Anda di halaman 1dari 1

BAB X

CARITA DRAMA, TATAKRAMA BASA SUNDA

Carita drama
Carita drama nyaeta karangan sastra winangun dialog. Dina midangkeun carita atawa lalakonna, ngagunakeun
dialog atawa obrolan di antara tokoh-tokohna. Carita drama biasana dipagelarkeun dina panggung, para pamaenna
disebut aktor. Aya oge sutradara nu ngatur jalanna drama, salian ti eta oge aya nu ngatur dina bagean setting (latar).
Naskah drama dibagi sababaraha babak, tina babak dibagi deui jadi sababaraha adegan.

Judul drama nu kungsi dipagelarkeun sarta meunang Pangbagea, nyaeta :


1. Batu Asahan yasana Wahyu Wibisana
2. Sirung Pajajaran yasana Yoseph Iskandar
3. Raja Wales yasana R. Hidayat Suryalaga
4. Masyitoh yasana Ajip Rosidi
5. Rajapati Ahmad Bakri
6. Sangkuriang yasana Utuy Tatang Sontani

Judul drama dina wangun gending karesmen, nyaeta :


1. Yaomal Kiyamah yasana R.A.F.
2. Mundinglaya Saba Langit yasana Wahyu Wibisana
3. Sarkam-Sarkim yasana R. Machyar Anggakusumah
4. Babad Cikundul yasana R. Memed Sastrahadiprawira
5. Si Kabayan yasana Mang Koko Koswara
6. Purbasari Ayu Wangi yasana R. Hidayat Suryalaga

Tatakrama basa Sunda

1. Kecap Pun jeung Tuang

No Pun ... Hartina Tuang ... Hartina


1 Pun adi Adi abdi Tuang rai Adi anjeun/salira
2 Pun lanceuk Lanceuk abdi Tuang raka Lanceuk anjeun/salira

Upama geus ngagunakeun kecap “pun” atawa “tuang”, teu kudu ditambahan deui kecap “abdi” atawa “anjeun/salira”,
contona “pun adi abdi” atawa “tuang rama anjeun”

2. Kekecapan anu teu kudu dilemeskeun


Kecap nu teu kudu dilemeskeun, nyaeta :
a. ngaran patempatan, kaasup ngaran jalan, conto : Gunung Gedé
b. pakeman basa, conto : Gedé hulu
c. kecap-kecap nu dilarapkeun ka sato, conto : Hulu peda

Pancen : Salin kana AKSARA SUNDA

Anda mungkin juga menyukai