Anda di halaman 1dari 12

LESSON AND TASK INFORMATION OF MUTIARA HATI

(LATIH)

Mata Pelajaran : BJB (Budaya Jawa Barat )

Kelas/Semester : 6 (Genep) / 1 (Hiji)

Nama Guru : Nining Nurasiyah, S. Pd.

TEMA : 1. Selamatkan Makhluk Hidup

2. Hirup Sauyunan

3. Tokoh Pinunjul

A. Kompetensi Dasar

3.1. Memahami teks narasi tentang penyelamat makhluk

4.1. Menceritakan isi teks carita pondok tentang penyelamatan makhluk.

3.2. Memahami isi teks pupuh tentang kehidupan berbangsa dan bernegara

4.2. Melantunkan isi teks pupuh tentang kehidupan berbangsa dan bernegara

3.2 Memahami teks argumentasi tentang persatuan dalam poerbedaan (melalui kegiatan

mengamati gambar dan tayangan video)

4.3 Menyajikan isi teks argumentasi tentang persatuan dalam perbedaan baik secara

lisan maupun tulis.

3.3 Memahami isi teks biografi tokoh sunda sebagai teladan dan kebanggan masyarakat.

4.4 Menceritakan kembali isi bagian teks biografi tokoh sunda sebagai teladan dan

kebanggan masyarakat.

B. Indikator

1. Membaca nyaring teks deskripsi


2. Melantunkan pupuh durma dengan intonasi yang benar
3. Menuliskan Rarangken tengah um,in dan ar/al dengan benar
4. Menuliskan kalimat aktif dan kalimah pasif dengan benar.
5. Membedakan kalimat aktif dan pasif dengan benar.
6. Membaca nyaring teks argumentasi
7. Menuliskan rarangken tukang ing dan ning dalam teks argumentasi
8. Menuliskan kalimat tanya dengan benar
9. Menyebutkan ragam bahasa hormat dengan benar
10. Menjelaskan ragam bahasa hormat dengan benar
11. Menjawab teks biografi teladan sunda
12. Menjelaskan tanda baca dengan benar
13. Menyebutkan kecap-kecap sangaran
14. Menuliskan kalimah kecap sangaran
15. Menyebutkan kecap-kecap paribasa

C. Rangkuman Materi

1. Membaca teks narasi

Penyu Héjo

Penyu téh nyaéta kuya laut. Nurutkeun para ilmuwan, penyu téh geus aya ti ahir jaman

jura (145-208 juta taun kaliwat) rék saumur jeung dinosaurus. Sanajan salilana aya di jero

cai, sakali waktu mumbul ngarénghap. Penyu napasna ku paru-paru. Penyu ngalalana kacida

jauhna. Tempat nu jauhna 3.000 km bisa disorang salila 58-73 poé. Penyu jalu salilana hirup

di laut.Penyu bikang muru basisir nyelang rék ngendog.Teu tulus ngendog mun kacaangan

atawa kagandéngan.

Di dunya téh ngan aya tujuh rupa penyu nu masih hirup, nyaéta penyu héjo, penyu

sisik, penyu Kemp’s ridley, penyu lekang, penyu balingbing, penyu pipih, jeung penyu

tempayan. Penyu balingbing téh penyu nu panggedéna. Panjang awakna 2,75 m, beuratna

600 -900 kg. Penyu lekang pangleutikna, beuratna ukur 50 kg. Anu pangmindengna

kapanggih mah penyu héjo. Kabeukina tutuwuhan jeung sato laleutik.

Penyu beuki lila beuki ngurangan. Malah, kiwati téh geus méh tumpur. Éta téh

lantaran mindeng kaganggu jeung habitatna ruksak. Upamana anak penyu kajaring ku

pamayang (nelayan) atawa diala, terus diawétkeun, dijual keur kenang-kenangan. Di basisir

pakidulan Jawa Barat sok aya kénéh nu ngala endog penyu keur jualeun, atawa keur

konsumsi. Dina sakali ngendog aya 150-na. Tapi, ku sabab mindeng dicokotan lila-lila mah

béak.

Keur “pelestarian” penyu héjo hususna, sangkan penyu teu tumpur di sababaraha

tempat di basisir laut kidul : di Batukaras, di Pangandaran, di Pangumbahan, di Cikepuh,

kitu deui di Parigi geus diadegkeun Kelompok Penangkaran Biota Laut (KPBL). Éta kelompok

téh ti taun 1983, geus ngamimitian programna di wilayahna. Kagiatan para anggotana

ngumpulkeun endog penyu mapay-mapay basisir ti mimiti Batu Hiu nepi ka Bojong Salaut,

saban tabuh sabelas peuting.


2. Pupuh Durma

Pupuh nyaeta bentuk puisi tradisional bahasa sunda anu diwangun ku dua pada (bait). Dina

unggal pada diwangun kutujuh padalisan (jajar). Ari jumlah engang jeung sora vocal dina

unggal tungtung padalisan, nyaeta:12-a,7-i,6-a,8-i,5-a,jeung7-i. Ieu teh hiji patokan dina

pupuh Durma. Pupuh Durama moboga watek gagah, teuneung atawa ludeung, ngambek, pasea,

gelut, jeung perang.

Pupuh Durma

Nagri Urang katelah Indonesia

Di Riksa Tur Di Jaring

Sumirat Komarana

Berkahna Pancasilla

Ageman Eusining Nagri

Yu Sauyunan

Ngawangun Lemah Cai

3. Rarangken Tengah um,in dan ar/al

Rarangken tengah sok disebut oge seselan atawa infliks. Rarangken dina bahasa sunda

aya tilu rupa um, in, jeung ar/al diantarana:

Rarangken tengah um Rarangken tengah in Rarangken tengah ar/al

Contona: Contona: Contona “ar” :

haseum +um =humaseum Tulis + in = tinulis Badak + ar = Barudak

geulis +um =gumeulis Serat + in = sinerat Balik +ar = Baralik

rasa +um =rumasa Pasti + in = pinasti Nulis +ar = narulis

Conto “al”:

Lumpat + al = lalumpat

Lunges + al = lalungse

Pinter + al = palinter

Kabur + al = kalabur

4. Kalimah Aktif jeung kalimah pasif

Dina teks argumentasi diluhur aya kalimah kieu “Alkautsar (jejer), keur nyien (caritaan),

kliping. ”Geura urang rucat unsur-unsurna:

Alkaustar Keur nyieun kliping


Jejer caritaan udagan
Alkaustar (Jejer), keur nyieun (caritaan), kliping (udagan). Jejer teh anu migawe

pagawean anu kaungel dina caritaan.Kalimah anu wandana kitu,disebut kalimah aktif.

Kalimah aktif nyaeta kalimah pagawean anu jejerna nuduhkeun panglaku pagawean anu

kaungel dina unsur caritaanana.Kalimah aktif osok disebut kalimah migawe.

Titenan conto-conto sejeena !

 Syifa maca novel

 Nyoman nyieun janur

 Dimas ngadagangkeun baso

Bandingkeun jeung kalimah ieu:

Manggah dipesek Ku Zaki


Jejer Caritaan udagan

Manggah (jejer) teh nu ngarandapan pagawean,dipesek (caritaan). Jejer jadi pangrandap

atawa anu ngarandapan pagawean. Jejer kakeunaan pagawean anu dituduhkeunkeun ku

caritaan.

Kalimah anu wandana kitu disebut kalimah pasif. Kalimah pasif nyaeta kalimah pagaewean

anu jejerna nuduhkeun nu ngarandapan atawa nu kakeunaan pagawean. kalimah pasif sok

disebut kalimah dipigawe.

Titenan contoh-conto sejenna !

 Raginang dipoe ku Bu Nani

 Hayam diparaban ku Pa Dedi

 Kekembangan dicebor ku Asih

Kalimah aktif bisa dirobah jadi kalimah pasif. Obyek dina kalimah aktif bakal robah jadi

jejer(subyek) dina kalimah pasif. Geura titenan contohna !

Bu Nani moe raginag. (Kalimah Aktif)


J C U
Raginang dipoe ku Bu Nani. (Kalimah Pasif)
J C Kat
Sabalikna, kalimah pasif bisa dirobah jadi kalimah aktif. Jejer (Subyek) dina kalimah

pasif, bakal robah jadi udagan (obyek) dina kalimah aktif. Geura titenan contona!

Rindik ditabeuh ku Nyoman . ( Kalimah Pasif )


J C Kat.
Nyoman nabeuh Rindik. ( Kalimah Aktif)
J C U

5. Membaca teks Argumentasi

NGAHONTAL TUJUAN DINA KABHINEKAAN

Kersaning Alloh SWT,Nagara Kesatuan Republik Indonesia (NKRI) alam jeung

budaya anu kacidaning beungharna.wilayahna lega kurang leuwih 17 pulo tisabang nepi ka

Merauke Ku kituna Indonesia teh disebut nagara anu majemuk. Dihijikeunana ku semboyan

“Bhineka Tunggal Ika” anu aya dina lambang Nagara Indonesia, Garuda Pancasila. Bhineka

Tunggal Ika cirining bangsa Indonesia ,lain sakadar jadi bahan obrolan ,tapi kudu jeung

prakna dilalarapkeun dina kahirupan :beda-beda tapi tetep satu tujuan.Ari tujuan Indonesia

dina Pembukaan UUD 1945,aya opat anu eusining ku urang kudu diinget: ngamajukeun

karaharjaan umum, minterkeun kahirupan bangsa, miara katentraman dunya, nangtayungan

bangsa Indonesia jeung lemah cai.

Mun diibaratkeun ,NKRI teh hiji tangkal anu kudu weweg, ngemploh hejo

daunna,marakbak kembangna,tur loba buahna.eta tandaning Indonesia bakal ngarasakeun

subur makmur sakabeh isi nagrina bakating kusuburna tangkal NKRI. Urang minangka warga

Indonesia kudu ngarasa satata,ulah asa urang panghebatna.Unggal bangsa boga ka unggulan

jeung panghargaan sewang-sewangan,urang kudu daek ngaku kana kaunggulan bangsa sejen.

Sabalikna bangsa sejen kudu narimakeun kaunggulan bangsa urang.panghargaan dina diri teh

kudu bisa jadi wadah pikeun silahturahmi.

Lian ti eta,sikep silih hargaan penting pisan. Mungguhing adat kabiasaan

kabeungharan budaya Indonesia.Moal aya budaya Indonesia upamana teu aya rupaning

budaya daerah. Ku kituna urang kudu miara toleransi, sikep silih hargaan jeung mere

kebebasan dina hal agama jeung kayakinan.Upamana Toto keur nyieun kliping tugas agama

islam bisa akur migawe bareng jeung Wayan nyieun kliping anu agamana Hindu.Ku caraning

kitu tujuan bangsa Indonesial estuning kahontal, moal runtuh ku angin,moal bisa dituar ku

bangsa deungeun.
6. Rarangken Tukang –ning/-ing

Rarangken tukang nya eta rarangken anu ngantet tukangeun wangun dasarna.

Eusining =eusi +ning

Jabaning = jaba+ning

Piraning = pira+ning

Rarangken tukang -ning /-ing, lamun napel kana kecap-kecap anu dituntungan ku aksara

hirup (vocal) ,anu bakal muncul nyaeta variasi –ning. Beda jeung conto-conto ieu:

Bakating =bakat+ing

Tariking =tarik+ing

Lebeting =lebet +ing

Lamun rarangken tukang –ning/-ing,napel kana kecap-kecap anu ditungtungan ku aksara

konsonan ,anu bakal muncul nyaeta variasi –ing .rarangken tukang –ning/-ing, fungsinan

ngawangun kecap pancen anu hartina ngantebkeun/kecap panambah kecap .

Bandingkeun 2 kalimah ieu :

1. Tarik nasib ,kuring jadi pinunjul Pasanggiri Pupuh Tingkat Provinsi taun ieu.

2. Tariking nasib , kuring pinunjul Passanggiri Pupuh Tingkat Provinsi taun ieu.

Antara kalimah number (1) jeung kalimah number (2) mana leuwih anteb ? Kalimah number

(2) leuwih anteb batan kalimah member (1).

7. Kalimah panya

Kalimah pananya/kalimah tanya nya eta digunakeun upama urang hoyang meunang

katerangan ngeunakeun hiji hal.Urang miharep jawaban tina kalimah tanya.Saluyu jeung

palanggeran ejahan,kalimah tanya dicirian ku tanda tanya (?).

Lamun rek nyusun kalimah tanya,tangtu wae kudu make kecap pananya.

Kecap pananya rupa-rupa :

1. Naon – digunakeun kanggo ditanyakeun kajadian

2. Saha – digunakeun kanggo ditanyakeun jalmi

3. Dimana - digunakeun kanggo ditanyakeun tempat kajadian

4. Iraha - digunakeun kanggo ditanyakeun waktu kajadian

5. Kunaon - digunakeun kanggo ditanyakeun sabab kajadian

6. Kumaha - digunakeun kanggo ditanyakeun proses kajadian

7. Sabaraha – digunakeun kanggo nu ditanyakeun jumlah


Cara nuliskeun kalimah tanya teh dimimitian ku aksara gede (kapital),ditungtungan ku tanda

tanya (?)

Contona :

Raisya keur maca buku carita diperpustakan

Kalimah pananyana : naon

Naon anu dibaca ku Raisya diperpustakan ?

Buku naon anu dibaca ku Raisya diperpustakan ?

Sato naon anu langka di Indonesia ?

Kalimah panyanyana : saha

Saha anu maca buku carita diperpustakan ?

Prak tulis kalimah pananya tina kalimah-kalimah nu disediakeun!

1. Raka indit ka sakola make sapedeh

Kalimah pananyana : Naon

Kalimah pananyana : Saha

2. Dinteun senen Neisya teu lebet kasakola kumargi teu damang.

Kalimah pananyana : Iraha

Kalimah pananyana : Saha

3. Kayla meser lauk sakilo dipasar pangaosna dua puluh lima rebu.

Kalimah pananyana: Sabaraha

Kalimah pananyana : Dimana

4. Dinteun ayeuna Bapa teu sumping ka ulemen kumargi udzur.

Kalimah pananyana : Kunaon

Kalimah pananyana : Saha

5. tabuh dalapan isuk Aufa indit ka Stasiun Bandung.

Kalimah pananyana : Kamana

Kalimah pananyana : iraha

8. Ragam bahasa Hormat

Ragam bahasa hormat dipake pikeun silihargaan jeung papada jalma.Ragam basa hormat

sok disebut oge basa lemes. Aya basa lemes keur ka saluhureun, aya basa lemes keur

sorangan atawa keur sahandapeun.

Ragam bahasa hormat /Bahasa lemes diantarana :


1. Lemes keur batur (halus untuk orang lain)

2. Lemes keur sorangan (halus untuk sendiri)

Basa loma (Bahasa Basa lemes keur ka Basa lemes keur ka Bahasa Sunda
biasa) sorangan batur
Abus Lebet Lebet Masuk ke dalam

adi pun adi tuang rai adik


tuang rayi
Indit Mios angkat pergi

Babaturan Rerencangan rerencangan Teman

Baca Aos aos Baca

bae sawios Sawios Tidak apa-apa

Balik wangsul Mulih pulang

Beak seep seep habis

Bebeja wawartos Nyarios mengabari

Bener leres leres Betul

Beuki Seneng sedep Suka

beuli meser ngagaleuh Beli

cageur Pengesto Damang Sehat


Pengestu

Can teu acan teu acan Belum

Dahar neda,teda tuang Makan

Mandi Mandi Siram Mandi

Beuteng patuangan padaharan Perut

Payung payung pajeng Payung

sorangan nyalira Sorangan Sendiri

Tinggal Tingali Tempo melihat

Datang Dongkap Sumping Datang


9. Membaca dan menjawab pertanyaan teks Biografi

Pa Ajip Budayawan kahot

Pa Ajip teh urang sunda anu loba prestasina luar biasa. Sanes bohong disebat

budayawan kahot teh , margi karya-karyana seuer pisan. Prestasi pa Ajip Rosidi dina widang

basa sareung budaya kalintang pinunjulna. Pa Ajip teh seur manfaatna pikeun basa sareng

budaya Indonesia. Pa Ajip kenging gelar doctor honoris causa ti universitas Padjadjaran

margi anjeunna ngadosenan, ngadegkeun organisasi, ngayakeun hadiah sastra, sareung

ngadegkeun penerbitan. Pa Ajip mah tos seur karyana ti yuswa 12 taun dina widang surat-

serat. Bukuna anu ka hiji terbit ti yuswana nembe 17 taun. Dugi ka kiwari ,anjeunna masih

kenah ngarang boh dina basa Indonesia sareung basa sunda. Malah buku Pa Ajip tos aya anu

ditarjamahkeun kana basa deungeun: basa Perancis ,basa Kroasia ,sareng basa Jepang

Pa Ajip Rosidi dibabarkeun di Jatiwangi , Majalengka , Jawa barat Kaping 31 Januari

taun 1938. Namatkeun atikan tingkat SD Di Jatiwangi taun 1950 ,namatkeun SMP Di

Jakarta taun 1953. Lajeng neraskeun sakola ka Taman Madya di Jakarta. Ti alit keneh

anjeunna tos resep maca. Nuju sakolana anjunna sering pisan nambut buku ka perpustkaan.

Pa Ajip oge sok ngagaleuh buku ti loak atanapi mesen langsung ka penerbitna. Pa Ajip mah

tos maher bari seueur karyana. Karyana dikintunkeun ka majalah-majalah. Lain ti seur maos

,Pa Ajip sering diskusi sareng para sastrawan sanesna ,silihsimbeuh pangaweruh. Pa Ajip sok

ngala elmu ti aranjuenna.

Dina widang atikan ,Pa Ajip sering maparin kuliah umum di universitas-universitas di

Indonesia sareng mancanagara.Pa Ajip kantos ngadosenan di Fakultas Sastra Unpad ,UPI

Sareng di Osaka Jepang. Pa Ajip ngaraos prihatin kana kahirupan sastra Sunda. Ku kituna

ngawitan taun 1989 ,anjeunna sacara pribadi maparin hadiah ka pangarang anu karyana

pinunjul. Hadiahna dinamikeun “Rancage .“ Ti Ngawitan taun 1993 ,Hadiah Sastra Rancage

teh dikokolakeun ku Yayasan Kebudayaan Rancage, diadegkeun ku anjeunna kenah. Karya anu

dileler hadiah sanes sastra sunda wae, nanging satra Jawa, Bali, Lampung, sareng Batak.
Lian ti Hadiah Sastra Rancage,Yayasan kebudayaan Rancage oge maparin hadiah Samsoedi

anu diajangkeun pikeun karya sastra bacaan murangkalih anu unggul.

10. Tanda Maca

Dina pangajaran di kelas-kelas samemehna, hideup kungsi diajar ngeunaan Tanda Maca Basa

sunda. Malah osok dilarapkeun dina nalika hidep nulis.

Palanggeran Ejaan Basa Sunda diantarana :

1. Tanda Tanya (?)

Tanda tanya di antarana dipake dina ahir kalimah pananya /kalimah tanya.

contona:

Tabuh sabaraha angkat ti bumi ?

2. Tanda panyeluk (!)

Tanda panyeluk nuduhkeun omongan penyeluk, parentah, jeung anu mihareup paniten

husus. Parentah teh kaasup pamenta, pangarep-ngerap, pangajak, panyarek jeung

pangdu’a.

Contona :

a. Tulung!

b. Cing pangmeundetkeun panto!

c. Mugi Bapa kersa sumping dina waktosna!

3. Tanda Kekentang (“…”)

Tanda kekentang di antarana dipake pikeun ngahapit cutatan langsung tina omongan.

Contona:

a. “ Mun geus karumpul, hayu urang indit! ” Saur Emang.

b. Ceuk Indungna “ kade atuh urangna sing ati-ati! ”

c. “ Mamah “wios ku Galih beberesna,” pokna ka indungna.

4. Tanda Gurat Condong (/)

Tanda gurat condong din antarana dipake gaganti kecap jeung, atawa, jeung per.

Contona:

a. Siswa/siswi

b. Hargana Rp 500/lambar

c. Jalan Raya Rancage II/3

5. Tanda Titik Dua (:)

a. Tanda titik dua dipake dina tungtung kalimah anu merlukeun wincikan atawa

pertelaan.
Contona :

1) Nyi Janah meuli bungbuahan ti pasar:danas, dukuh, jeruk, manalika, jeung salak.

2) Anu milu nganjang ka bumi Wa Asep the limaan: mamah, apa, Galih, Asih, Jeung Kang

Ganda.

b. Tanda titik dua dipake sanggeus kecap anu merlukeun wincikan.

Contona :

1) Pupuhu : Rizki Rahman

Gilang serat : Dhea zahirah

Panata Harta : Farel Adrian

2) Dinteun : Senen

Ping : 15 Mei 2020

Tabuh : 08.00-12.00

Tempat : Aula SD Islam Mutiara Hati

Jl. Cikajang raya

10. Kecap sangaran

Kecap Sangaran (Homonim) nyaeta dua kecap atawa leuwih anu diucapkeunana

(dilapalkeunana) sarua, tapi ngandung harti anu beda (teu sarua).

Contona:

1. a. Ulah loba teuing dahar gajih, teu hade keur kasehatan.

b. Teh Siti gajihanana saminggu sakali.

Kecap sangaranna gajih anu nomor 1 ngandung harti “ katuangan/kadaharan ”

Kecap sangaranna gajih anu nomor 2 ngandung harti “ Penghasilan “

2. a. Kelas 6 teu jadi fiknik ka dupan.

b. Pelak bawang di kebon sakola geus jadi.

Kecap sangaranna jadi anu nomor 1 ngandung harti “ tuluy ”

Kecap sangaranna jadi anu nomor 2 ngandung harti “ tuwuhan “

11. Paribasa
Paribasa nyaeta Ungkapan (kalimah) anu hartina jeung maksudna geus ditangtuken atawa

kecap-kecap papatah pikeun kahirupan urang sarerea.

Dihandap ieu paribasa anu dianggo dina kahirupan sadidinteun:

Paribasa Hartina Bahasa Indonesia

1. Hade tata hade basa Jalma alus rengkah paripolahna Orang bagus tingkah lakunya

2. Kawas ucing jeung Teu daek akur Tidak mau rukun

anjing

3. Kawas ayam teu Teu daek cicing lantaran menang Tidak mau diam karena dapat

endogan kasusah musibah

4. Nyair urang menang Menang untung gede tina modal Dapat untung besar dari modal

kancra leutik kecil

5. Bonteng ngalawan kadu Nu lemah ngalawan nu kuat Yang lemah melawan kuat

6. Ngaliarkeun tales ateul Nyebarkeun kagorengan Menyebarkan kejelekan

7. Legak tapak genteng Rea pangalaman hirupna Banyak pengalaman

kadek

8. Menang luang tina Meunang pangalaman tina cilaka Mendapat pengalaman dari celaka

burang

9. Elmu tungtut dunya siar Hirup kudu neangan elmu pikeun Kita harus mencari ilmu untuk

kasalametan dunya akhirat keselamatan dunia dan akhirat

10. Mata dijual ka peda Malaweng nepi ka teu apal kanu keur Tidak melihat orang kedepan

lempang ketika berjalan

11. Adat ka kurung ku iga Bedegong ,hese dipapatahan Susah diatur

12. Aki-aki tujuh mulud Gues kolot pisan Sudah tua banget

13. Beunghar memeh boga Loba kahayang anu teu saimbang Banyak keinginan tidak sesuai

jeung kaayaan dengan kenyataan

14. Ambek nyedek tanaga Napsu gede tapi tenaga euweuh Keberanian besar tidak sesuai

midek dengan kenyataan

15. Abong letah teu Ngomongkeun kagorengan batur Ngomongin kejelekan orang lain

tulangan

Anda mungkin juga menyukai