Anda di halaman 1dari 2

Wasta : Nuraeni Ramdhayani

Kelas : XI Tekstil 2
BIOGRAFI R.A. KARTINI

Nami : Raden Ajeng Kartini


Lahir : Jepara, Jawa Tengah, tanggal 21 April 1879
Pupus : Tanggal 17 September 1904, (waktos babaran putera cikalna)
Pendidikan : E.L.S. (Europese Lagere School), satingkat sareng SD
Caroge : Raden Adipati Joyodiningrat, Bupati Rembang
Prestasi : Ngadegkeun sakola pikeun wanoja di Jepara.
Penghormatan : Gelar Pahlawan Kemerdekaan Nasional, Dinten Babarna
tanggal 21 April ditetapkan mangrupi dinten besar
Raden Ajeng Kartini nu lahir di Jepara, Jawa Tengah tanggal 21 April 1879,
saleresna estu mihoyong tiasa ngagaduhan pendidikan nu langkung luhur,
mung mangrupina kabiasaan sareng waktos harita, ngajantenkeun anjeunna
henteu diwidian ku sepuhna. Anjeunna mung sakola sakola dugi ka E.L.S.
(Europese Lagere School) atanapi satingkatsareng sakola dasar. Tamat E.L.S,
Kartini teras dipingit mangrupi kabiasaan atanapi adat-istiadat nu lumrah di
tempat babarna dimana hiji wanoja atos rengse namatkan sakola di tingkat
sakola dasar, kedah ngajalankeun masa pingitan dugi ka waktosna pikeun
rimbitan. Mayunan eta kanyataan, Kartini rumaja nu loba campur gaul sareng
jalmi-jalmi terpelajar tur seneng maos buku khususna buku-buku ngeunaan
kamajengan wanoja sapertos karya-karya Multatuli “Max Havelaar” sareng
karya tokoh-tokoh pejuang wanoja di Eropa.
Ti kawit harita, anjeunna gaduh kahoyong sareng tekad nu kuat kangge
ngamajukeun sakola kanggo ngamajukeun wanoja bangsana, Indonesia. Sareng
ngalengkah kanggo ngamajukeun kaum wanoja nyaeta kucara ningkatkeun
tarap pendidikan para wanoja. Pikeun ngarealisasikeun cita-citana eta,
anjeunna ngawitan ku ngadegkeun sakola kangge anak gadis di daerah
babarna, Jepara.
Di eta sakola anjeunna ngajarkan palajaran ngaput, nyulam, masak, sareng
rupi-rupi. Sadaya katerampilan didugikeun ka murid-muridna kalayan garatis.
Malah kanggo ngawujudkeun cita-citana, anjeunna ngalajeungkeun ka Sakola
Guru di Nagara Belanda, maksadna supados anjeunna tiasa janten guru nu
langkung tinuwih.
Kalayan dukungan ti rerencanganna urang Walanda, Nyi Ajeng Kartini kenging
beasiswa kangge ngalajengkeun sakola di nagara Walanda. Tapi, ramana,
Raden Adipati Joyodiningrat, Bupati di Rembang, teu ngawidian anjeunna.
Malah ramana ngahalangan tekadna ku cara maksa RA Kartini supados
rimbitan. Sanaos seueur halangan harungan nu ngajegal cita-citana, tapi RA
Kartini teu kateter tekadna. Saatos nikah, anjeunna masih ngadegkeun sakola di
Rembang salian sakola di Jepara nu atos didirikeun sateuacan rimbitan. Naon
anu dipidammel anjeunna janten conto nu saterasna diturutan ku wanoja-
wanoja lainna ku ngadegkeun ‘Sakola Kartini’ di tempat masing-masing
sepertos di Semarang, Surabaya, Yogyakarta, Malang, Madiun, sareng Cirebon.
Naon nu atos dipilaku RA Kartini estu seueur pangaruhna kanggo kabangkitan
bangsa urang. Mingking bakal langkung ageung sareng langkung seueur nu
dipilaku ku anjeunna kangge kamajuan wanoja Indonesia, pami Allah masihan
yuswa nu langkung lami. Mung Allah mikahoyong sanes, anjeunna pupus dina
yuswa masih ngora keneh, 25 taun, tanggal 17 September 1904, waktos
ngalahirkeun putera cikalna. Pamarentahan Presiden Soekarno, Presiden
Mimiti Republik Indonesia ngawedalkeun Keputusan Presiden Republik
Indonesia No.108 Tahun 1964, tanggal 2 Mei 1964 nu netepkeun Kartini
mangrupi Pahlawan Kemerdekaan Nasional tur netepkeun dinten lahir Kartini,
tanggal 21 April, pikeun dipikaemut unggal taun nu saterasna dikenal mangrupi
Dinten Kartini.

Anda mungkin juga menyukai