Anda di halaman 1dari 12

S:1)Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turuntumurun tikaruhun anu masih dilaksanakeun dina

pakumbuhan masarakat, disebutna…


A:) folklor
B:) budaya
C:) tradisi
D:) etika
E:) tatakrama
JAWAB: C
S:2)Ieu di handapa nu teu kaasup kana tehnik nulis karangan pedaran, nyaeta tehnik…
A:) Persuasi
B:) Identifikasi
C:) Ilustrasi
D:) definisi
E:) proses
JAWAB: A
S:3)Anu henteu kaasup kana karakter goreng opat paharaman, nyaeta…
A:) Barbarian
B:) Humandeuar
C:) Kukulutus
D:) langsitan
E:) pundungan
JAWAB: D
S:4)Ieu di handap henteu kaasup kana unsur Dasapasanta (Panengtrem hate), nyaeta…
A:) Ramah
B:) Hook
C:) Cangcingan
D:) nyecep
E:) asih
JAWAB: C
S:5)Ngeunaan tipe jeung gaya kapamingpinan Sunda bisa kapanggih dina naskah kuno…
A:) Sanghiyang siksa kendang karesian
B:) Amanat galunggung
C:) Sewakadarma
D:) Carita ratu pakuan
E:) Darmajati
JAWAB: A
S:6)Carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang disebutna…
A:) Wawacan
B:) Hikayat
C:) Carita pantun
D:) dongeng
E:) carita wayang
JAWAB: E
S:7)Ieu dihandap anu henteu kaasup kana warna ning wayang, nyaeta wayang…
A:) Golek
B:) Kulit
C:) Purwa
D:) potehi
E:) prabu
JAWAB: E
S:8)Ieu dihandap anu henteu kaasup kana kulawarga semar dina carita pawayangan Sunda,
nyaeta…
A:) Si cepot
B:) Si dawala
C:) Si gareng
D:) sipetruk
E:) nyisutiragen
JAWAB: D
S:9)Hubungan panda walimaka Karna nyaeta…
A:) Pernah kapilanceuk
B:) Pernah lanceuk misah bapa
C:) Pernah lanceuk beda indung
D:) pernah lanceuk saindung sabapa
E:) taya hubungan duduluran
JAWAB: B
S:10) Siloka bubuka pagelaran anu dikawihkeun kudalang dina wiwitan caritana, disebut….
A:) Murwa
B:) Nyandra
C:) Kakawen
D:) antawacana
E:) janturan
JAWAB: A
S:11) Tokoh rahwana atawa dasamuka aya dina carita wayang…
A:) Mahabarata
B:) Arjuna sasrabahu
C:) Ramayana
D:) Dewaruci
E:) jabang tutuka
JAWAB: C
S:12) Ieu dihandap kalimah anu teu ngandung kecap dirarangkenan hareup N-, nyaeta…
A:) Manehna meuli buku ti palasari
B:) Sigana mobil beus the geus tepi kanu dituju
C:) Leungeun na numpang dina beuteung burayutna.
D:) Ngankaema nu tarangantepteh
E:) Semarneneun deui duit emas
JAWAB: B
S:13) Ngajen atawa menteun kana hiji karya, saperti buku, film, atawa pintonan drama jeung
music (konser), disebutna…
A:) Apresiasi
B:) Ekspresi
C:) Resensi
D:) esey
E:) kritik
JAWAB: C
S:14) Bagean tina ulikan sastra anu nyaritakeun kalawan langsung karya sastra saperti nganalisis,
napsirkeun, jeung ngajen karya sastra, disebutna…
A:) Apresiasi sastra
B:) Ekspresi sastra
C:) Kritik sastra
D:) esey sastra
E:) artikel sastra
JAWAB: A
S:15) ieu di handap hal-hal anu teu kaasup kana unsur-unsur resensi, nyaeta…
A:) nuliskeun identitas buku
B:) medar ngeunaan eusi buku
C:) medar ngeunaan kaunggulan jeung kahengkeran eusi buku
D:) nepikeun kaayaan pribadi nu ngarang buku
E:) medar ngeunaan mangpaat buku keur bacaeun balarea.
JAWAB: D
S:16) Persib geus jadi ikon Jawa Barat, kitu diantarana nu kaunggel dina bab“ pesona maung
Bandung” teh. Iklim mengbal na alus. Maena hade. Kitu deui fanatismeu bobotohna nu luar
biasa. Eta pisan nu jadi garansi pikeun norobos kahambatan nasional. Keur para pamaen, asup
ka persib teh kasempetan gede pikeun ngamekarkeun karir di dunya mengbal.
Disawang tina segi kritik, cutatana linea di luhur nembongkeun ngeunaan…
A:) Cara ngeritik anu alus
B:) Cara ngeritikanugoreng
C:) Nembongkeun kaunggulan nu di kritik
D:) nembongkeun kahengkeran nu di kritik
E:) nembongkeun daya pikat persib
JAWAB: C
S:17) “nu kapeto jadi pupuhu Persib munggaran nyaeta Anwar St. Pamoentjak”. Kecap kapeto
dina eta kalimah ngandung harti …
A:) kapilih kudu migaweperkara nu dipapancenkeun
B:) dipercaya pikeun migawe hijipa gawean
C:) dipapancenan pikeun migawe hiji pagawean
D:) dieureunkeun tina gawe nu di papancenan
E:) nuluykeun pagaweana nu geus aya samemehna
JAWAB: A
S:18) “ Harita mah persib sok bagenan wae” . kecap bagenan dina eta kalimah hartina nyaeta…
A:) elehan tur epesmeer
B:) sakapeung meunang sakapeung eleh
C:) pika sieuneun
D:) pika reseupeun
E:) meunangan
JAWAB: E
S:19) “Padahal Persib bandung teh boga bobotoh panatik nu sumebar di sabudeureun Jawa Barat
jeung Banten” Kecap bobotoh ngandung harti…
A:) purah lalajo atawa nongton anu keur tanding
B:) purah ngareuah-reuah nu keur tanding
C:) purah ngahudang sumanget ka nu keur ngadu jajaten
D:) purah ngabring-ngabring nu rektanding
E:) purah ngawaragadan nu rektanding
JAWAB: B
S:20) “ Ditilik tina segi tehnis aya kakurangan deuih. Upamana dina kolofon euweuh katerangan
ngeunaan sabaraha kandelna ieu buku, jadi weh, rada hese kudu nangtukeun kandelna komo
mun nepi kalebah: “parade foto” mah, kapan susah nangtukeun kacanaapan teu di nomeran.”
Alinea diluhur ngagambar keun yen nu ngeritik buku nepikeun ngeunaan…
A:) Kaunggulan buku
B:) Kakurangan buku
C:) Kolofon buku
D:) katerangan buku
E:) parade foto dina buku
JAWAB: B
S:21) Ceuk tulisan resensi, tema dina drama “ Tukang asahan” nyaeta ngeunaan…
A:) Tukang dagang asahan nu kekeleyengan kaditu kadieu
B:) Ngasongkeun pasualan hirup nu kudu disurahan
C:) dagangan batu asahan nu teulaku-laku
D:) palasipah batu asahan keur kahirupan
E:) ari hirup kudu kawas tukang asahan
JAWAB: D
S:22) Drama asalna tina basa yunani nu hartina niron-niron, naon arti kecapna…
A:) dramo
B:) dramei
C:) dramoi
D:) dramis
E:) drame
JAWAB: C
S:23) karya sastra dina wangun paguneman(dialog) di antara palakuna, kalawan dibarengan
kukaterangan-katerangan sejena nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan(pergelaran)
disebutna…
A:) teater
B:) pilem
C:) drama
D:) sinetron
E:) gendingkaresmen
JAWAB: C
S:24) kulantaran ngebrehkeun paripolah palaku, nyaeta palaku teh sina langsung meta, boh lahir
na boh batina, drama teh sok disebut sastra..
A:) lakon
B:) hirup
C:) paeh
D:) carita
E:) pintonan
JAWAB: A
S:25) Ieu dihandap nu teu kaasup kana unsur-unsur naskah drama, nyaeta…
A:) pertelaan palaku
B:) candraan
C:) prolog jeung epilog
D:) wirahma
E:) babak jeung adegan
JAWAB: D
S:26) Di Desa Bojong rebut aya garong nu sok ngararad sakur nu aya diharepeunana. Hansip beak
carita miskin pangakalan sangkan bisa newak eta garong.
Cutatan diluhur dina naskah drama kaasup kana bagean…
A:) Pertelaanpalaku
B:) Prolog
C:) Epilog
D:) babak
E:) adegan
JAWAB: B
S:27) Drama anu dialog-dialogna ditepikeun kucara dihaleuangkeun disebutna…
A:) longser
B:) purna drama
C:) gending karesmen
D:) banjet
E:) sandiwara
JAWAB: C
S:28) Pintonan teater anu paguneman atawa anu minton keunana kusorangan (saurang palaku)
disebutna…
A:) dialog
B:) monolog
C:) prolog
D:) epilog
E:) sosiolog
JAWAB: B
S:29) Pintonan drama anupintonanangandelkeungerak, ibing, lagu, musik, jste. Disebutnateater…
A:) lakon
B:) verbal
C:) tradisional
D:) non verbal
E:) balarea
JAWAB: C
S:30) Ieu dihandap drama anu caritana henteu dumasar kana carita nu geus nyampak, nyaeta…
A:) “lutung kasarung” karya R.T.A. Sunarya
B:) “Munding laya Di kusumah” karya M.A. Salmun
C:) “Dipatiukur” karya R.Hidayat Suryalaga
D:) “Kanyaah Indung” karya Min Resmana
E:) “Nini Anteh” karya wahyu Wibisana
JAWAB: D
S:31) Katangtuan-katangtuan nyusun tulisan pedaran , iwal :
A:) Nangtukeun tema
B:) tujuan nulis
C:) Ngumpulkeun bahan
D:) nangtukeu alur
E:) nyusun rangkay karangan
JAWAB: D
S:32) Iket di sunda mah mangrupa kabeungharan budaya
A:) tali sirah
B:) tutup sirah jaman kiwari
C:) tutup sirah pang buhunna
D:) samping
E:) tali cangkeng
JAWAB: B
S:33) Jalma nu kumaha nu bisa nembongkeun ajen diri nu bakal di aku ku masyarakat ?
A:) jalma nu rajin
B:) jalma nu sopan
C:) jalma nu boga pamadegan
D:) jalma nu pinter
E:) jalma nu daek mikir
JAWAB: E
S:34) Lalakon kahirupan pribadi hiji jalma nya éta disebut…
A:) Biografi
B:) Otobiografi
C:) Sajak
D:) Biantara
E:) Paguneman
JAWAB: A
S:35) Carpon nya éta...
A:) Carita dina corak gunem sorangan
B:) Carita rékaan (fiksi) dina wangun prosa nu nyaritakeun kahirupan sapopoé, ukurana
panjang.
C:) Carita anu didangdingkeun, digelarkeun dina puisi pupuh.
D:) Carita rékaan (fiksi) dina wangun prosa nu nyaritakeun kahirupan sapopoé, ukurana
pondok.
E:) Carita anu di tembangkeun ku juru kawih.
JAWAB: D
S:36) Judul buku kumpulan carpon Sunda nu munggaran nya éta..
A:) Baruang Ka Nu Ngarora
B:) Gogoda Ka Nu Ngarora
C:) Dog-dog Pangréwong
D:) Dog-dog Panggeuing
E:) Halimun Peuting
JAWAB: A
S:37) Mun urang arék ngaronda
Tong poho mawa bajigur
Bu Karin téh guru Sunda
Keur geulis téh jaba bageur
Sisindiran di luhur nya éta kaasup kana wangun...
A:) Paparikan sésébréd
B:) Rarakitan Papatah
C:) Rarakitan silih asih
D:) Paparikan papatah
E:) Paparikan silih asih
JAWAB: A
S:38) Kertas kabur kaanginan,
Kumalayang pipikiran.
Wangsalna nya éta...
A:) Pipikiran
B:) Kaanginan
C:) Langlayangan
D:) Waas
E:) Kapal
JAWAB: C
Titénan rumpaka kawih di handap!
Tanah Sunda (wibawa)
Gemah ripah (tur éndah)
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda (sawawa)
Sing towéksa (perceka)
Nyangga darma anu nyata

Seuweu pajajaran
Moga tong kasmaran
Sing tulatén jeung rumaksa
Miara pakaya
Mémang sawajibna
Getén titén rumawat
Tanah pusaka
S:39) Kawih di luhur nyaritakeun …
A:)Kabeungharan budaya Sunda nu kudu dijaga ku urang saréréa
B:) Tanah Sunda kacida legana sing saha baé bisa betah
C:) Karuksakan tanah sunda balukar kalakuan jalma-jalmana
D:)Kaéndahan tanah sunda nu kudu diriksa ku urang saréréa
E:) Kaéndahan tanah sunda langgeng nepi ka jaga
JAWAB: D
S:40) Kawih teh lalaguan sunda bebas, hartina henteu ka uger kuaturan boh laguna, boh
rumpakana. Sedengkeun Tembang mah kauger ku aturan boh laguna, boh rumpakana. Ari
kakawihan hartina …..
A:) Lalaguan kaulinan barudak.
B:) Lalaguan nu ka uger rumpakana.
C:) Lalaguan anu bebas.
D:) Tembang Cianjuran.
E:) Tembang Pupuh.
JAWAB: A
S:41) Conto judul kawih nyaéta…
A:) Mawar bodas, Kabogoh jauh
B:) Cingciripit, pérépét jéngkol
C:) Tembang Cianjuaran, Limbangan
D:) Kinanti, Sinom
E:) Guru lagu, guru wilangan
JAWAB: A
S:42) Sikep anu hade, sora anu jelas jeung tegas, basa anu merenah, gaya anu alus, ngawasa
bahan, jeung ngawasa audien. Anu disebutan ieu mangrupakeun hal-hal penting lamun urang
jadi…
A:) Pagawe
B:) Pamingpin rapat.
C:) Juru tulis
D:) bendahara.
E:) pamilon rapat.
JAWAB: B
S:43) Adat istiadat téh nyaéta tatacara atawa kabiasaan sapopoé hiji masyarakat. Di handap ieu
sababaraha adat istiadat Sunda, iwal ti :
A:)Ngaruat
B:) Babarit.
C:) Tujuh bulanan
D:)Sakatenan.
E:) Ngaliwon orok
JAWAB: D
S:44) Unggal kota boga lalandian, upamana Tasik kota resik, Garut kota inten, Cirebon kota udang,
jeung Bandung kota kembang. Landian Bandung kota kembang hartina …..
A:) Di Bandung loba nu dagang kembang.
B:) Di Bandung loba kembang di patamanan.
C:) Bandung kota nu keur berkembang.
D:) Bandung kota nu tereh berkembangna.
E:) Kota Bandung seungit ku kembang.
JAWAB: B
S:45) Arjuna dina pawayangan miboga ciri …
A:) Perkasa
B:) Gagah
C:) Tukang ngadu-ngadu
D:) Kasép
E:) Bijaksana
JAWAB: D
S:46) Drama nya éta karangan sastra wangun dialog. Carita drama biasana dipagelarkeun dina
panggung, parapamaénna disebut …
A:) Sutradara
B:) Astrada
C:) Aktor jeung Artis
D:) Dalang
E:) Sinden
JAWAB: C
S:47) Nu mangrupa ciri novel nya éta …
A:) Wangun prosa (fikksi) nu galurna ngarancabang
B:) Wangun prosa (fikksi) nu jumlah kecapna kurang ti 10.000 kecap
C:) Wangun prosa (fikksi) nu dibaca kurang ti sajam
D:) Wangun prosa (fikksi) nu éfékna tunggal (karakter, plot, settingna, kawatesanan)
E:) Wangun prosa nu éfékna kawatesanan.
JAWAB: A
S:48) Saperti dina dongéng atawa carpon, novel diwangun ku unsur intrinsik jeung ékstrinsik.
Sababaraha hal nu asup kana unsur ekstrinsik dina nyieun novel nyaéta …iwal..
A:) a.Tema
B:) b. Alur
C:) c. Amanat
D:) d. Tokoh-tokoh utama
E:) e. Kasang tukang pangarangna
JAWAB: E
S:49) Unggal kota ngabogaan lalandian, upamana Tasik kota resik, Garut kota inten, Cirebon kota
udang, jeung Bandung kota kembang. Landian Bandung kota kembang hartina …..
A:) Di Bandung loba nu dagang kembang.
B:) Di Bandung loba kembang di patamanan.
C:) Bandung kota nu keur berkembang.
D:) Bandung kota nu tereh berkembangna.
E:) Kota Bandung seungit ku kembang.
JAWAB: B
S:50) Pok-pokan/omongan hidep ka guru lamun menta idin ka cai, anu merenah basana nyaeta
A:) Bu, bade ka cai heula!
B:) Bu, abdi bade ka jamban sakedap!
C:) Pak kuring teh rek kahampangan!
D:) Pak punten abdi idin ka WC heula!
E:) Bu, punten abdi idin bade ka pengker !
JAWAB: E

Anda mungkin juga menyukai