Anda di halaman 1dari 5

Nama : dade nurdin

wahid BIOGRAFI BAHASA SUNDA


Kelas : XI TBSM
NAMA TOKOH: RA KARTINI
Nami : Raden Ajeng Kartini

Lahir : Jepara, Jawa Tengah, tanggal 21 April 1879


Pupus : Tanggal 17 September 1904, (waktos babaran putera
cikalna)
Pendidikan : E.L.S. (Europese Lagere School), satingkat sareng
SD
Caroge : Raden Adipati Joyodiningrat, Bupati Rembang
Prestasi : Ngadegkeun sakola pikeun wanoja di Jepara.
Penghormatan : Gelar Pahlawan Kemerdekaan Nasional,
Dinten Babarna tanggal 21 April ditetapkan mangrupi dinten
besar
Raden Ajeng Kartini nu lahir di Jepara, Jawa Tengah tanggal
21 April 1879, saleresna estu mihoyong tiasa ngagaduhan
pendidikan nu langkung luhur, mung mangrupina kabiasaan
sareng waktos harita, ngajantenkeun anjeunna henteu
diwidian ku sepuhna.
Anjeunna mung sakola sakola dugi ka E.L.S.
(Europese Lagere School) atanapi satingkatsareng
sakola dasar. Tamat E.L.S, Kartini teras dipingit
mangrupi kabiasaan atanapi adat-istiadat nu lumrah
di tempat babarna dimana hiji wanoja atos rengse
namatkan sakola di tingkat sakola dasar, kedah
ngajalankeun masa pingitan dugi ka waktosna pikeun
rimbitan.
Mayunan eta kanyataan, Kartini rumaja nu loba
campur gaul sareng jalmi-jalmi terpelajar tur seneng
maos buku khususna buku-buku ngeunaan
kamajengan wanoja sapertos karya-karya Multatuli
“Max Havelaar” sareng karya tokoh-tokoh pejuang
wanoja di Eropa.
Ti kawit harita, anjeunna gaduh kahoyong sareng tekad
nu kuat kangge ngamajukeun sakola kanggo
ngamajukeun wanoja bangsana, Indonesia. Sareng
ngalengkah kanggo ngamajukeun kaum wanoja nyaeta
kucara ningkatkeun tarap pendidikan para wanoja.
Pikeun ngarealisasikeun cita-citana eta, anjeunna
ngawitan ku ngadegkeun sakola kangge anak gadis di
daerah babarna, Jepara.
Di eta sakola anjeunna ngajarkan palajaran ngaput,
nyulam, masak, sareng rupi-rupi. Sadaya katerampilan
didugikeun ka murid-muridna kalayan garatis. Malah
kanggo ngawujudkeun cita-citana, anjeunna
ngalajeungkeun ka Sakola Guru di Nagara Belanda,
maksadna supados anjeunna tiasa janten guru nu
langkung tinuwih.
Naon nu atos dipilaku RA Kartini estu seueur pangaruhna
kanggo kabangkitan bangsa urang. Mingking bakal langkung
ageung sareng langkung seueur nu dipilaku ku anjeunna kangge
kamajuan wanoja Indonesia, pami Allah masihan yuswa nu
langkung lami. Mung Allah mikahoyong sanes, anjeunna pupus
dina yuswa masih ngora keneh, 25 taun, tanggal 17 September
1904, waktos ngalahirkeun putera cikalna.
Pamarentahan Presiden Soekarno, Presiden Mimiti Republik
Indonesia ngawedalkeun Keputusan Presiden Republik
Indonesia No.108 Tahun 1964, tanggal 2 Mei 1964 nu
netepkeun Kartini mangrupi Pahlawan Kemerdekaan Nasional
tur netepkeun dinten lahir Kartini, tanggal 21 April, pikeun
dipikaemut unggal taun nu saterasna dikenal mangrupi Dinten
Kartini.

Anda mungkin juga menyukai