Anda di halaman 1dari 2

Nama : Sherin Etika Windhi Asih

Kelas : XII MIPA 4

Absen : 26

Ruksakna Hiji Imah Alabatan Kena Longsor di Bandung

Assalamu’alaikum Wr. Wb. Pamirsa, wilujeung patepang deui sareng simkuring Sherin Etika
Windhi Asih dina acara warta sunda. Warta anu baris kapindangukeun nya eta: Ruksakna hiji
imah alabatan kena musibah longsor di Bandung, 9 Desember 2017

Bandung – Intensitas hujan anu ageung nu turun di wilayah Kabupaten Bandung, Jawa barat,
Senen (9/12/17) sonten, nyebabkeun pergeseran taneuh di Kacamatan Ibun anu nyebabkeun
taneuh longsor diwilayah eta.

Kapolsek Ibun Iptu Asep Dedi, nyarioskeun yen taneuh longsor kasebat kajadian di Lembur
Keusik Rincang RT 02/02, Desa Dukuh, Kacamatan Ibun, kira-kira tabuh 19.30 WIB.

Pergeseran taneuh longsor dina panjang 15 meter, lebar 4 meter, sarta luhur 6 meter eta
nimpah salah sahiji imah boga warga anu aya disakitaran tempat kajadian eta.

Dedi ngungkabkeun kronologi kajadian, wanci kajadian taneuh longsor korban keur sasarean di
kamar, kadenge suara gemuruh ti kamar pas ditingali ti palebah kamarna sihoreng teh kamarna
tos ka urug ku taneuh hungkul.
“Taneuh kasebat asalna ti serang anu aya di sisi luhur imahna,” kedalna. Terang imahna
katimpah taneuh longsor, saterusna korban dibantuan ku tatangga na.

“teu aya korban jiwa tina musibah taneuh longsor ieu, ngan saukur karugian nu mangrupi
jebolna tembok kamar korban hungkul. Korban sareng lima anggota kulawargana ayena atos
dievakuasi,” saur Kapolsek Ibun Iptu Asep Dedi

Pamirsa, Mung sakitu anu kapihatur wiljeung patepang deui dina warta anu bakal dongkap,
Amit mundur,amit mungkur. Wassalamualaikum Wr Wb.

Anda mungkin juga menyukai