Anda di halaman 1dari 1

SUSUNAN ACARA

- SALAM
- MUKADIMAH
- Nu ku sim abdi dipikahormat Bapak RW 04 Blok Bojong, Babakan Jawa
Nu ku sim abdi dipikahormat Bapak RT 10, RT 11, sareng RT 12
Nu ku sim abdi dipikahormat Tokoh Agama, Tokoh Masyarakat, Tokoh Pemuda Blok
Bojong
Nu ku sim abdi dipikahormat masyarakat setempat blok bojong,
Oge teu hilap ka pengurus karang taruna nu sami ku abdi di pikahormat. Haturnuhun atos
tiasa ngaluangkeun waktu, tanaga, sareng pikiranna. Mudah-mudahan urang sadayana di
tangtayungan ku gusti Allah.
- LANGKUNG TIPAYUN HAYU URANG PANJATKEUN PUJI SYUKUR
- Sateuacanna Didieu abdi salaku pembawa acara ngahaturnuhunkeun ka pala wargi
sadayana khsusna ka bapak rw sareng bapak rt, urang ayeuna tiasa kempel patepang
lawung paamprok jonghok dina raraga “Silahturahmi sareng ngabahas perkawis program
kerja karang taruna sareng lingkungan”, mudah-mudahan dina kempel na urang sdaya
didieu tiasa kenging kamaslahatan sareng kabarokahan ti gusti Allah.
- Dikawitan ku aosan BAsmalah sasarengan hayu urrang buka acara ieu.
- Salajengna nyaeta Pembahasan :
1. Ketua Karang Taruna
2. Bapak RW
- Salajengna nyaeta kesepakatan masyarakat terkait program kerja anu tos dipaparkeun.
- Kesimpulan
- Doa
- Penutup aosan HAmdalan
- Haturnuhun ka sadayana warga anu tos ngiringan ngariung dina raraga “Silahturahmi
sareng ngabahas perkawis program kerja karang taruna sareng lingkungan” abdi atas
nama karang taruna sareng pembawa acara nyuhunkeun dihapunteun bilih mana aya
pacariosan aya nu kirang merenah dina manah,
- Akhirul Kalam Wallahul muwafiq ila aqwamit tariq
- Wasalamuaalakum WR WB

Anda mungkin juga menyukai