Anda di halaman 1dari 2

SAWER PANGANTEN.

Bismillah urang kawitan. Nyebat asmana nu Agung

Ka Allah Gofurur Rohiim. Sembaheun urang sadaya.

Puja puji mung ka Gusti, nu nyepeng sadaya alam.

Hakim di Yaomil Ahir.

Mung ka Gusti urang tumut, Neda pitulung pangjaring.

Hidep ginanjar bagja, tepung rabi jatukrami.

Muka lambaran carita.

Natrat dina rumah tangga, Jimatna ngan welas asih.

Antara hidep duaan.

Omat lali kanu kawit, eunteup teuteup tepung rasa.

Dumeling asih mandiri, Ngancik asih lahir batin.

Hidep cunduk kana waktu, Boga kabeungbeurat ati,

Kasep kabeungbeurat ati,

Nyatana bojo utami, Eulis pilihan ati.

Aduh kasep pilihan ati.

Sing bisa mulasarana, Tingtrim mupusti kaasih.

Eulis kudu nyamituhu ka panutan siang wengi.

Geulis siang jeung wengi.

Ka caroge teh manutan, sumujud ku ati suci.

Aduh geulis ku ati suci.

Ceugahan lampah ngahina, sangkan tingtrim laki rabi.

Tumut ka papagah sepuh. Tawisna hidep mupusti.

Konci gedong kabagjaan, Aya di sepuh utami.

Pundut mah anggur doa’na, Sangkan tingtrim laki rabi.

Pamungkas ka nu ngariung,

Neda jembar pangaksami, Neda jembar pangampura.

Sakitu nu kapihatur, Mugia aya berkahna kangge panganten sakalih.

Aamiin Yaa Robbal Alamin, Mugi Gusti nangtayungan.

Anda mungkin juga menyukai