Anda di halaman 1dari 1

B.

Nganalisis Tingkesan Novel


Nu ieu di handap mah disebutna tingkesan novel. Pek baca sing gemet ku hidep!

Mantri Jero
(R.Memed Sastrahadiprawira)
1. Raden yogaswara dididik ku bapana sangkan jadi jalma anu luhur elmu pangaweruh.
Sajaba ti eta Raden Yogaswara dididik oge sangkan jadi jalma anu suhud kana gawe.
Ku bapana Raden Yogaswara diwanohkeun kana carita Aji Saka, nu netelakeun
ngeunaan asal-usul aksara jawa. Dina eta carita diebrehkeun kautamaan tingkah laku
Ki Sembada jeung kataledoran Raja. Eta carita dijadikeun pikeun ajaran kayakinan
diri.
2. Dina hiji waktu Raden Yogaswara nyaksian kakawasan kapala cutak nu datang ka
daerahna. Jojoy dina hatena boga karep hayang jadi menak anu boga kakawasaan.
Komo deui sanggeus meunang beja ti bapana, yen dirina teh turunan menak. Kitu oge
bapana anu sapopoena jadi buruh tani di eta lembur sihoreng anak dalem (Bupati)
Suniawenang. Nu lunta lantaran dipitenah rek ngarebut kakawasaan. Geus aya 20
taunna bapana Raden Yogaswarangadon nyumput di Nagri Tengah, tatanggana Nagri
Sumiawenang.
3. Ngabandungan budakna anu boga cita-cita hayang jadi menak, bapana ngajurungkeun
sangkan Raden Yogaswara miang ka Nagri Tengah pikeun ngabdi ka Kanjeng Dalem.
Ngan samemehna Raden Yogaswara kudu neuleuman heulabag-bagan Agama Islam
di Pasanten langga. Raden Yogaswara diterima jadi santri di eta pasantren nu di
pingpin ku Kiai Abdul Mugni.
4. Miangna ti eta pasantren teh Raden Yogaswara teu nyorangan, tapi dibarengan ku
sobatna nu ngaranana Ki Bulus. Dina Dayeuh Nagri Tengan Raden Yogaswara
meunang gawe jadi tukang meresihan kandang kuda. Gawe Raden Yogaswara mani
alus pisan.
5. Kapinteran Raden Yogaswara anu ku bapana kungsi dididik maca jeung nulis teh,
kanyahoan ku Kanjeng Dalem. Atuh Kanjeng Dalem teh ngangkat Raden Yogaswara
jadi Mantri Jero. Jaman harita mah langka pisan jalma nu bisa maca jeung nulis teh.
Aya anu ngarasa teu panuju diangkatna Raden Yogaswara jadi Mentri Jero teh, nya
eta Anggataruna, jalma nu kungsi ngangkat Raden Yogaswara jadi tukang ngurus
kuda.

Pancen 2
Pek paluruh pokok pikiran utama unggal paragrap dina tingkasan novel diluhur sarta
tuliskeun dina tabel.

Anda mungkin juga menyukai