEUR PENGGALANG SD/SMP

YAYAH MARIAH
ROMADONI YA ROMADON!

Bet guneter ati kingkin nalika diri kumureb


na puseur wanci Salira. Haleuang sumerep
dina akar-akar rasa. Duh, sumèlèkèt.
Allahu Akbar ! Geura candak ieu dada
Sipuh ku ciwening Salira
Romadon, ya mangsa nu utama. Wilujeng tepang
Asa ku tos lami urang paanggang

Yaa Ayyuhal Ladziina Aamanuu!


Naha kalebet nu iman nalika diri kageuing
Panggentra kutiba alaikumus syiyaam
Nalika angen-angen leyur na balèbat nu rèk kebat
Kadugalan puyar na peuting-peuting kebek rahmat
Ya Panutan!

RAMADAN 1414 H
KEUR PENGGALANG SD/SMP

INDRA NUGRAHA
Du’a

“Allohummasolli’ala saidina Muhammad


wa’ala alisaidina Muhammad”
Dina salambar amparan
Rampak kayaning pupujian
Dina sela-sela kecap
Aya keclak jeung rénghap
Ya Nabi
Ya Rosul
Ya Muhammad
Na bet mikcinta ka kami ?
“Astagfirulloh hal’adzim”
Anjeun rido jadi cukang ka Sawarga
Tapi geuning kami geus sulaya
Naha pantes kami di pikacinta?
Gusti
Tepungkeun kami jeung Anjeuna
Usap raga jeung sukma nu geus sulaya
Tiupkeun rasa mikacinta ka maranéhna
“Subhanalloh walhamdulillah walailahaillalloh”
Gusti
Naha pantes kami diaku ummatna

Wajiwa bandung
(muludan)
2011
KEUR PENGGALANG SD/SMP

Yous Hamdan
YA NABI SALAM

Urang teu kantos tepung


Turta moal tepung deui kiwari
Di dieu
Najan kangen langgeng nganteng
Sapanjang benang ambekan
Dugi ogè ka dieu aweuhan sabda
Kasawur gelebug angin lima buana

Genclang suci nur anjeun remeng-remeng


Kasaput reureueuk maleukmeuk lampah
Titipan gagaman sakti boa cambal
Sima kasaktèn disorèn ku nu jejerih
Puguh jajaten butuh wawanèn

Naha dugi ka anjeun siuh soara


Dina istirah di pangantian panjang
Lacak anjeun lapat-lapat
Wisik anjeun tamat-lamat
Dina inghak nu pegat-pegat
KEUR PENGGALANG SD/SMP

Apip Mustopa
DOSA

datangna henteu karasa


kawas impian janari
jiga nikmat jiga sawarga

tapi lamun pajar geus peuyar


karasa diri leuwih rucah manan meri
inget ka basisir tempat balabuh
dimana layar geus rapuh

dosa
leuwih amis manan anggur
mun seug neumbag dada nu diabur
tapi dimana tumiba lara
kaduhung poè make ditundung

duh Gusti
najan kamana nya indit
dosa teu welèh ngukuntit

Dènpasar, 20 Juni 1958


Keur PENEGAK-PANDEGA

Apip Mustopa
CAI MULANG CAI MAUK

Gusti, ubin masjid nu buligir


tengah peuting
cep nyecep na tarang bedang
anu tunduk ngarumpuyuk
lir kapuk

Gusti, aya angin gaib sumilir


norobos angen nu sumpeg
mèpès seuneu nu ngabela
dina tegalan implengan.

Gusti, rumasa kula tèh kalana


nu kalunta-iunta
ngalurjeunkeun asal mula
tumpak karèta durjana:
amarah jeung sarakah

kiwari ngan ngarumpuyuk


horèng bet kieu tungtungna
cai mulang cai malik
cai ngocor ka astana,

Purwakarta, Juli 1976


Keur PENEGAK-PANDEGA

SURAT TI MUSLIM ROHINGYA KEUR MUSLIM BOSNIA


Rèk nepika iraha urang jadi kelenci jarah
dibuburak lir hama nu ngaranjah
naha teu meunang bèda ageman
ngeupeul bebeneran jero kayakinan

Naha bibit buit dipasualkeun


da kabèh sarua turunan Adam
ngahaja sèlèr dibèda-bèda
pikeun nyimpaykeun mimitran
turta lemah lain akuan sorangan
sakadar titipan Tinu Kagungan

Nu matak tong balilahan


da incah incah kamana
dulur urang taya nu haat ngampihan

Terus ajegkeun tangtung


urang tadah tangtangan bari tawekal
hayu terus ngalengkah
urang tèang harepan ku ihtiar
unggul atawa ajur taya bèdana
turta kaunggulan jolna ti Mantenna
lain ti maranèhna

Poma ulah balilihan


jeung asa diteungteuingan
pèdah kuring teu bisa milu bèbèla
da sarua kuring gè teu walakaya
Saayeuna,
tarima doa jeung salam tunggara
ti nu pada katideresa

Muslim Rohingya
Keur PENEGAK-PANDEGA

USEP ROMLI HM
AFGHANISTAN

Kècèngkeun bedil ka Kabul


bedil haq pèlorna aqidah
"la ilaaho illallooh ''
Sabeledag kabatilan nyingkah

Ti tatar kalèr
kaum agrèsor ngacungkeun palu kabiadaban
mesat arit kadoliman
nguwak-ngawik lemah cai
Urang incer ti puncak Kaliber.

"Allahu Akbar I"


sajelegur musuh mundur

Teuteup puncak-puncak munara


warisan budaya bangsa
nu nyoko dina kaluhungan agama
Kubah-kubah Masjid Biru, dora makam Sayyid Ali
lambang kaagungan harga diri: Afghan sajati
hirup-hurip dina galeuh iman Islam

Sakeclak geutah Mujahid


lautan mangsi kalam ulama
Hayu tandang ngusir biruang
raga ukur titipan, nyawa ukur sasampiran
"la takhaf, wala tahzan
Innaloha ma ana!"
Tong gimir tong rempan
Alloh nangtayungan urang!

Garut, November 1983


Keur PENEGAK-PANDEGA

Ētti RS
GENTRA SALIRA

Galindeng mana nu wasa nandingan geterna soanten Salira


Panggentra tèh teuing ku ngoncrang, ngendag jero-jerona
rasa. Tembang tèh ngawirahma, Jungjunan!
Ramona ngusapan rigang nu garing kahalodoan

Lagu mana nu wani umangkeuh kana lagu Salira


Sanggeus sakitu taun mangsa ngamalirkeun dangding
panggeuing
Hariring tèh, Ya Rabb, èstu wening
Sora-sora pangrobèda ngadadak jempling

Daun-daun camara, Jungjunan


Anteng tingkulisik na antebna dzikir
Mireng haleuang akbar Salira
Ti mangsa ka mangsa
Pangreungeu moal kaluman
Najan loba gelar lagu anyar

Ramadan, 1414 H

Anda mungkin juga menyukai