Anda di halaman 1dari 1

BIOGRAFI BAHASA SUNDA

RA KARTINI

Raden Ajeng Kartini nu lahir di Jepara, Jawa Tengah tanggal 21 April 1879, saleresna estu
mihoyong tiasa ngagaduhan pendidikan nu langkung luhur, mung mangrupina kabiasaan sareng waktos
harita, ngajantenkeun anjeunna henteu diwidian ku sepuhna. Anjeunna mung sakola sakola dugi ka
E.L.S. (Europese Lagere School) atanapi satingkatsareng sakola dasar. Tamat E.L.S, Kartini teras dipingit
mangrupi kabiasaan atanapi adat-istiadat nu lumrah di tempat babarna dimana hiji wanoja atos rengse
namatkan sakola di tingkat sakola dasar, kedah ngajalankeun masa pingitan dugi ka waktosna pikeun
rimbitan.
Mayunan eta kanyataan, Kartini rumaja nu loba campur gaul sareng jalmi-jalmi terpelajar tur
seneng maos buku khususna buku-buku ngeunaan kamajengan wanoja sapertos karya-karya Multatuli
Max Havelaar sareng karya tokoh-tokoh pejuang wanoja di Eropa. Ti kawit harita, anjeunna gaduh
kahoyong sareng tekad nu kuat kangge ngamajukeun sakola kanggo ngamajukeun wanoja bangsana,
Indonesia. Sareng ngalengkah kanggo ngamajukeun kaum wanoja nyaeta kucara ningkatkeun tarap
pendidikan para wanoja. Pikeun ngarealisasikeun cita-citana eta, anjeunna ngawitan ku ngadegkeun
sakola kangge anak gadis di daerah babarna, Jepara.
Di eta sakola anjeunna ngajarkan palajaran ngaput, nyulam, masak, sareng rupi-rupi. Sadaya
katerampilan didugikeun ka murid-muridna kalayan garatis. Malah kanggo ngawujudkeun cita-citana,
anjeunna ngalajeungkeun ka Sakola Guru di Nagara Belanda, maksadna supados anjeunna tiasa janten
guru nu langkung tinuwih.
Kalayan dukungan ti rerencanganna urang Walanda, Nyi Ajeng Kartini kenging beasiswa kangge
ngalajengkeun sakola di nagara Walanda. Tapi, ramana, Raden Adipati Joyodiningrat, Bupati di
Rembang, teu ngawidian anjeunna. Malah ramana ngahalangan tekadna ku cara maksa RA Kartini
supados rimbitan.
Sanaos seueur halangan harungan nu ngajegal cita-citana, tapi RA Kartini teu kateter tekadna.
Saatos nikah, anjeunna masih ngadegkeun sakola di Rembang salian sakola di Jepara nu atos didirikeun
sateuacan rimbitan. Naon anu dipidammel anjeunna janten conto nu saterasna diturutan ku wanoja-
wanoja lainna ku ngadegkeun Sakola Kartini di tempat masing-masing sepertos di Semarang, Surabaya,
Yogyakarta, Malang, Madiun, sareng Cirebon.Naon nu atos dipilaku RA Kartini estu seueur pangaruhna
kanggo kabangkitan bangsa urang. Mingking bakal langkung ageung sareng langkung seueur nu dipilaku
ku anjeunna kangge kamajuan wanoja Indonesia, pami Allah masihan yuswa nu langkung lami. Mung
Allah mikahoyong sanes, anjeunna pupus dina yuswa masih ngora keneh, 25 taun, tanggal 17 September
1904, waktos ngalahirkeun putera cikalna. Pamarentahan Presiden Soekarno, Presiden Mimiti Republik
Indonesia ngawedalkeun Keputusan Presiden Republik Indonesia No.108 Tahun 1964, tanggal 2 Mei
1964 nu netepkeun Kartini mangrupi Pahlawan Kemerdekaan Nasional tur netepkeun dinten lahir
Kartini, tanggal 21 April, pikeun dipikaemut unggal taun nu saterasna dikenal mangrupi Dinten Kartini.

Anda mungkin juga menyukai