Maca dongeng
“Si Kabayan Ngala Nangka”
Si kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nukolot ngala nangka teh Kabayan!
“ceuk mitohana. Kencling si Kabayan indit ka kebon, nyoren bedog rek ngala nangka. Barang
tapi ka kebon, si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggihan hiji nu geus kolot tur gede
pisan. Tuluy wae nangka teh ku si Kabayan dipalidkeun ka walungan. “Jung wae balik ti heula,
da geus kolot ieuh” ceuk si Kabayan nyarita ka nangka. Barang nepi ka imah, si Kabayan
ditanya kumitohana.
“Kabayan menang teu ngala nangka teh?” komo wae meunang mah, aya gede, nya
kolot”. Tembal si Kabayan.
“Mana atuh nangkana?” Tanya mitohana. “har naha can datang kitu? Apan tadi
nangka teh di palidkeun sina balik tiheula”. Ceuk si Kabayan.
Ari maneh mani bodo-bodo teuing, moal enya nangka bisa balik sorangan, “mitoha si
Kabayan keuheuleun pisan.
Dicutat tina buku Jurig Kabayan
Kenging Tini Kartini