Anda di halaman 1dari 1

PEMERINTAH KABUPATEN LEBAK

UPTD PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN


KECAMATAN CIGEMBLONG
SDN 1 CIGEMBLONG
Alamat : Kp. Mumunggang Ds. Cigemblong Kecamatan Cigemblong Kab.Lebak, Pos 42395

Kelas : III (Tiga)


Mata Pelajaran : Basa Sunda
Waktu : 60 Menit
Nama :

Maca dongeng
Si Kabayan Ngala Nangka

Si kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. Nukolot ngala nangka teh Kabayan! ceuk
mitohana. Kencling si Kabayan indit ka kebon, nyoren bedog rek ngala nangka. Barang tapi ka
kebon, si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggihan hiji nu geus kolot tur gede pisan.
Tuluy wae nangka teh ku si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung wae balik ti heula, da geus
kolot ieuh ceuk si Kabayan nyarita ka nangka. Barang nepi ka imah, si Kabayan ditanya
kumitohana.
Kabayan menang teu ngala nangka teh? komo wae meunang mah, aya gede, nya
kolot. Tembal si Kabayan.
Mana atuh nangkana? Tanya mitohana. har naha can datang kitu? Apan tadi nangka
teh di palidkeun sina balik tiheula. Ceuk si Kabayan.
Ari maneh mani bodo-bodo teuing, moal enya nangka bisa balik sorangan, mitoha si
Kabayan keuheuleun pisan.
Dicutat tina buku Jurig Kabayan
Kenging Tini Kartini

I. Pek jawab pananya di handap ieu dumasar kana wacana dongeng!

1. Naon judul dongeng di luhur teh?


2. Saha nu nitah si Kabayan ngala nangka?
3. Nangka nukumaha nu diala ku si Kabayan?
4. Dikumahakeun eta nangka teh?
5. Jadi saha nu bodo dina eta dongeng teh?

II. Lengkeupan kalimah di handap ieu make kecap nu geus disadiakeun!

1. Curug Cijalu ayana di kota . . . . () a. Bogor


2. Tangkuban Parahu ayana di kota . . . . () b. Subang
3. Pangandaran ayana di kota . . . . () c. Ciamis
1. Waduk darma ayana di kota . . . . () d. Cirebon
2. Kebon raya Bogor ayana di kota . . . . () e. Kuningan
3. Tukang moro leuweng disebut . . . . () f. palika
4. Tukang macul di sawah disebut . . . . () g. paninggaran
5. Tukang ngala lauk di laut disebut . . . . () h. pamoyang
6. Tukang ngabantuan nu ngajuru disebut () i. paraji
7. Tukang teulem disebut () j. patani

Anda mungkin juga menyukai